Sat, 19-05-2012
Carita Pondok

Sumaer

Pintonkeun di FB

Ku: Asep Idjuddin

Geus jadi "senen kalemekan jumaah kacapangan", bukur catur kembang carita, lalambe sabiwir hiji. Tina beja pabeja-beja, yen manehna jelema jujur, jalma lempeng. Teu bisa disogok, dibibita, atawa disingsieunan. Tekad hirupna mucunghul tina kaalusan bibit, dipelak dina lahan  taqwa, diceboran kayakinan, dipager ku pangaweruh, dipulas ku kaihlasan. Estu masagi.

"Alus, Jalu," ceuk lalaki tengah tuwuh make dastar hejo. "Talutug halu ge, lain  tina Bintinu. Saeutikna Mala atawa Ki Beusi. Ngan kade da si Pondok Tanduk mah macikeuhna teh lantip."
"Ah keun bae, tong kamaragkeg kumagok. Apan  aya saur tangtung, kabeh jalma bakal cilaka. Taya kajaba iwal ti milampah amal make elmu, nerapkeun elmu bari ihlas. Geuning anjeuna ge, cacakan ngagelar Ihya, digadangkeun lebet kana kamulyaan teh, teu pira, pedah ihlas ngantep laleur nginum mangsi. Waktos Anjeuna nuju nyerat."
"Har, sanes Anjeuna mah......."
"Enya pameunteu jalma mah. Pilih tanding, matak jadi salah sahiji tihang pancer ge."
"Sakitu gidig dipirig dzikir, keupat disampayan ayat. Taya napas nu helas, taya getih nu mubadir, taya tulang nu wangkelang, taya daging mangsar-mingsir, jejem pakem dina ugeran, nyekel deleg papagon?"
"Pameunteun jalma eta mah."
"Kantenan ingsun atuh, Nun?"
"Tah geuning, alhamdullilah geus bisa nyaliksik diri ngudar siloka. Ulah poho, rangkecik di tengah leuweung, talaga sokawayana. Pan umur diukur, napas dialas, lengkah diwatesan manngsa."
"Dupi milari mah, keukeuh wajib?"
"Eta mah pancen. Naha baheula kungsi usul hayang ka dunya? Cacakan teu  menta geus dibere, bari disadiakeun heula pipanteseunana, diatur rejekina, digadangkeun  pijodoeunana. Kade sumingki! Taya hiji perkara nu teu ngaliwatan sabab."
"Eta margina si Pondok Tanduk mah sirik?"
"Enya, malah dipulaskeun ka urang; sirik-pidik jail kaniaya, sulit ati belang bayah, belang kakelek-kelekna. Kasar rasa, kasar rampa, kasar ka kulit-kulitna. Matak ulah eleh ku beas."
"Maksad pangersa......"
"Heu, ari beas ti sawah jol jleg jadi sangu, diteundeun dina meja? Beas sakitu tahan ujina. Diteukteuk ku etem, dipoe dipangkek. Ditutu digiling, digesoh diisikan, can anggeus. Tuluy digodog, diakeul. Kenteng ge kitu, taneuh dileyek-diidek, dicitak, dipoe, diduruk. Kakara naek kana luhur imah. Jadi iuh-iuh imah."
"Upami teu tahan?"
"Beas , bubuk campur huut, ukur jadi parab hayam. Kenteng  semplek talawengkar. Paling untung jadi ganjel seeng."
"Kantenan upami jalmi, atuh?"
"Pikiran we! Matak ulah kabobodo tenjo, kasamaran rasa, ulah  kabita gurilap bentang. Nu koneng can tangtu emas, nu herang cang tangtu inten. Kade katipu ku baju, kade kabengbat ku cangkang. Mihape sisir jeung minyak bisi kaancloman leungeun, tangtu leungeun si Pondok Tanduk. Nu nyulusup kana unggal rengat kulit. Hareup-tukang, tukang-luhur-handap, beurang-peuting, sare-nyaring. Angger ngancik dina ati, sumarambah kana bayah, ngotektak sajero otak. Mipir-mipir sisi pikir, ka tengah meunggas kahayang."
"Ke........ke, punten, asa nogencang. Dupi gunana napsu?"
"Bener, kabeh ge aya gunana, asal wawuh di semuna, asal apal di jaksana. Tina napsu nu opat teh aya hiji anu panceg. Nu hiji hirup, nu hiji langlayeuseun. Apan nu tilu mah, memeh digelar ka dunya diuji heula. Tujuh ratus taun dibeuleum, kuat. Tujuh ratus taun  dikeueum, jagjag. Eeh, ari teu diparaban mah, lapetok."
"Upami kitu, atuh kedah nyunah Rosul? Teu diparaban. Nu wajib sa-Ramadan-eun, panambih tilu dinten awal bulan, implik-implikna nyenen-kemis?"
"Geuning kapanggih."
"Maksad wawuh di semuna?"
"Beda rasa cara mawa, lempeng atawa ngenca."
"Dupi apal di jaksana?"
"Nyaho tempatna. Geura teangan, aya dalapan garba."

Luk manehna tungkul, leng ngahuleng ngaraga meneng. Si Daster Hejo ukur imut. Bareng jeung kumambangna sora adan, karasa taktakna ditepak lalaunan ku si Daster Hejo. Barang direret bet euweuh: teuing  nyungseb diteureuy bumi, teuing ngajaul ka alak paul nyusul sampiung nu nglanglaung.

Nyaho si Daster Hejo geus ngiles, sakilat Si Pondok Tanduk mebes kana hate, ngepung jajantung ngulayaban sesela bayah. Nu boga tempat rancingeus taki-taki, gabrug dirontok, der galungan; silih suduk silih babuk, silih piting siih banting. Nu boga awak ngadegdeg, nirisan lir lilinieun, seak getihna asak, ngagolak meh teu katahan. Beledag kawas sora kalantaka muncrat kana tungtung otak. Nu tilu haharewosan, bohong....... Bohong...... eta mah ngarah manehna ulah kasoro..... elmu kitu mah keur aki-aki sengserang padung.

Basa di jero dada keur tarung patutunggalan, aduregeng, goak aya nu nyora. Horeng awewe balik ti cai, labuh titajong kana batu. Manehna ngareret, nu labuh  ge ngareret, teup paadu teuteup, ter aya geter aneh. Basa geter aneh asup, nu hiji ngalehleh, eleh dirampog tiluan.

Ragamang leungeunna ngarongkong, rek nulungan, ngahudangkeun. Tapi aya nu nongtak.

"Montong, lain muhrim!" Bep nu nyerek teh aya nu ngabekem. Ngong sora sejen.
"Tulungan, jalu, amal hade etah! Teu bisaeun leumpang ning, pangku we, anteurkeun ka imahna!"

***

Bus Si Tanduk pondok asup ngabayu ngaragasukma kana awak parawanna nu keur dipangku. Nyi parawan muntang tipepereket kana punduk kana cangkeng, biwir ipis semu amis, ngarenyu campur cipanon antara nahan kanyeri jeung ogoan. Urat si Jalu saawak-awak pinuh ku balad Si Tanduk Pondok. Kabeh nyepretan tina lolongkrang getih. Puguh we awak Si Jalu ngadadak panas tiris. Nu Tilu ngadadak jagjag, nguniang hudang ngaduruk rasa. Basa karasa dada nyi parawan ngaganjel, Si Jalu ngahegak, nu dipangku ditulungan, tuluyna satengah ditangkeup.

Nu hiji ngalungsar taya malire. Teu kuat ku kanyataan, da puguh kawayaan, inyana sujud dina lelemah dada nu keur ngagolak. Selengseng kaambeu seungit kasturi neumbag irung Si Jalu, inyana ungas-ingus. Lengkahna kanteg. Reg eureun. Porosot lalaunan nu keur dipangku diecagkeun, didiukkeun dina batu demprak. Si Jalu bingung, leungeunna sidakep dina dada. Panonna nempo ka jauhna kawas nu jauh panineungan. Teu noplih nyi parawan nu ngaharegung bari mencetan suku. Nu hiji ngagorowok, "Indit........ indit...., tinggalkeun! Keun we da geus deukeut ka imahna."

Si Jalu  ngareghap jero, tilu kali. Bray dina dadana aya hurup nyambung nu nyumiratkeun cahaya emas: Sin, He, Nun, Alip, Lam, Lam, He. Tujuh hurup nguriling  sakujur awak. Kadenge tingjareritna balad  Si Tanduk Pondok, kalabur tina jero urat-urat getih.

Awak Si Jalu ngajaul kawas aya nu metot, ngoleang ngaliwatan pucuk pinus. Cleg niba lemah, di wewengkon tegal eurih. Cikikik kadenge nu seuri. Si Jalu apal kana sora. Brek manehna tapak deku, teu wani tanggah.

"Teu puguh Jalu. Karek ge ngaku diajar nyaliksik diri. Geus leumpeuh yuni ku nu cilaka, bari datangna ge dititah Si Tanduk pondok. Mani teu apal. Komo mun kawas Nabi Yusup as digoda di jero kamar, bari taya sasaha, tur geulis nanding widadari. Ieu mah pira ge kitu, meh poho di temah wadi." Si Dastar heho, ajeg hareipeun.
"Subhanalloh, rumaos, Nun." pokna bari tungkul.
"Tah eta, nu nyalametkeun bieu teh. Na kumaha atuh  pan aya benteng panahan, ieu mah mani kawas benteng peuyeum!"
"Eueueuhhh........"
"Ngarenghap teh kudu eusi atuh! Pan geus nyaho, kabeh oge panipuan. Moal kapanggih nipu henteuna mun renghap kosong."
"Anu dua-dua rupina? Kaluar dua, lebet dua."
"Tuh da geus nyaho. Enya, lolongkrang antara ka luar jeung asup teh nguriling ka sakujur awak. Kabeh kaeusian. Mo aya tempat keur nu sejen."
"Tapi geuning, nu Kagungan Ihya ge?"
"His, anjeunna mah geus asak. Jeung ulah mapandekeun, da beda nguji emas, jeung nguji kaleng. Komo urang mah kaleng butut karahaan."
"Namung rupina upami sajatina manusa mah, moal benten ti nu sanes, Nun?"

Manehna angger dina pamadegan. Si Dastar Hejo ngareret bari imut, kebek kasabaran binarung deudeuh.

"Alus tah logika teh. Dasarna bener kitu. Reup brayna mah sarua. Bedana itu mah brayna saendeng-endeng, reupna sakiceup. Ari urang? Reupna sagelar jagat, brayna sacika-cika. Tapi teu kudu aneh. Da najan Mala alus keur tihang, ari nu ngorana mah sakapeung sok eleh ku Ki Hujan nu kolot. Panjang  keneh lalakon, Jalu. Engke ge kapanggih, karasa jeung kalakonan."

Manehna teu ngajawab, da enya kaharti. Ngan tarangna nu kerung mah, can lempes. Si Dastar Hejo, surti. Leos weh ditinggalkeun, ngincid ngulon, mere kasempetan sina mikir. Tapi karek ge sapanyeupahan, hate Si Dastar Hejo, aya nu noel. Atuh kapaksa ngarandeg. Ngareret sakeudeung, ka nu tepak deku. Biwirna ukur ngunyem. "Can nepi kana waktu , sumaer keneh." Pokna bari ngahanca lengkahna.

***

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula