Sat, 19-05-2012
Bale Bandung

Rame-rame Koalisi

Pintonkeun di FB

Mapag pemilu presiden 8 Juli 2009, sasatna sakabeh partey pulitik ngayakeun lengkah-lengkah ngalakukeun koalisi jeung partey sejen. Sualna, atuda taya hiji partey pulitik oge nu dina pemilu legislatip kamari meunang mutlak, leuwih ti lima puluh persen sora. Partey Demokrat oge nu dianggap punjul apan ngan saukur meunang dua puluh persenan. Ngan nu matak hanjakal teh, eta polah koalisina bet saukur heroy ku ngumpulkeun sora saloba-lobana wungkul pikeun ngarebut kakawasaan, bari jeung henteu nitenan visi misi minangka pamiangan. Geura naon program nu dibarempugkeun ku Golkar nu cenah keur ngalakukeun lengkah-lengkah koalisi jeung PDIP? Padahal program bieu apan nu engkena bakal dilarapkeun sabada ngahontal kakawasaan. Tah, polah kitu nu nimbulkeun sora-soara sinis ka partey pulitik nu ayeuna keur rame-rame ngayakeun koalisi teh.

Bisa dicatet ,upamana, berita koran Kompas, 27 April, 2009 nu judulna Koalisi Pragmatis , Tanpa Pertimbangan Visi-Misi. " Koalisi yang sedang digagas sejumlah parpol guna menghadapi pemilu presiden tidak dibangun dari persamaan nilai atau cita-cita perjuangan partai. Koalisi lebih didasarkan pada kepentingan yang amat pragmatis yaitu memenangi perebutan kekuasaan pada pemilu presiden 8 Juli 2009. Bangunan koalisi seperti itu dikhawatirkan akan sulit membangun pemerintahan yang kuat dan efektif. Pemerintahan tetap akan disibukkan oleh pembagian kekuasaan dibandingkan melaksanakan program kerja" kitu ceuk paniten pulitik ti UI, Arbi Sanit, Direktur Eksekutif Reform Institute Yudi Latif, Tommy Legowo ti Forum Masyarakat Peduli Perlemen Indonesia, panaliti The Indonesia Institute Cecep Effendi, jeung Direktur Eksekutif Indo Barometer M. Qodari. Satuluyna minangka conto disebutkeun," Sekilas koalisi yang dibangun PDIP, Hanura dan Gerindra punya kesamaan latar belakang , yaitu nasionalis sekuler. Namun sebenarnya ada perbedaan latar belakang, prinsip dan nilai di antara mereka. Koalisi itu lebih disatukan kepentingan, yaitu kegagalan pada Pemilu 2004 dan perasaan sakit hati karena merasa dicurangi pada pemilu" kitu ceuk Arbi Sanit. "Kuatnya pertimbangan memenangi kekuasaan dalam pembangunan koalisi, menurut Tommy Legowo, juga terlihat dari tiadanya pembahasan program diantara mereka yang berkoalisi. Misalnya, PDIP dan partai yang mungkin diajaknya berkoalisi belum pernah terdengar membahas apakah program penghapusan kemiskinan akan dilakukan lewat program kedermawanan pemerintah seperti bantuan langsung tunai, atau dengan meningkatkan kapasitas masyarakat. PKS, menurut Tommy, juga belum terdengar menyatakan keputusan bergabung dengan Demokrat berarti mereka mendukung seluruhnya program partai itu, termasuk dalam usaha untuk keluar dari krisis global".

Kritik ka SBY-JK

Satuluyna dina koran Kompas keneh, terbitan nu sarua, Faisal Basri kalayan gemet ngiritik keberhasilan nu diklaim cenah hasil pamarentahan SBY-JK. Tetela nurutkeun itung-itungan manehna mah, rea target nu teu kahontal. Upamana wae, salila periode 2004-2008 anggaran keur ngaberantas kamiskinan naek ampir opat kali lipet, tapi kamiskinan turun saukur sapersen. Padahal, cenah, Laos geus hasil ngurangan kamiskinan tina 22, 8 persen dina taun 2004 jadi l2, 2 persen dina taun 2008. Di Kamboja nu miskin turun tina 19 persen jadi 8,7 persen, di Vietnam tina 7,8 persen jadi 3 persen, di Cina tina 10,3 persen jadi 6,1 persen. Turunna kamiskinan di Indonesia kaasup nu pohara boyotna nyaeta tina 7,4 persen jadi 5,9 persen.

Satuluyna, Faisal Basri ngomentaran ngeunaan koalisi nu ayeuna keur rame dilakukeun ku elite partey. "Sepatutnya, penjajakan koalisi yang sedang gencar dilakukan elite partai tak melulu mengurusi pasangan calon presiden dan wakil presiden. Yang sesungguhnya kita tunggu adalah tawaran konsep nyata, terukur dan rasional tentang bagaimana kita menjawab tantangan dewasa ini dan ke depan di tengah perubahan konstelasi ekonomi politik global dan pergeseran pendulum ideologis. Kalau tawarannya sebatas melanjutkan yang telah dicapai lima tahun terahir, niscaya kita bakal kian tercecer dan bahkan tersesat. Tapi, bukan pula yang "gagah-gagahan" tak membumi, yang diturunkan dari kekeliruan membaca peta persoalan. "

Balukar Naon?

Nu jadi pasualan satuluyna, kunaon atuh polah partey pulitik di urang bet sakitu matak pikahariwangeunana? Polah parpol saperti kitu tangtu taya gunana saukur dipindingan ku alesan : kahirupan demokrasi di urang lelengkah halu keneh. Mun diantep wae apan bisa kalalanjoan an saperti polah goreng Orde Baru ( saperti larapna dwifungsi ABRI) nu mulan-malen nepi ka tilu puluh taunna. Hartina, codeka, kasakit dina widang pulitik nu ayeuna keur karandapan kudu gancang diungkulan teu beda jeung polah korupsi nu kudu gancang ditumpes make cara nu ampuh. Hiji masalah nu kudu geuwat diungkulan nyaeta jumlah partey pulitik nu rea teuing. Salila jumlah partey pulitik nu ayeuna sakitu reana diantep wae, wah, bakal angger wae atuh kajadian koalisi partey pulitik nu saukur marebutkeun kakawasaan wungkul.


(Karno Kartadibrata)

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula