Sat, 19-05-2012
Aweuhan Pasundan

Milangkala Pasundan Istri

Pintonkeun di FB

Ngajurung Ludeung Wanoja Sunda

Wanoja Sunda payus reueus. Sabab, ti bihari nepi ka kiwari, tara tuna tina kagiatan nu mangpaat keur balarea. Pasundan Istri (PASI) mislana, teu weleh tandang makalangan dina rupa-rupa widang. Kiwari, PASI milangkala, panceg umur 79 taun. Nilik kana umur nu sakitu, eta organisasi wanoja teh geus legok tapak genteng kadek. Ngan, naon wae mangpatna keur wanoja Sunda?

Milangkala PASI pada ngabageakeun. Loba nu mikareueus ka eta organisasi teh. Tangtu, nu reueus teh lain wungkul kaum, tapi urang Sunda umumna. Ketua Umun Pengurus Besar (PB) Paguyuban Pasundan H. A. Syafei, netelakeun, kareueus jeung kabgjaan kulawarga beswar Pasundan Istri (PASI), sarua jeung kareureus oge kabagjaan kulawarga besar Paguyuban Pasundan. Piraku teu kitu, lantaran kapan gumelarna PASI 30 April 1930 teh minangka panceran ti Paguyuban Pasundan. "Kitu deui, apanan harita mah disebutna ge Pasundan Bagian Istri, nu aya dina iuh-iuh payung Paguyuban Pasundan," pokna.

Dina hal ieu, ceuk Ketua Umum PB. Paguyuban Pasundan, payus pisan upama urang Sunda reueus tur hormat  ka Ibu Emma Poeradiredja (Putra Bapa R. Poeradiredja), Ibu Salsih Woelan (Geureuhana Bapa dr. Djoendjoenan Setiakoesoemah), Ibu Retno Ratnawinadi (putra Bapa Daeng Kandoeroean Ardiwinata), Ibu Haningsih Marahdjani (Geureuhana Bapa Marahdjani), sareng Ibu Oetari Satjadidjaja (Geureuhana Bapa Oeboes Satjadidjaja), lantaram para ieu inohong  nu boga  pokal ngagerakkeun kaum wanita dina organisasi Paguyuban Pasundan.

Pasundan Istri (PASI) ngadeg 79 taun ka tukang. Kemis 30 April 2009 kamari eta organisasi wanoja teh ngayakeun acara Milangkala di Gedong Wanita, Jalan Martadinata Bandung Jawa Barat. Hadir dina acara Panasehat PASI Jabar Hj,. Emmy Yogie S.M., Ketua Umum PASI  Hj. Popong Otje Djungjunan, kulawarga besar PASI katut tamu ondangan sejenna.

H.A. Syafei nandeskeun,  kapilihna Ibu Emma Poeradiredja (Ketua rengrengan sesepuh PASI) jadi  anggota Gameenteraad Bandung, mangrupa  bukti ancrubna PASI kana dunya pulitik. Pon kitu deui nalika diayakeun Kongres Perempoean Indonesia bulan Juli 1938 di Bandung, PASI milu aktip jadi panitia. Malah nu mingpin eta kongres teh Ibu Emma.

Kiprah PASI ti mimiti ngadeg nepi ka dibekukeunana ku pamarentah pendudukan Jepang taun 1942, tetep aya dina koordinasi Paguyuban Pasundan.  Sabada proklamasi kamerdekaan RI,  ku ayana ma'lumat pamarentah No. X tanggal 3 Nopember 1945, partey-partey jeung organisasi pergerakan araktip deui. Pon kitu deui Paguyuban Pasundan jeung PASI. Saterusna dina taun 1949 Paguyuban Pasundan ganti ngaran jadi Partai Kebangsaan Indonesia (PARKI). Ari  PASI jadi Partai Kebangsaan Indonesia Wanita (PARKIWA). "Ti harita Paguyuban Pasundan jeung Pasundan Istri, pada-pada  gaduh imah sorangan," pokna.

Saterusna, Ketua Umum PB. Paguyuban Pasundan umajak,  Paguyuban Pasundan jeung PASI silih lengkepan. Nembongkeun garapan gawe keur kamaslahatan balarea.  "Ayeuna hayu urang pada tetep sabilulungan ngajembarkeun Sunda miwah Pasundan di palataran Nusantara geusan raharja dina lelemah Pancasila jeung UUD 45," saurna.

Ngagedurkeun Sumanget

Upama PASI lana manjangkeun lalakon, lantaran puguh tatapakan jeung udaganana. Gederna sumanget para panaratas, manjang nepi ka kiwari. Pasundan Istri ngadeg tanggal 30 April 1930 di Gedong Himpunan Saudara Jalan Dalem Kaum Bandung ku 9 inohong wanoja Sunda. Diantarana: Ibu Puradiredja minangka panaratas,  disarengan ku Ibu Kasomi Atmadinata, Ibu Neno Ratnawinadi, Ibu Haningsih Marahdjani, Ibu Oetari Satjadidjaja, Ibu Reomsari, Ibu Halimah Peorwana, Ibu Ipah Ali Rohman sareng  Ibu Sasihwulan Doendjoenan.

Aweuhan Pasundan Istri nyebar ka saban tempat. Pada ngabageakeun ku kaum wanoja di mana wae ayana. Bukti, cabang Pasundan Istri mekar tur ngarekahan.

Naon atuh garapan gawe PASI teh? Tangtu, luyu jeung pamerdih jaman. Ti mangsa ka mangsa teu weleh boga karep jeung ketak dina ngigelan tur ngigelkeun jaman. Lengkah-lengkah PASI tembres, kaderisasi jeung ningkatkeun ajen pangurus sarta anggota; Mekarkeun usaha ngaliwatan koperasi sarta miara jeung ngipuk budaya daerah (Sunda); Ningkatkeun atikan boh formal boh non formal geusan ngaronjatkeun ajen SDM sarta ngagedurkeun widang sosial hususna mantuan para anggota jeung masarakat nu keur nandangan tunggara.

Pasundan Istri  'lahan' harepan kaum wanoja tatar Sunda. Ku lantaran kitu, teu aneh teu sing, upama nu boga karep ilu-biung di PASI beuki nambahan. Bukti, cabang-cabangna ge beuki ngarekahan. Dina danget ieu, jumlah cabang PASI aya 177 nu sumebar di Jawa Barat jeung propinsi sejenna. *** 

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula