Sat, 19-05-2012
Carkrim

Babaung Ajag (8)

Pintonkeun di FB

Ku: Dede Syafrudin

Polisi nu datang ka TKP, tuluy bae mariksa layon Ceu Dedeh. Sakabeh rohangan nu aya di imah Ceu Dedeh oge teu luput tina pamariksaan polisi. Di rohangan sejen, Erwe Yoyo jeung Hansip Oman sibuk merekaterangan ka salasaurang polisi, dibaturan ku Babinsa.

"Janten korban teh tadi, kira-kira jam salapanan, kapendak tos teu nyawaan?" ceuk eta polisi.
"Muhun, Pa. Abdi kengeng laporan ti warga yen tos siang teh bumina Nyi Dedeh ngaronci keneh. Lampu-lampuna ge harurung keneh. Digentraan teu aya bae anu ngawaler, tara-tara ti sasari. Waktos ditoong ka kamarna, tina jandela, katingal nuju nangkuban dina dipan, teu usik-usik," tembal Erwe Yoyo.
"Oh...," eta polisi unggut-unggutan, bari laju nyatet naon anu diomongkeun ku Erwe  Yoyo.
"Ari eta, saha anu mimiti manggihan imah korban dikaronci keneh?" ayeuna mah Babinsa anu nanya teh.
"Upami teu lepat mah Jang Cucu, Pa," Hansip Oman nembalan.
"Saha Jang Cucu teh?" Polisi nanya deui.
"Warga dieu keneh. Manehna nu sok mangalakeun suluh kanggo Nyi Dedeh," Erwe Yoyo hideng mangnembalankeun.
"Janten nu mimiti mendakan kaayaan nu mencurigakan di imah korban teh Jang Cucu tukang ngala suluh?" Si Polisi unggut-unggutan, bari angger leungeunna mah nyatet naon anu diomongkeun ku Erwe Yoyo jeung Hansip Oman.
"Muhun, tiasa disebatkeun kitu.... Namung nuju wengi ge...," Hansip Oman teu kebat ngomongna.
"Na aya kajadian naon tadi peuting?" ceuk Babinsa.

Memeh nembalan, Hansip Oman ngareret heula ka Erwe Yoyo. Sanggeus Erwe Yoyo unggeuk kakara manehna pok ngomong.

"Muhun, nuju wengi ge abdi noong ka kamarna teh katingal Nyi Dedeh nuju nangkuban dina dipan. Ari sugan teh nuju kulem we...," cenah.

Satuluyna mah ngan derekdek we Hansip Oman teh ngadongengkeun kajadian tadi peuting, waktu manehna ngaronda babarengan jeung Erwe Yoyo saparakanca.

"Jadi anu mindeng nganjang ka imah korban teh ngaranna Iding jeung Asruh?" ceuk Babinsa, waktu Hansip Oman rengse ngadadarkeun dongengna.
"Muhun, Pa," tembal Hansip Oman.
"Oh kitu...," Si Polisi unggut-unggutan deui.
"Ayeuna mah kieu, Pa Erwe, ieu layon korban bade dicandak ka rumah sakit pikeun diotopsi. Teras Saudara Iding sareng Saudara Asruh bade dipanggil ka kantor polisi kanggo penyelidikan lebih lanjut," pokna deui.

Erwe Yoyo teu nembalan, ukur unggeuk lalaunan.

Sanggeus polisi ngarasa cukup ngayakeun pamariksaan di TKP, layon Ceu Dedeh teh laju dibawa kana mobil ambulans. Sedengkeun Mang Iding jeung Kang Asruh mah kudu milu kana mobil polisi. Ari Erwe Yoyo jeung Hansip Oman mah tuluy sibuk ngalayanan pananya wartawan anu jul-jol ka eta tempat....

"Janten status korban teh rangda?" Dudus, salasaurang wartawan nu datang ka Kampung Lebakhaur, nanya ka Erwe Yoyo.
"Muhun," tembal Erwe Yoyo.
"Saurna, tadi wengi Pa Erwe sareng ronda nu lianna gaduh maksad bade ngagerebeg bumi Ceu Dedeh?" Dudus nanya deui.

Erwe Yoyo kerung....

"Ari Ayi uninga ti saha?" Erwe Yoyo kalah malik nanya.
"Ti polisi," tembal Dudus.
"Janten leres Pa Erwe saparakanca tadi wengi gaduh maksad ngagarebeg bumi Ceu Dedeh?" Dudus nanya deui.
"Muhun," tembal Erwe Yoyo, pondok.
"Alesanana?"
"Seueur warga anu laporan, ngarasa resah lantaran ka bumi Nyi Dedeh remen lar-sup lalaki dugi ka wengi."
"Tapi tadi wengi mah teu kapendak aya pameget di bumi Ceu Dedeh teh?" Dudus merekpek Erwe Yoyo ku pananya.
"Muhun."
"Ku naon nya?" Dudus ngagaro sirahna ku tungtung pulpen, ngarasa hemeng ku katerangan anu ditepikeun ku Erwe Yoyo.
"Duka atuh," Tembal Erwe Yoyo.

Dudus ngahuleng. Uleng mikiran naon deui anu rek ditanyakeun.

"Janten tadi wengi kaayaan di bumi Ceu Dedeh Teh tiiseun?" Dudus nanya deui sok sanajan manehna bisa neguh naon jawaban ti Erwe Yoyo.
"Muhun," Tembal Erwe Yoyo, pondok.
"Bapa teu ngaraos curiga ku naon pangna di bumi Ceu Dedeh tiiseun?"
"Henteu," Erwe Yoyo angger nembalan ku kecap anu pondok.
"Ari nu ningal Ceu Dedeh nuju nangkuban di kamarna?"
"Oh, eta mah nu ningalna Hansip Oman. Supados langkung jentre mah mangga bae  taroskeun langsung ka anjeunna..... Man! Oman!" Erwe Yoyo ngagentraan Hansip Oman nu keur uplek ngobrol jeung Ma Acih.

Hansip Oman geuwat nyampeurkeun Erwe Yoyo.

"Aya naon?" pokna.
"Ieu Ayi wartawan hayang nyaho ngeunaan Nyi Dedeh anu ti peuting keneh ku nyaneh ditoong keur nangkuban di kamarna," ceuk Erwe Yoyo.
"Oh. Muhun, harita teh ku margi ngaraos panasaran rehna di bumi Nyi Dedeh teh bet ngadadak tiiseun, tara aya lalaki anu nganjang sakumaha ilaharna, antukna abdi noong ka kamarna tina jandela di pipir bumi. Katingal nuju nangkuban. Manawi teh nuju kulem we...." Hansip Oman ujug-ujug nereleng nerangkeun pamanggihna ka Dudus.
"Ari Pa Oman teu gaduh curiga ningal kaayaan Ceu Dedeh harita?"
"Henteu."
"Teu gaduh pisan curiga atawa ngaraos aya nu janggal, atawa aya pertanda nanaon?"
"Oh..., eu..., aya ketang. Harita teh abdi bet ngadadak muringkak bulu punduk," Hansip Oman nyaritana bangun nu asa-asa.
"Muringkak bulu punduk?" Dudus geus kerung deui.
"Muhun. Keur mah samemehna kapireng sora manuk sit uncuing ngelak bae dina suhunan Nyi Dedeh," tembal Hasip Oman.
"Oh...," Dudus angger kerung.
"Uih deuih kana pasualan tadi, Pa Erwe. Saurna Mang Iding sareng Kang Asruh teh remen nganjang ka bumi Ceu Dedeh dugi ka wengi pisan?" Dudus nanya deui ka Erwe Yoyo.
"Saleresna mah pamaget anu sok nganjang ka Nyi Dedeh teh seueur, tapi Mang Iding sareng Jang Asruh nu pangmindengna," tembal Erwe Yoyo.
"Oh...," Dudus unggut-unggutan.
"Tapi wengi tadi mah boh Mang Iding boh Jang Asruh atanapi nu sanesna teu katingal nganjang ka bumi Ceu Dedeh?" pokna deui.
"Nyaeta Bapa oge ngaraos aneh, tara-tara ti sasari...," ceuk Erwe Yoyo.
"Boa-boa nu rek ngaranjang ka imah Ceu Dedeh teh ngarasa wegah lantaran mireng sora sit uncuing nu ngelak bae?" Enduy nu ti tatadi ngabetem antukna milu nyoara.
"Tiasa janten kitu!" Hansip Oman mairan.
"Naon hubunganana antara sora sit uncuing sareng kajadian nu karandapan ku Ceu Dedeh?" geus kerung deui bae Dudus teh.
"Saur kapercayaan urang dieu, upami aya manuk sit uncuing ngelak disada eta teh kila-kila bakal aya nu maot," Hansip Oman ngajentrekeun.

Dudus kalah beuki kerung....

"Tangtos bae nu rek nganjang ka bumi Nyi Dedeh teh bakal ngaraos keueung atawa sakurang-kurangna wegah, lantaran ti sore mula sit uncuing ngelak dina suhunan Nyi Dedeh," ceuk Hansip Oman.
"Oh kitu...," Dudus unggut-unggutan deui.
"Punten, Cep. Seueur keneh kitu nu bade ditaroskeun? Bapa kedah ngatur warga supados henteu pabaliut teu puguh di bumina Nyi Dedeh," ceuk Erwe Yoyo.
"Oh, hiji deui we, Pa," Dudus geuwat nembalan.
"Mangga."

(hanca)

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula