Sat, 19-05-2012
Carita Pondok

Sajak 'keur' Silvi

Pintonkeun di FB

Ku: Ihung

Nya, cek uing ge-kawas nu geus dijudi ti memehna-saprak Koran Pikiran 'ngadadahan' khazanah sastra, uing jadi kateumbleuhan buntut maong. Alesanna mah geus jelas: nya rek ka mana deui tukang narulis ngagantungkeun harepanana? Apan kanyataan, geuning koran-koran nu lianna geus parada mundur ti jagat kasusastraan. Maranehna teu deui nampi kintunan seratan; teu deui kersa nyayogikeun halaman sok sanaos tibang keur saguriwekeun wangun sajak. Enya, mangsa sakabeh renghap hirup kacocokan ku krisis-cara kabuktian ku naraekna harga beas jeung keretas-meureun kolom iklan mah kaerong langkung 'kahartos' tinimbang kolom uteuk jeung pikiran. Kitu cenah, cek hareureuyna nu garelo mah.

Kateumbleuhan buntut maong kumaha? Pan nyaeta, redaksi janten kabanjiran wae ku tulisan. Basajanna mah impleng we ku para baraya: geuning nalika koran Pikiran masih 'jeneng' keneh ge, eh redaksi mah tetep kawalahan ku kintunan karya-karya teh. Atuh komo ayeuna! Wajar, mun puluhan 'batalyon', ayeuna kedah siap dilayanana.

Kawas kabogoh-siga Rama reujeung Sinta! Tah kahirupan sastra di urang ge, sami mawon. Teu bisa mun dipisahkeun ti media teh-sajarah keukeuh we nyatet, yen hirup-kumbuh sastra di Sunda mah raket pakuat-pakaitna jeung 'peran serta' media koran. Harita kungsi meuweuh istilah 'sastra koran', tah meureun jadi bukti yen kanyataan bieu geus jadi kacindekan.

Mangpaatna koran nu karasa nyaeta jadi delman keur ngahubungkeun karya sastra jeung nu macana. Ku dimuatna karya-karya eta, diharepkeun sagala ideu jeung gagasan nu nulisna bisa tepi kana uteuk masarakat. Cenah eta, Alo Atep ngomongna kieu: Hayang remen dimuat teh meh gancang terkenal," his, eta mah sual lain-nu kitu mah anggap we, pangarangna keur boga niat, hayang 'sakali me-nganclom atuh dua-tilu beunteur kagiriwil'. Malah conto nu kitu mah rea keneh, siga nu diucapkeun ku Uwa Hawe: "Nu penting mah honorna! Cukup keur ngaganjel peujit tilu bulaneun!" Tuh!

Leupas ti naha harita Uwa Hawe teh nyariosna bari nuang bala-bala atawa bari cacalakatakan, ngan nu jelas na pamikir uing: tiasa janten eta oge jadi salah sahiji pemicu nu matak ayeuna redaksi kabanjiran wae seratan. Malah komo ayeuna mah sasat honorna matak 'aduhai sekali', cek Godi Suwarna tea mah. Apan mun baheula mah nyakuan honor teh paling oge dua yutaan atuh ayeuna mah geuning nambihan kana tilu kali lipetna.

Enya, saprak pamingpin Koran Rakyat digentos ku Ahda Rosada, kawijakan eta lungsur janten 'lir noong bidadari nu keur ibak di leuwi' keur para pangarang mah. Tea mah-pami nimbang kana kasang tukang Ahda Rosada nu 'mantan' budayawan mah-teu teuing matak kaget lungsurna eta kawijakan teh. Malah ku babaturan mah diramalkeunana ge keur ti mangsa 'pengukuhan jabatanana' keneh. Aya sababaraha hal nu ku uing dicatet tina pidatona; babakuna pamadegan nu nyebutkeun yen kasalahan utama bangsa urang teh nyaeta kurangna perhatian jeung penghargaan ka para budayawan-seniman jeung sastrawan-nu padahal apan tina sirahna pisan, rumusan-rumusan keur kamajuan bangsa teh, seueur tingpucunghulna.

Koran Indonesia, Koran Budaya, Majalah Cakrawala, Majalah Bibir Merah, geus ti baheula mula mundur ti jagat kasusastraan. Atuh ti tilu bulan ka tukang, geuning 'tren' kawas kitu bet diturutan oge ku Koran Pikiran. Motto, 'bye-bye kesenian, kebudayaan jeung kesusastraan' nu diembarkeun ku maranehna, kangge para pangarang mah tangtu janten bewara pikasediheun. Ku kituna, nya kantun ka Koran Rakyat we ayeuna mah, harepan teh-hiji-hijina koran nu masih keneh nampi 'kolom budaya', sabalikna, malah ngalipetkeun honor pemuatanna.

Terpujilah Koran Rakyat. Semoga membawa 'habis gelap terbitlah terang' bagi kita semua. Amin!

Ngan nyaeta tea; nu tadi tea-kahirupan teh geus ditakdirkeun papasangan-dina kagorengan nyelap kahadean; sumawona, na kahadean ge kudu wae aya warna-warni kagorenganana. Kagorengan dina istilah ieu mah... Kagorengan nu matak ayana carita ieu!

Ti saprak dua kajadian eta, unggal minggu, redaksi, nyaan kabanjiran wae tulisan. Tah ari nu matak uing kudu ngarahuh dada, apan geuning karya-karya teh lolobana na wangun sajak wae. Naha kitu mun sajak? Ku pedah kabeneran we ieu mah: di Koran Rakyat teh uing kapeto janten redakturna. Matak mun keur kararesel tuluy hayang ngabagikeun ieu rasa murang-maring, sok iseng-iseng, nga-sms Dian Hendra (urut redaktur sajak Koran Pikiran tea, apan). Sok nga-sms-kieu uing teh: Gara-gara dinya tah, uing jadi males muka internet." Ari ngabalesanna teh ngan cekap ku seuri wae, si ontohod mah. Enya, pedah ngartieun meureun kana maksud-tujuan uing. Nu matak humandeuarna mah tuda engke teh uing janten kudu adu-harepan jeung email-email nu paantay, kawas antrian jalma nu rek meuli minyak tanah.

Lain sual kudu macaan heula sakabeh karya-keun da eta mah geus jadi risikona gawean-ngan nyaeta palebah kondisi uingna keur siga ayeuna: Geus dua poe uing muriang, plu jeung ngagohgoy wae ku batuk-salasa mangkukna tuda, waktu mulang ti pameran etsa-na Entis Gebog-ngadon maksa huhujanan. Nu kaduana; na mangsa deadline kawas ayeuna, geus tangtuna Si Mahafi mah moal daek nyaho kana urusan komplikasi.

"Woy, deadline euy!"

Tah, buktina sms-sms ieu. Nu bieu, mangrupa sms 'peringatan' nu kalima, ti sang layout, eta.

"Inggih Juragan. Kedap!"

Keur nenangkeun manehna, dibalesan kitu ku uing teh. Nya ti saprak nampi sms bieu uing janten kaeurad deui kana buleudan-buleudan haseup kretek. Kieu tah ari geus kacanduan teh-nu padahal mah roko teh banget pahangna-tapi sabab diranjah ku kayaan 'genting' mah, uing tetep teu bisa nahan kapalay. Sarua kawas Si Madhafi nu ngingetan sual deadline, padahal pamajikan ge geus sababaraha kali ngingetan sual roko teh: "Sakitu keur batuk, masih keneh kana ngaroko; kumaha sih?" cenah.

Lain poho yen sajak nu rek dimuat minggu isuk teh kudu geus dikirim ka Si Madhafi, peuting ieu, ngan muriang nu mingkin kalap nyababkeun uing teu kuat mun kudu lila-lila di hareupeun komputer. Hayangna kitu we: ngagoler, diharurudum simbut, tuluy sare tibra bari jeung teu direreweg ku rupa-rupa pikiran.

Mun pilakadar ku muriang-muriang wungkul mah, ketah sigana uing masih bisa maksakeun, ngan ari bari ditambahan ku hal-hal siga nu dihumandeuarkeun ku pamajikan mah, nya matak luar biasa oge balukarna. Burudulan e-mail nu ngeusian kotak surat bet dumadak jadi rewuan cika-cika nu ngantri na mastaka. Hanjakalna, kutap-ketip cahayana bet teu endah ayeuna mah, nu puguh kalah matak helok tuluy poek. Burudulan karya nu asup jeung beredelan panginget pamajikan, matak neluh uing jadi patung.

"Pa, minggu payun Silvi kedah tos mayar SPP!"
"Tadi Pa Syamsir naroskeun... Kumaha cenah kontrakan teh, bade diperpanjang moal?"
"Duh, naha sih bayaran telepon sareng listrik, gede-gede teuing bulan ieu!"
"Pa, artos nu kangge cicilan motor kaangge heula ku Mama, kangge arisan! Kumaha atuh?"
"!!!"

Sora sms ti Madhafi kadenge deui. Tina tanda nu ditulisna mah siga-siga manehna geus teu sabar deui. Tah ieu nu sabener-benerna kagorengan teh-dina kaayaan mun geus asup tahap gawat darurat.

Saparantos dikutuk ku reuhak batuk, saatosna sadar yen haseup roko leres kedah disingkirkeun, uing nyobi-nyobi pokus kana jejeran email nu ti tatadi ukur diteuteup. Emut kana waktos nu beuki nyerelek, teras kaerong yen teu mungkin mun kedah macaan heula sadaya karya antukna uing milih cara nu dipandang singket: Aran-aran panyajak nu masih asing mah (hapunten) disingkahan heula. Satuluyna konsentrasi ditujukeun kana nami-nami nu list-na tos kumelendang dina sirah-nu kualitas karyana tos teu diragukeun deui. Ah, teu wejes oge! Teu matak ieu muriang janten ngurangan.
"!!!"

Eusi sms ti Madhafi masih sarua-teuing kakirim dua kali, teuing manehna geus horeameun nyieun kecap nu lian.

Kadesek ku kaayaan, uing jadi ngarasula: maenya kudu make cara pamungkas, kudu ngagunakeun 'pendekatan subjektivitas personal' onaman? Tapi da kumaha deui!?

Memeh dicaritakeun, yen make cara panungtung ge, geuning teu matak meunang bukurna-nu puguh malah nyampurnakeun kahayang kana neureuy ieu reuhak, ngagoledag jeung ngadu'a muga Pangeran geura-geura nyarekeun-uing hayang heula curhat ka baraya. Nu cenah ceuk kolot: "Handapeun taneuh aya taneuh, luhureun langit aya langit," enya bener! Karasa jeung kaalaman ku uing ayeuna. Isuk pageto, teu sakuduna uing aral subaha; ngarasa diri jadi jalma pangrugina-pangsusahna. Tina naon nu dicurhatkeun oge ku babaturan, antukna uing boga cecekelan: yen Pangeran mah sabenerna teu pilih-pandang; sakabeh Rohmat jeung ujian muwuh adil dibagi rata ka sadaya mahluk-Na saban kajadian, kanyataanana ngandung hikmah jeung barokah!

Aran-aran nu 'secara personel' deukeut jeung uing, tinggayabag na komputer. Jalma-jalma nu kahayang jeung ngimpina teu jauh beda, nu tara silih sideman rusiah hirup jeung babaturan. Uing tuluy mukaan e-mail-e-mail maranehna. Sababaraha baris sajak nu dibaca tuluy nganteurkeun uing kana galengan-galengan kahirupanana.

Uing nempo gurat kasusah ngembat na beungeut Toni... Kamari-kamari, manehna sosoloyongan neangan injeuman keur mayar budakna nu rek asup SMA. Tuluy Rizal Sabda; sarua oge. Malah manehna nepi ka kudu ngaluarkeun vespa-na sagala demi nutupan sewa kontrakan imahna. Atuh beja nu matak pikahariwangeun datang ti sms-na Si Matdon: Si Jibril ayeuna di Hasan Sadikin, pamajikanana kaguguran!

Duh, uing teu bisa ngalongok... Karek bisa ngadu'akeun muga-muga pamajikanana teu ku nanaon. Tapi inget basa panggih jeung manehna, waktu na pameranna Entis Gebog tea, basa ngaharewos menta duit keur ongkos balik, renghap uing jadi nambahan eungap... ngabayangkeun biaya keur ngaganti waragad obat jeung nu sanesna.

"Pan, janten kumaha SPP, Silvi teh? Tuh, geus rewel wae!"

Sora pamajikan ngagareuwahkeun cika-cika nu keur ngarubung na mastaka. Uing ngarenjag. Tuluy ngalieuk ka manehna. Duka pedah pangaruh intensitas cahaya monitor samemehna, duka kumaha, da eta mah beungeut pamajikan teh bet katangar ngolotan-nembrak tina gurat-gurat kabingung nu ngajepat na tarangna. Saprak ngingetan aya sms ti Si Madhafi, gawe pamajikan teh ukur luh-lah jeung lajag-lejeg.

Tadi cek uing, sora pamajikan teh ngabubarkeun cika-cika dina sirah, tapi lain hartina tuluy hate jadi bungangang, da geuning sababaraha detik ka dieuna, eta mah abrulan silalatu bet ngeundeuk-ngeundeuk ieu tarang; numpuk dina implengan tuluy mendet jalan pipikiran. Diserang ku rupa-rupa pikiran, antukna ieu sirah teh ngulahek. Poek!

"Mah, kirimkeun e-mail tuh ka Si Madhafi ka pamajikan. Ngomong kitu teh bari ngoloyong kana kasur: bari metot leungeun pamajikan nu keur gogoleran.
"Har naha ka Mama?"
"Enggeus lah! Minggir geus teu kuat yeuh."

Kaheran pamajikan teu diwaro. Memeh aya pananya nu kadua, uing mah geus ngarungkupkeun simbut kana hulu.

"Ari itu sajakna kumaha?" cenah cek sorana.
"Bebaslah, kumaha Mama we!" ti jero simbut-simbut acan, ngajawab teh.

Muriang beuki ngagibrig. Dada eungap. Rieut lanjung. Pikiran mongkleng. Uing hayang sare. Satibra-tibrana. Cape...

Paduli...!

Isukna uing tuluy nyusul Si Jibril ka Hasan Sadikin. Awak nu beuki teu puguh rasakeuneun, matak pamajikan maksa mawa uing ka rumah sakit. Jeung daek teu daek... sabab kitu cenah cek dokter, dua peuting ka dieuna uing kedah kersa dirawat-inap.
Jelas dina dua poe eta uing teu hayang nyaho kana urusan-urusan naon wae oge. Nu aya dina sirah ukur saran jeung saran ti dokter; kaasup sangkan uing tong loba teuing pipikiran. Enya uing ngarti naha dokter nyarita kitu, tapi poe ieu nalika sms-sms 'ganjil' ti babaturan rabeng kana hape, sagala rupa saran dokter bieu teh teu deui diropea. Isuk ieu uteuk uing malah geus muih siga kolecer. Aya naon? Centeng cek hate, banget ku panasaran.

"Silvi, Mama mana?"

Nya cek pirasat uteuk nu titatadi muter, ieu mah jabawanana kudu nanyakeun ka pamajikan! Nya, sabada rengse dihuapan bubur hayam, uing nanyakeun ka budak.

"Mama nuju uih heula, Pa. Nuju nyandak salin. Aya naon kitu, Pa?"
"Oh... Mmm, cik atuh pangmeulikeun koran ka ditu. Papa hayang maca koran."
"Koran naon, Pa?" tanyana bari sajungjungeun cengkat-ngan hayang ngayakinkeun wungkul ti dituna mah budak teh.
"Koran Rakyat!"

Geus leuwih ti sapuluh menitna Silvi indit teh; tapi naha can jol keneh wae? Sedeng sms-sms nu anyar mah geus aya kana tiluna deui, nu arasup teh. Nu ti Khairil Anwar, babakuna mah: naha eusina pinuh ku nada sinis jeung ironis? Ah uing jadi teu sabar mun kudu nungguan Silvi, datang mah. Centeh, mending nelpon langsung ka pamajikan.

"Ma, ari sajak nu dimuat ayeuna nu saha? Eta kamari, ngirimkeun sajak saha ka Si Madhafi?"
"Oh, Mama tacan nyarios kitu? Apanan sajakna, Papa! Ngahaja sih, meh SPP-na Silvi teu kedah diemutan deui..." ti jauhna, sora pamajikan pabaur jeung sora tipi...

***

Bandung, Januari 2009
Pangarang nyaeta Pendiri KOC RT 4 (Komunitas Ojek Ceria). Lahir di Cianda-Majalengka.

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula