Babaung Ajag (9)
Ku Dede Syafrudin
"Ceu Dedeh teh tos lami rarangdaan?" Dudus nanya deui.
"Teu acan lami saurna mah. Tapi wallohualam leres atanapi henteuna mah da ngalih kadieuna ge tos rarangdaan," tembal Erwe Yoyo.
"Janten Ceu Dedeh teh sanes pituin urang dieu?" Dudus nanya deui, poho yen tadi manehna nyarita ukur sakali deui nanya.
"Kawitna ge urang dieu, ngan nuju alit dicandak pindah ku bapana. Ayeuna sumping deui ka dieu, keuna ku paribasa kebo mulih pakandangan. Mulang ka lembur geus dewasa, bari jeung geus rarandaan. Sarerea getaya nu apaleun kumaha lalakon rumah tanggana. Ngan ceuk pangakuanana mah, cenah salakina teh maot alatan kasakit paru-paru," Erwe Yoyo norolang nembalan.
"Ari ibu sareng ramana teu marulih deui ka dieu?"
"Saurna mah maraot di pangumbaraan," tembal Erwe Yoyo.
"Matak ngenes puguh nasib kulawarga Kang Asep mah, kalah ngadon maraot di pangumbaraa. Rajeun anakna mulang ka lembur, umur teu lila deuih," Hansip Oman mairan.
"Oh, ramana Ceu Dedeh teh namina Pa Asep?" ceuk Dudus.
"Muhun," Erwe Yoyo jeung Hansip Oman meh bareng nembalan.
"Oh...," Dudus unggut-unggutan.
"Aya keneh nu ditaroskeun?" ceuk Erwe Yoyo.
"Teu aya. Cekap. Hatur nuhun kana kateranganana. Marangga ka sadayana," Dudus pamitan, bari laju indit ninggalkeun Kampung Lebakhaur.
"Mangga," tembal Erwe Yoyo jeung Hansip Oman.
Isukna, dina media massa, ngajeblag berita: Janda yang tengah hamil muda tewas minum racun serangga.
Kampung Lebakhaur anu nyingkur teh antukna rame jadi bahan obrolan jalma rea.
***
Saberesna diotopsi, layon Ceu Dedeh laju dikurebkeun sakumaha mistina, di astana sisi leuweung di wewengkon Kampung Lebakhaur. Mang Iding jeung Kang Asruh mulang deui ka imahna, henteu tuluy ditahan lantaran ceuk hasil pamariksaan polisi tilar dunyana Ceu Dedeh teh murni bunuh diri, lain alatan rajapati!
Sabada beres tujuh peuting tahlilan di imah Ceu Dedeh, kaayaan di Kampung Lebakhaur anu simpe teh beuki simpe bae. Ti nincak wanci sareupna keneh jalma-jalma langka nu daek kaluar ti imahna. Malah di sababaraha imah sok kapireng sora anu ngagalindengkeun Ayat Kursi.
Peuting, di pos ronda, ukur aya Erwe Yoyo, Hansip Oman, Enduy, jeung Bah Juar. Opatanana ngaliud di pos ronda. Diukna teu daek pajarauh.
"Jadi rariweuh kieu ti saprak Nyi Dedeh maot teh, euweuh nu daek ngaronda salian ti urang opatan," ceuk Erwe Yoyo, bari ngabebener sarung anu ngabulen awakna.
"Enya. Uing ge mun teu inget kana tugas mah hoream teuing kudu kaluar ti imah," tembal Hansip Oman.
"Piraku hansip borangan," ceuk Enduy.
"Hansip oge jelema, Jang. Boga we kasieun mah...," Hansip Oman nembalan deui.
"Ari Abah mah keueung keneh di imah, da euweuh sasaha. Si Ema keur nganjang ka dulurna di tonggoh. Ari di dieu mah pan rea batur," Bah Juar nyaritana bari merelek heuay.
"Bener kitu Ceu Dedeh teh sok ngaririwaan?" ceuk Enduy, bari nyarande kana tihang pos.
"Teuing atuh, Abah oge can kungsi kawenehan," tembal Bah Juar.
"Na hayang kitu Abah kawenehna panggih jeung ririwa Nyi Dedeh?" Hansip Oman nyarita, ditungtungan ku ngaheheh seuri.
"Si! Nyarita teh sok nu lain-lain, tong sompral siah!" Bah Juar muncereng ka Hansip Oman. Tuluy awakna ngabirigidig, siga nu enya manggih kasieun.
"Bisi we Abah sono, pedah baheula kungsi ngaheroan jenatna Nyi Dedeh," Hansip Oman nyaritana angger bari ditungtungan ku ngahe heh.
"Si! Nurustunjung!" Bah Juar muncereng deui.
Ningal Bah Juar muncereng bari bibirigidigan, Hansip Oman, Erwe Yoyo, jeung Enduy tingcakakak seuri....
"Bejana anak Erte Jajang anu bungsu kungsi jejeritan bari lumpat notog-notogkeun maneh saanggeus ngaliwat ka hareupeun imah Ceu Dedeh?" ceuk Enduy, sabada reureuh tina seurina.
"Heueuh. Ari nepi ka imahna ari gelepek teh kapaehan," tembal Bah Juar.
"Tapi teu katutuluyan?" Enduy nanya deui.
"Henteu. Da tuluy diceuceuhan jeung dibere cai ku Ustad Didin," ceuk Bah Juar.
"Kabeneranana teh Ustad Didin keur aya di imah Erte Jajang nya...," Enduy nyaritana semu ngagerentes.
"Lain kabeneran keur aya di Erte Jajang, tapi ngahaja disusulan ka imahna," Bah Juar nempas omongan Enduy.
"Sanggeus sadar tuluy pada naranya. Pajar teh cenah manehna ningali aya nu gegeleberan luhureun suhunan imah Nyi Dedeh. Atuh antukna mah budak teh kalah tuluy digerendeng ku bapana. Da tadina ge ari ulin teh dicarek sore teuing. Ari ieu sareupna kakara balik, bari jeung ngaliwat ka hareupeun imah Nyi Dedeh deuih," pokna deui.
"Abong budak," ceuk Erwe Yoyo.
"Nyaeta, puguh kuring ge ari reup peuting teh sok asa karareueung. Asa wegah rek nguriling ngaronda ge, komo mun di imah kapireng sada nu ngagalindengkeun Aya Kursi mah," Hansip Oman ngomongna bari semu ngarahuh.
"Deuk nguriling ayeuna, Pa Erwe?" ceuk Enduy.
"Geus we mending ngariung di dieu, bari gapleh," Hansip Oman miheulaan nembalan.
"Har, piraku ngaronda cicing bae di pos? Kumaha keh mun aya hal-hal yang tidak diinginkan, aya nu kabangsatan misalna?" Enduy nyarita deui.
"Abah mah sapamadegan jeung Jang Oman. Barina ge moal aya nu kabangsatan da ayeuna mah unggal imah ge langka nu tibra sapeuting jeput. Jeungna deuih ti baheula keneh ge apanan lembur urang mah aman, arang langka aya nu curaling pulang-paling salian ti ajag mah. Ketang ari Jang Enduy rek ngider mah, jig we duaan jeung Erwe!"
"Na da kuring ge moal ngider ari ukur duaan jeung Jang Enduy mah," Erwe Yoyo geuwat nembalan.
"Hih, ku teu paruguh nu ngaroda teh!" Enduy kukulutus.
"Ayeuna mah tibatan katiris-tiris ngider mending urang ngabanting kartu. Sok atuh kaluarkeun kartuna, Man!" ceuk Erwe Yoyo.
"Siap!"
Laju hasip Oman ngaluarkeun kartu gapleh dina jero saku calanana, song diasongkeun ka Erwe Yoyo.
"Teu nyangka Nyi Dedeh, nepi ka luluasan kitu," ceuk Erwe Yoyo, bari ngocok kartu. Geus beres dikocok, tuluy dibagikeun ka opatan.
"Enya. Paingan harita, ti sore keneh sit uncuing ngelak bae," Hansip Oman mairan.
"Anu teungteuingeun mah silaing, Oman!" ceuk Bah Juar.
"Har, na teungteuingeun ku naon ari uing?" Hansip Oman kerung.
"Eta waktu peuting harita noong Nyi Dedeh, bet teu bisa ngabedakeun nu sare jeung nu maot!"
"Atuda keur mah lampuna ukur lima watt, kari-kari posisina keur nangkuban."
"Keur nangkuban ge piraku teu katembong ngarenghap henteuna," ceuk Bah Juar.
"Nyaeta teu disidik-sidik, kaburu ieu bulu punduk tingpuriding," Hansip Oman nyaritana bari dituturkeun ku ngabantingkeun kartuna kana jajaran kartu nu ngentep di tengah-tengah riungan.
"Si Bedul, kartu aing paeh! Lanjut!" Erwe Yoyo kukulutus. Tuluy nitenan kartu nu aya dina leungeunna jeung nu aya di tengah riungan.
(hanca)