Moal Kataekan
Ku: Hidayat Soesanto
1
ABONG katitih murah jeung praktis, naon-naon cukup ku SMS. Padahal cik atuh, sakalieun beja aheng bin penting mah, matak naon ngomong langsung. Sakitu anggota dewan. Rea duitna. Pelit-pelit teuing pulsa. Asa moal beak saanueun.
Rukanda. Rahim Rukanda, nu ngirim SMS teh. Rada heubeul teu kontak. Panggih langsung harianeun. Lantaran rea kariweuh. Itu, lain kuring. Kuring onaman riweuh ku naon. Pajabat lain, direktur sanes. Beda jeung manehna, wakil rakyat. Rek naon-naon pasti teu kaur, waktuna beak dipake mikiran nasib rayat. Sugan! Sakalina kontak, ukur ngirim SMS. Kasebelan!
Keur anteng-antengna ngalamun, mikiran eusi koran jeung berita televisi. Dipikir-pikir mani euweuh nu sahijieun. Taya pisan beja pibabungaheun. Kabeh ngalilieur. Korupsi. Demo. Kalaparan. Pangurus partey parasea. Sakola ambruk. Ilegal logging. Pilkada riceuw. Rajapati. Bom. Dukun gejul. Asa hayang ongkek. Abong enya aya istilah: bad news good news. Dongeng kagorengan karek disebut berita. Da cacak kaduga, hayang teuing puasa maca koran jeung ngalalajoan televisi. Sabulan-dua bulan sugan.
Bacaan SMS diilo deui. Singget naker: Si Belut ditahan. Bejaan nu sejen! Teu kurang teu leuwih ukur sakitu.
Baruk Si Belut ditahan? Ti iraha, alatan naon, jeung di mana? Kabaud kridit macet kitu? Eta pisan nu pikasebeleun teh. Coba mun langsung nyarita. Ulah cukup SMS. Meureun bisa maluruh. Ku sabab banget panasaran, eleh deet malik ngontak. Leuh, mani hese. Kudu sababaraha kali, kakara nyambung. Abong wakil rayat.
"Cik atuh ari beja penting-penting teuing mah, ulah cukup nga-es-em-es. Lebar pulsa?" rada nyureng.
"Manasina ilaing wungkul, nu wajib dibejaan teh!" kalah nyentak.
Teu wani papanjangan. Rumaos. Jero hate wae ngagerentes, aeh, heueuh nya. Sobat Si Belut teh, lain kuring wungkul. Acan kawawuhanana.
Teu papanjangan teh, lian ti rumasa heureut uteuk, manehna ge can meunang katrangan eces. Karek kitu wae, majarkeun teh, Si Belut resmi ditahan, sarta statusna langsung tersangka. Turug-turug sakeudeung deui, tabuh lima panjeg. Kurang samenit dua menit.
"Geus heula euy. Sugan aya dina Head Line News Metro!" cekna.
"Enya nya," nurutan mareumah HP.
Teu salah. Memang aya. Lengkep jeung gambarna. Angger gagah. Tetep ganteng jeung perlente. Malah asa beuki gagah jeung ngora. Buukna galingna meles keneh. Sabaraha lila nya teu panggih? Aya dua taun mah kitu? Leuwih asana.
Duka keur kumaha ditewakna, atawa ngarasa kumaha mah. Sakitu digendeng patugas henteu riuk-riuk keueung, atawa ngarasa kumaha mah. Sakitu digendeng patugas Kejagung, digiring pirang-pirang pulisi, jeung dilingkung parawartawan. Imutna deuih teu pareum-pareum teh, selang-selang ngajawab pananya para kuli laptop teh.
"Biar hukum yang bicara. Sebagai warga negara yang baik, saya akan ikuti saja prosesnya. Cuma tolong jungjung azas praduga tak bersalah. OK!" cenah, tatag naker. Omongan standar (calon) sakitan koruptor. Biasana tuluy gegeringan. Aeh, ketah, boa disangka naon manehna mah.
"Namanya bisnis, pasti ada masalah," sambungna.
Les... gambar jeung sorana ilang. Ganti ku iklan. Jadol! Gancang pindah chanel ka RCTI. Nungguan Seputar Indonesia Edisi Sore. Sabot kitu beungeut jeung tangtungan Si Belut ngalangkang. Kasep jeung gagah. Kulit koneng sari bodas. Buukna ngombak banyu. Panon rada sipit. Cina paranakan. Cina Islam. Jelema alus kukulinciran. Gampang dipikaresep jeung dipercaya batur. Kantenan dipikabogoh awewe.
Ras inget kana kacapangan sarerea. Kuring sabatur-batur, (urut) sobat-sobatna. Ulah hayang nurutan. Moal kataekan Jang! Da enya atuh cadu teuing kataekan. Ketak polahna, pangpangna jurus bisnisna, estuning sejen ti sejen. Puguhing beunghar-beungharna. Geus lain beunghar ukuran urang-urang. Beunghar kelas konglomerat.
Bray... Seputar indonesia Edisi Sore. Mokaha rada lengkep. Jadi apal weh, ti mimiti iraha, jeung di mana ditahanna. Lian ti kelemeng gambaran kasusna. Teu salah-salah teuing: kridit macet! Kawas nyaan dariana pamarentah, niat perang ngalawan koruptor teh. Buktina Si Belut dikandangan. Samemehna mah, iraha teuing. Padahal teuing sabaraha ratus milyar, duit nagara nu direcak-recak ku manehna.
"Kasus kridit macet geuning nya?" cek kuring ka Rukanda, miheulaan nelepon deui.
"Enya," ngajawabna bangun teu purun.
Sanajan mindeng maca jeung ngadenge, perkara kridit macet tea, sugan teh manehna mah moal kasered. Bade raos-raos bae saperti sasari.
Ngindung kana waktu, mibapa kana jaman, miadi kana wanci, niat ngamangpaatkeun kasempetan. Usum paraputra ti Cendana, dug-deg ngadeg-ngadegeun pausahaan, nganggo kecap citra, manehna oge gancang pipilueun. Biasana diselapan istilah (ngaran) wayang. Bima Karsa Citra, Cakra Citra Wisesa, jeung sabangsana. Da eta ngarah dianggap aya pakuat-kaitna, sareng pausahaan Mbak Tutut. Ka dituna supaya gampang newakan order proyek.
Dasar Si Belut!
Tapi naha enya aya pangaruhna, duka teh teuing. Ngan nu tangtu, usahana sirikna teu blegblegan. Katembongna teh bangun gararampang. Cek nu bohong, kanjat sabulan hiji, nyieunan pausahaan anyar. Rupa-rupa. Sagala digarap.
Demi istilah wayang, dumeh kungsi resep bebeakan, ngalalajoan polah Si Cepot. Cina aneh. Bet resep kana wayang. Ari malem Ahad, kuring sarerea mindeng diajak ka YPK, ngadon lalajo wayang. Biasana seubeuh kukurilingan, tara tuluy baralik ka pangindekosan. Nyimpang heula ka Naripan. Cina aneh. Resep kana wayang.
Ari ieu PT. Karka Yasa Andalas. Teu make citra, teu make istilah wayang. Sugan teh boga urang Sumatra. Singhoreng kagungan anjeunna. Gableg Si Belut. Bisa jadi tadina pausahaan batur, tuluy ku manehna diakuisisi. Dibeuli. Ahli pisan apan, kana jual-meuli pausahaan teh. Biasana ngaranna dirobah sautak-saeutik. Ditempelan kecap citra atawa istilah wayang.
Genep puluh juta dollar. Hartina lima ratus genep puluh milyar punjul. Ampir tujuh taun, kriditna macet total, cenah. Puguhing pokona, bungana bae teu dibayar-bayar. Naha teu dijabel ku BPPN? Lain ge Si Belut atuh!
Antukna jadi tambah nemen ngabandungan televisi. Unggal waktuna berita, unggal mindah-mindah chanel. Terus nepi ka janari leutik. Teu bosen-bosen, ngabandungan berita ngeunaan manehna. Padahal eusina kitu-kitu keneh. Isukna, ngahaja ngabajong koran. Karep puasa maca jeung lalajo televisi teh, behna mah kalah sabalikna. Beuki nemen. Ah, gara-gara Si Belut!
"Ngumpul di imah uing," cek Rukanda, mahluk pangdeuheusna, di antara kuring sabalad-balad. Deuheus teh dumeh henteu clep buleneng teuing, siga nu sawareh. Pantes mun manehna pangheulana narima beja, majar Si Belut ditahan.
Kawilang pangdeuheusna jeung pangkadaginganana. Bubuhan pangwanterna. Ti mana horeng, nepi ka bisa jadi anggota dewan ogenan, ari lain beunang ngajeujeuh-jeujeuh Si Belut mah. Malah kungsi dimodalan usaha kontraktor sagala. Padahal heula dalitna mah jeung kuring. Parandene kitu, sanajan ampleng-amplengan, paralun bengkah. Boh itu, boh kuring, hate-hate bae mah tetep nganteng.
Pareng Si Belut ngalanto ka Bandung, rajeun ngahajakeun tepung. Biasana ngontak Rukanda. Tuluy ditepakeun. Kumpul di hotel anu, poe anu, jam sakitu. Tapi, teu nitih genep bulan sakali. Kawan alam dunyana geus bea. Manehna di ditu, di alak paul. Kuring sabatur-batur, ulukutek di puseur bumi. Iwal Rukanda cekeng ge, nu (kadenge) rada mayeng nepungan teh. Biasa ngadon namprak.
Datang ka Imah Rukanda, nyampak Agus jeung Bambang. Bambang, lain Bangbang. Wedalan Yogya asli. Tinggal nungguan Siregar, sarta teu kungsi lila katembong Charade kolotna datang. Sarua jeung kuring manehna mah, kurang kahayang jeung pangedulan. Matak euweuh kamajuan. Mobilna angger Charade taun 86. Untung resep ngoprek jeung rada ngarti kana mesin. Jadi leceng keneh jeung teu weleh leucir.
"Urang bareng ngalongok," cek pribumi, sanggeus sarerea dariuk.
"Hayang pisan," Agus rikat ngahayukeun. "Iraha?"
"Ayeuna!"
"Siap!" Bambang ngengklokan.
"Jol siap. Manasina gampang," tempas Siregar.
Dung-deng sawala ringkes. Bener omongan Siregar. Lain perkara gampang, hayang ngabesuk Si Belut teh. Moal bisa torojogan. Abring-abringan harianeun. Tahanan petingan. Pasti teu sambarang jalma diidinan panggih. Iwal kulawarga atawa pengacarana. Kuriak nganggu ongkoh. Saha nu nyaho manehna, kudu loba konsultasi.
Tungtungna putus weh: mending Rukanda heula sorangan. Ambeh dina gagalna, henteu jahat teuing lengkah. Teu poho titip salam jeung du'a.
"Ahirnya kena juga dia," cek Siregar. "Rupanya aji belut putihnya, mulai luntur," pokna seui. Biasa, urang Batak, sok poksang.
"Jangan gitu dong. Bagaimanapun dia teman kita," Rukanda bangun teu iklas.
"Oh iya. Bahkan bukan sekedar teman baik," Siregar buru-buru ngupahan. "Makanya kita semua ikut prihatin," ngareret ka kuring.
Teuing ku naon kuring kalah ngalieus.
Riungan bubar. Kuring kabagian nganteurkeun Rukanda ka Bandara Husen. Moro pesawat tabuh dua welas. Tutas ngajajapkeun, teu tuluy ka kantor ieuh. Agahan teh kagok bolos. Milih balik deui ka imah. Hate deuih jadi cus-cos. Heueuh, sahanteuna, najan geus henteu pati dalit, kungsi lila sakaresep. Mulan-malen sakampus.
***
2
SATENGAH poe nungguan beja ti Rukanda, dengdeng ngampleng. Rek miheulaan ngontak, inggis kaganggu. Ti heula kayid ongkoh. Iwal penting pisan, teu meunang nelepon manehna. Geus panggih ge jangji, pasti buru-buru mere iber. Maluruh ka nu sejen, sugan geus aya beja ti Rukanda, kalah malik nanya.
Tabuh salapanan (peuting) kakara aya kontak. Teu salah. Hese-beleke, cenah, hayang bisa ngabesuk teh. Bener teu sagawayah jalma, meunang ngalongok. Disaring pisan. Turug-turug nu ngajagana rempeg. Ampir-ampiran putus harepan. Untung pasanggrok jeung kulawargana. Bareng jeung tim penasehat hukum, bulat-beulit ngaliwatan jalan beurit, kakara bisa manggihan.
"Kumaha sehat?" ceng teh.
"Alhamdulillah... teu sakara-kara. Sehat, sehat pisan. Malah teu rengrot-rengrot. Cacak lain di jero panjara, asa panggih keur dina kaayaan biasa. Tetep galecok," tembalna. "Kawas nyanghareupan pasualan tai kuku."
Si Belut! Lain kakara adu hareupan jeung aparat hukum. Pesenna ka kuring sabatur-batur, teu kudu milu hariwang, cenah. Teu kudu milu riweuh, hayang ngabesuk deuih. Mending tungguan di Bandung. Kabeneran sono, geus lila teu tepung. Dijamin, moal kungsi lila, sagala rupana pasti beres.
Mun jelema lumpat mah, ukur tisoledat, gara-gara nincak cangkang cau. Ngan duka saha nu miceun. Keur dipaluruh, majarkeun teh. Abong Si Belut!
"Alah, naon sih di Indonesia, nu teu bisa diatur," carek Rukanda enteng, niru-niru omongan Si Belut.
Ti keur jadi mahasiswa, uteuk dagangna memang nyongcolang. Cula-calo, dadagangan, atawa ngayeng-ngayeng proposal, geus biasa deui manehna mah. Padahal kolotna jelema aya. Beuki tembong nyongcolangna, sabada nyobat jeung anak pangsiunan jendral, urut jejeneng Kodam. Duka saha nu ngawawuhkeun, da beda kampus. Ketah, keur manehna mah, naon nu henteu bisa dilakonan. Ukur hayang wawuh jeung jelema komo. Katimbang penting, carekna, dewa oge diunggahan.
Batur riweuh nyanghareupan tugas ahir, manehna mah kalah deg, ngadegkeun usaha. Nyieun CV. Inget keneh, ngaranna Citra Pandawa. Ti harita, kuliahna beuki teu puguh. Tungtungna ngabangkarkeun maneh. Milih drop out. Clep buleneng, tara datang pisan, ka tempat kuliah. Pareng panggih, laju rada dinaha-naha, jawabna teh:
"Kuliah mah bisa iraha bae," pokna.
Omongan manehna teu salah. Ongkoh-ongkoh, rek kuliah, rek usaha, ka dituna mah atung-atung eneh. Neangan jang eusi beuteung. Mun tea mah rada manglebarkeun, prestasi akademisna kaasup istimewa. Logika mikirna kuat. Daya analisisna seukeut. Asa moal hese, ukur hayang jadi dosen mah. Ngan nya kitu, saban nyabit-nyabit pikahareupeun, target hirupna sasat tunggal: hayang jadi pangusaha. Pangusaha gede. Konglomerat. Tapi, cadu ngamangpaatkeun modal kolotna. Hayang sagala meunang sorangan.
"Urang mah kuliah soteh, lian ti lebar ku otak, pedah loba nu nyebut pinter, ukur keur nambahan babaturan. Saha nu nyaho hiji mangsa perelu. Di antara babaturan sakampus aya nu jadi pajabat," cenah.
Pinter. Perceka. Palinceng. Wani. Lain tuturkeuneun urang-urang. Sabab moal teuing kataekan. Model kuring harianeun, jelema gede kasieun. Hayangna teh, hirup aman tiis-tingtrim. Matak lain teu kabita, lain teu diajak, satamatna kuliah, milih ngayeng-ngayeng surat lamaran.
Kabeneran aya milik. Saluyu deuih jeung lalamunan. Pas saperti angen-angen kulawarga. Jadi pagawe nagri. Boga pangasilan matuh. Unggal bulan nampa gajih. Maju ka kolot narima duit pangsiun. Naha teu digawe jeung manehna?
"Lamun rek milu usaha, hayu! Der... rek ti mana mimitina. Hayang dimodalan sabaraha. Tapi, ari ukur jadi pagawe mah, kuriak kalah ngagokan. Mending dungakeun, urang sing geura-geura jadi konglomerat nyaan. Ngarah ilaing gampang barangpenta," pokna, ka kuring sabatur-batur.
Paralun ukur lalambe. Jelema bageur pisan. Bisnis is bisnis. Perkara rejeki, kacida ogorna. Tegesna, teu rek ngaleuleungit. Ti saprak usahana neutneutan, asal panggih jeung manggihan, pasti aya titipan jang anak-pamajikan. Malah memeh papisah, tara poho ngomat-ngomatan: "Bisi aya kabutuh, tong asa-asa!"
Duka geus sabaraha lila teu panggih-panggih. Hiji mangsa, "Urang keur ngajukeun proposal ka Pemda, rek nyieun pusat balanja di tengah kota," pokna.
Masih keneh kukulibekan di Bandung harita mah. Tacan meber jangjang, ngalegaan usaha ka Jakarta. Nya kitu deui rupa usahana, masih keneh ngulinan proyek pamarentah. Tapi, karek tilu-opat-taun, nilik kandaraan jeung gaya hirupna, eces jentre, usahana pasti teterekelan. Baju-sapatuna, sidik wedalan manca. Keur mah eukeur resep make. Ka topi-topi kudu puguh merekna. Nyaah aya hasilna, dadalitan jeung anak pangsiunan jenderal teh.
"Jeung bapana ayeuna mah," majarkeun teh.
Jeung bapana, jeung sobat-sobat bapana, pada-pada hejoan. Apan keur usum harita mah, parapangsiunan tentara arusaha. Utamana pangkat kolonel ka luhur.
"Gila. Udah main em-eman (milyar) rupanya," cek Siregar harita.
"Iya lah," cenah.
Dibejaan ku Rukanda, sarerea diondang dahar. Mun urang-urang mah, maksudna sukuran. Pedah usahana mimiti melesat. Munggaran ngagarap proyek gede. Kabeneran aya restoran Jepang kakara buka. Bisi hayang seubeuh nambulan lauk atah, cenah, ngaheureuyan.
"Aya nu rek milu?" manehna nawaran.
Jadi naon wae, majarkeun teh. Naha suplier atawa nyokot ancak garapan. Dapon daria. Ulah dibikeun deui ka batur. Kudu enya-enya hayang diajar usaha. Teu kudu mikiran modal. Tinggal prakna.
Iwal Rukanda, boh kuring, Bambang, Siregar, boh Agus, kalah silihpelong. Lian ti eta mah, cukup nuhun.
Balik ti restoran Jepang, sajajalan uh-euh jeung ck-ck-ck. Siregar mah kawantu urang sabrang, keudeung-keudeung edan. Keudeung-keudeung gila. Sarerea muji kana uteuk jeung kawanina. Ti harita kuring sabatur-batur beuki yakin, akal usahana, lain tuturkeuneun urang-urang. Kawas lain lamunan wungkul, hayang jadi konglomerat teh. Nyaksian lengkah-lengkahna, katembong singsarwa araheng.
Taun 80-an, investasi sapuluh milyar, lain angka leutik-leutik. Sakitu teh can kaasup tanah. Padaha di puseur kota. Lelewek alun-alun. Manehna sorangan ngaku, jumlah raja-kayana moal aya sapersapuluhna. Matak barang proyek pusat balanjana, katembong siga-siga rek gagal, lantaran henteu pati payu, sarerea kungsi milu mangbingungkeun. Beu... boa-boa... Mangkaning modal usahana meunang nginjeum ti bank.
Cek itu, cek ieu, pasti tijungkel. Tukangeun manehna, kabeh nganaha-naha. Kaasup Rukanda. Kawantu ngarawu ku siku, cek sawareh. Mokahaan teuing, engklok nu sejenna. Teu ngukur ka kujur. Hayang jlegjlegan teuing. Jogjog neureuy buah loa. Kadal hayang jadi sapi. Tapi, naha atuh...
"Tijungkel nanahaon. Keur nyieun deui. Malah sakaligus dua," cek Rukanda, bari gogodeg. Bati tambah hemeng.
Ka beh dieu, jeung manehna teh, beuki langka panggih. Kuring sarerea, rariweuh ku gawe. Manehna pon pilalagi. Moal teu ngolecer. Dedengean teh beuki sagala digarap. Utamana proyek-proyek pamarentah. Iwal Rukanda nu cenah, rada mayeng panggih teh. Lantaran sok ngahaja manggihan. Bubuhan rada ngaligeuh, sabada milu usaha, tapi malah mindeng ngarugikeun.
Lebah dinya deuih, hebatna manehna teh. Sobat tinggal sobat. Tapi, bisnis is bisnis. Sosobatan jalan terus. Tapi, soal usaha, aya aturanana. Sakira teu mampuh, punten. Mending mere. Resep oorganisasian Rukanda teh. Pangpangna pupulitikan. Tayohna, duit proyekna, beak dipake maraban ormas, nu dipingpinna. Antukna ku Si Belut, dititah junun, ancrub kana dunya pulitik. Sakalian dimodalan deui. Ahirna jadi anggota dewan.
Karah rek nyieun deui sadua-dua? Apan nu hiji ge gagal. Malah nepi ka bangkrut. Wangunan agreng sakitu umpak teh, ngan henteu bae jadi sayang andar-andar. Nambahan sareukseuk tetenjoan puseur dayeuh. Geura heg ilikan ari jalan-jalan ka beh dinya. Teu kudu dituduhkeun. Sarerea pasti mindeng nenjo. Wangunan jangkung bubud. Badis sesa perang. Cacak di lembur, moal teu dipake sayang lalay. Rangkay beusina, asa rek sabru-brueun runtuh. Saha nu bogana. Teu puguh!
"Proyekna memang bangkrut. Malah dibeslah ku bank. Tapi, manehna mah angger bae mucekil," cenah deui.
Proyekna bangkrut. Dibeslah ku bank. Tapi, manehna angger mucekil. Beuki beunghar. Keur ngagarap deui proyek sadua-dua. Pangaji likuran milyar. Aneh!
"Aneh soteh ceuk urang," cek Rukanda.
Nyaan urang-urang mah moal kataekan. Paingan boga nagara teu kaur maju. Kalah sohor jadi bangsa pangkorupna sadunya. Da kitu geuning ngurus raja-kaya rahayat teh. Panggih wae ku jelema model Si Belut, puluh milyar teu puguh alang-ujurna.
"Bisi rek narurutan," pokna. Daradad Rukanda ngadadarkeun jurus Si Belut.
Boh ngawangun nu kahiji, kadua, jeung katilu, manehna mah sasat ukur modal dengkul. Sesebutanana wungkul gawe bareng. Join usaha jeung Pemda. Pemda boga tanah. Si Belut sabalad-balad (ngakuna) boga duit. Ngajukeun proposal. Nyieun MOU. Pihak Pemda masrahkeun tanah, pilahaneun pusat balanja. Pangajina saanu. Pihak Si Belut nyadiakeun dana sakitu milyar. Wujudna ukur bank garansi. Deg nyieun pausahaan. Saham Pemda sakitu persen. Saham Si Belut saparakanca sakitu persen. Saha direkturna, saha komisarisna, geus diatur.
Disaluyuan ku parakomisaris jeung pihak Pemda, tanah milik nagara teh, laju diborehkeun di-mark-up edan-edanan. Nya kitu deui harga proyekna. Lain nikel deui, tapi manglipet-lipet tikel. Sangkan cumpon kana jumlah pangajuna kridit.
Teu hese asal puguh leuleueurna. Lumrah ongkoh. Aya conto ti hilirna. Turug-turug tingkat likuiditas kabeh bank pamarentah harita, meujeuhna beubeukahna. Lantaran Pa Harto rajin nambutan artos ka mana-mendi. Tungtungna Bank Indonesia bingung, kudu dikumahakeun ieu duit. Piraku diantep ngahunyud dina brangkas onaman.
Duit meunang nginjeum ti bank, laju dipake ngawangun proyek. Tina buburuh ngawangun wungkul, pihak Si Belut saparakanca mah, leuwih ti medah-meduh. Kawantu sagala rupana di-mark-up tea. Perkara engkena, sanggeus proyek rengse, payu ka duit atawa henteu, karep teh teuing. Lain urusan Si Belut saparakanca. Carekna, payu sukur, henteu moal rugi. Paling-paling teu bisa nyicil ka bank.
Mangsana wates nyicil beak, giliran dibeslah ku bank, kop teh teuing. Tanah tanah batur. Boga Pemda. Milik rayat. Duit keur ngawangun proyek, meunang nginjeum ti bank. Alhasil, nu rugi mah tetep Pemda jeung bank. Pemda kaleungitan tanah, ku sabab disita. Bank sorangan pasti bingung. Sabab henteu bisa (gampang) ngajual barang milik nagara. Piraku aya jeruk ngadahar jeruk. Turug-turug ana diutang-itung, harga tanah jeung wangunan, jajauheun cumpon kana hutang. Buntut-buntutna diantep. Nungguan waktu (kriditna) dhapus-buku. Dianggap bagian tina risiko usaha bank.
Kumaha upama Si Belut ku Pemda, atawa ku pihak bank diadukeun? Ari hayang sarerea cilaka onaman. Dibongkar nepi ka tai-taina. Dibejer-beaskeun di pangadilan, saha wae nu kabeleteran. Peresis siga kasus korupsi KPU. Katambah-tambah tukangeun Si Belut teh, lain jelema samanea. Sarihungan. Pokona pola usahana, lain tuturkeuneun urang-urang. Cadu kataekan. Moal kahontal ku pikir.
Si Belut!
***
3.
SAHA ngaran aslina, pasti sarerea wanoh. Moal aya nu bireuk. Sebut dua puluh lima konglomerat anyar, salahsahijina pasti manehna. Ning, urang sebut bae Si Belut. Lain panglandi ti batur. Manehna sorangan nu pok deui-pok deui, mapandekeun dirina jeung belut. Belut putih. Ajian Dursasana, majarkeun teh. Watekna ditewak ora katewak. Dicerek pasti merejel. Leueur alahbatan dilabur oli. Kurang-kurang taraptina, tamiang meulit ka bitis, malik nyilakakeun diri.
Ka beh dieu, jadi asa milu dosa, unggal nenjo sawatara wangunan jero kota, bubud mubadir euweuh nu ngeusian. Buah kalakuan Si Belut, eta teh. Hareupeun alun-alun. Jalam Ahmad Yani. Banceuy. Braga. Jeung teuing di mana deui.
Jelegur krisis moneter. Disusul lumungsurna Pa Harto, tina singgasana Karajaan Cendana. Jol orde reformasi. Ratusan, boa rebu, pausahaan raksasa bra-bru raruntuh. Badis imah kardus, kahujanan-kaanginan. Lantaran hutangna salaput hulu. Rebuan milyar. Lain bayar-bayareun. Behna mah galede soteh wujudna. Jero-jerona mah korpos.
Puluhan bank dilikuidasi. Sawatarana dipaksa merger. Kaasup bank boga pamarentah. Konglomerat tingkoceak, gara-gara leungiteun pamuntangan. Oom Liem Soei Liong, kapaksa kaleungita BCA. Mochtar Riyadi ngolesed ti Bank Lippo. Pabrik mobil Tommy bangkar. Proyek jalan tol Mbak Tutut tiwas. Sawareh dijual jaar. Raja kayu Prayogo Pangestu tamat lalakon. Boh Hasan dibui. Kungsi nganjrek di Nusa Kambangan sagala. Dongeng pausahaan-pausahaan konglomerat dijabel nagara (BPPN), sirikna teu unggal poe rame dikorankeun.
Si Belut sorangan kungsi ngagaleong. Sababaraha usahana macet di satengahing jalan. Rea usahana nu ngahaja dibangkrutkeun. Asetna dibagikeun ka karyawan. Mun jelema mah diamputasi. Lebah dinya pinter-palincengna Si Belut. Teu lebar leungit suku sabeulah, asal buru-buru sehat. Bisa diganti suku titiron ongkoh. Dasar Si Belut. Teu kungsi lila, kadenge nguliat deui.
Moal kataekan, cekeng ge. Lain udag-udageun uteuk urang. Duka ti mana meunang ilhamna, Rukanda datang mawa beja sejen: Si Belut nguniang deui. Usahana maju deui. Beunghar deui. Malah geus jadi konglomerat anyar.
Ngaranna nanjung. Ngelehkeun ngaran sohor bangsaning Syamsul Nursalim, Samadikun Hartono, Mochtar Riyadi, Probo Sutedjo, atawa Sudwikatmono.
"Nyalo di BPPN," cenah.
Nyalo aluas buburuh. Nyalo loba pausahaan boga konglomerat dijabel BPPN, sirikna teu kabeh konglomerat didatangan. Asal puguh buruhna, ulah sieun mubah. Pasti balik deui ka nu bogana. Saperti biasa deg nyieun pausahaan anyar. Pausahaan investasi. Kantorna ngahaja di segi tiga emas, Jalan Kuningan. Muklis usaha sorangan. Maksudna, henteu ngajakan nu lian. Teu make kecap citra ayeuna mah. Teu make istilah wayang deuih. Kecap citra geus teu payu ka duit. Istilah wayang dianggap tinggaleun jaman. Indonesia Bangkit Invesment. Luyu jeung kontekstual. Indonesia (manehna) geura-geura hudang. Gancang ka luar tina krisis.
Kongkalikong jeung elit politik, katut pajabat BPPN, bisa meulian murah pausahaan beslahan. Ilaharna lelang, aya nu ngan 20%, 30%, paling mahal 40%, tina harga sabenerna. Beresih. Ngurung leuleueur. Duitna ti mana deui, pasti ti konglomerat keneh. Manehna onaman semet buburuh. Nyalo. Da apan aya aturan, sakur pausahaan nu geus dipasrahkeun ka BPPN, teu meunang ragrag deui ka asal. Sakalina kanyahoan, jual-meuli dianggap batal.
Cek aturan! Tapi, di Indonesia, naon nu teu bisa diatur. Keur Si Belut harianeun. Hasilna, Si Konglomerat untung. Hutang sakitu ratus milyar, atawa trilyun, langsung dianggap lunas. Cukup masrahkeun pausahanana. Hargana ngahaja didongkrak heula.
Waktuna dilelang ku BPPN, hargana digejretkeun deui. Hutang sakitu milyar, cukup diduitan saaun perak. Alesanana, kitu lumrahna. Ngaranna ge keur dina kaayaan krisis. Contona Korea Kidul jeung Thailand, cenah. Padahal Korea jeung Thailand mah, teu katarumpangan KKN. Alesan sejenna, butuh keur nambalan APBN. Nu penting buru-buru jadi duit. Ngajual mahal ari lila. Kuriak ngabangke manten. Murah tapi gancang. Nu penting jadi duit!
Ngagunakeun leungeun Si Belut, parakonglomerat ngabajongan deui (murah pisan) pausahaan milikna. Hutang lunas, pausahaan balik deui. Hanas kudu muruhan Si Belut, tetep katitih untung. Matak loba beja, majar Paralon Group, pausahaan asal Singapur, nu meuli saham BCA, sabenerna milik Oem Liem Soei Liong. Manehna nyokot nginjeum leungeun.
Si Belut cukul. Ladang modal dengkul. Bisa nyakuan ratus-ratus milyar.
"Eta hotel (nyebut hotel bintang opat di Bandung), buruhan ti konglomerat tekstil," cek Rukanda. "Hajakal dijual deui."
Kabita ku konsesi leuweungna, Si Belut meuli pausahaan kayu PT. Karka Yasa Andalas. Dibeuli jeung hutang-hutangna. Duitna hasil nyalo. Lantaran cek uteuk bisnisna, dina alam reformasi, alam singsarwa bruk-brak, bakal hese hayang meunang konsesi (ngala kai) leuweung teh. Turug-turug leuweungna beuki langka. Maen duit cara jaman Orde Baru, lain teu bisa, ngan bakal katitih mahal. Sabab kudu walatra ka rea jelema.
Korupsi geus berjamaah. Aya wae saurang teu kabagean, cilaka. Loba contona. Matak pausahaan nu hiji ieu mah, sanggeus dibeuli, ngahaja henteu dijual deui. Sakitu loba nu ngaririhan. Kaasup nu bogana.
Meulina murah, kawantu dibeuli jeung hutang-hutangna. Piuntungeun ngalangkang dina sirahna. Nungguan sagala rupana aman, pabrik bubur kaina, baris ngagorolong deui. Perkara hutang ka bank, panyangkana rek saperti sasari. Gampang bisa diatur. Direstrukturisasi atawa dibere kalonggaran sejenna. Jeung paradireksi bank, lain wawuh deui. Loma beh ditueun loma. Parner cingcay.
Ari pek... gewewek teh tilu direksi bank-na ditewak. Malah teu kungsi sabulan, langsung diganti ku nu anyar. Atuh teu bisa mangga pulia. Teu bisa monggah, ukur katempuhan buntut maung. Meuli pausahaan loba hutangna.
"Biasa aya nu sirik," cek Rukanda, stel yakin.
Saminggu dua kali Rukanda besuk. Angger sorangan. Bulak-balik kana pesawat. Kuring jeung nu lian, lain teu hayang. Tumut kana pesen Si Belut, teu kudu milu riweuh ngalongok. Mending tungguan di Bandung. Majar moal lila deui oge bebas.
Saban tas besuk, Rukanda teu weleh mawa beja pikagumbiraeun. Tapi, maca dina koran jeung ngabandungan berita televisi, sarera rajeun sabil. Sakitu dariana Kejagung jeung pulisi, ngungkab kasus korupsi kridit macet. Sakitu ronghokna panon nu ngawaskeun. Asa beurat mun hayang enya-enya salamet teh. Sakumaha omongan Siregar, saleueur-leueurna belut, kudu bae katewak. Asal pamarentah gede karep, kuat niat, junun, jeung ulah deet akal.
"Si Belut bebas demi hukum," cenah. Mangsa tahananana beak, tur henteu ditambahan. Alesan jurusidik, "Salila ditahan, teu weleh koperatif. Boga itikad hade. Siap memeres hutangna ku cara dibebaskeun, bisa leuwih gancang meresan hutangna.
"Kami jadi serba salah," cek Jurusidik. "Umumna masarakat ngarep-ngarep, pangbuian pinuh ku parakoruptor. Sedeng pamarentah, demi kapentingan ekonomi, condong milih kompromi. Asal bisa mayar hutang, kasusna bisa dianggap rengse."
Bisa! Lain kudu langsung gubrag. Naon hesena keur Si Belut. Malah cacak niat, jeung asal ulah lebar, tinggal nyairkeun deposito di sabaraha bank. Ratusan milyar keneh, ladang nyalo ti BPPN teh. Acan bangsaning surat berharga; saham, obligasi, jeung naon ku hanteu.
Tapi lain ge Si Belut, ari kudu taluk ku sakitu mah. Daek mayar ku duit sorangan. Babasaanana oge, boga duit kontan mah, mending ngabeukahan usahana. Cupetna depositokeun. Atawa ulin di bursa saham.
"Tong hayang teuing apal nepi ka detilna. Kumaha carana Si Belut bisa bebas," cek Rukanda beuki gagah. Imutna jadi murah kabina-bina. "Pokona bulan hareup, uing ganti mobil deui."
"Rupanya elu juga ikut main," tempas Siregar.
"Ikut main atawa ikut dimainin," engklok Bambang.
Beungeut Rukanda langsung ngariuk. Asa kabuka rusiah. Manehna teh lian ti anggota dewan, inohong partey. Nuturkeun jalur Si Belut, tinggal unggah ka beh luhur. Nagih jangji urut ngamodalan kampanye waktu pemilu. Partey mana, pilitikeus mana sih, nu teu ngasaan duit Si Belut!
***
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heulaWiero Djampang ngomentaran:
Carpon sae kang..kataji pisan.. oke..atek haris ngomentaran:
duh eta si belut aya ku leueur,naha teu aya nu tiasa kitu newak belut... asa mirip jeung kanyataan jaman kiwari nya kang..?hehe..Nugraha Abadi ngomentaran:
Sae pisan Carpon teh, mugi tambih seueur pangarang nu caritana munelkawas kieu...kang nungki ngomentaran:
Sanaos temana umum, pengarang tiasa nyuguhkeun carios anu "menarik". Pengarang nyepeng "Wilayah sareng eusi" nu rek ditulisna.Ah, boa ieumah mangrupakeun dokumentasi tina kajadian nyata?