Sat, 19-05-2012
Bale Bandung

Informasi, Motivasi, Aksi. (Sumbang Saran keur BAMMUS )

Pintonkeun di FB

Di tengah-tengah rame prungna Pemilu Legislatip kamari sarta mapag Pilpres Juli engke, duka kunaon Badan Musawarah Masarakat Sunda (BAMMUS) bet jempe, teu kecet-kecet. Padahal samemehna mah sakitu sahengna. Nuluykeun BAMMUS Puseur di Jakarta, apan sababaraha bulan ka tukang sakitu sumanget jeung giakna dokdak kuriak ngadegkeun BAMMUS DKI Jakarta jeung Jawa Barat. Malah cenah di Banten oge keur tatahar rek diayakeun. Nu jelas, patali jeung Pilpres Juli engke, kabejakeun sababaraha bulan katukang, sawatara pangurus BAMMUS Jawa Barat ngajagokeun Dr. Yudi Chrisnandi sangkan singkil nyalonkeun diri jadi capres, sanajan can jelas rek make jalur parpol nu mana. Tah, pokal sawatara pangurus BAMMUS Jawa Barat bieu nu kawasna ngalantarankeun pro - kontra di kalangan pangurus BAMMUS sorangan. Soalna, ti samemehna oge apan pangurus BAMMUS Puseur geus netelakeun, BAMMUS mah moal pipilueun kana pulitik praktis, kaasup tangtuna oge moal pipilueun kana ngeprak dukungan pikeun salahsahiji capres jeung cawapres. Nu sidik cenah
BAMMUS mah " berdiri di atas semua golongan". Kajadian bieu jigana nu matak saheulaanan BAMMUS reureuh heula teu ngayakeun polah nanaon.

Tangtu wae, alusna mah pasualan bieu kudu gancang dibeberes supaya jelas duduk perkarana, rek kumaha atuh ketak BAMMUS ayeuna jeung ka hareupna teh. Upamana wae sual pipilueun kana Pilpres, nya tandeskeun wae eta mah urusan parpol jeung ormas sejen, BAMMUS mah moal pipilueun kulantaran "berdiri di atas semua golongan" tea. Urang Sunda nu milu kana Pilpres apan rupa-rupa pilihanana teh. Nu biluk ka hiji parpol tangtu bakal milih calon nu ditetepkeun ku parpol bieu. Ari parpol apan sakitu reana, Nya tangtu calon nu dijagokeun oge bakal leuwih ti hiji. Nya lebah dieu tangtuna oge BAMMUS bakal ngadu dombakeun urang Sunda saupama netepkeun pilihan ka salasaurang capre s wungkul. Contona, saupama BAMMUS netepkeun pilihan ka Dr. Yudi Chrisnadi, tah, kumaha ari urang Sunda nu milih calon sejen saperti SBY, Prabowo jeung Megawati, upamana, naha moal dirojong ku BAMUS? Upama pilih kasih kitu apan balukarna bakal parna. Bakal timbul tuduhan, nu teu milu ngagabung ka BAMMUS nu geus netepkeun pilihan, capres urang Sunda teh Dr. Yudi Chrisnandi, sarua hartina jeung hianat ka urang Sunda!Tah, akibat goreng kitu nu kudu dipahing teh. Kukituna, bijaksana pisan putusan pangurus BAMMUS Puseur nu netelakeun moal pipilueun kana urusan pulitik praktis.

Ngarengsekeun masalah-masalah.

Tibatan pipilueun kana urusan pulitik praktis saperti rame-rame ngarojong salasahiji capres, nu akibatna jelas bakal ngadudombakeun urang Sunda sorangan, nya mending BAMMUS mah konsentrasi kana garapan ngarengsekeun masalah-masalah kahirupan nu keur karandapan ku masarakat Sunda kiwari jeung nu bakal datang. Tim ahli BAMMUS Jawa Barat saperti Dr. Mubyar, Dr. Dede Mariana saparakanca tangtu geus boga hasil analisis ngeunaan masalah-masalah kahirupan urang Sunda. Tah, hasil analisis saperti kitu nu tangtuna oge sakitu legana ngawengku masalah pulitik , ekonomi, lingkungan, budaya jeung sajabana, ti ayeuna keneh geus bisa ditembrakkeun ka masarakat. Tina informasi saperti kitu nu rajin dibarempugkeun jeung pihak masarakat sarta pamarentah ti mimiti tingkat propinsi nepi ka tingkat kabupaten jeung kota apan bisa ngahudang motivasi urang Sunda sakumna pikeun babarengan ngungkulanana. Upamana wae Dr. Mubyar bisa medar ngeunaan kaayaan lingkungan hirup di tatar Sunda ayeuna nu geus sakitu pikahariwangeunana. Leuweung-leuweung, walungan, dano di saban daerah nu geus sakitu ruksakna nu akibatna bakal sakitu parnana keur masarakat kiwari jeung nu bakal datang. Satuluyna tim ahli saparakanca bieu tangtu geus boga sabebed kiat-kiat pikeun ngungkulanana. Masalahna, kumaha carana riungan saperti kitu epektip, hartina bisa nimbulkeun motivasi ka masarakat supaya babarengan ngarobah kaayaan nu keur karandapan ?

Aksi

Hartina BAMMUS nyekel kalungguhan nu pohara strategisna minangka mitra pamarentah pikeun ngarobah nasib urang Sunda ayeuna nu jauh keneh tina kamajuan jeung karaharjaan. Informasi ngeunaan hal-ihwal tatar Sunda dina rupa-rupa widang nu sacara "tekun dan sistimatis" tuluy-tuluyan ditepikeun ka masarakat apan tangtu pamustunganana bakal ngahudang motivasi nu ngagedur pikeun ngarobah kaayaan. Tah, motivasi bieu nu satuluyna kudu geuwat "ditempa" ku pangurus BAMMUS saparakanca supaya jadi aksi positip nu mampuh ngarobah kaayaan.

Kumaha supaya urang Sunda usik ngarobah nasibna dina rupa-rupa widang?Kumaha supaya kamajuan, karaharjaan, minangka modal sosial pikeun kahontalna kamandirian, bisa kapimilik ku urang Sunda? Tah, karep saperti kitu nu kudu dibejerbeaskeun jadi program urang babarengan.

Karno Kartadibrata

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula