Ha.. ha.. ha.. (Edisi 2216)
Fatwa MUI 1
"Saprak aya fatwa haram ngaroko di tempat umum ti MUI, aya hiji kabiasaan anyar nu dilakukeun ku para pagawe di kantor-kantor pamarentah, nyaeta baretah cicing di WC salila-lila. Manahoreng lain pedah nyeri beuteung. Ieu mah keur anteng ngadon udud."
Nono Haryono
SMA PGRI 1 Majalengka
Jl. K.H. Abdul Halim No. 77 Majalengka
Fatwa MUI 2
Budak santri: "Mama, ku naon ari kuring diharamkeun ngaroko? Ari Mama mah meunang?"
Mama Kiai: "Wayahna bae, sing sabar. Ujang ge mun umurna kawas mama geus 70 taunan mah meunang ngaroko teh."
Budak santri: "Eum kacida teuing MUI teh... (bari mikir jeung ngitung umurna nu masih keneh 12 taun)"
Nono Haryono
SMA PGRI 1 Majalengka
Jl. K.H. Abdul Halim No. 77 Majalengka
Huruf O
Pa Guru: "Cik, teangan kota di Jawa Barat nu make huruf o kabeh."
Cepi : "Ponorogo sareng Bondowoso, Pa."
"Pa Guru: "Eta mah Jawa Timur!"
Dika: "Wonosobo sareng Solo..."
Pa Guru: "Ieu mah di Jawa Tengah..."
Tegar: "Sorong, Solok, Tomohon..."
Pa Guru: "Eta mah luar Jawa, atuh!"
Udin: "Kedahna huruf vokal A di Sunda mah?"
Pa Guru: "Ah aya wae mun mikir mah... Tomo, Jonggol, tah kota gedena Bogor! Kulantaran aranjeun kawon, prak ah... tembangkeun tilu lagu Sunda anu kompak!"
Dadan W.dhien
Griya Mitra Posindo
Cinunuk - Bandung
Beus Kota
Jajang: "Ding, uing mah teu ngeunah basa rek ka Palasari, ceuk kondektur beus kota Kalapa-Tanjungsari majar cenah Gajah, Banteng, Lodaya turun?"
Iding: "Sarua. Ana ge basa naek Elang-Cibiru turun di parapatan, kondektur gogorowokan "Sok Nu Panjang Burayut" turun."
Kokom: "Leuwipanjang jeung Cibaduyut, meureun Kang!"
Iding: "Duka, ah. Pokona nu aya patung sapatu!"
Dadan W.dhien
Griya Mitra Posindo
Cinunuk - Bandung
Matih
Adis: "Matih euy, eta jampe ti dukun Embah Jamrong. Unggal naek Damri jeung Si Wawan sok tara ditagih karcis ku kondektur?"
Wandi: "Hebat, cik atuh uing bagi-bagi parancahna.."
Torojol Si Wawan, bari pek ngomong: "Nya moal ditagih. Da geus dibayar ku uing duaaneun!"
Adis: "Kutan...?"
Dadan W.dhien
Griya Mitra Posindo
Cinunuk - Bandung
Tara Ditilang
Jang Beben unggal make motor ge tara ditilang atawa disetop. Dina razia pulisi ge lolos wae, ceuk manehna resepna gantungkeun helm dua siki mah, sabab pulisi mah ningali helm heula karek surat-surat.
Basa ditanyakeun ka babaturan anu jadi pulisi, cenah pulisi mah moal nilang anu cacat jeung aki-aki. Ari Jang Beben mah dedegan normal, maenya kasebut aki-aki, kapan karek lulus SMU kamari?
Dadan W.dhien
Griya Mitra Posindo
Cinunuk - Bandung
Dukun Cilik
Aya dukun cilik, katelah bisa nyageurkeun rupa-rupa panyakit. Cukup dikeueum ku batu ajaib, caina diuyup. Harita keur konperensi pers jeung wartawan ti mana mendi.
Wartawan: "Kana panyawat naon wae cai batu teh manjurna?"
Dukun Cilik : "Seuseueurna kanggo anu kaselek eueuleugeugan ari taruang rada rusuh atanapi panyawat sisidueun!"
Wartawan: "Panyawat sanesna?"
Dukun Cilik : "Nu sanesna mah ari hanaang sareng haus kantun dieueut bae, atanapi diguyurkeun ka mastaka pami rada rudet insya Alloh seger, Pa!"
Ngadenge jawaban si dukun cilik, wartawan tinglalieuk, antukna balubar.
Pu2 Marfuah
UPIANA FC - Gerlong
Isola - Bandung
Kiamat
Novita: "Leres kiamat teh taun 2012?
Endah: "Muhun. Saurna, ti taun 2012 kaditu mah sawangan paranormal dunya teh poek... aya halimun nu ngahalangan. Implengan anjeunna mung dugi ka taun 2012.
Farhan : "Boa-boa..."
Novita : "Boa-boa kumaha Kang Farhan?"
Farhan: "Si paranormal kaburu maot...
Novita: "??!!
Pu2 Marfuah
UPIANA FC - Gerlong
Isola - Bandung
Potokopi
Mahasiswa : "Leres anjeun teh ahli klonning?"
Si Daden : "Sumuhun, mung abdi mah sanes ngagandakeun domba Dolly atawa anak sapi. Eta ngeloning kertas asalna hiji janten dua malih dugi sarebu lembar ge tiasa persis sapertos aslina."
Mahasiswa : "Eta mah tukang potokopi atuh... kang!"
Si Daden : "Atuh naros ka abdi padamel potokopi, kedahna ka padamel LIPI atanapi lab biologi."
Si Daden embung eleh, mahasiswa teu tutuluyan antukna pamitan.
Pu2 Marfuah
UPIANA FC - Gerlong
Isola - Bandung
Turutan
"Ieuh, sing aya kadaek ari jadi jelema. Tuh cara Bapa maneh, ari aya kadaek mah nulis barakatak dina Mangle, opat taun ladangna dikumpulkeun-kumpul... pan bisa meuli mesin tik. Maneh mah kumaha... Hayang jajan wae nepi ka ngagugunyeng indung, nitah ngajual mesin tik nu Bapa!" ceuk indungna ka anakna.
Dadang Mulyana - Bandung
Kuncen Kai Kahot
Kuncen 1 : "Maneh mah ngaroko mani gunta-ganti. Mangkukna roko bodas, kamari roko keretek, ayeuna surutu."
Kuncen 2 : "Pan meunang nyokot tina handapeun tangkal kai kahot ieu teh. Nu nyuguh!"
Kuncen 1 : "Tukeuran euy ah jadi kuncenna. Maneh jadi kuncen kuburan. Ka kuburan mah tara aya nu nyuguh roko. Menyan we meledug!"
Dadang Mulyana - Bandung
Bingung Mudik
Bulan puasa kamari di terminal Leuwipanjang aya budak ngora ginding keur hulang-huleng bangun bingung. Panasaran dideukeutan, terus ditalek, "Ku naon Cep, hulang-huleng?"
"Puguh nuju bingung abdi teh, A. maksad teh bingung mudik," cenah.
"Na kedah bingung, pan mudik mah kari jung muru lembur," pok teh, da kitu pan ari mudik mah.
"Nu mawi abdi mah teu gaduh lembur da tulen urang Bandung," ceuk Si Kasep teh ngalengis bangun kacida nalangsana. Deudeuh teuing jalu.
Fendy Sy. Citrawarga - Bandung
Ngarah Salse
Odoy : "Rek ka mana Day angkaribung kitu?"
Oday : "Rek mudik."
Odoy : "Geus teu usum atuh mudik Bulan Hapit mah?"
Oday : "Puguh ngahaja ngarah salse."
Fendy Sy. Citrawarga - Bandung
ATM
Umar : "Mir digawe teh jadi tukang naon?"
Amir : "Purah nungguan A Te eM."
Umar : "Genah, di bank meureun nya?"
Amir : "Ah lain, di pabrik."
Umar : "Naha di pabrik aya A Te eM kitu?"
Amir : "Aya, Alat Tenun Mesin."
Umar : "Mun ti tatadi, digawe di pabrik tinun kitu!"
Jusuf Hernawan - Bekasi Timur
Kanibal
Omod : "Mo, naon hartina jeruk makan jeruk?"
Domo : "Kanibal."
Omod : "Naha bet los-los kana kanibal?"
Domo : "Apan jelema ngahakan jelema ge disebut kanibal lain? Nya jeruk ge sarua we."
Jusuf Hernawan - Bekasi Timur
Demo
Icih : "Cah, aya pe-er ti sakola, naon cenah hartina piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir, pacikrak ngalawan merak?"
Acah : "Gampil nu kitu mah, ayeuna ge keur usum, nu demo."
Icih : "Naha los-los ka nu demo sagala?"
Acah : "Enya mahasiswa-mahasiswa keur ngeundeuk-ngeundeuk pamarentah supaya ulah naekeun harga be-be-em, masih keukeuh dieundeuk-eundeuk ge, tetep we moal digugu."
Jusuf Hernawan - Bekasi Timur
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heulaEni Kunaenih ngomentaran:
lucu lucu .......hehehe ,nuhun ka pangarangna.