Sat, 19-05-2012
Munara Cahya

Cocoba ka Jalma Mu'min

Pintonkeun di FB

Ku KH. Mahpuddin Noor *)

Dawuhan Alloh Swt. : Ahasiban nasu ayyutrokuu ayyaquuluu aamanna wahum laa yuftanuun. Hartosna : "Naha manusa teh ngarasa dirina cukup ku sabab geus nyebutkeun 'kuring iman', padahal manehna bakal diuji deui." (QS. Al-Ankabut: 2).

Sakabeh manusa nu ngaku kana kaimanan, ngayakinkeun ku hate, ngucapkeun ku lisan, kalayan milampah ku amal pagawean, geus pasti bakal meunang cobaan ti Alloh SWT. Cobaan nu bakal tumiba ka jalma nu iman teh bentukna beda-beda antara jalma nu hiji jeung nu sejenna. Jungtrungna, cobaan teh bisa ngahiji jeung rupa-rupa kahirupan manusa, ibaratna; harta kakayaan, kamiskinan/kafakiran, kalungguhan atawa kakawasaan, wanita, jeung sajabana.

Harta Banda

Kahayang pikeun mibanda harta nu saloba-lobana ngarupakeun naluri pikeun sakabeh jalma, memang kitu teh teu disalahkeun dina ajaran agama oge, sakumaha kaunggel dina sababaraha ayat Al-quran atawa dina hadits Nabi ngeunaan kakuduan pikeun ngabogaan harta nu saloba-lobana bari make cara-cara nu dibenerkeun tur dihalalkeun numutkeun ajaran Islam. Ku sabab kitu, tarekah pikeun ngojayan kahayang ngabogaan harta banda ngajadikeun hiji taruhan tur silih balapan jeung papada manusa. Anu akibatna, bakal loba jalma nu kajiret dina hiji rebutan ngudag kahayang ku cara-cara anu teu dibenerkeun atawa diharamkeun ku agama, antukna bisa ngageser niley-niley kaimanan.

Harta banda nu dipimilik ku sakabeh manusa, bakal bisa ngarobah rupa-rupa pasualan hirup ti nu mustahil jadi sagala mungkin. Ku harta benda manusa bisa nyulap naon wae nu dipikahayang ku cara 'simsalabim', bakal gampang boga imah mewah, mobil pangalusna, pakean jeung rarangken diri anu marahal, gaya hirupna sarwa modern, lengkah-polahna salilana jadi tontonan batur. Atawa ceuk basa sejen mah manehna bisa ngalakukeun naon wae sakarepna jeung sakahayangna.

Palebah dieu manusa kudu inget yen kaayaan sarupa kitu teh kalolobaanana sok matak mohokeun kana kaagungan Alloh SWT, Nu nyiptakeun, Nu welas Asih, Nu maparin harta jeung kakayaan ka sakabeh mahluk-Na

Satuluyna kadar kaimanan manehna nalika kitu teh keur dicoba ku harta banda nu lubak-libuk. Padahal harta nu dibikeun ku Alloh ka manusa teh mangrupa hiji amanah nu kudu difungsikeun, kudu dinafkahkeun kalayan bener jeung adil numutkeun katangtuan ajaran Islam. Dina harta nu dipimilik ku sakabeh jalma-jalma lemah (dhuafa) jeung nu sejenna nu kudu dikaluarkeun teu bisa difungsikeun atawa teu bisa dilaksanakeun sakumaha kuduna, tinangtu cobaan teh gagal, alias teu lulus dina ujian. Anu saterusna kahirupan manusa bakal hina sarta kadar kaimanana nyirorot ngempesan, malahan teu mustahil imanna jadi leungit lantaran kasombongan ku akibat kalobaan harta.

Lain baheula kumaha solehna Korun, malah ceuk sawareh riwayat waktu malarat mah jadi sobat dalitna Nabi Musa jeung nabi Harun nya inyana ditambah bisa neuleuman kitab Toret, hanjakal banda geus ngalolongkeun manehna. Antukna jadi pindah cai pindah pileumpangan, malah geus embungeun deui ngabalad-ngabalad acan jeung dua Nabi eta, tapi justru leuwih kabengbat pikeun ngayakeun hubungan dalit jeung Fir'aon.

Ahirna apan geus pada apal, balukar kasombonganana, Korun kudu ngalaman katalangsara: dikubur hirup-hirup jeung hartana. Pok kitu Firaon (silib tina kakawasaan anu gede hulu), haman (totonden ti pulitisi anu teu weleh tunggul di rarud catang dirumpak), jeung junud (silib ti bala tentara anu owah gingsir leuwih bumela ka Fir'aon tinimbang ka sakumna rahayat) dikerebekkeun di sagara. Eta oge cenah Fir'aon kungsi sadar tina katakaburana ngaku ka Pangeran Nabi Musa. Amantu bi robbi Musa wa Harun. Hanjakal atuh kasadaran geus telat sabab nyawa geus aya ditungtung ti koro kesedek ku cai laut anu geus minuhan dadana. Bati kaduhung sagede gunung. Ngalajur napsu badan anu katempuhan.

Kamiskinan atawa Kafakiran

Kumaha wae bentukna, atawa di mana wae ayana ngaran kamiskinan nyaeta hiji hal anu kalintang dimusuhanana ku sakabeh manusa. Sabab umumna jalma miskin jeung jalma fakir sok pada ngahina jeung pada moyokan, disapelekeun, diapilainkeun ku jalma-jalma kaya. Pikeun jalma kaya kuduna ngabogaan kayakinan yen kahirupan di alam dunya teh salilana papasangan, atawa patojaiyah, aya nu kaya, aya nu miskin, aya lalaki, aya awewe, aya beurang aya peuting, jeung saterusna. Nu kitu teh numutkeun ajaran Islam disebutna "Sunnatullah".

Ku lantaran kitu, sakabeh jalma nu iman bakal diuji atawa dicoba ku kamiskinan jeung kafakiran. Katingalina cobaan samodel kieu teh bakal karasa leuwih beurat. Memang sajujurna sakabeh manusa ngabogaan hasrat pikeun hirup bruh-breh sagala aya, bro di juru bro di panto, lesot tina rereged kamiskinan jeung kafakiran. Sampurna mah, sakabeh manusa miharep kabagjaan hirup di dunya jeung kasenangan engke di aherat. (hasanah fid dunya, hasanah fil akhirat).

Dina hiji riwayat sohabat Nabi Ali bin Abi Thalib kantos nyanggem kieu: "Saupamana kamiskinan teh ngawujud siga manusa, rek dipaehan ku kaula..." Nyakitu deui Nabi saw, kantos ngadawuh anu unggelna kieu, Kadal fakru ayyakuna kufron, aya kalana kafakiran teh bisa ngajadikeun kufur ka Alloh".

Dumasar tina katerangan tadi, dina nyanghareupan cobaan anu wujudna kamiskinan atawa kafakiran, pikeun jalma anu iman, kudu tetep usaha (ihtiar) kalayan jujur jeung ihlas, sarta tawakal ka Alloh SWT, bari sabar nyanghareupan pasualan jeung kanyataan hirup, kalayan dibarengan ibadah jeung menta kamanten-Na, tah ku cara kitu teh kaasup jalma anu lulus tina ujian jeung cobaan.

Kalungguhan jeung Kakawasaan

Kalungguhan jeung kakawasaan lir ibarat mahnit nu salilana ngagoda jeung ngarongrong naluri manusa, beh dituna kakawasaan bisa ngeundeuk-ngeundeuk kahirupan manusa. Sakabeh manusa bakal pasti mikahayang naon nu disebut "kalungguhan" jeung "kakawasaan" nu luhung, nepi ka ngudag-ngudag pikeun ngahontal kalungguhan jeung kakawasaan dilakukeun beak karep, teu balad teu dulur bisa dikorbankeun, rahayat leutik nu teu tuah teu dosa milu jadi korban, lamun perelu perang oge teu panasaran, pikeun ngahontal kakawasaan.

Thomas Hobbes, ahli dina filsafat jeung pangamat pulitik ulung ti nagara Inggris, ngahartikeun: "Kakawasaan manusa teh lir ibarat ambekan nafas atawa denyutna jajantung manusa. Sapanjang manusa masih hirup, manehna bakal tuluy-tuluy urusan jeung kakawasaan, naha sabage pangawasa atawa sakadar nu dikawasa."

Satuluyna lamun kalungguhan jeung kakawasaan geus dicekel, maka eta kalungguhan jeung kakawasaan teh hayang mertahankeun salilana, embung turun atawa eureun tina kalungguhan jeung kakawasaan. Anu antukna bakal kajadian naon anu disebut "abuse of power", nyalahgunakeun kalungguhan pikeun kalanggengan kakawasaan, atawa pikeun kalanggengan 'status quo'. Falsafah nu dianutna nyaeta: "Kakawasaan aya di leungeun katuhu, jeung kakayaan bakal ngocor di leungeun kenca". Ku sabab eta, teu saeutik jalma nu boga kalungguhan jeung kakawasaan hirupna jadi sombong jeung poho kana diri, naon wae bentukna kalungguhan jeung kakawasaan teu aya sanes iwal ti hiji 'amanah' ti Alloh SWT. Resikona, satiap amanah kudu dipertanggung jawabkeun ka Alloh dina poe kiyamah, mangrupakeun pangadilan nu teu aya pangbelaan deui, iwal ti ku amal soleh.

Dina sajarah, remen disebutkeun yen ayana jalma-jalma nu dolim nalika manehna keur nyekel kalungguhan jeung kakawasaan. Urang masih inget kumaha jalma nu kawasa saperti "Fir'aun", Maha Raja pangawasa Mesir waktu harita, kalungguhanana moal aya nu nyaruaan, komo deui ngaluhuran. Dibarengan ku kasombonganana, nepi ka manehna ngomong: "Ana Robukumul 'anla." Ku sombong-sombongna Fir'aon tepi ngaku-ngaku jadi Pangeran sagala apan. Ngabewarakeun ka sakumna rahayat Mesir pikeun taat ka manehna. Ceuk anggeuhanana euweuh jalma di alam dunya anu bisa ngaluhuran jeung mapakan dirina.

Godaan ti Wanita

Salah sahiji tabi'atna manusa nyaeta ngabogaan rasa cinta jeung kaasih ka papada lian jinisna, lalaki resep ka awewe, atawa sabalikna. Numutkeun kodratna nu ilahar awewe leuwih defensif bisa nahan karesepna ka lalaki, sedengkeun lalaki mah condong leuwih opensif jeung teu bisa ngadalikeun atawa nahan karesepna ka awewe. Ku sabab kitu, ilaharna lalaki gampang kapincut jeung kagoda ku awewe. Dina hal ieu, ngaran cobaan atawa ujian nu paling beurat jeung paling bahaya. Rosulullah saw parantos ngadawuh dina hadits anu ungelna kieu: "Teu aya ujian nu leuwih bahaya pikeun kaum lalaki, iwal ti godaan nu datangna ti kaum wanita." (HR. Bukhari).

Opat rupa hal ieu anu salilana bakal ngajadikeun cobaan pikeun jalma anu ariman. Mudah-mudahan urang sadaya dipasihan kakuatan, kasobaran teu kabongroy ku lubak-libukna harta, sobar dina kaayaan miskin, teu ambisi kana kakawasaan, sarta teu gampang kagoda ku istri-istri nu lian. ***

*) Dosen Universitas Islam Negeri SGD Bandung

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula