Diroris Tilu-Opat Kali Sataun
Para mitra,
Seratan carios pondok kalebet nu diutamikeun di media massa, boh media massa Sunda boh Indonesia. Cobi wae di sadayana media massa Sunda sapertos Galura, Cupu Manik, Sunda Midang sareng Mangle apan seratan carios pondok mayeng dipidangkeun. Kitu deui dina media massa Indonesia, sapertos majalah Femina, Kartini, koran Kompas sareng sajabina. Teu kinten saena upami seratan carios pondok teh sanes wae dipidangkeun namung sakantenan pada ngabahas deuih. Ku jalan kitu apan dipiharep ajen seratan carios pondok tiasa langkung ngaronjat. Kagiatan kitu parantos dibaladah ku koran Kompas, salajengna carios pondok nu pangsaena diterbitkeun mangrupi buku antoloji carpon.
Majalah MANGLE parantos naratas cara kitu. Kapungkur taun genep puluhan, sastrawan Moh. Rustandi Kartakusuma nu harita janten redaktur MANGLE apan sakitu getemna ngabahas carpon malihan sakantenan masihan atikan ka pangarangna. Nya ayeuna oge majalah MANGLE saban sasih milih carpon nu pangsaena sakantenan pangarangna dileler hadiah. Atuh salajengna carpon pinilih bieu teh dikempelkeun mangrupi buku antoloji carpon. Kagiatan bieu teh kenging pangdeudeul ti Bapa Drs. Uu Rukmana.
Para mitra,
Tangtos peryogi diupayakeun, ajen carpon nu dimuat dina media massa Sunda teh ngaronjat. Carana nya ku jalan ngayakeun acara ngabahas carpon kalayan mayeng. Alhamdulillah, sakumna media massa Sunda sapertos Cupu Manik, Galura, Sunda Midang sareng Mangle sapuk ngayakeun kagiatan bieu saban tilu-opat sasih sakali, tempatna di kampus paguron luhur.
Minangka kagiatan munggaran, Jumaah kamari, 17April, parantos lumangsung acara ngabahas carpon Sunda di kampus UPI kalayan pembahasna Teddy Muhtadin, dosen sastra ti Unpad sareng Usep Romli HM, sastrawan (pedaran Usep Romli dipidangkeun dina rubrik Dangiang MANGLE ayeuna). Kagiatan bieu mangrupi gawe bareng antawis media massa Sunda ( Galura, Cupu Manik, Sunda Midang, Mangle) sareng FPBS UPI Bandung.
Kagiatan salajengna bade dipaju dina sasih Agustus sareng Desember. Parantos dirarancang , dina sasih Agustus, Hawe Setiawan, kritikus sastra, redaktur Cupu manik, bade nyawang kamekaran carpon Sunda, salajengna pihak dosen sastra UPI disuhunkeun ngabahas karya carpon sababaraha pangarang Sunda nu tiasa dianggap "tonggak" dina kamekaran carpon Sunda. Hal ieu nuju dipatotoskeun keneh sareng pihak Fakultas Sastra UPI. Atuh dina sasih Desember, tiasa janten bade ngabahas karya tarjamahan dina sastra Sunda dibandingkeun sareng karya tarjamahan dina sastra Indonesia. Rupina Atep Kurnia, nonoman nu giat naliti sastra Sunda, bade disuhunkeun nyukcruk karya tarjamahan dina sastra Sunda ti jaman Bale Pustaka dugi ka kiwari. Ari tilikan kana karya tarjamahan dina sastra Indonesia mah, rupina Prof. Yacob Sumardjo
bade disuhunkeun ngadugikeun pedaranana. Mugi-mugi ku diayakeunana kagiatan mayeng ( 3-4 sasih sakali) ngabahas carpon Sunda sareng karya sastra Sunda umumna, kajanah sastra Sunda tiasa langkung beunghar tur luhur ajenna.
Katgam: Ngabahas Carpon Sunda, Jumaah 17 April kamari di UPI.