Sat, 19-05-2012
Carita Dua Bagian

Kasakten Abah Suma

Pintonkeun di FB

Ku: Abdul Hamid Marta

(hiji)

Kawas sasari, Abah Suma nunda tanggungan kangkung di tungtung teras pakarangan toko emas, peuntaseun pasar. Lantaran ngan eta-etana lahan kosong keur majangkeun dagangan. Di ditu di dieu geus heurin. Malah nepi ka leber ka jalan. Matak ngamacetkeun patali marga. Eta teh lumangsung saban poe ti samemeh adan subuh. Boh nu dagang, boh nu meuli, datang pajanari-janari.

Tur kawas sasari, Abah Suma ngalaan rancatan jeung salang. Heg nyuplak dudukuy laken nyungcung nu geus leuseuh belel. Dipake ngageberan awak. Katingal awakna rangkebong begang. Dada ipis ngagambang. Beuki kaangen kakolotanana dina umur genep puluh lima taun.

Ngan panonna herang. Nembongkeun katawekalan jeung sumanget. Abah Suma tacan kudu make kacapanon, pikeun ngaderes Quran saban sore ngahaeub ka magrib. Tapi teu gugur teu angin, ujug-ujug datang satpam. Nyaram Abah Suma aya di dinya..
"Pindah, pindah! Neangan tempat sejen," cek eta patugas, kuraweud hangseur. Abah Suma reuwas. Sungutna engab. Nembongkeun gugusi ompong.

Hayang tumanya tadina mah, naha beti diusir. Hadena kaburu inget, teu hade rea omong isuk-isuk, bari dagangan can payu. Atuh gancang balem deui.
"Ke atuh, beberes heula," cek Abah Suma ka satpam nu ngageuwat-geuwat. Gancang salang dipasangkeun deui kana tolombong. Sup rancatan. Kulawing di kana taktakeun. "Beulah ditu tuh urut tukang tahu. Geus beres dagangna kawasna."
"Naha  Abah, teu tulus?" aya nu ngaliwat, nanya.
"Insya Alloh, tulus. Rek pindah tempat wungkul, "tembal Abah Suma. Ret, ret murekkeun salang, ambeh tanggungan teu uyan-ayun teuing.
"Matak ge kudu nyubuh, Abah, ambeh bagean tempat laluasa," cek eta jalma.

Abah Suma ukur nyenghel. Geus mindeng jeung rea jalma nu nyarita kitu. Rebun-rebun nyubuh. Tara dijawab. Kuriak papanjangan. Cukup ditembalan dina jero hate bae. Yen lamun indit subuh, pasti moal bisa salat berjamaah di masjid jami. Moal salse salat sunat kobla terus reres salat fardu, wiridan rada panjang. Mun memeh subuh geus indit, hartina kudu salat di musola pasar. Pasesedek. Bongan heureut. Atawa sili dagoan, nepi ka kabeurangan. Jaba cai ngerelek. Boa sah boa henteu dipake susuci. Acan salila salat, ebat, lantaran pikiran kumalayang kana dagangan nu ditinggalkeun.

Atuh  Abah Suma masar teh sok geus beurang. Sarengsena salat duha. Ka pamajikanana, mindeng nyarita. Indit soteh dagang kangkung, ukur keur sakadar sarat ihtiar wungkul. Lain rek popohoan usaha, suku dijieun hulu, hulu dijieun suku. Ongkoh ukur kangkung satanggungan, dua tolombong leutik. Dieusi tilu puluh beungkeut. Sabeungkeutna  lima ratus perak. Mun kabeh payu, ukur lima welas rebueun. Ukur mahi keur meuli beas dua kilo, dua ons lauk asin, gula kopi saeutik. Mun diitung dibalitungkeun kana waragad melak, miara, ngala jeung saban peuting meungkeutan iangkeuneun isukan, jauh ka kabual. Moalaya kauntungan nanaon. Ukur miharep pahala tina niat ihlas neangan napakah nu halal tur beresih. Nganut kana laku Nabi Daud, sanajan raja tur Rosul Allah, ngutamakeun kabutuh sapope tina ledang kasang sorangan.
"Dina urusan rejeki, urang mah masih keneh kaasup nu merelukeun "asbab". Tarekah awak. Nya wayahna kudu ngalengkah. Henteu miharep dahareun atawa duit ragrag ti langit, kawas nu kaalaman ku jalma-jalma nu geus ngahontal martabat "tajrid" nu sagala rupana diurus langsung ku Gusti Alloh,"kitu Abah Suma nerangkeun ka Enin Kinah, pamajikanana. Kalimah nu persis diucapkeun ku  Ajengan Solih, guruna di pasantren bareto. Kalimah nu persis deuih katarima ku Ajengan Solih ti guru-guruna. Hiji kalimah cutatan tina kitab "Hikam" nu ngandung atikan ahlak linuhung, ditatalepakeun ti guru-guru ka murid-muridna dari guru-guru kepada murid-muridna sambun sinambung.
"Gancang...gancang !"Satpam toko emas ngagero deui, nenjo Abah Suma ngajanteng keneh di buruan. Cikeneh ngaregog barang ret kana lapak urut tukang tahu, geus dieusian batur.Tapi teu hurung ngalengkah laun. Ngajauhan buruan toko emas nu dikawasakeun ka satpam supaya kosong. Ulah kawas kamari jeung poe-poe samemehna pagaliwota jalma. Kaasup nu rek mareuli kangkung ka Abah Suma.

Karek ge Abah Suma opat lima lengkah ti buruan toko emas, hibut jalma tingkoceak tingjarerit. Sihoreng aya hiji pamuda mabok. Ngubrak-ngabrik jongko jeung amparan para padagang. Taya nu wani nyegah, lantaran mamawa bedog panjang.

Tas mubat-mabit lapak, kop kana batu sagede peureup. Belewer....brak! Gembreng! Paralak! Kaca toko emas peupeus mancawura. Nu mabok beuki meuweuh. Teu miduli koceak jerit. Hayang puas ngaruksak. Bedog diamang-amang.

Srog ka hareupeun Abah Suma. Bedog panjang diheumbatkeun ka lebah sirah eta aki-aki. Tapi ngan sakilat, leungeun Abah Suma nu kelang garing ukur tulang, nyodok kana kelek pamuda mabok. Goak reuwas, disusul ku bedog murag. Terus kadenge sora "hek" tina tikoro kaselek, dituturkeun ku utah dua borolo. Awak pamuda besekel buta tulang buta daging, pinuh ku tato, ngagaleong. Gebut kana taneuh. Teu empes-empes. Sora paciweuh walihweuh ngadadak jempe. Kabeh ngajaranteng kawas patung. Ngawaskeun Abah Suma nu geus gap deui kana tanggungan kangkung.

Kakarek gaelcok deui, sanggeus datang pulisi duaan. Nu saurang gancang ngaborgol leungeun pamuda pamabokan nu ngajehjer keneh dina taneuh. Saurang deui ngaluarkeun catetan. Nanya ka sababaraha urang ngeunaan kajadian sabenerna..
"Tuh, Abah Suma taros mah. Pasti apaleun pisan," jalma-jalma nu tinglalimbung, nyoba-nyoba . Takut dijadikan saksi.
"Kumaha Abah?" cek pulisi ka Abah Suma nu teu riuk-riuk tas ngalaman kajadian pikareuwaseun.
"Duka atuh. Abah mah teu terang nanaon," jawab Abah Suma kalem.
"Pan Abah nu ngalumpuhkeun budak mabok tadi teh, sanes," pulisi satengah ngadesek.
"Ih, moal enya aki-aki pantar kieu bisa ngarubuhkeun pamuda. Nu sanes panginten...."
"Katingal ku sarerea, sidik Abah!" sawatara urang raeng. "Sidik ramo Abah nyodok kelek jeung beuheungna. Nepi ka bedogna ngacleng, jeung utah uger."
"Henteu, ah! Enyaan Abah mah teu terang nanaon, teu milampah nanaon. Abah tadi teh keur nguruskeun dagangan," Abah Suma keukeuh mungkir.           

Seah deui. Saheng deui. Parea-rea carita. Jeung panyaho-nyaho. Pajah teh moal kapalingan deuleu. Sidik leungeun Abah sakolepat tanding kilat, nyamber kelek jeung nyodok tikoro pamuda mabok. Gesit pisan. Keuna kana mamaras. Ngandung tanaga mateni.
"Persis Jetli," cek saurang..   
"Pasti ngagunakeun tanaga jero. Tanaga batin. Mun henteu, pimanaeun ramo Abah Suma matih kitu. Make jeung bisa ngaclengkeun bedog jeung utah-uger!" nu sejen nempas.
"Mun  Abah Suma di teras toko emas keneh mah, pasti nu rek nenggor dipiheulaan dipegat. Moal kudu korban kaca tah!" aya nu nyelengkeung ti beh tukang.
"Satpam toko emasna bae belegug. Wawanianan ngusir Abah Suma. Pagawe anyar nya?"
"Jigana mah. Karek asup poe bieu. Teu nyahoeun saha ari Abah Suma!"           

Nu galecok cacarita di pasar beuki teu puguh dengekeuneun. Abah Suma hareugeueun. Kabeh nujul ka manehna. Pinuh ku pamuji jeung kareueus.

Niat rek balik bae. Kajeun kangkung tacan payu sabeungkeut-beungkeut acan. Keur masang rancatan, bet norojol awewe tengah tuwuh.
"Tah geuning aya keneh kangkung. Kabeneran rea deuih. Sabaraha, Bapa?" pokna hariweusweus bari nitenan sabeungkeut.
"Lima ratus rupia, Neneng," Abah Suma nyokot sababaraha beungkeut. Tembongkeuneun ka nu rek meuli.
"Sabaraha beungkeut sadayana?"
"Tilu puluh"
"Beresih jeung saleger. Diborong sadayana, Bapa. Barudak raresepeun. Bawaeun sawareh ka kota ongkoh," cek eta awewe. Terus ngageroan baturna nu mawa karinjang balanjaaan. "Tah, ringkid saayana. Mun teu asup, wadahan kana keresek badag. Sina kadieu supir."

Song salambar duit dua puluh rebu. Ku Abah Suma ditampanan. Leungeun kencana ngodok loket beubeur. Rek neangan keur pamulangan. 
"Wios Bapa. Tong diangsulan!" eta awewe megatan. "Ti tadi milari kangkung. Seepeun. Pek ayeuna mendak. Wios dilangkungan hargana, tanda bungah."
"Ih, naha, Neneng", Abah Suma ceulengeuk.
"Leres, Bapa. Sanes heureuy."          
"Halal?"Abah Suma hayang yakin.
"Halal pisan, Bapa. Nuhun ku kangkungna...." leos eta awewe indit nuturkeun supirna.

***

Kajadian isuk-isuk di pasar matak geunjleung. Beja pabeja-beja. Nambahan. Manjangan. Teuing saha nu mimiti nyebutkeun, yen  Abah Suma sakti mandraguna. Mampuh ngarubuhkeun pamuda mabok nu keur ngamuk ngamang-ngamang bedog, ukur dikepret ku ramo.

Pasosore, ujug-ujug brul teh jalma-jalma daratang ka imah Abah Suma. Ti nu jauh ti nu deukeut. Enin Kinah bingung. Rampang-rempeung. Tepas hareup nu ngablak, moal muat dieusian semah limaan oge. Ongkoh imahna oge, panggrumah panggung tina kai jeung awi, geus rada ropoh. Kuriak ngagebru lamun diasupan jalma rea.

Semah teu ngahesekeun. Dariuk dina golodog, bangku atawa naon bae nu aya di dinya. Sawareh arandekak handapeun tatangkal nu ngiuhan sakuriling buruan. Bansaning  nangka, buah, alpuket di beh tengah. Bangsaning tangkal jengjen, suren, juar jeung jeungjing sapanjang sisi-sisi nu ngawates ka tanah batur.

Sawareh dariuk dina lisung dina sasaungan leutik deukeut dapur. Saung panundaan paparabotan jeung betrak-betruk sejen.

Maranehna hayang tepung jeung Abah Suma. Hayang meunang barokah tina kasaktenna nu geus ditembongkeun ka balarea, tadi isuk-isuk di pasar. Enin Kinah bati hareugeueun. Mangkaning  Abah Suma keur salat asar berjamaah di masjid jami. Tara beunang diganggu. Can beres wiridan jeung ngadu'a mah tara waka cengkat. Kajeun aya nu  nyusulan rusuh oge. Moal bisa digomeng-gomeng.
"Baruk Abah jadi jalma gagah?" Enin Kinah colohok ngadenge caritaan semah.
"Enya. Abah ngarubuhkeun nu keur mabok. Pamuda dedeg besekel. Belekesenteng. Mamawa bedog deuih. Pulisi ge teu wanieun. Na ari ku Abah, ngan sagorempal. Geus kitu mah kakarek pulisi wanieun nyerek," kitu cek jalma-jalma nu ngagimbung di buruan, jeung di jalan masih keneh merul.
"Tapi ka Enin mah Abah teu dodongeng nanaon. Ukur nyaritakeun kangkung payu kabeh aya nu ngaborong dua puluh rebueun. Sakikituna," Enin samar polah.

Rengse salat asar, Abah Suma ngaderes wiridan nu geus dawam. Disambung ku maca du'a sukur ni'mat, dumeh geus disalametkeun ku Gusti Alloh tina panandasa jalma mabok.

Kurunyung aya budak nyusulan. Ngabejaan kudu geuwat balik. Lantaran di imah loba semah.
"Bejakeun ka Kinah. Kami rek  tuluy di masjid nepi ka isa, kituh,"Abah Suma satengah nyenghor ka budak. Tuluy kukulutus. Ngagelendeng pamajikanana. Pajah teu daek nyaho kana pamake salaki. Lamun keur aya di masjid ulah diganggu. Budak nu teu nyaho nanaon, gancang ngabingbrit balik. 
"Rek nanahaon rea semah?"Abah Suma ngahuleng. "Boa-boa...."

Ras ka lalakon Ponari, budak leutik urang Jombang, nu kadenge tina obrolan batur ari keur ngariung di masjid.  Cenah, boga batu ngandung hasiat nyageurkeun pada ngadeugdeug ti suklak-sikluk. Dibelaan pasesedek. Ngantri. Aya nu mondok moek sagala. Bakat ku keukeuh cai bawana hayang kaancloman batu Ponari. Cai nu geus diancloman eta, nu bisa nyageurkeun sagala panyakit teh. Kitu cek beja pabeja-beja.

Harita Abah Suma kungsi nanya ka batur-baturna papada jamaah masjid. Naha beuki dieu beuki rea kajadian aheng. Boh mangrupa kalakuan jalma, boh kaayaan alam.
"Cenah kabejakeun, dina televisi, aya tukang torah nyebutkeun, yen kiamat bakal lumangsung tilu taunan deui? Enya tateh?"
"Enya. Abi ge kabeneran ngabandungan, Abah," tembal Ujang Gopar, budak pamuda nu kasebut ahli majid.
"Baruk?"Abah Suma kerung.

Kabeneran Ajengan Maptuh, imam masjid, datang. Gek diuk di bale, ngadagoan waktu adan nu tinggal sababaraha menit deui.
"Tah pangersa Ajengan tangtos tiasa ngajelaskeun," Ujang Gopar nunjuk rengkuh.
"Naon kitu?"Ajengan nyerengeh ka nu keur ngarariung.
"Sumuhun eta, dina telepisi aya wartos kiamah tilu taunan deui," Abah Suma haget nembalan. Nu sejen unggeuk-unggeukan. Ngaenyakeun di dituna mah.
"Wanian tah jelema. Wanian nyanyahoanan," Ajengan Maptuh nyikikik.
"Tukang torah tea, sok babaledogan," Ujang Gopar ngengklokan.
"Euh, tukang ngaramal?" Ajengan Maptuh nyikikik deui. "Biasa, sok kaleuleuwihi neangan piandel jalma. Padahal nu percaya ka nu kitu teh, ditolak asup ka sawarga. Aya tilu rupa jalma nu moal asup sawarga teh, saur Kangjeng Nabi. Nyaeta jalma nu percaya kana sihir, nu sok nginum inuman keras, jeung nu megatkeun silaturahim. Tukang torah atawa tukang ramal kaasup ka golongan ahli sihir atawa kahanah. Padukunan. Omong-omonganana mengpar tina hukum Alloh. Apan nu uninga kana urusan kiamah mah, wungkul Alloh nyalira. Kangjeng Nabi ge teu uningaeun, Geura ieu dina Quran," Ajengan Maptuh maca ayat 34  Surat Luqman, terus medar hartina sakumaha tadi.
"Ari eta bangsa batu ngandung hasiat nu ku Ponari diangge ngubaran?"Abah Suma panasaran keneh.
"Percaya kana hasiat batu, keris, wesi kuning, jimat, jeung sabangsana, kaasup musyrik. Miduakeun Alloh, kade," Ajengan Maptuh katenjo daria. "Komo lamun terus dipunjung-dipuja, pada nganggap yen eta teh sakti, wah, lapur we akidah tauhid teh ancur."

Mun teu kaburu ku bedug, obrolan bisa panjang. Tapi keur Abah Suma mah sakitu ge cukup. Nambah-nambah pangaweruh nu geus nyangkaruk dina uteukna. Beubeunangan masantren leuleutikan bareto jaman keur ngora.

Ari ayeuna, rea jalma datang ka imah. Rek ngalap barokah lantaran dirina dianggap sakti. Pedah tadi isuk-isuk bisa nakis panarajang pamuda mabok.

Ngarasa heran Abah Suma oge, naha bet bisa kitu? Naha pedah dina kaayaan kadesek? Terus aya pitulung Alloh, sangkan manehna salamet?                  
"Upami sanes kapalay Anjeun, sanes widi Anjeun, ya Alloh, abdi teh sanes nanaoan.. Abdi ukur kolot rempo nu mustahil mampuh ngelehkeun pamuda dedeg nu nuju teu waras. Mung kumargi kersa Anjeun, abdi dipaparin kakiatan ngelehkeun manehna  ya Alloh," Abah Suma nyuksruk sujud. Cipanonna mudal maseuhan karpet masjid nu geus belel ku kakolotan, lantaran ti barang masjid rengse diomean, lima welas taun ka tukang, can ganti-ganti.

(dua)

Ingetan Abah Suma kumalayang ka mangsa puluhan taun ka tukang. Keur jaman ngaji di Ajengan Solih. Unggal reres nyorogkeun kitab, hanca ajian sewang-sewangan, para santri sok diwejang ku ajengan. Rupa-rupa. Aya perkara nu patula-patali jeung ahlak budi pekerti, sangkan para santri handap asor, hade tata hade basa, daek nulung ka nu butuh nalang ka nu susah, boh ku tanaga mun kaduga, ku harta mun boga, ku elmu mun bisa. Aya perkara nu patula-patali jeung tareh para Rosul katut para sohabat. Atawa ngajawab pananya barudak santri.

Inget keneh, aya santri nanyakeun, para Nabi jeung Rosul, kaasup jalma sakti mandraguna atawa henteu ? Sabab tugasna nyanghareupan jalma-jalma ingkar, beurat kacida. Ajengan  Solih ngajawab panjang lebar.
"Teuteusingna. Biasa bae. Ngan pedah dina waktu-waktu nu tangtu, dina kaayaan kadesek pisan, sok dipaparin pitulung ku Alloh, ku mangrupa kaajaiban. Nu disebut mujizat tea. Sipatna dadak-dadakan, saharitaeun wungkul jeung ukur saluareun awak, dumasar kana kersaning Alloh. Nabi Ibrohim, upamana, diduruk ku Raja Namrud. Teu nanaon. Tong boro renghek tutung, teu bocel-bocel acan. Naha kulit, daging, tulang Nabi Ibrohim anti-seuneu? Henteu. Ngan seuneuna, tunduk kana parentah Alloh sangkan tiis," derekdek Ajengan Solih maca ayat 69 surat Anbiya "Qulna ya naru kuni bardan wa salamun ala Ibrohim".
"Nabi Musa oge sami basa meulah laut?" santri sejen nanya.
"Sarua pisan. Taya gesehna. Basa Bani Isroil nu dipingpin ku Nabi Musa jeung Nabi Harun, diudag ku Firaun sabalad-balad, srog ka sisi laut. Maju cilaka, dieleled ombak, mundur pasti binasa dirogahala Firaun. Dina kaayaan genting kitu, Alloh maparin wahyu ka Nabi Musa, sangkan neunggeulkeun iteukna kana beungeut cai. Laut muka, nyengled, jadi jalan ngabulungbung.  Bani Isroil gancang mareuntas ka dinya. Geus kabeh nepi ka sisi, balad Firaun di tengah keneh. Laut nutup deui. Atuh kakereb kabeh. Geura pek baraca Quran, surat Syu'aro ayat 63 jeung al Qoshosh ayat 40. Teu aya hiji ge Nabi jeung Rosul kacaturkeun weduk gagah mandraguna."


***

Ras ka dinya, Abah Suma gegebegan. Sok sieun jalma rea tikosewad kana kamusrikan. Bari dirina kababawa. Dianggap nu jadi sabab. Padahal teu pisan-pisan. Ngarubuhkeun pamuda mabok di pasar, lain kahayangna, jeung memang teu bisa nanaon. Estuning pitulung Alloh ka aki-aki rempo nu keur nyiar kipayah keur ngabayuan dirina pribadi kadua pamajikanana.

Awak Abah Suma ngadegdeg kawas nu muriang. Hatena patingsereset. Karingrang  sumarambah ka saurat-urat awak Sieun timbul takabur. Angkuh. Sombong. Gede hulu. Asa aing sakti manggulang-mangguling. Hariwang pada muja pada muji, pada nyembah, pada ngadewakeun.
"Padahal eta estu mung wungkul kapalay sareng widi Anjeun, ya Alloh. Anjeun Nu Maha Kawasa maparin maunah ka abdi anu sakieu lemahna," sora Abah Suma leslesan, satengahing sujud nu beuki nyuksruk.

Enya ma'unah. Abah Suma rumasa, ukur jalma saaya-aya. Ukur jalma sabisa-bisa ngajalankeun parentah Alloh sakaligus nyingkahan nu dilarang ku Anjeunna.   

Saur Ajengan Solih bareto, pitulung langsung ti Alloh teh rupa-rupa. Gumantung harkat jalma nu dipaparin pitulung. Keur bangsa Nabi jeung Rosul mah disebutna mu'jizat, sakumaha nu kungsi dijelaskeun. Ka jalma-jalma nu baris rek dijenengkeun Nabi jeung Rosul, ku Alloh tos dipaparin pitulung ti anggalna keneh. Disebutna irhash. Kawas Muhammad nuju pamuda, dagang ka Sam, sajajalan teh sok diiuhan ku mega. Musa nuju orok dipalidkeun ka walungan Nil, ambeh salamet tina panandasa Firaun, henteu titeuleum. Malah jolang wadah pamalidanana nyangsang di tukangeun karaton Firaun. Terus eta orok dikukut ku prameswari Firaun nepi ka dewasana, tur engkena diparentah ku Alloh sangkan dawah ka Firaun. Keur bangsa jalma ahli ibadah jeung ahli amal soleh nu geus ngahontal darajat waliyulloh -- kakasih Alloh -- disebutna karomah. Ari keur bangsa awam mah, jalma-jalma biasa nu Islam tur iman, pitulung langsung tur dadak-dadakan teh disebutna maunah. Kawas hiji jalma diudag anjing edan. Ujung bisa ngaluncatan pager tembok u luhurna tilu meter. Nepi ka salamet teu digegel anjing. Padahal ari ngahaja-haja mah, ngaluncatan solokan sadeupa ge, tikosewad labuh.
"Tapi  jalma kapir, jalma maksiat ge, sok meunang kanyaah ti Alloh. Malah sok dianggap leuwih ti jalma Muslim tur mu'min. Ngan nu kitu mah disebutna istrijrod. Panyungkun. Saolah-olah Alloh SWT mukprukan ku sagala kasenangan nu dipikahayangna. Pek siah, pek siah. Ngan geus nyampak azab nu bakal datang dadak-dadakan, "Ajengan Solih maca ayat 44 surat al An'am. Terus nambahan katerangan, yen mujizat, irhash, karomah, maunah mah, henteu bisa diulik ditalungtik. Estuning meleg-meleg rusiah Alloh. Ari kaajaiban-kaajaiban mangrupa hasil ulikan, diajar, latihan, kaasupna sihir. Bangsa dukun, bangsa tukang torah, bisana kitu teh lantaran diajar, latihan, ngulik, dibarung ku muhit ka iblis, mumuja ka setan. Nu matak sihir diharamkeun ku Islam. Nu ngawasa jeung percaya kana sihir, diasupkeun ka golongan jalma musyrik. Malah boa murtad, lantaran geus teu ngaku kana ajaran Islam.  

Abah Suma beuki sumegruk.
"Pitulung tadi teh, nu disebut ma'unah tea meureun. Alhamdulillah, ya Alloh, abdi anu sakieu laipna, bari lamokot ku dosa, masih keneh dipercanten kangge kumelendang di alam dunya. Henteu jadi parab bedog jalma mabok."        

Ujug-ujug inget Abah Suma ka awewe tengah tuwuh nu ujug-ujug ngaborong kangkung daganganana, tur mere paleuleuwih. Padahal mungguh sareat, dina kaayaan keur pabaliut kitu, make jeung aya nu haat meuli. Padahal Abah Suma sorangan geus ngalapurkeun, yen poe eta mah dagang teh bolay.

Dak dumadak, sakolebat dina sesela batinna, timbul pananya. Naha hal ea teh pedah maneha getol ibadah? Mindeng nyieun kahadean ka sasama manusa? Nepi ka kaasup jalma iman jeung amal soleh. Nepi ka meunang pitulung kalawan teu disangka-sangka?
"Astagfirullahal adzim, la ilaha illa huwal hayyul qayyumu wa atubu ilaih!"Abah Suma gancang istigfar. Satekah polah mupus rasa jeung pikir nu teu pararuguh. Nu nganggap sorangan kuat iman, alus ibadah jeung rea amal soleh dumasar kana pangajen diri pribadi..

Maca istigfar terus teu eureun. Duka meunang sabaraha balikan. Abah Suma ngarasa hanjakal. Dina kaayaan keungkang kareunang, sieun tigebrus kana kamusrikan, hayoh setan datang ngarobeda. Ngicuk-ngicuk kolbu sangkan kiruh ku rasa dir. Rasa agul. Rasa reueus dumeh meunang pitulung dadak-dakan ti Alloh    
"Padahal abdi batan sakieu. Sakeprul keusik ge biheung, dina amparan kajugalaan alam semesta nu teu kaukur lega jeung badagna, ya Alloh. Sok sanaos kitu, abdi, bubuk keusik lembut teh, geuning tetep bae direjekian, ditulungan, disalametkeun. Ya Alloh, ku kituna mugi abdi disalametkeun tina pangrobeda jalma-jalma nu nganggap abdi gagah perkosa, tiasa masihan barokah  ka balarea. Teu pisan-pisan, ya Alloh, teu pisan-pisan."   

Beuki meuweuh segruk Abah Suma. Karpet belel pangsujudan beuki cipruk. Beuki deukeut ka waktu magrib.

Basa barudak leutik daratang, rek nakol bedug jeung adan, tingraregog di lawang. Ningali nu nyuuh teu usik-usik. Abah Suma ngajehjer kapiuhan. Tapi teu burung ngadareukeutan. Ngaguyah-guyah. Abah Suma nyah beunta.. Panonna cindul. Beungeutna beueus. Sorana laun nahan inghak manjang. Lalaunan nguniang hudang.
"Barudak," sora Abah Suma haroshos. "Bantuan Abah ka tempat wudu."

***

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

angga syiamudin ngomentaran:

sae pisaaan... Panggeuing sareng pangeling kanggo abdi mah..