Sat, 19-05-2012
Carita Pondok

Panineungan Saliwatan

Pintonkeun di FB

Ku Ena Rs.

NINA ngeureunkeun lengkahna nu ngadak-ngadak karasa beurat pas hareupeun panto pager. Manehna ngarenghap. Hhh! Jantungna ratug. Asa-asa rek asup teh. Aneh. Padahal tadi mah manehna sumanget pisan. Hayang buru-buru nepi. Ka dieu. Ari geus nepi....

Ragamang kana gerendel panto pager. Lalaunan disurungkeun. Astagfirulloh. Leungeunna bet ngeleper. Geus muka manehna asup, tuluy meuntas buruan. Srog ka hareupeun teras imah. Kaayaan simpe. Kawas nu euweuh jalma.

Nina rarat-reret ka sabudeureun imah. Loba nu geus robah, gerentesna. Bareto mah ieu teh imah panggung. Di gigireunana aya balong. Pancuran di juru beulah wetan. Caina teu weleh kadenge ngolocor. Ninggang awi nu jadi dasar tampian....

Tapi ayeuna... Imah teh geus jadi gedong sigrong. Arsitekturna moderen. Buruan imahna dipelakan ku tangkal buah. Ngaderet. Aya lima tangkalna. Mun bareto pagerna awi, ayeuna mah pager tembok. Dicet koneng saulas.

Nina teu buru-buru uluk salam. Manehna ngantep kasono ka tempat ieu sina ngulincer. Nepungan nu nyesa. Nya di tempat ieu, tujuh belas taun nu kaliwat, manehna sering datang. Nepungan sasaurang nu pernah jadi bagian ampir saparo lalakon hirupna. Cinta munggaranana. Cinta nu cek batur mah aneh. Cinta nu teu pernah kedal ngaliwatan basa. Cinta batin nu ngan bisa dirasakeun. Teu pernah ditembrakeun. Cinta nu taun-taun nu dirusiahkeun.

Hhhh! Nina ngarenghap. Enya dirusiahkeun.

"Assalamu'alaikum..." Nina uluk salam. Kaayaan simpe. Nepika tilu kalina uluk salam. Euweuh nu nembalan. Meh pegat pangharepan. Keur arincah kitu? Mun sakali deui taya euweuh nu nembalan, geus diniatan rek mulang deui....

Nina uluk salam deui. Simpe. Ah, enya meureun keur arincah. Manehna geus rek malikeun awakna. Tapi kadenge sora lengkah di jero, muru panto. Sakali deui Nina uluk salam....

"Waalaikum salam..." tembal ti jero.

Nina apal kana eta sora: Si Ibu! Hatena ratug deui... Bray panto muka. Lol saurang awewe umur lima puluhan...

"Ya, Alloh!" cek Si Ibu. Antara kaget jeung bungah. "Nina?! Nina ieu teh?!" Sorana satengah ngagoak. Perbawa perasaan. Gabrug we bari tuluy ngagalentoran. Malah ceurik sagala.

Teu rek kitu kumaha... Nina teh geus dianggap anakna sorangan. Welas-welas taun teu tepung kitu. Asa leungiteun. Ari ayeuna, ujug-ujug aya di hareupeunana. Taya iber ti samemehna.

Nina ge jadi kabawakeun. Cimatana murubut. Nang sajongjongan mah nu duaan teh paungku-ungku. Namplokkeun kasono. Memang keur Nina mah Si Ibu teh asa jadi gaganti indungna. Ti leuleutik hirup papisah jeung indungna. Manehna di Rancah. Jeung ninina. Ari indungna di Jakarta. Jeung salakina. Bapa tere Nina.

Amprok jeung Si Ibu nu sakitu nyaaheunana. Puguh asa meunang ganti. Enya, sagalana lantaran Lisa, anak Si Ibu.

Si Ibu ngaleupaskeun rangkulanana.

"Ka mana wae atuh Nina teh? Bet ampleng-amplengan teu ngalongok Ibu ka dieu?" cek Si Ibu bari ngusapan cimatana. Tuluy neuteup beungeut Nina. Kawas nu cangcaya yen nu nangtung hareupeun teh bener-bener Nina.
"Aya wae, Bu..." tembal Nina. Nyerengeh. Rumasa manehna joledar. "Mung teu kabujeng we..."
"Sibuk meureun, nya? Didamel di mana kitu ayeuna?" nanya kituna bari ngenyang leungeun Nina. Ngajak diuk di rohangan tamu.
"Ah, henteu, Bu. Pangangguran we. Ibu rumah tangga...."
"Najan nganggur ge, Ibu percaya Nina mah moal kakurangan. Mana atuh Si Aa-na?" Si Ibu ngusapan tonggong Nina.
"Biasa di Jakarta keur damel. Da abdi mah tos opat sasih ge di Rancah deui...."
"Emh, ari Nina mani teungteuingeun pisan. Geus lila di Rancah bet karek ngelol ayeuna. Sugan teh rek miceun ka Ibu..."
"Maol atuh, Bu. Buktosna abdi ayeuna aya di dieu..."

Si Ibu nyerengeh. "Antosan, nya! Ibu ka pengker heula sakedap.." pokna bari cengkat. Tuluy ngaleos ka rohangan tengah.

Rohangan tamu jadi simpe. Nina nempoan poto-poto nu aya dina tembok. Kabeh poto incuna Si Ibu. Anakna Lisa. Tuh, itu aya poto Lisa. Hate Nina paksiak. Geus lila manehna teu tepung. Cacak karek nempo potona, kumaha mun jonghok jeung jalmana? Nina nyerengeh sorangan.

Pikiranana tuluy ngalayang. Ka mangsa nu kaliwat. Ka tujuh belas taun nu kaliwat. Emh, teu karasa geus welasan taun geuning. Padahal asa kamari... Asa can lila....

Manehna: enya, Nina. Awewe! (Najan pikagetireun, manehna kudu nyieun panginget ka dirina: A-we-we!). sabab carita nu kasorang teh estu manehna ge mimitina mah mantak hemeng. Manehna awewe - cek tadi oge. Jelas lain lalaki. Enya memang manehna tomboy. Tapi sakali deui: lain lalaki. Pisikna awewe saratus persen. Teu nyangka basa panggih jeung Lisa, adi kelasna di SMP, manehna ngarasa hiji geter nu beda.

Manehna awewe. Bogoh ka awewe!

Ya, Alloh! Batin manehna kungsi ngarasa goncang. Ti keur leutik karakter tomboy teh geus nyampak. Make papakean ge teu weleh niron-niron lalaki. Jalingkak. Dipakean awewe mah ari keur sakola wungkul. Jujur manehna ngarasa: lamun make erok teh bet karasa risi. Teu bebas gerak. Asa nyiksa. Jleg we jadi pigur nu sabenerna teu ngawakilan jero-jero pribadina...

Teu. Teu nyangka yen katomboyan eta bakal mawa pangaruh nu sakitu jauhna. Nina jadi bogoh ka awewe. Enya ka Lisa. Batan ka lalaki mah. Padahal keur SD mah kungsi pada ngajangjaruhkeun ka Kang Nana, kaka kelasna. Rada resep. Tapi teu dibarung ku perasaan saperti ka Lisa.

Manehna teu apal naha bisa kitu. Diguliksek kana dasar kalbuna, weleh teu kakoreh jawabanana. Dina gaul manehna resep jeung lalaki keur leutik mah. Kaulinan barudak lalaki saperti maen bal manehna ge bisa. Naek tangkal bisa. Moro kungsi milu. Tapi kaulinan barudak awewe, palias teu dibere resep saeutik-eutik acan.

Bareng jeung majuna waktu, jeung kadewasaanana, ahirna Nina sadar. Nganggap kaayaan dirina teh hiji takdir. Takdir. Eta jawaban nu bisa ditarima. Ku dirina. Lain ku batur. Saha atuh nu bisa ngagilek tina takdir? Saha, cing? Takdir. Takdir. Takdir. Manehna ngarasa teu kudu hayoh tumanya. Atawa nyalahkeun kana dirina. Atawa nyalahkeun Gusti Alloh. Ieu Takdir. Kudu dilakonan. Najan teu wajar. Cek batur kitu soteh. Minculak. Najan enya mangtaun-taun jadi rusiah dirina. Taya nu apal.

Rusiah nu diteundeun dina tempat pangpoekna jero hatena. Kungsi aya harepan, sugan we hiji waktu mah bisa musnah. Manehna bisa saperti awewe sejen. Nu normal. Nu bisa neundeun cinta ka lalaki. Tapi, najan teu dijaga, teu dipiara, teu dicebor, anehna teu leungit-leungit. Ahirna beuki yakin we. Ieu mah memang takdir!

Ka dituna, saeutik-saeutik Nina ngarasa taya beungbeurat. Hatena los we. Komo sanggeus apal, lain ukur manehna nu ngalaman kitu teh. Batur ge rea sihoreng. Komo di kota-kota mah atuh, cintana ka Lisa teh teu kabaur ku rasa dosa. Istuning cek manehna mah ngalakonan hiji takdir. Memang saha kitu nu hayang kieu? Manehna henteu menta takdir nu mahiwal. Geus digariskeunana ku Gusti Alloh saperti kitu. Justru meureun dosa mun teu ditarimakeun ku kapasrahan nu total mah...

Cintana ka Lisa, mimitina mah ukur dina bentuk perhatian. Ka mamana ulin babarengan. Malah jadi wawuh jeung Si Ibu. Sering ngendong di imahna. Nepika asa ka indung. Asa ka kulawarga sorangan. Najan Si Ibuna mah tangtu teu apaleun jero hate Nina ka anakna. Da cacak mun apaleun, teuing pikumahaeun. Cek Si Ibu mah meureun disebut nyobat we ka Lisa teh.

Lisana sorangan teu apaleun eusi hate manehna teh. Ah, ku Nina ge teu dipake pusing. Nu penting manehna bisa padeukeut. Bisa babarengan. Cenah perasaanana teu nyambung, teu kungsi dikedalkeun ka Lisa, teu pernah dipikirkeun kumaha pikahareupeunana ieuh. Ah, sangaguluyurna we. Malah mun Lisana apaleun, manehna balaka yen micinta, sok aya kasieun... bisi kalah Lisa ngajauhan...

Lamunan peuray basa Si Ibu Norojol deui. Mawa baki eusina teh manis jeung goreng cau.

"Ibu mah teu gaduh nanaon, Nin..." cek Si Ibu. "Sok geura cobian, kaleresan Ibu tas ngagoreng cau..."
"Aduh, nuhun, Ibu. Kalah ngarepotkeun nya abdi teh..." cek Nina.
"Ah, henteu, Nin. Ibu mah malah bungah aya Nina ka dieu teh. Hanjakal we Si Bapa nuju ka Bandung. Ngalongok pun ua nu teu damang... Mun aya mah meureun bungaheun..." cek Si Ibu. "Mun Ninana kadieuna dua minggu kapengker we... jeung Lisa ge tangtos pependak..."

Ngadenge ngaran Lisa disebut, hate Nina paksiak deui. Jantung ratug. Enya, hayang nanyakeun sabenerna mah. Ngan rada asa-asa. Geus dalapan taun manehna teu pernah tepung jeung Lisa teh. Ti basa manehna nyobaan jadi awewe sajati. Boga salaki ka Kang Agus.

"Aya kadieu nya Lisa teh, Bu?" cek Nina. Teuing atuh tikorona asa ngadak-ngadak garing. Padahal cikeneh tas nguyup citeh manis. Rasa nu baheula teh horeng aya keneh.
"Muhun, Nin. Kenging tilu wengi ngendong jeung barudakna..." burudul we carita ngeunaan Lisa teh kaluar tina biwir Si Ibu. Nepika teu karasa parat ka wayah lohor... Uplek ngobrol. Ngaler-ngidul. Nu lila teu tepung kitu. Ngabudalkeun kasono.

Di imah Si Ibu, Nina asa keur ngumbar panineungan. Najan ukur saliwatan. Sakorepat-sakorepat. Itung-itung ngingetan dua takdir hirupna. Enya, dua. Nu kahiji takdir manehna micinta sasama awewe. Micinta Lisa. Nu kadua takdir manehna ngajalankeun hirup normal saperti awewe sejen. Bari bisa dilakonan kalayan sadar jeung sabar. Boga salaki. Boga anak. Geus dua deuih (Sihoreng pisikna mah normal awewe. Ngan kalbuna we nu teu normal teh. Asa jadi lalaki).

Bareto, memeh nyokot kaputusan pikeun kawin, kapan kungsi manehna anjog kana pamikiran kieu: yen kacida gedena hahalang pikeun terus micinta Lisa teh. Lisana mah da awewe normal. Ka manehna ukur nganggap sobat. Nganggap lanceuk. Nganggap dulur. Atuh enya jadi teu nyambung jeung harepan Nina mah. Kalah jadi obsesi wungkul. Moal ieuh patepung jadi kanyataan.

Ahirna Nina milih nyobaan hirup normal. Najan enya manehna bakal hirup dina dunya nu patojaiah jeung eusining kalbuna. Dalah dikumaha. Manehna nyokot kaputusan nu pohara beuratna: ninggalkeun Lisa. Pleng. Les. Karek ngelol ayeuna. Najan enya panineungan ka Lisa teh remen tingkolebat. Tapi ku manehna dilawan sakuat tanaga.

Aing hayang hirup normal! Aing hayang hirup normal! Kitu nu sok digorowokkeun na jero hate Nina lamun inget ka Lisa teh. Alhamdulillah pan bisa. Pan kuat. Pan... ah, sabenerna eta teh perjuangan batin nu kacida beuratna. Dilakonan ku sorangan. Bari teu kungsi betus ka sasaha. Estu dilakonan bari taya nu nulungan. Nepika danget ieu ge...

Tabuh satu Nina amitan. Najan Si Ibu kahayangna mah manehna teh ngendong. Nina mulang ka Rancah. Sakali-sakali, nepungan panineungan nu geus lawas teh asa ngahampangkeun beban hirupna. Lamun teu diakalan ku sorangan, ku saha deui? Batur mah taya nu apaleun...***

Lembur simpe, Nov.ahir 2008.  

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula