BSM
Ku: Agus B. Irawan
Dina taun 2000-an, kabeneran kuring diajak gawe ku babaturan salembur anu geus heubeul digawe di kota Bandung. Pikeun kuring mah atoh we nu aya diajak digawe di kota teh, da sidik kahayang ti baheula, ngarah nyaho pangalaman cekeng teh, ulah nepikeun ka disebut "kuper" teuing!
Ari tempat gawena lain di kotana pisan, tapi dipasisianana, nyaeta di wewengkon Margacinta. Pagaweanana oge pagawean nu kasebut "kasar", anu dibayaranana diitung harian. Gajihna saminggu sakali nyaeta unggal poe saptu pasosore.
Jumlah anu digawena kaasup kuring teh aya 40 urang, lalaki kabehanana. Lolobana urang Bandung cenah, teuing asli henteuna mah, sawareh deui ti luar daerah atawa kasebutna "perantau" meureun, nya kaasup kuring sorangan.
Puguhan kuring teh sok heran ka babaturan sapagawean anu papakeanana teu weleh ginding jeung "necis" wae. Teu sirikna ampir sabulan sakali, papakeanana teh sok ganti ku nu anyar. Boh calana boh bajuna, atawa oge sapatuna. Kuring jadi panasaran hayang nanyakeun ka manehna, sok ti mana ti manana ari barang beuli papakeanana. Basa kuring pareng nanyakeun teh, jawaban manehna kieu: "Meulina sok ti BSM! Hargana oge marurah, ukur 10 atawa 12 rebu sapotong teh! Paling mahal teh harga 20 ne pi ka 25!" kitu ceuk manehna teh.
Pikeun kuring tangtu wae teu percaya, sakanyaho kuring BSM teh nyaeta "Bandung Super Mall" tea. Ceuk pikir, tangtu jawabanana teh ukur lulucon! Da kuring oge nyaho atuh, di BSM mah harga pakean teh ngaratus rebu! Dina paling murahna oge 50 atawa 60 rebu perak sapotong teh.
"Ah, teu ngadel urang mah, moal enya di BSM make aya pakean anu harega ukur welasan rebu?" ceuk kuring harita.
"Ari ente bet tara percaya, na iraha kitu kuring sok ngabohong kakapeungan, bisi teu percaya mah, hayu ku uing dianteur ka ditu, urang babarengan meuli geura." tembal manehna mani serieus pisan.
"Nya ari kitu onaman mah, heg wae lah, engke, ari tas bayaran anteur urang ka BSM nya!" ceuk kuring da banget panasaran.
"Siap... ke poe minggu, ku uing disampeur, nya?" ceuk manehna bari tuluy ngaleos.
Poe saptu pasosore, saperti biasa sarengsena digawe teh kuring sabatur-batur bayaran. Ngan harita mah rada leuwih meunang teh, sabab katambahan ku lemburan.
Isukna dina poe minggu, kuring ngahaja teu digawe ongkoh deui dunungan sok mere kabebasan, rek digawe pek teu digawe oge teu nanaon cenah.
Sakumaha anu geus dijangjikeun jam salapan isuk-isuk babaturan teh geus nyampeur, rek ka BSM tea. Sanggeus tarapti, kuring duaan indit muru ka jalan raya.
Di Jalan Terusan Kiaracondong, ti mimiti hareupeun gudang PT. MIWON keneh, nu dagang pasar dadakan tea geus ngajajar, pasesedek jeung jelema nu rek barang beuli.
Sajajalan hareurin ku jelema nu lalar-liwat, eukeur mah eukeur jalana sempit, katurug-turug deui nu daragang nyaredek ka jalan, katambah-tambah deui loba kendaraan balawiri, puguh we mani heurin pisan! kuring jeung babaturan leumpang ka kalerkeun, seseledek di nu hareurin.
"Naha moal kana angkot ieu teh?" kuring nanya kababaturan.
"Lah, urang leumpang we, itung-itung olah raga!" tembal babaturan bari seuri.
Rada heran ngadenge jawaban manehna kitu teh, ceuk pikir asa pamohalan ka BSM leumpang, pan sidik sakitu jauhna ti dinya teh. Ari BSM mah aya di jalan Gatot Subroto atawa Binong. Ari kuring ayeuna aya didieu, naek angkot oge kudu dua kali, mimiti angkot 09 nepi ka parapatan Binong, ti dinya naek deui angkot 01 nu ngaliwat BSM. Tapi najan heran, teu loba tatanya. Jongjon we nuturkeun manehna.
Teu lila kuring geus anjog ka palebah Kantor Dispenda. Di dinya jelema beuki loba wae jeung beuki heurin usik. Boh ku nu balanja boh ku nu sakadar ngadon arulin hungkul.
Di palebah jalan By-Pass mah, lolobana teh nu daragang pakean. Barang daganganana, diamparkeunana teh aya nu dina trotoar, aya oge nu dina sisi jalan, sawareh deui aya nu digantung-gantungkeun.
"Tah Gus, di dieu bisi rek meuli pakean mah!" pokna bari nuduhkeun kana pakean nu ngagarantung.
"Har, ongkoh rek ka BSM, tapi geuning kalah ngajakan meuli pakean di dieu?"
Kuring panasaran.
"Enya, apan ieu BSM teh." tembal manehna bari seuri.
"Ulah nganggap ka nu belegug atuh, ceuk saha ieu BSM, puguh ieu mah hareupeun kantor bersama!" kuring rada keuheul.
"Cing sok, Bersama... lamun ku urang disingkat jadi naon, be-es-em lin?" ceuk manehna bari seuri ngabarakatak bangun ngeunah naker.
Sanggeus kaharti mah kuring oge jadi milu seuri ngabarakatak. Dasar si atah adol! Kuring bener-bener kabobodo, abong-abong nu kurang gaul cekeng teh. Atuda eta nyaritana mani kawas anu bener-bener serieus, teu katingali riuk-riuk heureuy!
***