Sat, 19-05-2012
Tamu

Sistim Pungutan Sora Panglobana Mecut Caleg Leuwih Sumanget Sosialisasi

Pintonkeun di FB

Ku: Hj. Itje Siti Dewi Kuraesin, S.Sos, M.M.

Itje SitiBisa jadi urang Bandung hususna,  seueur keneh anu aremut,  awal taun tujuhpuluhan, peresisna 1972 aya sarupaning Kontes Raratuan, di antarana milih Ratu Trevira  anu digelar dumasar kana gawe rereongan Kodam VI (ayeuna mah III) Siliwangi jeung Patal Banjaran. Nu kapilih jadi Ratu-na teh mojang geulis terah menak Sumedang, jenenganana Itje  Siti Dewi Kuraesin, ayeuna mah Ny. DR.Ir.Lili Asdjudiredja, SE, Ph.D.
Malah  Sang Ratu teh tos jadi Nini ti opat putrana, Hj. Cucu Sugyati, SE.,MM., Hj. Popon Asdjudiredja, SE., Yeti Sugyati, S.Sos., sareng Aep Mulyana Asdjudiredja, SE.. Tapi masih tetep sumanget kontes-kontesan, ngan bedana ayeuna mah jadi Kontestan Pemilu. Diawalan ti taun 2004 saurna.
***

Lamun Kontes Ratu marebutkeun  korsi jeung makuta Ratu  Trevira Jawa Barat, ayeuna mah Kontes  Pemilu, jadi Caleg marebutkeun korsi panas  di Legislatip, hususna tingkat Jawa Barat.  Itje Siti Dewi  Kuraesin anu ayeuna tos jadi Ibu Lili Asdjudiredja teh  Calon Legislatip ti Partey Golkar. Ngaraos kacida dijurung sumangetna jeung dijurung laku ku Ketua Umum Golkar Jabar Kang Haji Uu Rukmana. Sadidintenna Ibu Itje  jadi Bendahara DPD Partey Golkar Jawa Barat. Kitu deui carogena kacida jumurungna bari percanten kana kamampuh garwa anu binangkit seueur katiasa.

Ditepangan di bumina, Jalan Parakan Indah 1 Bandung, Bu Itje nembe ngaso tina kasibukan-kasibukan  pra kampanyeu. Di buruan payun bumina numpuk tihang-tihang awi keur  tihang Baligo jeung lambang-lambang partey anu kudu ditancebkeun di sakuliah Dapil (Daerah Pemilihan)  tempat  ngagederkeun  sosialisasi jeung kampanyeu.

Sosialisasi  mutlak penting, sabab sabada Mahkamah Konstitusi mutuskeun yen sistim pungutan teh dumasar kana  sora panglobana, lain "nomer urut", para Caleg jadi dipentes kudu leuwih getol sosialisasi, pamarekan ka rayat anu bakal milihna jeung  kudu leuwih jero neuleuman kahayang rayat jeung harepan-harepanna. Silaturahmi ka lembur-lembur oge teu kurang pentingna sangkan apal peresis kana kaayaan palemburan jeung kana kahirupan rayatna. Eta ulah sagebragan ngan ari kampanyeu wungkul,  tapi lajuning lakuna lamun Caleg geus tinekanan meunang korsi di Legislatip oge, kudu diteruskeun. Tepi ka, rayat ngarasa bener-bener boga wawakil di luhur. Umumna para Caleg ngadeukeutan rayat teh dina waktu butuh ku sorana wungkul, geus mareunang korsi mah culjeun, tepi ka loba anu  ilang kapercayaan. Kitu di antarana saur Ibu  Hajjah Itje Siti Dewi Kuraesin ka MANGLE.

Dapil Ibu Itje ayeuna, Subang, Sumedang, Majalengka. Sami jeung Dapil basa taun 2004. Sabada ancrub ka lembur-lembur ngaroris kahirupan rayat bari jeung pamarekan anu leuwih jero, Ibu Itje jadi uniunga peresis kana  kaayaan ekonomina, kiwari rayat teh keur kacida kacekekna ku  arundakna hahargaan, teu acan musibah alam kajadian di mana-mana, pangpangna caah jeung longsor. Saterusna  kaayaan pendidikan  oge matak  prihatin, lantaran tetela loba keneh anu teu marampuh nyakolakeun anak-anakna, teu acan kaayaan wawangunan sakolana anu geus menta diropea.

Eta kabeh jadi priotitas utama Ibu Itje Caleg ti Partey Golkar; nyoko kana masalah ekonomi, atikan jeung kaayaan  lingkungan. Musibah alam, pangpangna caah jeung longsor gegedena dilantarankeun  ku ruksakna lingkungan alam.

Ibu Itje Siti Dewi Kuraesin  ti taun 2004 oge geus jadi kandidat ti Sumedang,   hartina  daerah  binaanana Sumedang, diamanahan ku partey kudu pancen gawe  nu saestuna keur kamajuan Sumedang, lembur luluhurna Ibu Itje  kaleresanana teh.

Memeh ancrub ka dunya pulitik, Ibu Itje estuning ngan ngalaksanakeun pancen Nyonya Lili Asdjudiredja anu sapanjang 16 taun  babakti di Dinas Perinduistrian Kabupaten Bandung. Ku kituna Ibu Itje langsung dipentes jadi Ketua Dharma Wanita Dinas Perindustrian Kabupaten Bandung. Saterusna Ketua PKK Kabupaten Bandung lian ti jadi  pangurus Perwosi  Kabupaten Bandung.  Kulantaran Ir.  Lili  lebet Ikatan Sarjana  Tekstil, atuh Ibu Itje oge jadi  Ketua Ikatan  Istri Sarjana Teksil Indonesia (IKATSI).

Kacida rimbilna ku kalungguhan pangurus organisasi, nyirikeun yen Ibu Lili Asdjudiredja wanoja binangkit seueur katiasa, rancage tur  parigel kana gawe.  Bu Lili oge kantos jadi  pangurus Unit Dharma Wanita  Perindustrian Jawa Barat, ngiring Persatuan Istri Ikatan Sarjana Ekonomi Indonesia, saterusna  Wakil Ketua  Persatuan Istri Ikatan Sarjana Ekonomi Indonesia, anu saterusna dipercaya jadi Ketua  Ikatan Istri  Sarjana Ekonomi Indonesia. Duanana ge di Cabang Bandung. Ka dieunakeun jadi Panasehat   Persatuan Istri Ikatan Sarjana Ekonomi Indonesia.

Ieu Caleg ti Lambang Pohon Beringin teh nu teu weleh halabhab ku elmu pangaweruh. Lulusan SD Persit Cabang Bandung taun 1964. SMP Negeri V Bandung taun 1968, SMA Negeri 1 Bandung taun 1971, Fakultas Sastra UNPAD, taun 1972 (teu rengse), Universitas Islam Nusantara Fakultas Ilmu Komunikasi, lulus taun 1999, sarta Universitas Pendidikan Indonesia, lulus taun 2007.

Dina widang Orgnisasi, Ibu Itje kaasup salasaurang wanoja anu rancage. Saperti, widang non pulitik: Anggota Daja Mahasiswa Sunda (DAMAS) Bandung 22 Januari 1972; Ketua Unit Dharma Wanita Perindustrian Kabupaten Kabupaten Bandung (1974-1986); Pengurus PKK Kabupaten Bandung (1974-1986); Pengurus PERWOSI Kabupaten Bandung (1979-1986); Ketua Istri Ikatan Sarjana Tekstil Indonesia (AKATSI) Bandung; Bendahara Seksi Penerangan Dharma Wanita Propinsi Jawa Barat (1988-1993); Pengurus Unit Dharma Wanita Perindustrian Propinsi Jawa Barat (1988-1993); Wakil Ketua Persatuan Orang Tua Mahasiswa (POMA) UNPAD Bandung (1994-1997); Biro Ekonomi Persatuan Istri Ikatan Sarjana Ekonomi Indonesia (PI ISEI) Cabang Bandung (1994-1997); Wakil Ketua Persatuan Istri Ikatan Sarjana Ekonomi Indonesia (PI ISEI) Cabang Bandung (1997-2000); Ketua Persatuan Istri Ikatan Sarjana Ekonomi Indonesia (PI ISEI) Cabang Bandung (2000-2003); sarta Panasehat Persatuan Istri Ikatan Sarjana Ekonomi Indonesia (PI ISEI) Cabang Bandung (2003-2006).  

Kagiatan Ibu Itje  Siti Dewi Kuraesin dina widang pulitik, ti  taun 1985 tepi ka awal salapanpuluhan kaselir jadi Wakil Ketua Depidar Wanita Swadiri Jabar, saterusna Ketua DPP Depidar Wanita Swadiri Jawa Barat. Sajeroning kitu Ibu Itje oge dipercaya  di rengrengan pangurus DPD Himpunan Wanita Karya (HWK) Jawa Barat. Aktip di DPD HWK Jabar  ti mimiti  rencana gawe taun 2003 tepi ka 2010, nyepeng kalungguhan Biro Ekonomi, Bendahara, Wakil Ketua, Dewan Kebijakan. Saterusna di lingkungan SOKSI oge ngiring aktip,  ti 2003 dugi ka 2010 jadi Bendahara Sentral Organisasi Karyawan Seluruh Indonesdia (SOKSI) Jabar. Dipentes oge jadi Wakil Ketua Kesatuan Perempuan Partai Golkar Jabar. Taun 2004 Caleg DPRD Jabar  No urut 6 Dapil Subang-Sumedang jeung Majalengka. Ti taun 2004 tepi ka ayeuna masih jadi Bendahara  DPD Partey Golkar Jabar ti taun 2006 tepi ka 2009 Bendahara DPD Partey Golkar Jabar. Eta teh bari jeung jadi Panasehat Kolompok Sosial Masyarakat ( KSM) Tunas Bangsa ti taun 2007 tepi ka 2012.  Ayeuna Caleg anggota DPRD Jabar ti Partey Golkar, nomer urut 1, Dapil  masih sami jeung taun 2004, Subang-Sumedang-Majalengka.

Dumasar  kana jasa-jasa sareng prestasina dina enggoning babakti, Ibu  Hajjah Itje Siti Dewi Kuraesin dileler layang pangajen  langkung ti 15 boh tina widang  pulitik boh non pulitik. Diantarana, Latihan Pamong/Kader Belajar Wanita Peningkatan Peranan Wanita (P2W) Departemen Pendidikan dan Kebudayaan Propinsi Jawa Barat (1979); Penataran Pedoman Penghayatan dan Pengalamn {ancasila (P-4) Kanwil Dinas Perindustrian Propinsi DT 1 Jawa Barat (1981); Pekan Pendidikan dan Simposium: Panitia Gabungan Peringatan Hari Dewi Sartika dan Hari Ibu (1983); Bimbingan Berorganisasi: Badan Kontak Organisasi Wanita (BKOW) Propinsi Jawa Barat (1983); Anggota Seksi Usaha Panitia Gabungan Peringatan Hari Dewi Sartika jeung Hari Ibu (1984); Kursus Manajemen Usaha dan Wiraswasta Dharma Wanita Propinsi Jawa Barat (1985); Paket Pendidikan ngeunaan Teknik nepikeun acara jeung pidato Badan Kontak Organisasi Wanita (BKOW) Propinsi Jawa Barat (1988); Simposium Sehari Penataan Rumah dan Lingkungan yang Serasi: Panitia Gabungan Hari Dewi Sartika jeung Hari Ibu (1989); Penataran Unsur Pimpinan Protokol Lingkup Pemerintah Propinsi Daerah Tingkat 1 Jawa Barat (1989); Pelatihan Kepemimpinan Dharma Wanita Propinsi Jawa Barat (1990); Kursus Kehumasan/Penerangan (1990); Kursus Keprotokolan (1990); Pelatihan Pemandu Temu Sadar Hukum dan Motivator Simulasi Bidang Hukum: Dharma Wanita Propinsi Jawa Barat dan Kanwil Departemen Kehakiman Jawa Barat (1991); Kursus Fotografi: Dharma Wanita Propinsi Jawa Barat, Humas Pemda Tingkat 1 Jawa Barat dan Forum Foto Bandung (1991); Pelatihan Tata Boga; Dharma Wanita Propinsi Jawa Barat dan Kursus Kue, Roti&Masakan Ny. Liem (1991); English Training For Communication: Lembaga Administrasi Negara Perwakilan Jawa Barat (1992); Pelatihan Ketenagakerjaan: DPD Himpunan Wanita Karya (HWK) Jawa Barat (1992); Seminar Sehari Pola Perilaku Suami Istri Masa Kini dan Menjelang Abad XXI: Panitia Peringatan Hari Ibu ka 64 Jawa Barat (1992); Peserta Pengembangan Wawasan, Minat dan Rasa Percaya Diri Wanita Indonesia: Rotari Club Bandung Kota Kembang (1994); Peserta Gerakan Kewaspadaan Dini Perdagangan Perempuan dan Anak : Kementrian Negara Pemberdayaan Perempuan Republik Indonesia dan Badan Kerjasama Organisasi Wanita Propinsi Jawa Barat (2005).

Dina widang pulitik, Ibu Hj. Itje ge kaasup wanoja anu aktip. Saperti dina acara Penataran Kader Fungsional di Lingkungan Korpri Propinsi DT I Jawa Barat: DPD Golkar I Jabar (1990); Aktif nyukseskeun Golkar dina Pemilihan Umum: DPD Golkar Dati I Jabar (1992); Paserta Forum Komunikasi dan Ceramah Pendidikan Pendahuluan Bela Negara Kader Wanita Golkar se-Jawa Barat: DPD Golkar DT I Jawa Barat (1994); Temu Kaji Ilmiah Masalah-Masalah Aktual Pembangunan (1995); Paserta Seminar Sehari 'Hari Depan Bangsa Terletak di Tangan Pria dan Wanita'; DPD Golkar DT I Jawa Barat (1995); Pendidikan Politik se-Jawa Barat; Direktorat Sosial Politik Propinsi Jawa Barat (1995); Peserta Latihan Juru Kampanye Partai Golkar Propinsi Jawa Barat (2004); Pelatihan Instruktur Perkaderan Partai Golkar: DPD Partai Golkar Propinsi Jawa Barat (2005); Pelatihan Penyususnan Laporan Keungan Partai Politik: DPD Partai Golkar Propinsi Jawa Barat (2007); Orientasi Fungsionaris Partai Golkar Tingkat Propinsi Jawa Barat: DPD Partai Golkar Jawa Barat (2008); sarta Peserta Pendidikan Pelatihan Pengelolaan dan Pelaporan Keuangan Dana Kampanye: DPD Partai Golkar (2008).  Samemeh rumah tangga,  tina kontes-kontes, tiasa ngarebut gelar Ratu Trevira jeung Dara Baju Bodo III nu digelar ku Ikami Sulawesi Cabang Bandung. Sertipikat   mah di antarana bae, tina  widang kaparigelan wanoja,  kenging sertifikat tina Tata Kecan tikan Rambut Tingkat Dasar Dekdilbud Jabar Progam Pendidikan Luar Sekolah Rumpun Pendidikan Kerumah tanggaan dan hedy's, tina Tata Kecantikan Rambut Tingkat Terampil Depdikbud  Program Pendidikan Luar Sekolah Rumpun Pendidikan  Kerumahtanggaan dan Hedy's Bandung. Tata Kecantikan Kulit Tingkat  Dsasar, Depdikbud Program Pendidikan Luar  Sekolah Rumpun Pendidikan Kerumahtanggaan dan Ariyanti Bandung, saterusna Kursus Kecantikan   Kulit Max Factor.*** (Hrs/nay)

Katgam:
1. Hj. Itje Siti Dewi Kuraesin, S.Sos., MM.
2. Sareng Kulawarga
3. Tina Kontestan Ratu jadi Kontestan Pemilu
4. Teu weleh aktip dina saban kagiatan
5. Dina Kagiatan sosial

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula