Sat, 19-05-2012
Carita Tilu Bagian

Kabayan Ngaruwat

Pintonkeun di FB

Ku: Cucu Rahmat S.
   
Amitan

Nyukcruk galur nu kapungkur, mapay laratan anu baheula, diukir ku para Wali, dipapayus ku para Empu, hasil karya para Pujangga anu ngandung silib, sindir, siloka sareng sasmita. Keur guareun; tempat paranti nyokot ninggalkeun, paranti nutup mukakeun, sampeureun jaga atawa keur bukaeun urang dina jaman ayeuna.

Di dieu, di lebah lengkobna suku Gunung Kaledong, tempat nyangkeredong anu pangeusina salalawasna taat kana agama jeung darigama; silih asah, silih asih, silih asuh, silih titipkeun diri. Jauh tina talajak dunya nu sombong, borongongong, linyok tur gede bohong, oge tina angkara-murka, tina kasalahan, jeung silih salahkeun.

Hegarmanah; kampung padumukan banjar karang pamidangan. Cai cur-cor dina unggal tampian balong--anu meh imah pada boga. Haseup ngelun ti unggal-unggal hateup dapur, kitu deui ti hiji hateup imah bilik anu pernahna rada nyingkur. Pantesna keur mirun seuneu, nyaneut bari siduru, atawa nyieun bekel keur bawaeun ka sawah atawa ka huma--pagawean matuhna sapopoe.

Hawa di luar nyecep pisan. Kawantu diasuh ku tatangkalan gerot nu daun-daunna harejo ngemploh, oge ku sawah-sawah anu parena keur sedeng beukah, anu lir amparan alketip hejo ngeplak kapasi-pasi ku petakkan sapaparat tinggal. Dipotong deui ku walungan anu caina herang, bedas--bebas tina kokotor--kawas leorna oray nu lugay tina pangsarean girang. Kareol-reol ku arajegna tangkal cau anu gugupay ngahiap-hiap ka unggal rasa; nitah reureuh sakeudeung di jero saung jangkung, ngadon ngaso bari diparende ku tingarulangna pucuk-pucuk daun awi, tingtrim basa katebak angin. Saterusna bras ka hilirkeun, ka sacangkewok lembur anu kasingkur-singkur, nu nyumput ti dunya luar, nyaeta; dunya carita anu can keuna ku pangrobeda.

Sorot panon poe meuyarkeun pepedut ipis, nu ti sapeupeuting ngeukeupan ku simbut tiis. Meberkeun unggal-unggal jangjang hayam nu ayeuna geus raong kongkorongok, anu kalan-kalan sok diengklokkan ku ngarelakna manuk tikukur, ngawirahma mapag sang surya.    "Kabayan... hudang atuh silaing teh, geus beurang!" kadenge ti jero dapur, ti hiji indung anu pantesna rada cerewed. Sabab sorana ngajelengeng, ngelehkeun recetna manuk. Wah!

"Ke! Kang Kabayan teu acan lugay kitu?" kuring nyelengkeung, mairan.
"Kabeneran siah, jung atuh panghudangkeun!"
"Mangga, tapi... ke! Ambu teh enya miwarang ka pribados?" rada hareugeueun.
"Nya heueuh atuh, ari geus ka saha!"
"Oh... tapi," kapanasaran mimiti ngulibek dina jero dada.
"Kadituh Sujang! Lain ngajengjen wae, burukeun hudang kituh ka Si Kabayan, pantesna teh keur ngarengkol keneh di enggonna, dasar Si Borokokok! Si Teu uyahan!" kawas kacang keur ninggang kajang.
"Ku naon cenah Kang Kabayan teh, gering?" mairan deui.
"Peuting geus lalajo wayang di nu hajatan, di Raksamanah."
"Baruk?"
"Taktage!"
"Cing atuh..." gilig, najan hate beuki baluweng. Heran, naha Si Ambu bisa nyaho kana ayana kuring di dieu, pan kuring teh...
"Henjung! kawas nu asa-asa."
"Mangga." eleh-deet.

Kuring ngoloyong ka enggonna Si Kabayan. 

"Kang... Kang... gugah cenah geus beurang." ngelol ka jero kamarna.
"Leuaaaah... hangeuk! Tunduh keneh." nembalan beh jeroeun.
"Ituh..! Gugah cek Si Ambu."
"Geuleuh tuda!" ngudungkeun deui simbutna, beuki morongkol.
"Geuleuh ku naon ari Akang!" kuring heran, padahal kahemeng nu tadi ge can laas.
"Ka nyaneh!" panonna mencrong, bangun nyalahkeun.
"Naha?"
"Ari tadi nanaonan," laju Si Kabayan hudang bari meresan urut sarena. "Ti mimiti amitan, nepi ka ngagambarkeun pamandangan hiji lembur, mani kawas kitu!"
"Kitu, kumaha?"
"Geus kuno!" nyentak.

Kuring ngahuleng sajongjongan. Dipikiran, tapi da teu rumasa. Rarasaan mah kabeh ge geus ditetek taya nu kaliwat, sailaharna kumaha ngebrehkeun gambaran hiji pilemburan.

"Bet ngahuleng!" nyureng.

Kuring beuki ngabigeu, banget ku teu ngarti.

"Teu apal naon kasalahan nyaneh!" nyusul-tepus.
"Enya!"
"Ngalagena! Matak tunduh keur nu murungkut dikukudung simbut. Matak mepende ka nu keur sare nyegrek."
"Maksudna?"
"Uing lain tunduh-tunduh teuing pedah peuting geus lalajo wayang, tapi tunduh ngadenge bubuka nyaneh anu jiga kitu!"
"Maksudna?"
"Kuno! Geus teu usum atuh saurang panulis--komo nyaneh mah budak jaman ayeuna deuih. Maenya ngagambarkeun kaayaan lembur masih keneh kitu!"
"Ari geus, kudu kumaha!" nyureng.
"Laaah... teu ap tu det." ngelelkeun letahna.
"Nu kuring apal ti baheula nepi ka ayeuna, ngagambarkeun pilemburan mah angger kawas kitu!" beuki keuheul.
"Nyaneh, urang Sunda!" Si Kabayan mencrong seukeut.
"Enya!" teugeug.
"Sok nulis!"
"Keur diajar!"
"Baheula uing kungsi ngadenge ti Kang Karno Kartadibrata; yen karangan Sunda mah moal jauh tina gupay-gupay kamelang. Tah tembongkeun ku nyaneh mah kumaha carana sangkan gupay-gupay kamelang teh digambarkeun ku cara jeung jaman anu ayeuna."
"Maksudna?"
"Lain baheula, lain oge ayeuna. Sabab Kabayan nu ayeuna hayang; lamun eusi ieu sempalan rada beda jeung nu biasana."
"Ke!"
"Teu ngarti-ngarti nyaneh mah."
"Duh eta Akang, ka kuring."
"Geuleuh tuda!"
"Geus ah, dek enggeusan nulisna kuring mah!" rada nyentug kana hate omongan nu bieu mah.
"Paingan urang Sunda teu maju-maju, da budak ngora na ge kumeok kawas nyaneh!"
"Kumeok kumaha?"
"Bae! Tong dibahas deui." nyalenggorkeun.
"Yeehhh... kumaha ieu teh! Nu dititah jeung nu katitahan bet teu embol-embol, di luar gera ngawarangkongna, pamali!" Si Ambu motong, bari ngasongkeun piring seng eusi; kulub hui, kulub sampeu, jeung gula kawung. Teko taneuh, jeung cangkir batok kalapa.
"Muhun, Mbu." kuring jeung Si Kabayan ngolesed meh bareng.
"Sok, cobaan gera meungpeung haneut keneh."
"Mangga."
"Hasok! Lain cicing wae, yeuh caina," Si Kabayan ngasongkeun batok nu geus dieusi cai. "Mangkaning entehna ge "Cap Pelem" buatan Haji Madroji urang Cikehkeran, bari nyetrok gula kawung jieunan Mang Dahuli "Si Peed tea" abong mun teu deudeuieun."
"Ambu mah dek ka huma heula, pek sing rarineh nya." bari cengkat, terus ngoloyong ka enggonna. Teu lila katembong kaluar deui bari mawa samping kebat jeung wadah seupaheun. "Bisi dek nyaneut, kejona dina pago. Mangkaning beasna ge pare huma anyar nutu, deungeunna cobek belut jeung pais impun pamere Jang Dede Saprudin, lalabna daun Putat, Sintrong, Solodsoya, jeung Antanan, saaya-aya nya."
"Mangga, Mbu." bari gek dina palupuh; nyanghareupan Si Kabayan nu keur ngalinting dun kawung--nyobaan bako Haji Kasim anu kawentar nyegoh.
"Dek nyaneut, atawa dek ngopi wungkul."
"Ke! Na dek naon kitu urang teh?"
"Ngarah rineh we ngobrolna." bari nyurung-nyurung piring ka hareupeun kuring.

Ke, aya naon cenah? Naha paroman Kang Kabayan asa beda ti sasari. Panon anu biasana katingali tunduh wae teh bet buringas kawas maung lapar ayeuna mah, bari jeung neuteup seukeut ka jauhna--kawas keur ngalayang ka alam lelembutan. Ka alam rasa; alam di mana kuring, babaturan kuring, ibu, bapa, katut saderek anu ayeuna nuju maraca di bumina sewang-sewangan.

"Aya naon kitu Kang? Mani rareuwas." maksakeun nanya.
"Mangkukna uing ngimpi." ambekanna beurat, kawas ngemu bangbaluh anu pohara. "Disambung-sambung, bet nyambung jeung caritaan peuting dina lalakon wayang."
"Lalakon naon, Kang?" panasaran.

Si Kabayan teu ngajawab. Ngan katingali ngenyot dun kawungna--jero pisan, kawas nu moal dek dikaluarkeun deui--leleb naker.

"Dewa Ruci!" tembalna bangun seunggah, bareng jeung nyerebungna haseup nu kaluar tina baham jeung irungna.

Kuring kagugu, sarua nahan ambekan. Nyipta-nyipta, ngalebah-lebah naon anu ayeuna keur aya dina jero alam pipikiranana. Da jeung enyana deuih beda ti sasari Kang kabayan teh, nu sakanyaho kuring--baheula keur leutik--gawena ngan ngabodor, ngabohong, jail, jeung ngaheureuyan.

"Aya alusna nyaneh ngangkir uing dina carita sempalan nu ieu." semu dareuda.
"Kumaha kitu?"
"Loba pikiraneun keur nyaneh."
"Naon tea, Kang?"
"Laaahh..." humandeuar. "Asa seunggah uing mah ngedalkeunana."

Duh kumaha ieu teh? Bet reuwas kareureuhnakeun kuring mah, padahal ayana di dieu teh hayang weh kawas batur bisa ngadongeng; heureuyna Si Kabayan anu ngalegenda, sangkan anu maca di bumina sewang-sewangan bisa kaubaran. Tiasa ngirangan bangbaluh hate anu keur sakieu waluratna alatan krisis global. Kari-kari ayeuna kawas kieu, duh boa-boa anu nuju maraca--nu dipihormat ku pribados--bakal raheut manahna.

"Engke sambung deui." Si Kabayan mungkas wangkongan.
"Ke! Kumaha atuh anu maraca di bumi, moal bendu kitu ka abdi?"
"Bejakeun; hampura kituh, uingna aya perlu heula." bari cengkat rurusuhan, muru ka enggonna.

Kuring jadi hareugeueun...

"Kang, abdi wangsul heula atuh." sanggeus ngahuleng sajongjongan, tungtungna eleh-deet nangtung.

Samemeh ngaleos, kuring ngelol heula ka enggonna Si Kabayan anu geningan keur ngagutrut; ngotretkeun tinta pulas beureum kana salambar kertas. Teuing naon anu keur ditulisna da teu malire kana pangwaro kuring, kawasna husu naker.

Kuring ka luar ninggalkeun manehna bari mawa kahanjelu anu nataku.

***

Lalakon, Dina Jero Lalakon

SORA suling ngagelik, nyelekit nurihan ati. Ngawirahma, ngayun-ngambing rasa...

Cenah jelema mah ngan saukur darma kahayang, hirup teh lir ibarat wayang; anu teu bisa mungpang, sabab usik-malikna kuma dalang.

Titis-tulis ti Pangeran hiji rusiah gede anu dibikeun ka unggal manusa. Bakal beurat lamun dirarasa, seunggah ngungkulanana. Meureun, matak kitu ge urang salaku manusa kudu neangan, sangkan meunang anu ngarana; cara, keur pamuka. Sabab, lamun rusiah geus kabuka, nimat bageanana.

Teu beda ti nasib cai anu datangna ti girang. Saumur hirupna kudu neangan cara--sanajan loba hahalang di jalanna--sangkan pinanggih jeung hilirna. Anu engkena bakal patepung lawung paampok jonghok jeung unggal-unggal cai ti unggal-unggal girang. Silih buka; bakal pogot mukakeun rusiah pangalaman sewang-sewangan.

"Eta teh bukti, yen manusa teh ngabogaan jalan hirupna sewang- sewangan!"
"Aeh... gening Kang Kabayan!" lamunan jadi peuyar, kagimbrangan. "Apal ti saha kuring aya di dieu?"
"Bet nanyakeun nyaho ti saha sagala!" Si Kabayan mureleng, bari ngasupkeun sulingna kana endong hideung.
"Ke! Pan bieu teh eusi jero hate kuring, naha Kang Kabayan bet apal."
"Nyaneh keur ngetik; narasi bubuka carita bagean ka dua."
"Enya!"
"Dek nyaritakeun saha?"
"Carita, Kang Kabayan."
"Jadi?"
"Jadi kumaha?"
"Anu belet teh nyaneh atawa uing." Si Kabayan nepak tarangna bari gogodeg.  "Yeuh dengekeun gera, uing teh tokoh carita dina tulisan nyaneh!"
"Heueuh!"
"Jadi, iraha wae datang jeung balikna uing, kuma uing!"
"Pan can digeroan ku kuring!" rada keuheul. "Kang Kabayan can waktuna, samemeh kuring ngangkir. Samemeh kuring mencetkeun ramo-ramo kana keypad komputer anu nyaritakeun; lamun Kang Kabayan kudu ka luar, maenkeun peran."

Si Kabayan ngabigeu.

"Kuring nu nyieun tulisan, nu nyieun carita, tanwande kuring anu ngaturna."
"Teu hayang uing mah diatur!" heuras.
"Kang... atuh tong nyieun deui pucuk ti girang!" asa kapancing.
"Nyaneh mah can ngarti-ngarti keneh bae, belet!"
"Panulis lir ibarat dalang, usik-malikna tokoh carita kumaha dalang!" negeskeun.
"Cek saha?" beuki muncereng. "Nyaneh geus katalian ku caritaan nyaneh sorangan. Mere katerangan lamun uing nganjrekna di Hegarmanah, di suku Gunung Kaledong."
"Enya!"
"Nyaneh apal, di mana lembur uing nu asli?"
"Teuing!"
"Matakna! Bet nyanyahoanan atuh, jadi dengekeun yeuh; laku uing dina sempalan nu ieu, kuma uing weh!"

Gantian ayeuna mah kalah kuring anu ngabetem. Ngabigeu, euweuh keur alesan kuring ngajawab kana pananya Si Kabayan, da jeung enyana deuih kuring teu nyaho di mana lemburna teh ayana.

Atuh manawi anu nuju maraca ieu carita sempalan nu dipihormat ku pribados di bumina sewang-sewangan, terang dupi di mana padumukan Si Kabayan nu saasli-aslina? Diantos pisan waleranana ku pribados. Hatur nuhun kana perhatosanana...

"Lila teuing atuh! Moal anggeus-anggeus ieu carita teh." Si Kabayan motong.
"Kumaha atuh?" malik nanya.
"Bae! Apalah arti sebuah nama?" rada mesem.

Kuring kagugu. Karek ayeuna mah bisa imut--najan saukur mesem ge.

"Tapi tong salah! Unggal-unggal anu diucapkeun atawa anu dituliskeun ku nyaneh, awal-ahir bakal aya balitunganana?" Si Kabayan mere peringetan.
"Siap!" ngajawab sakeunana.
"Sukur!"

Ke! Kuring karek engeuh, lantaran papanggihna kuring jeung Si Kabayan di dieu teh kaluar tina skenario, jadi kuring can nyieun background keur ngagambarkeun suasana atawa tempat nu ayeuna keur dipake ngobrol.

Kumaha ibu-ibu, bapa-bapa, sareng saderek anu nuju maraca, manawi gaduh usul? Pantes teu kira-kirana upama backgroundna keur aya di jero saung jangkung, di tengah-tengah sawah di hunyur beh gigireunna walungan tea? Atanapi... di warnet.

"Meugeus di dieu! Dek nanahaon jug-jug ka internet, dek chating? Teu surup atuh jeung bubuka tadi anu dipirigan ku sora suling anu dipaenkeun ku uing."
"Aeh... enya, nya!" bari keom.
"Ngarah ngobrolna rineh, sakalian propertina tambahan make tulisan kieu; ...opieun ngabarak. Aya awug sale, opak sampeu, kalua jeruk ti Kang Deni Cicalengka, burayot, jeung dodol oleh-oleh bawa nyaneh ti Garut. Pan pedo tah..."
"Tong poho, caina wedang jahe, ududna bako Haji Kasim, Jarum Coklat, jeung Gudang Garam beureum." kuring ngengklokkan.   
"Cocog!" bari ngacungkeun jempol.    
"Urang teruskeun deui caritana nya, ngarah tereh rengse."
"Sok!" Si Kabayan giak bari ngarongkong burayot.
"Ehemm... angin nu ngahiliwir ngendag-ngendagkeun daun cau, gupay-gupayna nuturkeun ka mana nya leokna angin. Sora manuk sit-uncuing matak ngungun, nguyung kabawa linglung ku Si Kabayan anu keur bingung, anu cenah teu manggih ditungtung."

Si Kabayan nu keur samutut, ngalieuk ka kuring. Panonna katingali molotot.

"Mangga, bagean Kang Kabayan?" api-api teu malire, bari keom.
"Ehem! Eeeeehem...," nyelang heula nginum wedang. "Sabenerna, loba pisan masalah anu keur jadi lamunan uing teh."
"Lamunan?" rada kerung.
"Impian uing anu hubunganana jeung lakon Dewa Ruci tea," katingali rada serieus ayeuna mah. "Jeung ieu awak..."
"Awak kumaha, Kang?"
"Ah... henteu!" pondok.

Pondok kumaha? Bohong! Kuring teu nimukeun lamun dina paroman beungeutna anu bieu basa ngomongkeun 'ah henteu' teh henteu sapondok anu dikira. Henteu! Henteu kitu... jigana aya rusiah lain anu dipendem ku manehna, mudah-mudahan lah lain anu pimatakkeun...

"Ari Dewa Ruci teh kumaha kitu Kang?" nyalenggorkeun.
"Nyaritakeun Bima nu indit nedunan panitah Dorna, dititah neangan Cai anu teu keuna ku pati (tirta amerta) ka alas Roban jeung Banaspati."
"Teras?"
"Sanggeus leupas tina godaan alas Roban Banaspati, Bima ngaleupaskeun ragana, terus teuleum ka jero sagara--neangan Telenging Toya. Anu saterusna papangihan jeung Dewa leutik--anu meh sarimbag jeung manehna--ngaku ngaran; Dewa Ruci."
"Maksudna kumaha, Kang? Teu ngertos abdi mah." mimiti pogot.
"Silokana mah kieu, yen Bima anu geus ngaleupaskeun raga badagna tina napsu Robani (jurig) jeung Banaspati atawa Wanaspati (ratu jurig leuweung), nganjang ka jero dasar sagara hate, anu saterusna papanggih jeung Dewa Ruci. Anu pihartieunana; Bima papanggih jeung dirina anu sajati."
"Oh... tapi naha Dewa Ruci teh bet leutik?" mairan.
"Maksudna, sanajan Dewa Ruci teh diri anu kasebutna maha gagah--bisa ngatur jeung ngawasaan kana raga Bima, tetep leutik mungguh payuneun Pangeran mah."
"Jadi maksudna leutik teh, teu aya hiji oge jelema nu gagah perkosa di payuneun kawasana Pangeran mah."
"Enya! Sabab lamun jelema geus apal kana sajatining hirupna, dirina ngarasa leutik payuneun Mantenna."
"Terus naon atuh hubunganana jeung impenan Akang?" nyusul-tepus.
"Uing ngimpi panggih jeung aki-aki, ngaku ngaran Ki Sundana." sorotna kosong, kawas nu nyawang ka jauhna.
"Teras?" 
"Manehna ngomong ka uing, 'Jang... Jang Kabayan! Sarerea ge euweuh nu apal kana datangna pati mah, lain dek ngahayang-hayang angot ngaembung-embung mah Aki teh, ngan... rumasa weh umur teh geus sakieu kakolotanana, geus tunggal gunung.' uing teu ngajawab sakemek-kemek acan harita teh, ngan olohok weh."
"Teras?"
"Lain teras-teras, cing pangdeukeutkeun tah Gudang Garam beureum teh?" bari nunjuk.
"Mangga." kuring ngasongkeun. "Tawaran entong anu nuju maraca di bumi?"
"Tawaran atuh! Tah Gudang Garam beureumna keur ngukus, kasedep Eyang Dede Saprudin karuhun Banjaran ieu teh, Si Jurig Nguseup tea."
"Tos ah intermezzona, urang teraskeun deui nya." kuring ngahulag.
"Kela!" leungeunna nyekeskeun paneker kana tungtung roko.

Kuring ge sarua, sanggeus nyelang ngaregot wedang terus nyokot sabatang Jarum Coklat, laju diseungeut.

"Ki Sundana teh ngomong deui ka uing, bari dareuda. 'Aki teh geus kolot, sakolot umur dunya ieu. Ngan... samemeh aki indit ka kalanggengan, aki hayang pakaulan ningali Jang Kabayan hususna, urang Sunda umumna, sing aya dina kasinugrahan.' terus ku uing teh ditaya; kasinugrahan naon Ki?"
"Enya! Kasinugrahan naon cenah Kang?" kuring ngengklokan.
"Ieu mah ngan saukur kahayang ti Ki Sundana anu kasebutna dek sahos-hoseun ngaleupaskeun nyawa, cenah menta sababaraha ti kekecapan Sunda anu lamun bisa mah dileungitkeun, atawa diruwat weh tina budaya kahirupan urang Sunda."
"Naon cenah, Kang? Asa araraneh kuring mah."

Sora manuk siit-uncuing, beuki ngelak... kawas nu keur beger...

"Anu kahiji, kekecapan; mangga weh ti payun, atawa sawios abdi mah ti pengker."
"Pan eta teh bukti ajrihna ti urang salaku budaya sunda, kasebutna handap asor someah hade ka semah."
"Eta pisan anu ngajadikeun urang sunda hese makalangan, boh dina pamarentahan boh di politik, pon kitu deui dina widang anu sejenna, sabab eraan!"
"Ke, bet los-los kadinya, moal aya nu newak ieu teh Kang?"
"Ukur kahayang!" bari ngenyot deui rokona. "Ngaranna ge kahayang, dek dilaksanakeun, heug. Dek teu dilaksanakeun, teu paduli!"
"Ngiringan we abdi mah, Kang."
"Anu kadua, paribasa; heurin ku letah."
"Maksudna?"
"Maksudna jadi pamingpin ulah dengdek topi! Ulah kena-kena ka baraya, ulah kena-kena ka dunungan atawa ka pangagung, lamun katingali milampah kasalahan atawa naon bae, bejakeun saterewelena montong kaheurinan ku letah!"
"Enya Kang, jadi pamingpin mah kudu tegas. Kudu teuneung, lamun alus sebutkeun alusna sok sanajan eta kaalusan teh pait karasana, sabalikna lamun goreng sebutkeun gorengna sok sanajan eta kagorengan teh ngeunah keur dirasakeunana."
"Saratus! Calakan ayeuna mah uteuk teh euy." Si Kabayan mairan.
"Kuring tea..." bari nepak dada.
"Tapi... kade ah bisi jadi jelema anu pinter... pinter kabalinger." ngengklokan.
"Moal atuh, Kang." beungeut karasa beureum.
"Anu katilu mah aya hubunganana jeung anu bieu dilakukeun ku nyaneh."
"Nu kumaha Kang?" beuki teu parapuguh.
"Kieu unggelna teh; disebut euweuh tapi aya, disebut sare tapi nyaring."
"Tah lamun nu ieu, lieur! Naon hubunganana jeung nu bieu dilakukeun ku kuring."
"Heueuh, disebut euweuh tapi aya. Mana? Buktikeun atuh lamun urang sunda teh aya keneh. Buktikeun ka lemah cai, ka dunya internasional, yeuh... aing urang Sunda! Bari pek tepak dada satarikna. Komo lamun euweuh! Ngaku weh terah Sunda, bari hirupna geus teu nyarunda. Malahan mah bet sok ngajarual Sunda keur kapentinganana sorangan, dasar Si Borokokok!"
"Satuju abdi mah Kang!"
"Disebut sare, tapi nyaring. Keur nyaring wae teu kadeuleu naon sepak-terjangna urang Sunda, komo keur sare! Matak tong salah lamun batur mah maju dina widang pamarentahanana, pinter dina widang politikna, urang mah henteu da bodo. Wilujeng weh sangsara saumur-umur, da goblog hirupna! Cing atuh sakali-kali mah nu jadi Presiden teh urang Sunda, anu inditna tina jiwa jeung rasa; kasundaanana."
"Kade ah... Kang! Palalaur nu ieu mah." ngawawadian.
"Cek aing naon! Ieu mah ngan saukur kahayang ti aing anu saukur katitahan pangnepikeun amanat ti Ki Sundana, anu salalawasna moal ingkah-balilahan tina sipat jeung jiwa Sunda. Estuning clik-putih clak-herang kaluar tina sajatining Sunda!" ramona dikeupeulkeun, beungeutna beureum lir beusi atah beuleum.

***

Suling Nu Silung
   
MEGA bodara nu nyaliara, atra ngagalura dina rongkahna lambak rasa. Lir guludug nu ngaguruh, ngurung, ngungkung diratug-ratugna jajantung. Ditema kilat anu tingburinyay, kawas sakolebatan kila-kila kana unggal nyawa ngabaju raga. Paguliwet, papuket, moekeun karuwet peteng. Nu keur teuleum dina eunteung-eunteung pangdeuleu, natratkeun sagurat rajah; pamunah rasa.        

Gelik suling ngahiliwir kaangin-angin, lir jamparing anu melesat lugay tina gondewa; mudalkeun rasa. Kawas tembang sumbang, ti asih nu keur sedih kingkin...

Beuki lila, sorana beuki leutik. Kasilih ku ratugna ketug jajantung, kawas nu moal rek deui manggih ditungtung. Terus kasilih deui ku ngelakna sit-uncuing, niupkeun sangkakala; mere tangara ka unggal-unggal raga anu kaancikan rasa katut nyawa.

Naha? Poe ieu bet asa beda ti sasari. Anu biasana sok karasa tingtrim kawas haleuang cianjuran anu matak dedengeeun, ngawirahma.

Palangsiang...    

"Cing bejaan kuring, aya naon cenah? Sugan ari nu nuju maraca mah apal kana tangara anu samodel kieu teh."
"...........!"
"Kulan... aya jurig? Maenya sakieu panas-mentrangna, aya jurig."
"...........!"

Sabenerna! Kuring oge sarua, sapamadegan sareng ibu-ibu, bapa-bapa, miwah saderek anu nuju maraca teh. Teu ngabibisani, ieu hate titadi peuting bet nyeredet wae. Ngan... eta rarasaan teh teu ieuh dikedalkeun, sieun nyalahan...

Lamun ngagugu mah kana kaseunggah, teu hayang-hayang acan kuring teh mencetkeun keypad komputer. Lah... teu merean ieu hate lamun kudu ngetik; ...los-los ka Hegarmanah, ka imah bilik nu nyingkur tea. tapi! Kudu ka mana deui nya neangan atuh? Di hunyur di saung jangkung euweuh, di tempat internet suwung.

"Ka jero Sujang!" sora ti hiji indung anu geus teu bireuk deui.
"Aeh, Ambu." asa kagareuwahkeun, terus ngalacat kana palupuh.
"Si Sujang teh ditungguan ti tatadi, mani geus beuheung sosonggeteun."
"Aya naon kitu, Mbu?"
"Lain...," teu kebat.

Ke? Naha Si Ambu kawas nu dek murubutkeun... duh palangsiang. Jeung... ke, ke, ari Si Kabayan di enggonna kitu? Atawa, duh... boa-boa kacuriga teh dek ngabukti.

"Ka mana ari Kang Kabayan?" maksakeun nanya.
"Nyeta atuh..." bari nyusutan cipanonna ku tungtung kabaya.
"Kang Kabayan teh...?" ngira-ngira.
"Heueuh, Sujang!" teu kaampeu ku piceurikeun, Si Ambu ngagukguk kanyenyerian.     "Duh... Gusti! Hampura Kang, kuring geus kitu peta ka Akang."
"Geus waktuna meureun Si Kabayan teh." Si Ambu ngupahan, ngadeukeutan  bari leungeunna nepakkan tak-tak kuring.
"Leres, abdi nu salah teh." keukeuh.
"Ari Si Ujang, salah kumaha maksud teh. Teu ngarti Ambu mah?"
"Bener baheula cek Kang Kabayan, jadi panulis mah teu meunang sagawayah, tong satulis-tulisna sabab unggal tulisan bakal aya balitunganana."
"Cing naon atuh kasalahan Si Ujang teh, Ambu hayang nyaho." bangun panasaran.
"Duka kumaha pikiran abdi mimitina, bet los-los kalah nuliskeun; sora manuk sit-uncuing matak ngungun, nguyung kabawa linglung ku Si Kabayan anu keur bingung, anu cenah teu manggih ditungtung. Sareng, sora manuk sit-uncuing, beuki ngelak.. kawas nu keur beger..."
"Maksudna?" Si Ambu mingkin kerung.
"Enya! Tulisan eta anu ngabalukarkeun; Kang Kabayan kudu..," dua dampal leungeun ditungkupkeun kana beungeut.
"Lain salah Si Sujang eta mah..," Si Ambu ngupahan. "Titis-tulis ti Azali..."
"Lah... angger abdi nu salah!"
"Bae! Anggur urang dungakeun weh ku urang, sangkan arwah Si Kabayan sing aya dina panangtayungan Alloh Subhanahuwataala. Amin..."
"Muhun, Mbu." kuring mairan.
"Oh enya, Ambu teh kaamanatan ku Si Kabayan." nyalenggorkeun.
"Amanat naon, Mbu?"
"Kela." bari ngoloyong ka enggonna Si Kabayan, teu lila datang deui bari mawa kotak--dijieun tina awi wulung.
"Naon eta teh, Mbu?" kuring panasaran.
"Ieu teh titipan keur Si Ujang." bari ngasongkeun. "Jeung amanat..."
"Aeh enya, ari Kang Kabayan di mana dikuburna, Mbu?" motong.
"Urang omongkeun heula weh amanatna, nya?"
"Mangga, Mbu." saregep.
"Si Kabayan teh ngomong kieu, 'Lamun geus cunduk kana waktuna, bikeun ieu kotak ka singsaha bae jelemana anu bakal neangan uing. Bari pangbejakeun; lamun dek neangan kuburan uing teu kudu jauh-jauh indit ka dieu, ka Hegarmanah. Atawa ka ditu, ka Raksamanah, komo ka saung jangkung mah. Cicingna uing; lamun dibaledog bakal kaleuwihan, lamun diciduhan tangtu lamokot. Tah di dinya uing ayana, di dinya kuburan Si Kabayan ayana.' kitu cenah amanatna teh." Si Ambu ngomong panjang-lebar.
"Maksadna kumaha, teu acan ngertos abdi mah?"
"Kieu meureun; lamun dek nyekar ka kuburan Si Kabayan, teu kudu ka Hegarmanah--sabab kuburanna lain di dinya. Maksudna, lamun urang salaku urang Sunda hayang apal kana purwadaksina urang Sunda sorangan, pek nyekar ka kuburan Si Kabayan anu ayana di Hegarmanah. Tegesna, ari Hegar teh; beresih atawa seger, ari manah teh; hate. Unggal-unggal jelema anu geus beresih hatena ngaliwatan Raksamanah, atawa Riksamanah. Anu maksudna ngariksa, ngomean hate tangtu baris pinanggih jeung hakekatna kuburan Si Kabayan nu cicingna dina unggal hate-hate urang Sunda anu geus ngaku kana rasa kasundanaanana, atawa rasa Ki Sundana."
"Janten, lamun abdi bade nyekar ka kuburan Kang Kabayan teh, hartosna kedah meresihan hate urang ku rasa-cinta sareng rasa ngamumule kana kasundaanana."
"Enya! Sabab Si Kabayan teh ngomong kieu, 'Uing bakal aya dina unggal-unggal hate urang Sunda. Lamun manehna tukang heureuy, eta teh Kabayan anu keur heureuy. Lamun manehna keur ngabohong, tanwande eta teh Si Kabayan anu keur ngabohong. Kitu deui, lamun maranehna keur makalangan, atawa ancrub kana dunya politik, atawa jadi presidenna pisan. Tah eta teh Si Kabayan anu teureuh asli ti Sunda keur maju padungdung makalangan. Hartina Si Kabayan geus ngaruwat jaman.' tah kitu Sujang." Si Ambu mungkas.
"Kahartos ayeuna mah, Mbu."
"Si Kabayan teh urang Sunda, tapi teu sakabeh urang Sunda, jadi Si Kabayan.
"Maksadna?"
"Lamun urang Sunda geus poho kana kasundaanana, tanwande moal kaancikan ku rasa Kabayanna anu geus ngahiji manunggal jeung ruwatan, sajatining Ki Sundana.
"Lamun mah anu dicita-cita ku Kang Kabayan tineukanan, tangtu urang Sunda bisa makalangan, bakal nangtung ajeg; 'Yeuh aing ti Sunda' bari nepak dada satarikna."
"Urang lalajoanan we kumaha ketakna urang Sunda dina ngaruwat jamanna?"
"Sumuhun, Mbu." kuring ngenklokkan. "Aeh enya, sawios ieu kotak dibuka?"
"Hak Si Ujang." Si Ambu seuri, maur.

Kuring muka tutupna lalaunan; di jerona aya endong warna hideung, suling, jeung keretas salambar nu dilipet dualipetan.

"Sok buka, naon cenah eusina teh?" Si Ambu nitah ka kuring.

Basa dibuka, jerona aya tulisan dua jajar make tinta beureum. Laju dibaca...

"Mangga, kieu unggelna: 'Nggoleki kang anggoleki. Wayang dikawasaan ku dalang, atawa dalang dikawasaan ku wayang.' maksudna kumaha ieu teh? Teu ngertos abdi mah."
"Oh... kieu maksudna mah, lain dalang anu ngawasaan kana wayang--pedah bisa ngagerakkeun. Tapi, wayang anu ngawasaan ka dalangna. Sabab gawe dalang, sora dalang, kudu sarua jeung carita atawa pasipatan hiji tokoh wayang. Moal enya tokoh Si Cepot digerakkeun atawa dieusian ku sora Arjuna, jeung teu gampang ngagerakkeun wayang teh, sabab kudu ku nu ahlina. Di dieu bukti lamun si wayang teh keur ngawasaan ka dalangna."
"Ke!"
"Sabenerna mah jero pisan eusi eta tulisan teh, ngan urang contokeun weh ngarah gampang," Si Ambu surti, bari imut. "Ujang teh panulis, lin?
"Sumuhun."
"Lamun Si Ujang keur nyieun hiji karakter tokoh, Si Ujang kudu tuhu kana eta karakterna, tong galideur. Maksudna, Si Ujang teu bisa sagawayah maenkeun peran eta tokoh kaluar tina pasipatan jeung karakterna. Di dieu bukti, yen Si Ujang teh keur dikawasaan ku tokoh dina tulisan Ujang sorangan, sok sanajan Si Ujang teh salaku pangarang--anu kasebutan kumawasa. Tah kitu!" 
"Kahartos ayeuna mah, duh hatur nuhun Mbu parantos nerangkeun ka abdi."
"Ih teu kitu Sujang, urang kudu silih caangan dina mangsana keur poekeun obor."
"Mudah-mudahan atuh sasieureun-sabeunyeureun bade diala mangpaatna ku pribados."
"Heug! Didungakeun ku Ambu, jung gera berkarya dina dunya jeung pakna sewang-sewangan, mudah-mudahan aya guna keur diri sorangan, kulawarga, masarakat, pamingpin, katut nagarana."
"Jigana, urang pungkas weh ieu carita sempalan teh Mbu?"
"Sok!"
"Simkuring neda hapunten boh bisi kirang utami, boh basa boh tatakramana. Bilih aya nu kasebit nami kasebat nama, atanapi cariosan anu pondok-nyogok panjang-nyugak, neda agung nya paralun neda jembar panghampura manawi luntur galih kersa nampi. Tutus langkung kepang halang, bobot sapanon carang sapakan mugia ageung sih haksami... hatur nuhun."

***


3 Jan '09

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

Wiero Djampang ngomentaran:

Kataji kang Cucu Rahmat kana seratan saderk di luhur teh. Kajembaran basa sareng kaparigelana,nambihan warna ieu seratan. Hayu atuh sanaos memang urang teh "telah kalah"tapi pan masih aya keneh kasempetan kanggo lugay,hudang sareng action deui di sagala widang,dina secara kasundaan anu bingkit sareng modern. Utamina kaum cerdik cendekia Sunda nu kedah janten pioner2 kamajuan. salam,

Ujang Hade ngomentaran:

sae pisan....

Wa Agus Jatihandap ngomentaran:

Sae pisan seratan teh. Kataji kana kajembaran basana. Satuju kedah kitu urang sunda teh. Sim kuring anu karek balik deui ka tatar sunda sanggeus lana pisan ngumbara ngarasa nalangsa kasampakan urang sunda anu jadi babu di lemburna anu jadi semah di imahna. Deudeuh teuing .. Hampura kuring teu bisa nulungan.

Raudatu ngomentaran:

ieu teh carita narasi?