Sat, 19-05-2012
Carita Tilu Bagian

Anu Arujian

Pintonkeun di FB

"Karunya, rea anu stres, Mang...."
"Caleg anu teu kapilih, Lo?"
"Geus teu usum nyaritakeun caleg ayeuna mah."
"Saha atuh nu saretres teh?"
"Barudak sakola, Mang."
"Beu?"
"Rea nu teu kuat mentalna nyanghareupan Ujian Ahir Nasional, Mang."
"Puguh we. Kaharti ku Mamang ge kumaha tegangna barudak sakola dina nyanghareupan ujian."
"Tegang sieun teu lulus ujian nya, Mang?"
"Enya."
"Padahal lamun bener-bener ngapalkeun mah, mempersiapkeun diri, teu kudu nepi ka tegang kitu nya, Mang?"
"Ah Alo mah kawas nu teu kungsi ngalaman sakola. Kapan ku Alo ge baheula karasa meureun, rea halangan-harungan dina nyanghareupan pangajaran sakola mah. Pangpangna kahalangan ku resep ulin. Da memang umuran sakola mah keur meumeujeuhna resep ulin tuda."
"Keur meujeuhna resep ulin jeung beger, Mang."
"Tuh, geuning ngarti Alo ge."
"Memang asa teu adil nya, Mang, sakola taun-taun nasibna ditangtukeun ku ujian nu ngan ukur sababaraha poe."
"Matak rea anu stres oge, Lo."
"Malah cenah di Maluku mah aya nu nepi ka kapiuhan sabada nyanghareupan soal ujian matematika, Mang."
"Kaharti. Bakat ku teu kuat nahan beban mana kitu ge."
"Nu boga beban beurat teh lain barudak sakola wungkul, Mang...."
"Saha deui tah?"
"Para guru jeung kapala sakola oge sarua dibangbaluhan beban. Dibeungbeuratan kasieun. Sieun rea anak didikna anu henteu lulus."
"Kaharti ku kituna mah. Lantaran kualitas anak didik teh kapan hasil tina pagawean para guruna."
"Nepi ka di batur mah aya kajadian genep belas urang kapala sakola dipariksa ku polisi."
"Har?"
"Lantaran disangka ngabocorkeun soal ujian, Mang."
"Innalillahi...."
"Jeung aya nu karasa teu adil deuih, Mang.?
"Naon deui, Lo?"
"Standar ujian teh mun teu salah mah sarua, boh di kampung boh di kota."
"Ari kitu, teu adil lebah manana?"
"Enya kapan ari pasilitas pendidikan mah henteu sarua. Pangpangna nu di kota jeung nu di pasisian, rea anu babandinganana teh lir langit jeung bumi. Minangka contona, Mang, barudak sakola di kota, pangpangna ti golongan menengah ka luhur, sabada beres sakola resmi teh tuluy ditambahan ku les atawa bingbingan belajar keur ngamantepkeun pangajaran di sakolana. Malah kalan-kalan metodeu pangajaran di tempat bingbingan belajar teh leuwih cangggih batan di sakolna. Ari di pasisian, rek bingbingan belajar ka mana? Paling-paling ge ka sawah atawa ka kebon, bingbingan belajar jeung pacul."
"Enya nya...."

*

"Taun-taun sakola teh di urang mah ukur ngudag berendelan angka dina salembar keretas nu disebut ijasah, Lo."
"Nya enya atuh Mang, kapan kabeh anu diajarkeun ku guru teh dites dina ujian, tuluy hasilna jadi angka-angka dina ijasah."
"Nyaeta, ceuk Mamang ge di urang mah sakola teh ukur ngudag runtuyan angka dina ijasah."
"Na kedah kumaha deui atuh, Mang?"
"Kuduna mah sakola teh jadi tempat ngadidik para murid sangkan boga kaahlian dina ngarengsekeun pasualan nu aya di masarakat, pangpangna nu aya pakaitna langsung jeung dirina. Sakola teh kudu ngajarkeun kumaha hirup!"
"Memang idealna mah kitu, Mang."
"Ku lantaran runtuyan angka dina ijasah jadi hiji-hijina standar pendidikan, barudak sakola teh jadi rea nu ngahalalkeun sagala cara sangkan boga niley ijasah anu badag. Aya nu ku cara niron, meuli lembar jawaban, jeung cara-cara sejenna anu henteu ngadidik. Malah kapan teu kurang-kurang guru jeung kapala sakola anu ngabocorkeun jawaban sangkan anak didikna meunang angka nu gede dina ijasah."
"Leres pisan, Mang. Karaos ku abdi, sakola taun-taun teh ukur latihan keur nyanghareupan ujian, lain latihan keur nyanghareupan pasualan hirup."
"Matak rea lulusan sakola anu niley ijasahna alus tapi bingung dina nyanghareupan pasualan hirup."
"Karunya barudak sakola di urang mah nya, Mang.?"
"Enya."

*

"Kalah Singapura anu agresif, Mang."
"Naon tea. Lo?"
"Neangan barudak sakola anu jenius, Mang. Barudak sakola di urang, anu parinter, ditawaran beasiswa ku perguruan tinggi di Singapura."
"Beu! Bet aya kesan ngahargaan keneh bangsa deungeun kana prestasi barudak sakola di urang teh batan pamarentah urangna sorangan mah...."
"Bisa jadi kitu."
"Jadi nu karuliah di urang mah sesa pamilihan ti Singapura?"
"Meureun...."

***

Mang Lintrik 

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula