Rusiah Rustiah
Ku: Iding Rohana
Wanci keur meujeuhna haneut moyan. Urang lembur sarerea oge geus birat ka tempat gawena sewang-sewangan. Nu ngantor, nu ka pasar, pon kitu deui komo nu ka sawah jeung nu ka kebon mah da puguh rereana urang lembur teh kasab ka sawah atawa ka kebon. Keur mah eukeur ayeuna usum nyawah. Urang lembur keur meujeuhna tihothat rek talandur. Sigana ukur sababaraha urang bae nu ngadon araya di imah teh. Nu baroga budak lembut. Aki-aki atawa nini-nini nu geus teu kaduga digawe. Aya eta oge saurang-urangeun jalma nu kaitung bisa keneh gawe ngan pareng keur teu waras badan nu aya di imah teh, kawas Mang Sukri, tatangga Nyi Rustiah.
Harita Nyi Rustiah karek reres mandi. Nyalse wae sugan mah. Teu gura-giru kawas sasari. Moal rek ka sawah nuturkeun emana nu biasana ngadon buburuh tandur ka batur, ngala keur pangupa jiwa-sahuap sakopeun! Bari jeung karek make calana jero wungkul Nyi Rustiah nyampeurkeun kaca eunteung. Sedot-sedot nyisiran teleb naker bari sakapeung umat-emut, sura-seuri sorangan. Manehna anteng neuteup sabeuleugeunjeur awakna sorangan.
"Geulis geuning anjeun teh, Erus!?" jol aya nu ngaharewos hol ti beulah kencaeun dadana. Manehna imut. Aya rasa reueus nu ngagulidag. Aya getih haneut nu semu ngageleser nyaliara sakujur awak nyi randa anak dua harita.
"Nyana kitu mah bisa meureun anjeun oge milih pisalakieun teh anu bener, anu tanggung jawab..., anu lain saheureuyeun!" hol deui harewos sejen ti dada beulah katuhuna, kawas nu mepelingan. Manehna ngahuleng sajongjonanan. Hate ngadadak asa pak reg ngarandeg. Hate asa leumpang nyorang jalan pasimpangan.
Ah, naha enya geulis kitu aing teh? Sedot-sedot deui nyisiran. Diwedak. Dilipen. Teu poho lebah kelek diparpuman ngarah seungit. Geura datang, Kang Darja abdi tos ngantosan! Rustiah umat-imut sorangan. Sakedapan anteng ngeunteung kawas nu hayang telek nelengteng diri pribadina. Badan nu sampulur, hate nu... ah, asa teu wasa rek nyebutkeunana. Geus karuh hina aing mah. Randa ngora nu sok ngungkluk ceuk nu nyarebut oge. Tapi da maranehna mah teu nyaho kasusah aing, teu apal pangabutuh hirup aing. Kagencet aing teh. Sarwa salah. Rumasa pondok lengkah. Hatena dak dumadak jadi ratug tutunggulan. Kembang-kembang katresna jeung guludagna harepan nu ilaharna dipimilik ku sakumna jalma-kaasup manehna komo nu kasebutna randa-estu nyangkaruk na jero dadana. Kembang-kembang nu seungit ngadalingding minuhan dada. Duh, boa-boa kembang-kembang nu bau kamalangkeum keur nu lian! Tapi aing teu bisa pajah kumaha. Rumasa diri aing teh kotor!
"Nyi Erus naha anjeun rek kikituan bae salilana?" geus jol deui sora ti lebah dada katuhuna ngarewong manehna nu keur anteng ngalamun.
"Rek kumaha deui. Sasat hirup sagala pungsat. Barudak keur meujeuhna bayuaneun..." tembal dada lebah kenca teu kebat.
"Pan masih kadua migawe nu sejen, lin? Tuh, ka sawah! Ka kebon! Atawa pan kungsi anjeun ka kota najan ukur jadi baby siter oge tangtu meunang buruh nu mucekil!" ceuk si katuhu mani nongtoreng.
"Lah, cape gawe nu kitu mah. Ongkohanan ngadon jadi babu oge sarua sok meunang panganggu lalaki nu cunihin. Dunungan lalaki ucing garong!" tembal si kenca teugeug.
"Teu kabeh dunungan lalaki ucing garong, euy!"
"Lain sakali dua kali, euy kuring rek dipirusa teh ngan untung wae...."
"Untung wae sok meunang persenan ti si ucing garongna, nya!? Dasar geus jadi babaku anjeun mah!"
"Geus, ah gandeng siah. Kumaha aing bae da kasusah mah teu karasa ku batur!" si kenca beuki nyangangang.
Nyi Rustiah ngadon ngusapan dadana nu semu eungap. Gurat kabingung tingjuranteng lebah pipina nu geus lemer diwedakan. Lain teu hayang hirup bener kawas batur. Hirup laki rabi nu lumrah kawas Odah, kawas Tati, Mimi atawa Onah..., ngurus rumah tangga turta ngaping ngajaring ka barudak nu keur meujeuhna beyaaneun. Naha atuh manehna nu geus dua kali pruk rumah tangga ti saprak ditinggal maot ku nu ti heula baruntak jeung baruntak bae. Jana jeung Kasim, dua lalaki nu kungsi ngeusian lolongkrang hate saprak ditilar si jenat antukna pipisahan. Maranehna kawas nu hayang ngejat sabada seubeuh weureu nyedot mamanis madu nyi rangda ngora. Jangji ngahiji sapapait samamanis buktina ukur ulal-elol letah wungkul. Kabuktianana? Lebah enas-enasanana mah kabeh ngarasa kabeuratan pikeun ngabayuan dua budak ti Kang Ikin. Malah sok wani nyiksa sagala ka barudak mun pareng aya hal anu matak tugenah. Budak aing sok kalan-kalan diparake pikeun meupeus keuyang kasundul maut hinis. Hirup asa pangsusahna pangbalangsakna saalam dunya.
Leungit harepan. Hirup asa kapalang lamokot ku dosa. Teu paduli aing dikeukeupan ku unggal lalaki oge asal aya persenan. Keur nyambung hirup barudak nu maju ka gede!
"Nyi Erus..., Nyi Erus!" sora Mang Sukri gegeroan ti lawang dapur mani asa ngagebah.
Aya naon nu lolong teh deuih, nya? Rustiah nguniang cengkat nyampeurkeun Mang Sukri. Bray mukakeun panto dapur. "Aya naon, Mang?"
"Mamang nginjeum sapu nyere, Nyi tuh di buruan Mamang mani kalakay wungkul!" tembalna bari rada tanggah semu nelek-nelek ka Rustiah. Diteuteup kitu Rustiah ngahuleng. Bener kitu Mang Sukri ngadadak teu bisa nempo saprak gering dua bulan ka tukang?
"Oh, ieuh aya Mang. Mangga!" ceuk Rustiah song ngasongkeun sapu nyere.
"Mani tos dangdan kitu, Nyi rek ka pasar?" cenah bari nampanan sapu. Gep sabeulah leungeunna ngadon nyekel leungeun Rustiah pageuh naker.
"Ah, henteu Mang!" tembal Rustiah bari ngepeskeun cekelan Mang Sukri. Cekelana leupas. Mang Sukri ukur ngelemes. Brug Rustiah nutupkeun panto satengah dibeubeutkeun. Mang Sukri sajongjongan ngajanteng tuluy ngaleos. Mimitina mah enya leumpangna semu ngarayap tapi..., lila-lila mah ngagedig samarukna teu ditalingakeun ku Nyi Rangda tina kaca. Nurustunjung! Lolong-lolong teh ngabustam kitu? Naon maksudna? Lah..., karepna teuing.
Waktu beuki beurang. Di imah Rustiah mani asa beuki simpe naker. Teu lila ti harita gerung sora motor asup ka buruan. Jrut saurang lalaki turun. Sakedapan ngadon dungdak-dengdek heula na kaca spion motorna. Mereskeun buukna nu jabrig semu kurang angir. Calana blujin belel kawas dikeprukan, tuluy menerkeun kaos oblongna. Rustiah nu nyerangkeun ti jero seuri. Atoh. Emh, Kang Darja geuning. Hayu, Kang yeuh Rusti tos ngantosan. Manehna gegendengan sorangan.
"Punten..., Nyi Erus...!" sora Darja uluk salam bari keketrok na panto.
"Mangga kalebet, Kang!" kulutrak panto muka teu hararese deui, Darja geus miheulaan diuk mani ngadayagdag. Euweuh kakagok we sugan mah.
Gek Rustiah diuk ngarendeng meh pagegeye. Tring! Darja nowel gado Nyi Rangda semu geugeut. Nyi Rangda merean bari imut. Ucing garong geus mimiti pasang aksi!
"Dikinten teh moal cios ka dieuna, Kang." ceuk Rustiah bari neuteup ka Darja.
"Piraku Akang ngabohong, Nyi. Pan tos jangji. Naha Nyai hanjakal kitu pedah Akang ka dieu?" tembal Darja males neuteup.
"Puguh atuh hanjakal mah, Kang. Hanjakal pisan...."
"Naha make hanjakal, Nyi?"
"Muhun hanjakal teu ti kamari...." Rustiah ngadelekan.
"Ahh, sugan teh." ceuk Darja bari nyawel gado... Tring! Kerewek kana ramo Rustiah. Dikecemel. Rustiah nyanghey na dada Darja.
"Ka marana Ema jeung barudak? Mani tiiseun kieu." pokna semu ngaharewos, ditompokeun pisan.
"Sanes hoyong nyalse? Sareng ah..., kawas nu nembean bae. Api-api, nyah?" Nyi rangda beuki ogo. Darja nyerengeh. Kecok macok pipi. Rustiah beuki nyusup na dada Darja. Keur kitu ujug-ujug Darja ngorejat semu reuwas. Tangkeupana dileupaskeun.
"Aya naon, Kang?" sora Rustiah jero.
Darja nunjuk ka luar. "Aya nu rek ka dieu, saha?" cenah semu ngaharewos. Rustiah cengkat. Ret ka luar, kasampak Mang Sukri keur luha-loho siga rek nyampeurkeun asup ka imah. Bari leumpang semu uyup-ayap manehna noong na kaca tepas tempat Rustiah jeung Darja ngahekok.
"Katempoeun meureun urang, Nyi?" ceuk Darja ngaharewos.
"Lah, Mang Sukri jalma teu nempo. Keun bae paling rek mulangkeun sapu nyere, Kang."
"Baruk manehna teh lolong? Sugan teh." cenah pokna bari gabrug deui Darja ngarangkul pageuh pisan. Mang Sukri nu noong semu peperendeyan.
"Simpen bae, Mang di luar!"
Mang Sukri ngadon ngajengjen noong na kaca. "Muhun, Nyi didieu, nyah." tembalna bari nunda sapu. Leos manehna ngaleos semu ngagedig.
Beuki beurang panon poe beuki molotot. Panas nyongkab matak ngagarajag kesang. Ngan untung angin sawaktu-waktu ngahiliwir matak seger milu ngusapan jeung mepende dua jalma nu keur silih uyup-ayap badis nu lolong. Disabudeureun imah asa beuki simpe bae matak nambah poho ka nu eukeur pada-pada sono. Sakapeung di buruan imah kareret sababaraha manuk galejra tinggeleber ting araclog bari sakapeung silih boro, silih gepek, silih pacok.
***
Mungguhing waktu pikeun maranehna duaan nu keur silih tamplokeun rasa cinta jeung kaasihm, sugan mah waktu teu karasa mani nyerelek. Ujug-ujug geus jedur hawar-hawar aya sora bedug lohor. Rustiah jeung ucing garong tingraringeuh.
"Tos siang, Akang permios bade wangsul." ceuk Darja bari nyerengeh.
"Tong kapok, nyah Kang!"
"Moal. Naha kapok sagala Nyai." cenah pokna. Tring!
"Akang jangji hubungan urang lain ukur saheureuyeun. Akang hayang hirup rumah tangga jeung Nyai." pokna deui.
Lah, omongan nu mindeng diucapkeun ku manehna teuing geus sabaraha puluh kalina. Teu. Teu penting lah. Omongan nu mindeng diucapkeun ku lalaki-lalaki samemeh manehna. Sarua. Sarua euweuh kabuktianana. Tapi..., teuing tepi ka iraha.
Darja ngajak sasalaman bari nyelapkeun duit salawe rebu. Keur bekel jajan barudak cenah. Nyi Randa imut bari cengkat ngajajapkeun tepi na panto.
"Mangga atuh pami bade maksa mah. Sing atos-atos di jalanna, Kang!" bari gugupay Rustiah neuteup Darja na motor nu ngadius. Manehna ngajengjen bari narik napas. Jero. Aya nu karasa leungit na hatena. Naon atuh? Teuing atuh nanahaon ngaranna nu leungit teh, nu sidik awak karasa asa ramohpoy. Karasa aya nu ngalayang lir ngudag halimun di jomantara. Ayeuna nu karasa iwal ti rasa sieun. Teuing ku naon. Si Kenca jeung Si Katuhu wuwuh motah silih tempas jero dada.
Goloyoh diuk meubeutkeun maneh. Leng ngalamun.
"Hoyahh...! Nyi Erus ngalamun, nyah?" ujug-ujug Mang Sukri geus di gigireun. Najan reuwas Rustiah neteg-neteg maneh. Naha ayeuna mata Mang Sukri kawas nu awas. Mata nu teu ngiceup-ngiceup neuteup, rut-ret ka luhur ka handap lir ucing garong neuleu paisan.
"Aya naon deui, Mang?" pokna bari ngorejat sabab Mang Sukri kawas rek ngaragamang. Nurustunjung. Hate asa ujug-ujug curiga. Mang Sukri siga boga niat nu teu hade, siga rek ngalakukeun nu teu uni. Tuh, geura sorot matana atra beuki siga mata ucing garong. Mun bener tea mah Mang Sukri boga niat kitu ka diri aing ihh..., amit-amit teuing. Najan Mang Sukri geus pasti euweuh bedana jeung Darja, tapi piraku jeung tatangga teuing mah atuh komo bari jeung..., geus kolot, sesa tetelo! Hiiyyy...! Rustiah ngabirigidig.
"Rusiah Nyai baris diucah-aceh mun Nyai teu..." ceuk Mang Sukri ngancam.
"Naha da kuring mah teu milampah naon-naon jeung Kang Darja oge!" tembal Rustiah semu hese rek mungkir.
"Tong mungkir Nyai! Emang apal naon rupa nu geus dipilampah ku Nyai duaan tadi sapoe jeput..."
"Jadi Mang Sukri ngintip-ngintip kuring, nya?"
"Bener."
"Jadi Mang Sukri teu lolong?"
"Lolong oge cageur nyaksian nu keur indehoy mah, Nyi."
"Karep Mang Sukri kumaha ayeuna?" Rustiah kawas kagok asong.
"Nya kitu bae eta mah. Ari Nyai embung diiburkeun ka batur salelembur." tembal Mang Sukri geus teu riuk-riuk deui. Rustiah anggur ngahuleng sajongjongan. Ucing garong kolot kumaneh nu disangka lolong kawas sakop-kopeun rek ngarontok. Rek ngerekeb. "Kumaha?" pokna deui semu teu sabar.
Nyaksian kitu hate Rustiah asa beuki ngaleketey. Bingung ku pipetaeun. Tungtungna...
"Nyai..., nyai! Aya diimah Nyai teh?" sora indungna mani ngoncrang di luar.
Mireungeuh kitu Mang Sukri ukur calangap.
***
Saung Pangharepan, Mitembeyan 2009
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heulatintari ngomentaran:
untung aya ema !!! tah kitu pitulung ema teh !!!!!