Milih 'Presiden' Karyawan MANGLE
Para mitra,
Di tengah- tengah ramena mapag Pilpres sasih Juli payun, karyawan MANGLE oge teu kakantun paciweuh. Mangsa jabatan Ketua Paguyuban Karyawan (PAKAR) MANGLE nu ayeuna dicepeng ku Hambali ti bagian citak parantos seep. Kukituna kedah enggal diayakeun kagiatan milih "Presiden" Karyawan MANGLE nu anyar. Tah, numutkeun rencana mah, sasih Mei dibuka pendaptaran para calon. Salajengna dina sasih Juni, kedah parantos lumangsung acara milih Ketua Paguyuban Karyawan.
Saha nu katingal janten picaloneun?
Rupina mah aya sababaraha nami. Upamina wae, Endang ti bagian citak, Rudi Tarmidzi ti bagian sekretariat, salajengna Ensa Wiarna sareng Unay Sunardi ti bagian redaksi. Endang kalebet karyawan nu getol tur gampil gaul sareng karyawan sanesna. Ari Rudi Tarmidzi, lulusan UIN, di antawis rekan mah parantos dianggap ustadz kumargi kaweruhna dina widang agama. Ensa Wiarna, sarjana sastra Unpad, "pekerja keras" sareng tara openan ka nu sanes. Unay Sunardi nu ayeuna nyuprih elmu di Fakultas Hukum Unpas, kalebet karyawan nu logor di panto, tiasa ka bula ka bale.
Kriteria nu dianggo nya tangtos wae, loyalitas ka pausahaan sareng "kesetiakawanan" ka sakumna karyawan. Eta nu janten kriteria utama, lian ti kedah ngapimilik kamampuh kapamingpinan teh.
Naon margina sakumna karyawan peryogi wadah paguyuban karyawan?
Pangpangna mah kanggo ngiring ngupayakeun sangkan "kapal pausahaan" salamet ngajugjug udaganana, nyaeta karaharjaan sakumna karyawan sareng para pemegang saham sarta masihan mangpaat kanggo masarakat. Hal nu sering karandapan apan sering timbul konflik antawis pemilik, pemegang saham sareng karyawan kumargi, diantawisna, aspirasi karyawan henteu katedunan. Tah, paguyuban karyawan sakedahna nampi sarta ngadugikeun sakumna aspirasi karyawan nu salajengna dibarempugkeun sareng pihak direksi kanggo ngawujudkeunana. Salajengna, paguyuban karyawan oge nu sami mangrupi pemegang saham pausahaan, saleresna mangrupi mitra direksi enggoning ngaronjatkeun produksi pausahaan dugi ka tiasa ngahontal kauntungan sapertos nu ditargetkeun.
Para mitra,
Parantos janten kasapukan, sakumna Ketua PAKAR manten, otomatis janten anggota Dewan Pembina, atanapi Dewan Syuro PAKAR MANGLE. Tah, nu ayeuna di Dewan Syuro Paguyuban Karyawan MANGLE teh, Karno Kartadibrata, Hana Rohana sareng nyusul Hambali. Nya Dewan Pembina bieu nu ngaping Dewan Pangurus Paguyuban Karyawan. Kanggo ngaronjatkeun pangaweruh sareng ngalegaan wawasan, pangurus PAKAR MANGLE oge aya maksad bade ngontak majalah TEMPO, naroskeun kumaha hak-hak karyawan majalah TEMPO tiasa katedunan dugi ka hasilna apan majalahna oge sakitu majengna.
Mugi-mugi, para mitra, kagiatan milih "Presiden" Karyawan MANGLE tiasa lungsur-langsar . Amin.
Katgam: Ensa Wiarna, Rudi Tarmidzi, Unay Sunardi, Endang.
Sibuk koalisi mapag "Pilpres" karyawan.