Kingkilaban Edisi 2218
IMAS PERMAS KAMUS; Loba Dulur Di ABC
Nya geulis nya halimpu sorana, nya someah jeung darehdeh dina campur gaulna, ku kituna Imas Permas Kamus mah loba sobatna, teu weleh hayang padeukeut awahing ku deudeuh. Ti barang brol dibabarkeun atuda geus ditebus ku emas, jadi teu aneh lamun ayeuna Imas lir emas pada midulur pada misobat.
Sora anu empuk lemes mun dikupingkeun angin-anginan asa dipepende, nyaan.
Ceuk Imas dina haleuangna;
"Di leuweung naon kaina, kai bangban jeung ki bingbin,
gurandul imah tiwuan, begung leuweung nabeuh canir,
herang cai sipamali, awi bitung jeung ki gintung,
harerang mata peucangna, ki julang jeung singawalang,
rangkong julang, celentrong puyuh gonggongna."
Eta salahsahiji haleuang tina pagelaran Tembang Sunda Leuweung Sarakan anu dihaleuangkeun ku Imas Permas Kamus anu di jalan ABC loba dulur, pokna. Moal loba nu percaya lamun Imas katetesan getih Mandarin. Pinter tembang ngahaleuang, atuda ti keur jadi mojang alit, Imas mah geus dibere resep hahaleuangan, nya terus dituyun ku Ibu Kamus, katambah-tambah tara bsen diajar..jadi weh Imas Permas Kamus anu ayeuna sering magelaran jeung Lingkung Seni Purbasaari. Kungsi ngahaleuang di istana Bogor basa para delegasi APEC sumping ka istana Bogor, di antarana Bill Clinton terus basa KTT Non Blok jeung acara-acara kanagaraan di istana Merdeka Jakarta jeung istana Cipanas. Di mancanagara mah, Imas kungsi magelaran di Thetre De Villeneuve Dascq Paris jeung Straboourg Paris, terus di Theatre RASA Ultrech nagriu Walanda, Bologna Itali, Holland Festival di Walanda, Festival D'ille De France di Perancis, taun 2000 magelaran di Rain Forest World Music Festival 2000 di Serawak Malaysia.
Umumna para juru mamaos jeung para seniman Sunda hususna anu ngalaman magelaran di luar negri, muji ka para panongton di nagara deungeun, saropan, tartib, aman, tengtrem, teu aya anu susuitan jiga di urang. Luhur ngajenanana ka seniman, sumawonna nu daratang ti jauhna saperti ti Tatar Sunda. Kitu anu didongengkeun ku Ida Wydawati oge. Nu teu kawawa hayang gandeng mah tiungketeyep ka luar ti gedong pagelaran, geus ngarasa cageur arasup deui. Memeh pagelaran beres tara aya anu balik.
Eta teh di batur.... di nagara deungeun, tapi... alusna deungeun jadikeun eunteung sagigireun pangalaman jadikeun guru.
Mun ras ka sarakan, pasti Imas ngahariring leutik;
"Tatar endah Parahiang, mayakpak kembang sataman,
lauk balong tingasiriwik, Pasundan Taman Surgawi.
Gunung-gunung maseuk tangtung, mulang asal ka bihari,
Hejo lembok tiis jisim, paranti ngumbar lamunan."
Inget ka almarhum Mang Uking Sukri basa ngawangkong di bumina, bawahan Ujungberung. Mang Uking naros "Lamun ngadangu mamaos Cianjuran, dina hate sok aya naon?" Nu ngajawab teh purnawirawan militer nu kungsi kaselir jadi Ataseu di Polandia, pokna teh"Abdi mah sok hayang bobogohan deui....waas teh....!" pokna.*** (HRS)
***
PRANG SAKIRMAN; Ngurus Masjid di New York
Puluhan taun ngumbara di Amerika, sakulawarga. Tapi lelembutanana mah ngalayang we di nagara sorangan, di Bandung lembur istri jeung mertuana, deukeut di Jalan Banteng, nyanghareupan lapang Lodaya. Istrina di Amerika teu cicing, tapi babakti di sakolaan, Prang Sakirman kusabab pamianganana tina bisnis barang-barang supenir, eksportir, tepi ka ayeuna oge ngadukdukan keneh bisnisna, malah ayeuna mah ekpsor impor. Kulantaran geus lila ngadeg masjid umat Islam Indonesia anu maratuh di New York, Prang Sakirman dipercaya jadi pupuhu pangurus masjid. Unggal aya musibah di lemah cai, masjid ngumpulkeun sumbangan-sumbangan keur mantuan musibah di lembur. Beungkeutan urang Indonesia di nagara Paman Sam kacida raketna, sapapait samamanis teh nyaan, saurna. Ari putrana, hiji-hijina istri jadi Bankir gede, padamelanana ngalalayanan para nasabah kalangan pangagung, umumna para Presiden Amerika manten, sapopoe dilalayanan ku putra Prang Sakirman anu pinter jeung binangkit loba kabisa, geus aya kana sataun satengahna geus adi Nyonya, carogean nonomn urang nagara Paman Sam.
Ari istrina kungsi nyepeng organisasi persatuan orang tua murid, rame dongengna teh. Di antarana cara ngokolakeun naredana barudak sakola, pan di ditu mah sakola teh aya acara tuang siang, tah diurusna teh ku orang tua murid. Barudak iuran per bulan upamana duapuluh rebu sewang. Tapi anu teu marampuh mah dibebaskeun teu kudu mayar. Nya disubsidi ku nu marampuh. Menu diatur, minggu ieu naon, minggu hareupna naon jeung saterusna. Subsidi silang geus lumangsung tartib, Sakola gratis teu aya, tapi umumna subsidi silang nu dilarapkeun teh. Kitu saur Ibu Prang Sakirman ngawangkong jeung MANGLE basa liubur di bumi Ibu Tirto, sepuhna.(AS)
***
APEP AS HUDAYA S.Sos; Dalang Sarjana Fikom Unpad Pinunjul Pestifal Wayang Nasional
Dalang Muda Apep AS Hudaya , Sarjana wedalan Fakultas Ilmu Komunikasi Unpad, sawatara waktu anu geus kaliwat kasinugrahan pinunjul : "Penyaji Terbaik" jeung "Catur(carita) Terbaik" Pestifal Wayang Nasional PEPADI (Persatuan Pedalangan Indonesia)anu digelar di Yogyakarata jeung diiluan ku 23 pamilon (13-15 Desember 2008).Tah dina Tanggal 19 April kamari, ieu Pimpinan Padepokan Wayang Giri Komara Bandung teh magelaran mintonkeun kaparigelanana di buruan Gedong Kasenian Bale Rumawat Pajajaran-Unpad Jalan Dipatiukur 35 Bandung bareng manggung jeung Maestro Sinden Cicih Cangkurileung. Pintonan dina raraga ngamumule kasenian-kabudayaan Sunda anu dirojong ku Bank Jabar-Banten sok sanajan kateug ku hujan, teu wudu pada ngadeudeul ku sakumna uleman jeung civitas akademika Unpad kaasup Rektor Ganjar Kurnia, lalajo carios "Kumbakarna Gugur".
Rengse magelaran Apep anu harita dibarengan ku bojona Nita Royani jeung putrana Nawura Dafa Paniara, weleh ka Mangle magelaran di Unpad mah cenah reueus jeung asa di imah sorangan sabab ieu putra Dalang Bejo Hudaya ti Padepokan Mitra Kancana Karawang teh, "Memang idek liher jeung digedekeun di Unpad, abdi aktivis Lises, sareng kacida nganuhunkeunana ka Bapa Profesor Himendra Wargahadibrata (Rektor Unpad ka-9) sareng ka Bapa Rektor Ganjar Kurnia, anu salami ieu tos ngamalirkeun kaparigelan abdi, dugi ka tiasa magelaran di mancanagara sapertos Denmark, Jerman, Australia. Malaya( 5 kali) jeung Francis(3 kali)..hatur nuhun".Kitu saurna.
Tapi Sarjana Ilmu Humas anu tekadna geus buleud rek hirup tina ngadalang, manghanjakalkeun kana ketak pamarentah anu kurang ngarojong kana kamekaran dalang-dalang ngora. Padahal sirung-sirung (regenerasi) anu bakal neruskeun jagat padalangan Wayang Golek Sunda kacida lobana, ngan hanjakal kateug ku biaya.Kitu saurna. (ASEP GP)
***