Lalangse Jatinangor
Ku: Kang Ya
Waktu teh teuing ku gancang, leuwih gancang batan ngabelesatna jamparing tina gondewana. Mangprung teu bisa didagoan, teu bisa dihalangan, anger muter teu eureun. Mang pirang-pirang kajadian geus kaalaman, sakapeung waktu nu dua puluh opat jam sapoe sapeuting teh teu cukup pikeun nitenan jeung ngahartikeun ti hiji kajadian ka kajadian nu sejenna. Kajadian nu geus kaliwat karasana ngan sajorelat, teu cara basa keur ngalamannana, asa lengle kaleked sok komo mun nu kaalamannana teh hal-hal anu teu dipiharep. Siga nu kaalaman ku kuring ngeunaan anak cikal kuring, Danda Lugina.
Puguh anger sok hayang eureun heula sanajan ukur sakedapan, hayang nitenan heula naha hareupeun wangunan BNI teh aya Danda nu keur nangtung nungguan kuring atawa euweuh? Jawabannana pasti euweuh, enya suwung taya Danda lebah dinya nu nungguan kuring. Geus puguh nyaho Danda mah geus lain di dinya deui ayeuna mah, tapi di ditu di jalan Sulanjana di tempat kursus komputer. Sanajan enya geus nyaho teu aya Danda, jeung moal aya Danda lebah dinya, tapi anger aya kapanasaran lamun teu ngarandeg heula teh. Sanajan enya ngan ukur ngahudang juuhna cipanon, sok teu ku hanteu unggal ngarandeg unggal aya nu nyelek na tikoro hayang ceurik jejeritan.
"Tos bae didieu Mah, Danda mah isin ngiring sareng Mamah dugi ka lebet kampus teh, engke batur tarerangeun yen Danda putra Mamah, isin, sok lungsurkeun bae didieu engkin sampeur deui di dieu di payuneun BNI," ceuk Danda.
Eleh deet najan nyaah najan deudeuh, Danda diturunkeun. Ka tonggoh ka kampusna Danda sok naek ojeg atawa mobil omprengan, sakapeung mun aya keneh lolongkrang waktu Danda sok nikreuh leumpang. Sakapeung kuring sok nitenan ti jauhna, sok balik deui nguriling ka handap hayang nyerangkeun Danda anak kuring. Endah, endah pisan na awal taun ajaran 2008/2009 mah, anak kuring Danda mahasiswa baru, indit sok bareng jeung kuring, pon kitu deui waktu balik seseringna mah bareng disampeur di lebah wangunan BNI di tempat manehna diturunkeun. Abong enya kuring mah ngan ukur wayangnya di dunya teh, kitu deui Danda, teu beda ti kuring, ngan ukur bisa ngarancana, ari putusan mah mutlak aya dina kakawasaan Allah Ta'ala. Kaendahan teh sirna, langit Jatinangor nu endah caang teh, ngan ukur sajorelat geus ganti deui ku ceudeum cakueum geueuman. Kitu deui alam Jatinangor nu lenglang tur brus-bras jauh panyawangan, ayeuna geus balik deui ka asalna ka kebon karet nu oyodan teu kaurus, siga baheula samemeh jadi lingkungan kampus.
Mimiti kuring narima es em es ti Ceu Tati nu ngajar Ilmu Budaya Dasar, netelakeun yen Danda euweuh teu asup ngilu kuliah. Tangtu bae heran kacida da jelas atuh tadi isuk-isuk kuring nurunkeun Danda di hareupeun wangunan BNI. Kamana atuh anaking Danda? Piraku gering ngadadak, meureun pasti ngontak kuring mun enya mah Danda gering. Jeung deui panan jentre tadi basa sarapan teh seger taya gurat-gurat pigeringeun. Alah boa-boa, hate beuki cangcaya. Sorena basa kuring balik, kasampak Danda keur ngagebra di kamarna, bangun nu nikmat pisan, kuring teu wasa ngahudangkeun ngan ukur nanya ka rencang nu satia, Bi Enok.
"Tabuh sabaraha Danda datang Bi?"
"Kinten-kinten bada lohor Neng," ceuk Bi Enok bari song nyodorkeun cai teh haneut.
"Teu nyarita nanaon Bi?"
"Henteu Neng, malah ku Bibi kantos ditaros, naha Cep Danda mulih siang keneh tur henteu sareng Mamah cekeng teh? Tapi mung ukur imut, tos kitu mah lebet bae ka kamarna, bada asar kantos kaluar, tapi teu lami tos lebet deui ka kamar. Waktos Cep Dandi ngetrokan kamarna ngajak ka toko buku oge ih da teu aya kaluar Cep Danda teh," walon Bi Enok. Gek kuring diuk nyangsaya dina sofa, pikiran muter ka Danda, emh palangsiang, deudeuh Danda anaking.
Isukna saperti biasa Danda geus saged rek indit kuliah, kuring teu kungsi nanya, babakuna mah sok sieun kumaonam naha Danda teu kuliah Ilmu Budaya Dasar kamari. Dandi mah ngilu kana mobil Bapana da sakolana ge deukeut jeung kampus Bapana gawe. Saperti biasa Danda diturunkeun hareupeun wangunan BNI, aya kacangcaya, tapi eta pikiran teh diusir jauh-jauh.
"Diani, hallo, Diani...," sora Isni sobat kuring, Isni nu ngajar Kimia dasar, panan poe ieu pisan Danda aya kuliah Kimia Dasar.
"Enya Is...aya naon?"
"Lain ari Danda kamana Di?"
"Kamana kumaha?"
"Enya euweuh, diabsen disebutkeun ngaranna dua kali ge teu aya, terus diilikan kaditu kadieu ge, suwung, kamana?"
"Ah maenya Is, tadi panan bareng jeung Diani inditna ge."
"Ih piraku atuh Is bohong Di, nyaan panan apal saha ari Danda, sarua bae Is ge nyaah ka Danda teh asa ka Kania anak Isni."
"Naha nya kamana atuh nya Is budak teh, jeung deui ieu teh nu kadua kalina Danda mangkir kuliah, alah Is, Diani mah cangcaya, sok sieun, panan Isni oge apal sorangan ka Danda."
"Baruk geus dua kali, mata kuliah naon deui Danda mangkir teh Di?"
"Ih panan Ilmu Budaya Dasar, sarua eta oge apal soteh bubuhan Ceu Tati nu ngajarna nelepon, emh...Is palangsiang si Danda teh nya Is?"
"Ih ulah waka leutik hate atuh Di, paluruh heula boa Danda keur aya masalah, kumaha Dandana geus ditalek?"
"Ah nyaeta puguh Is, sok sieun tea, pikiran teh anger kanu enggeus-enggeus."
"Ajak nyarita atuh Danda Di, bari ulin ka Lembang ka kebon stroberi geura meh nyantai, tanya kumaha kuliah di Farmasi teh resep henteu kituh, sok ajaran Di! Salian ti eta oge talungtik naha ngan ukur mata kuliah Ilmu Budaya Dasar jeung Kimia Dasar bae kitu nu mangkir teh, boa nu sejen oge sarua mangkir, cik talungtik heula Di!"
"Enya nuhun Is kana saranna nya. Aeh ari proposal keur Dikti geus anggeus Is?"
"Nyeta idena ngujet Di, kelah da aya keneh waktu." Enya bener, lain bae Ilmu Budaya Dasar jeung Kimia Dasar Danda mangkir teh da geuningan kabeh mata kuliah dina minggu-minggu ieu mah mangkir. Emh Gusti, naha atuh kunaon Danda anaking? Nyaan ieu mah kudu ditalek kudu diajak ngomong naon masalah jeung kahayangna Danda teh.
Kungsi rerencepan Danda dituturkeun kamana leosna sanggeus ku kuring diturunkeun di hareupeun wangunan BNI teh. Beu geuningan Danda leosna bet ka halteu beus kota jurusan Dipatiukur lain laju terus ka tonggoh ka Fakultas Farmasi, panasaran anger dituturkeun, beus nu lajuna eureun-eureunan teh dituturkeun ku mobil kuring. Danda turun lebah Gasibu, ganti naek angkot jurusan Ledeng-Cicaheum, lebah Sulanjana Danda turun, luak-lieuk, anaking Danda asup ka warnet nu ngajajar di jalan Sulanjana. Danda anteng di pojok ditempat nu rineh, anteng dina internet. Kalakuan Danda can kungsi dibejakeun ka Bapana, enya sok sieun getas harupateun tea, panan Bapana mah nepi kaayeuna anger teu pati narima jeung teu daek ngarti kana panyakit jeung kasang tukang Danda.
"Naon atuh panyawat murangkalih abdi teh Dok," harita basa Danda keur leutik keneh dibawa ka dokter.
"Saena candak bae atuh ka psiater heula Bu, supados jelas mah, da ieu mah langkung kana kajiwaan sanes fisik, da ari fisik mah sae pisan bubuhan Ibu kacida meryogikeunnana kana asupan gizi, mangga candak ka psiater Bu, ieu rujukan ti abdi," saur Dokter bari song ngasongkeun surat rujukan pikeun ka psiater atawa psikoloh tea. "Panyawat putra Ibu teh ADD disebatna Bu, muhun Attention Deficit Disorder tea. Saleresna panyawat model panyawat kieu teh aya dua rupi, nu sanesna disebatnya ADHD atawa Attention Deficit Hyperactivivity Disorder," saur psiater.
"Oh....kitu, kumaha gejalana teh Pa," ceuk kuring harita panasaran.
Tanda-tandana murangkalih nu gaduh panyawat ADD atawa ADHD teh, biasana mah kirang muser perhatiannana, atawa kirang konsentrasi, gampil kapangaruhan, khusus nu gaduh ADHD mah sok hiper aktif atawa motah tea, teu daek cicing. Murangkalih nu gaduh masalah ADD atawa ADHD biasana mah hese diajak nyarios, sesah berkomunikasi, langsung sae ngabetem upami ditaros teh, atawa sawangsulna aya oge anu agresif pisan. Tah upami kunu awam mah sok nyangki budak bangor ka murangkalih nu gaduh gejala sapertos kieu teh," saur psiater mani antare pisan nyariosna teh. Emh, nyaan bener Danda teh boga panyakit ADD, paingan atuh Danda teh hese pisan mun diajak ngomong teh, jeung hese pisan museurkeun pikirannana, tara tengtrem, babari kapanguruhan, tapi hese ngaluyukeun jeung lingkunganana. Cenah mah gejala budak nu ngabogaan ADD atawa ADHD teh kieu: Kahiji, kaleked ngarengsekeun pagawean ti sakola, lolobana mah panan nepi ka teu paduli kana tugas-tugas ti sakola. Kaduana, remen gagal mun ngarengsekeun pagawean ti sakola, sok mugen embung migawe, malah mah sakola pisan sok embung. Katiluna, tara ngadenge, gagal jadi pendengar yang baik, nu antukna sok gagal narima papagah guru, akibatna hese narima pangajaran. Kaopat, remen ngangles, tara pengkuh kana sarupaning pagawean anu merlukeun pamikiran atawa uteuk. Kalima, pohoan, remen kaleungitan barang-barangna da puguh pohoan tea, nunda barang sok dimana bae sokna, kaasup barang-barang pikeun sakola, kayaning buku, patlot jeung pamupus. Kagenep, sok marojengja, marudah, tara daek cicing, motah, sok nyieun kalakuan anu aneh-aneh, sok rajeun naek kana luhur lomari contona. Katujuh, sok ngajerit, ngambek, sok hayang ngaraja, hayang sagala nu sorangan. Kadalapan, sakapeung sok resep nyieun kalakuan anu kurang hade, contona sok nyokot barang batur anu teu sabaraha hargana, barang-barang nu laleutik kayaning patlot atawa pulpen, sok maksa lamun kahayangna teu ditedunan. Kasalapan, manehna sorangan narah dipaksa, tara daek nurut kana papagah.
Mun malikan deui kana carita Danda keur leutik, nyaan panan Danda teh bener-bener kurang perhatian, utamana perhatian ti Bapana, panan nepi ka ayeuna manehna hese pisan komunikasi atawa cacarita jeung Bapana. Teu rek kitu kumaha, panan basa Bapana sakola ka Jepang teh kuring teu kungsi ngilu, panan kuring ge boga kawajiban kudu mere kuliah, babakuna mah ketah pedah beasiswana can nyukupan pikeun kuring sakulawarga ngilu ka Jepang, unggal genep bulan Bapana balik, mun teu kitu kuring nu ka Jepang. Danda dikandung henteu dibarengan ku usapna kanyaah Bapa, malah lahir oge panan Bapana teu nungkulan. Nepi ka umur tilu taun mah Danda teu wanoh ka Bapana, beuki gede anger siga nu asing ka Bapa teh. Atuh eta Bapana, Kang Darja panan lain model Bapa anu alewoh ka anak, sok api lain, keur mah pakepuk pisan ku pagawean.
Naha enya kitu pangna Danda ngalaman ADD teh pedah kurang perhatian atawa kurang kanyaah ti Bapana? Pamikir kuring mah henteu salilana bener, ningan loba barudak nu lahir jeung gede ukur ku indung, ningan normal bae siga nu lengkep indung-bapana. Tong jauh-jauh ningan adina Danda, sasatna Dandi, panan sarua harita keur dikandungna sering pisan ditinggalkeun tugas ka luar daerah ku Bapana, ningan lahir normal siga budak-budak nu sejenna. Emh ...Gusti hakekatna mah ieu budak teh dititipkeun ka kuring pikeun langkung suhud ibadah ka Mantenna, sanajan enya sakapeung sok ngarasa teu adil.
Bisa kabayangkeun, kuring nu lulusan sakola Farmasi perguruan tinggi kawentar di Bandung, kitu deui kang Darja dosen jeung doktor na widang teknologi informasi, oge lulusan sakola luhur panghadena sa-Indonesia, katambah meunang doktor ti Universitas Tokyo anu kawentar naker sa janapria. Naha atuh ari salah sahiji budakna ngabogaan kasakit ADD, kasakit nu cenah mah lolobana akibat kurang perhatian. Perhatian ti saha atuh? Ti kuring panan perhatian kuring leuwih tomplok ka Danda batan ka Dandi mah, da puguh Dandi mah leuwih mandiri. Kitu deui Nini-Akina panan sakitu nyaahna ka Danda teh. Bi Enok nu mantuan ngarorok ti orok ge panan sakitu tulatenna ka Danda mah. "Bu Diani,....kanggo ngungkulan murangkalih anu gaduh gejala ADD atawa ADHD diantawisna. Kahiji, murangkalih ulah diantep ulin sareng murangkalih anu langkung alit, tanpa pangawasan ti urang, maksadna ulah diantep nyalira babarengan jeung murangkalih nu leuwih handap yuswana. Kadua, tebihkeun tina barang-barang anu sakintenna ngabahayakeun, sapertos peso, gunting sareng sajabana. Katiluna, peryogi diperhatoskeun sareng diyakinkeun ka murangkalih rehna nu eta kenging nu ieu entong, sing jentre pisan, kanggo ngabantos murangkalih kana hal-hala mana nu kenging sareng mana nu henteu. Kaopat, lamun eta murangkalih ngalakukeun kasalahan, omat kedah diwartosan anu leres, ulah teras disetrap atawa dihukum. Kalimana, omat ulah pisan sindir sampir nyindiran manehna, sok komo upami ngahina atawa mapandekeun jeung murangkalih sejen nu langkung punjul dipayuneun nu sanes mah, omat kedah dipahing pisan. Kagenep, omat kedah ngagunakeun bahasa anu sae pisan, margi anu ngagaduhan ADD atawa ADHD mah gampil pisan tuturut munding kanu kirang sae," pihatur psiater waktu dina hiji mangsa kuring dibaturan ku Isni konsultasi.
Meunang mikir, sawala jeung Kang Darja, jeung kolot-kolot, jeung sobat saperti Isni, antukna Danda diasupkeun ka sakola khusus lain sakola umum, nyaan waragadna leuwih mahal batan sakola umum, tapi panan Danda meunang perhatian anu hade tur meunang terapi anu rutin, meunang pangropea jeung ubar anu kacida, da kasakit ADD jeung ADHD teh panan bisa diubaran jeung ditarekahan. Murid-murid nu sakola khusus teh henteu loba, jadi estu kageroh pisan. Teu pirang-pirang barudak lulusan eta sakola khusus ti esde nepikeun ka es em a tapi bisa asup tur lulus perguruan tinggi. Loba nu cageur, loba nu leungit gejala ADD atawa ADHD-na. Da barudak nu ngalaman ADD atawa ADHD teh aykiyuna mah normal, henteu idiot, jadi teu mustahil lamun bisa jadi sarjana malah bisa jadi doktor atawa profesor jagana. Basa Danda di kelas dua welas, kuring jeung Bapana kungsi nanya.
"Danda teh hoyong kuliah di mana? Hoyong jurusan naon?" Ceuk Bapana nanya ka Danda.
"Enya Enda, naha Enda hoyong janten apoteker atawa hoyong janten doktor siga Bapa?" Kuring ngilu nanya bari neuteup anteb. Nanda ngabetem teu buru-buru ngajawab, nitenan angka-angka rapotna mah kaasup hade, kitu deui ceuk guruna Danda teh henteu bodo, bisa, komo lamun perhatianana terus museur mah.
"Duka atuh Mah, Pa, lebet kamana nya Danda teh, bingung!" Walon Danda alon bari luk tungkul. Obrolan teu kungsi kateruskeun, sok mandeg lamun Danda geus nunjukkeun nada-nada hoream ngajawab. Tapi dina hiji waktu basa usum daftar asup ka perguruan tinggi Danda nyarita: "Mah, Danda mah hoyong siga Mamah janten apoteker, hoyong lebet ka jurusan Farmasi". Plong hate asa bungangang atoh liwat saking, ningan Danda teh boga kahayang boga cita-cita, sok komo kahayangna sarua jeung widang kuring, estu moal hese ngarahkeun jeung mantuannana. Ku jalur khusus tea Danda bisa asup ka jurusan Farmasi di perguruan tinggi tempat kuring mere kuliah. Endah nyaan hirup teh, unggal isuk Danda bareng indit ka kampus. Tapi naha atuh eta kaendahan teh ngan ukur satengah semester, Danda mogok mugen, mangkir tina kuliah.
Hayang nanya nu bener naon kahayang Danda, geus nyaho manehna pasti geus aya di warnet di jalan Sulanjana, sanajan tadi isuk bareng indit tur diturunkeun di hareupeun BNI. Danda kaluar ti warnet, manehna ngarenjag basa kuring geus aya dipalataran parkir warnet. Geuwat kuring nungtun Danda, kuring anger imut jeung nyarita nu leuleuy. Danda asup kana mobil, Danda diuk digigireun, maksud kuring Danda rek diajak nyarita, rek dibawa ka Dago atas. Katempo tina kaca, Danda rambisak, antukna ingsreuk-ingsreukan ceurik. Di kafe "Alak Paul" di Dago atas Danda cacarita bari anger ingsreuk-ingsreukan.
"Hapunten Mah, Danda teu tiasa nyugemakeun Mamah jeung Bapa, Danda teu kiat kuliah di Farmasi teh. Manawi teh lebet ka Farmasi teh bade teras diajar ngadamelan obat, ningan ieu mah seueur itu ieuna, kedah kuliah sejen anu tugasna seueur pisan, unggal dosen unggal tugas, Danda teu kiat Mamah lieur."
"Jadi kumaha atuh kahoyong Danda teh kasep?"
"Danda mah Mah, hoyong diajar langsung, hoyong diajar anu langsung praktek anu teu aya palajaran-palajaran sanesna. Danda mah hoyong janten ahli internet, Danda mah engkena hoyong muka internet, hoyong janten ahli nu ngadamel video games. Danda mah alim kuliah, hoyong kursus bae nu langsung, pusing Mah kuliah mah seueur itu ieuna."
Meg, hate asa ditembrag ku treuk nu ngamuat ton-tonan waja mun geus kungsi mah. Ningan Danda teh mogok, lieur narah kuliah, narah ngerjakeun tugas-tugas paguron. Kahayangna hayang nu praktis, nu teu merlukeun diajar mata kuliah tambahan. Emh..Gusti, kumaha temen mun batur nanya ka kuring, dimana kuliahna Cep Danda teh Bu Diani? .... kumaha jawabanana? Maenya kudu dijawab henteu kuliah mung kursus wungkul...rek dikamanakeun ieu beungeut? Bapana dosen kawentar di perguruan tinggi anu kawentar, oge kuring sorangan apoteker ngarangkep dosen oge tur sakeudeung deui baris boga gelar doktor oge, rek mumaha pijawabeun? Maenya Danda teu boga gelar akademik, maenya indung-bapana sarakola luhur ari anakna ukur kursus?
"Kumaha upami lebet ka Sekolah Tinggi Teknologoi Komputer bae atuh Enda?" Sugan bae atuh ari lulusan sekolah tinggi mah baris meunang gelar akademik jagana. "Atuh sami mawon Mah, di sakola eta mah Danda pasti kedah diajar nu sanesna, Danda mah alim hoyong khusus komputer widang internet." Ceuk Danda gideug. Dipikir dibulak-balik, dibeuweung diutahkeun, sanajan Kang Darja mah anger masih keneh teu pati panuju Danda ngan ukur kursus teh, tapi kuring nyaluyuan kahayang Danda. Loba, loba pisan jalma-jalma nu sukses tapi lain tina pendidikan formal, contona Bill Gates, panan dumuk drop out ti perguruan tinggi, teu kungsi tamat, tapi ningan sukses pisan dina widang komputer. Dalah nu nimukeun situs sosial facebook oge, enya Mark Zuckerberg, panan can kungsi lulus ti perguruan tinggina, malah cenah ceuk bejana manehna nimukeun ieu facebook teh basa manehna keur es em a keneh, basa manehna anteng ngoprek komputer jeung internet. Danda Lugina, anak kuring nu keur leutikna ngalaman ADD, ayeuna katingalina leuwih gumbira, leuwih bagja, segut kursus komputer jeung internet, geus pinter nyieun blog, nyieun tulisan na internet, geus pinter ngadisain webna, jeung babaturanana nambahan loba. Mudah-mudahan sanes kanten nu dipigawe ku Danda bisa nganteurkeun manehna kana kamandirian jagana. Kuring teu paduli naha jagana Danda boga gelar atawa moal, geus lain waktuna deui, ngagung-ngagung gelar akademik wanci kiwari mah, nu penting mah kumaha sangkan budak bisa mandiri. Lalangse Jatinangor ray-rayan peuray, kebon karet nu oyodan geus sirna deui, geus plung-plong deui ngajadi kampus anu asri. *** (Tungtung Seoul, 8 April 2008. Keur sobat kuring AD, dosen Unpad).
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heulaSofyan M ngomentaran:
wah..asa nyoreang alam katukang jaman sakola di Jatinangor.Nambihan pangaweruh yeuh(ADD&ADHD).Tapi asa langkung merenah "perguruan tinggi" ku "paguron luhur".hatur nuhun.....