Sat, 19-05-2012
Carita Pondok

Julius

Pintonkeun di FB

Ku: Didih M Rap

Karek jol pisan ti tempat gawe basa Rosa nelepon teh. Mimitina mah nyangka ukur pedah sono, bubuhan geus kaitung heubeul teu panggih. Tapi sangkaan teh mencog tina kanyataan. Rosa nepikeun beja anu teu wudu matak reuwas.

"Wid, ngabandungan perkembangan kasus mutilasi Si Tyan?" tanya Rosa ti beulah ditu.
"Si Tyan ti Jombang tea? Osok ngalalajoan mah, saliwat-saliwat...," walon kuring teu kebat kaburu kapotong ku patalekan Rosa satuluyna.
"Widi geus apal saha korban Si Tyan nu panungtung?" tanyana.
"Lah, teuing teu ngapalkeun ngaran saurang-saurangna. Ngan jumlahna we nu apal teh, geus limaan cenah," kuring ngajawab sahayuna. Bet kawas euweuh deui obrolkeuneun wae kalah nyaritakeun Si Tyan.
"Enya kamari mah karek kapanggih limaan. Tah, bieu dina berita diwartakeun cenah korbanna teu geus genepan. Eta korban nu kagenep teh kabogoh Wida baheula," ceuk Rosa angger sumanget nyaritakeun Si Tyan.
"Kabogoh kuring? Sok ngaco Rosa mah. Teu hir teu walahir, teu wawuh-wawuh acan jeung Si Tyan-na ge," omong kuring ditungtungan seuri nyikikik.
"Enya jeung Si Tyan mah teu wawuh, tapi jeung korbanna nu kagenep, Wida apan kungsi deukeut, kungsi kagegeloan," ceuk Rosa deui.
"Eh, saha kitu korban Si Tyan ka genep teh?" ahirna kuring jadi panasaran hayang apal kana beja nu rek ditepikeun ku Rosa.
"Jul, Wid. Julius!"
"Julius?"
"Enya, Julius anu kungsi ngalantarankeun Wida kagegeringan nepi ka teu asup sakola aya kana dua mingguna baheula," jawab Rosa daria.
"Lah, sok ka mana karep Rosa mah nyarita teh. Dina enyana ge korban Si Tyan ngaranna Julius, can tangtu Julius batur sakola urang baheula. Da rea atuh ngaran Julius teh," kuring ngagiwarkeun sangkaan Rosa.
"Ih, sidik Julius batur urang, Wid. Tadi eces pisan ditembongkeun fotona!" ceuk Rosa leuwih daria. "Rosa tadi nempo berita dina televisi. Bisi Wida cangcaya keneh, ke sore ge diberitakeun deui geura," pokna deui.

Enya we, basa sorena kuring lalajo berita di salahsahiji tv nasional, beja ngeunaan kasus mutilasi Si Tyan diberitakeun deui. Foto-foto korban anu dipatenina diebrehkeun saurang-saurangna. Barang breh foto anu kagenep, sirah teh asa ngadadak lilinieun, lalanjung, meh teu percaya kana tetenjoan sorangan.

"Jul...," biwir ngageter nyebut ngaran manehna. Panon anu ngadadak asa lamur teh dipaksa dibelel-belelkeun. Lain pedah ngarasa can yakin yen eta teh foto Julius "sobat deukeut" jaman SMA baheula, ngan hayang leuwih sidik we.
"Potongan tubuh Julius yang ditemukan di sekitar Ragunan, Jakarta, kini telah dievakuasi ke RSCM untuk diautopsi...," hawar-hawar pisan sora reporter kadengena, tur padahal kaitung bedas nyetel televisi teh. Laporan saterusna mah komo meh teu katuturkeun, kawantu pikiran geus teu bisa museur deui. Nu katangkep teh ukur beja yen cenah Julius teh koreografer anu geus genep bulan jadi sobat "kencan" Tyan.

Berita dina tivi geus pindah nyaritakeun sual kasus oknum anggota DPR anu kalibet kasus dana pengelolaan hutan lindung di Kepulauan Riau jeung resep maen awewe. Tapi pikiran kuring teu laju nuturkeun eta berita. Pikiran teh terus ngait kana berita anu cikeneh ditepikeun. Najan tujuh welas taun ka tukang kungsi kaancikan ceuceub ka manehna, dumeh asa dilejokeun, barang nyaksian kajadian anu karandapan ku manehna anu sakitu tragisna mah teu wudu ngurunyung rasa watir jeung nalangsa.

Breh, lalakon mangsa SMA ngalangkang dina implengan. Ras kana hiji poe basa bubaran sakola manehna megat lebah gerbang, tuluy nitah naek kana motorna.

"Uih sareng, yu!" pokna.

Teu ngarasa reuwas dipegat ku manehna saperti kitu teh, da ti sababaraha minggu samemehna ge geus katembong galagat pikitueun teh. Upamana wae ku mindengna manggihan teuteup manehna nu keur anteng mencrong kuring mun keur pareng bareng di perpustakaan atawa keur dahar di kantin, atawa ku mindengna ngadenge babaturanana anu sok tingdarehem mun pareng kuring ngaliwat ka hareupeun manehna. Malah kungsi titip salam ka Rosa ge, batur sakelas kuring. Harita kuring surti-lain ge er-mun manehna neundeun perhatian husus ka kuring.

Jeung saenyana, basa harita kuring daek dibonceng ku manehna, anu majar ngajak "uih sareng" teh buktina mah teu langsung balik ka imah ieuh, tapi ngadon ngajak ulin heula ka Palaguna. Nya harita pisan manehna balaka neundeun hate ka kuring. Ninggang di kuring anu sarua neundeun rasa resep ka manehna (jaman harita mah "selera" kuring teh ka lalaki bodas anu sipit, anu dikacamata-anu katingali intelek-tur eta kabeh teh nyampak di manehna), atuh teu kungsi mikir panjang deui langsung weh narima.

Ti harita, kuring mindeng diajak ulin ku manehna. Nya manehna anu mimiti ngawanohkeun lalajo film di Nusantara, dahar di KFC, jeung nongkrong di cafe teh. Bubuhan najan kasebut cicing di Bandung ge Bandung pasisianana kuring mah, beda jeung manehna anu memang geus wanoh pisan jeung kahirupan di puseur kota.

Beuki lila beuki lila, rasa bogoh kuring ka manehna teh beuki ngandelan. Nepikeun ka mun teu panggih sapoe wae karasana teh asa kaleungitan naon boa.

Tah, dina mangsa kuring keur meumeujeuhna giung ku rasa kaasih, geus rek lekasan semester kahiji harita teh, teu beja teu carita manehna ujug-ujug ngereles. Sapoe dua poe teu papanggih mah sangkaan teh dieunteupkeun kana dumeh gering, ngan barang aya kana samingguna teu jonghok wae, lahlahan ditanyakeun ka batur sakelasna anu papada kelas tilu Fisika (kuring mah kelas dua keneh harita teh). Nya harita meunang katerangan anu matak ngajenghok teh, manehna pindah sakolana ka Jakarta cenah.

Teuing memang kuring kakolomkeun awewe wanian, teuing pedah perbawa hate keur poekkeun, sabada meunang katerangan di mana Julius cicing di Jakartana, isukna (poe Saptu mun teu salah mah), belenyeng kuring ka Jakarta, nyusul manehna. Ka sakola ngirim surat ijin. Kolot kuring jeung babaturan di sakola euweuh nu dibere nyaho, iwal ka Rosa balaka teh.

Miang ti Bandung kana kareta nu jam tujuh, jam satengah sapuluh geus nepi di Gambir. Pungak-pinguk, teu apal kudu naek naon mun rek ka Kalibata. Ngan sabada tatanya ka penjaga stasion, teu burung bisa nepi ka nu dituju.

Ngan sanggeus aya di wewengkon Kalibata, sanggeus nampeu alamat nu dituju (imah manehna teh aya komplek perumahan anu sakitu agrengna), bet jadi rumegog hate teh. Karek kapikir, jam sakieu mah meureun manehna teh keur euweuh di imah, keur sakola. Mun datang ka imahna paling aya kolot-kolotna atawa pembantuna. Sedeng jeung kolotna mah da can diwawuhkeun. Mun maksakeun datang, kumaha lamun malah diusir?

Antukna kuring milih balik deui. Keur nyacapkeun kapanasaran mah rek nyobaan we ke mun geus nyalse, ceuk pikir teh.

Basa geus nepi deui di Bandung, basa geus cunduk kana poe Senen anu kuduna indit ka sakola, kuring kalah brek gering. Tarik teuing kanyenyerian tayohna mah. Aya kana dua mingguna ngajemprak teu bisa cengkat ti tempat sare teh. Rombongan babaturan sakelas ge nepi ka dua kali ngalongok teh. Minangka rada mending teh sanggeus dina hiji poe Rosa datang ka imah dibarengan ku Kang Andi, lanceuk kelas kuring, urut batur sakelas Julius.

Nya Kang Andi anu papatahna teurak ka kuring teh (bubuhan manehna meureun apal kana masalah nu keur disanghareupan ku kuring nu sabenerna, jadi papatahna keuna pisan). Aya hiji hal penting anu dicaritakeun ku Kang Andi, anu jadi cukang lantaran kuring bisa mopohokeun Julius. Mimitina mah kuring ge hamham kana ieu beja teh, ngan barang dilenyepan kabiasaan Julis salila babarengan, kuring karek sadar memang kawas teu normal ilaharna lalaki Julius teh.

"Saleresna mah hoyong ti kapungkur ngawartosan Wida teh, mung harita mah teu nyangka  bakal dugi ka kieu balukarna tuda, nya diantepkeun we," omong Kang Andi. "Janten sanggem Akang mah tong ngaraos hanjakal tebih sareng Julius, malah kedah ngaraos untung da eces Julius mah sanes lalaki normal. Harita Julius teh kantos sasauran ka Akang, aneh cenah ayeuna manehna dipasihan resep ka istri. Padahal ceuk urang mah apan aneh teh mun resep ka pameget deui," pokna deui ditungtungan seuri leutik.
"Resep ka Wida teh pedah Widana siga lalaki meureun," celengkeung teh Rosa ngagonjak. Kuring ngadelek. Tapi ana dipikir deui, aya benerna meureun omongan Rosa teh, da kuring mah ceuk sasaha ge tomboy.

Sanggeus kuring bener-bener jagjag, sanggeus asup deui sakola cara sasari, mindeng kuring pada ngageuhgeuykeun ku babaturan. Pajar teh, "Wida korban gay." Kuring sorangan teu rumasa ari jadi korban sacara fisik mah, da salila babarengan can kungsi dikukumaha ari lain dicekel pigeulang leungeun atawa dikaleng cangkeng mah.

Renghap... kuring narik napas jero. Asa karek kamari eta lalakon teh kaalaman ku kuring. Asa karek kamari kuring dibobonceng mamake seragam SMA. Tapi barang dilelekan dilenyepan, horeng geus heubeul pisan, geus jauh pisan ngabelesatna waktu teh. Leuwih jauh batan anggangna kuring jeung babaturan SMA baheula anu ayeuna geus paburencay padangalalakon dina jalan sewang-sewangan. Kuring sorangan apan kaparengkeun kudu ngalalakon di Garut. Satamatna kuliah, miluan testing PNS, tuluy ditugaskeun di kota dodol. Rosa, batur sagulung-sagalang, celengceng teh ka Tangerang. Malah Mia mah ayeuna teh mangkuk di Jepang, jadi dosen di salah sahiji universitas di Kota Tokyo. Teuing babaturan-babaturan nu sejenna, sigana sarua bung-beng ka ditu ka dieu ngudag udagan hirupna sewang-sewangan.

Nepi ka reup peuting, kalangkang Julius asa ngalelewean wae. Jeung mani asa ngadadak deukeut deuih. Paralun, lain sono lantaran kaancikan keneh rasa resep, kabayang wae teh meureun dumeh baheula kungsi deukeut, kungsi rada apal lalakonna, kari-kari ayeuna kabejakeun aya nu mateni ku cara anu sakitu kejemna.

Ceuk tadi dina berita, pagawean Julius teh cenah jadi koreografer. Rada heran oge ngadenge eta beja teh, da asa teu nyambung jeung widang pendidikan anu dipilihna jaman SMA baheula. Tina ngutak-ngatik rumus, bras kana ngaruka-reka gerak. Tapi bisa wae ketang satamatna SMA manehna milih kuliah ka jurusan seni tari, atawa copelna keurseus di sanggar tari. Moal hese keur manehna mah diajar tari teh, da kanyahoan ramo-ramo leungeun jeung bagian-bagian awakna-anu tangtu-sakitu laleuleusna.

Perkara pagawean anu dipilih ku Julius teu tuluy jadi pikiran. Nu matak panasaran mah kumaha lalakonna pangna Julius nepi ka  bisa amprok jeung Tyan. Terus motiv naon anu ngalantarankeun Julius dipateni ku Tyan? Naha ku lantaran Tyan hayang ngawasa harta banda Julius, atawa aya motiv sejen? Timburu upamana. Enya, apan Julius cenah "sobat kencan" Tyan. Sobat kencan teh kabogoh ta meureun ceuk cohagna mah.

"Ah, Jul, ari sugan 'panyakit' anjeun teh moal katutuluyan. Ari sugan teh ukur 'gejala' anu bisa gancang dicageurkeun. Sihoreng geuning manjang, tur sasat nganteurkeun anjeun nepi ka tungtung nasib. Naha jalma-jalma sabudeureun anjeun taya nu ngageuing? Naha carita kaum Nabi Luth teu kungsi nepi ka anjeun, Jul?" gerentes jeroeun dada, nganaha-naha, teuing ka saha.***

Cipageran, 021008

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula