Sat, 19-05-2012
Munara Cahya

Do'a jeung Ihtiar

Pintonkeun di FB

Ku: Mahmud Yunus

Alloh SWT ngadawuh: Wa qoola robbukumud 'uunii astajib lakum, innal ladziina yastakbiruuna 'an 'ibaadatii sayad huluuna jahannama daahiriin. Nu hartosna : "Pek geura ngado'a ka Kami, tanwande Kami ngaijabah maraneh. Saestuna jalma-jalma nu sarombong tina ibadah ka Kami bakal asup ka Jahanam dina kaayaan dihinakeun" (QS Al-Mu'min [40]: 60).

Dina ayat sejenna deui Alloh ngajentrekeun kieu: Wa idza saaluka 'ibaadii 'anni fainni qoriib, ujiibu da'watad da'i, idzaa da'aa'i falyastajibuulii walyu'minuu bii la'allahum yarsuduun. Hartosna : "Jeung lamun seug abdi-abdi Kami nanyakeun ka maneh perkara Kami, (pok caritakeun) yen saenyana Kami teh deukeut. Kami ngaijabah pamenta jalma-jalma nu bener-bener mementa ka Kami nalika maranehna menta ka Kami." (QS Al-Baqoroh [2]: 186).

Ngaliwatan ayat-ayat ieu Alloh SWT nandeskeun dua pasualan penting nya eta manusa diparentahkeun kudu ngadu'akeun. Ngadu'a ka Alloh SWT ngarupakeun ibadah nu teu dilalaworakeun. Ditetelakeun ku Nabi Muhammad SAW: "Saestuna du'a teh ibadah" (Hadits Riwayat Ahmad jeung Ashabussunan ti Nu'man bin Basyir). Nurutkeun riwayat Turmudzi jeung Ibnu Majah ti Abu Huraeroh, Nabi Muhammad SAW mopoyankeun: "Teu aya hiji oge perkara nu leuwih diajenan ku Alloh SWT salian ti du'a". Ku penting-pentingna ngadu'a, manusa nu tara ngadu'a diasupkeun kana golongan nu sombong (takabur) ka Alloh SWT. Ngagambarkeun kumaha pentingna du'a Nabi Muhammad SAW ngawawadian: "Sing saha jalma nu tara barang penta (ngadu'a) ka Alloh SWT, tanwande Alloh SWT bendu ka manehna". Nurutkeun QS Al-Mu'min [40]: 60, bebendon Alloh SWT ka jalma-jalma nu sombong (lantaran tara ngadu'a) teh bakal diabuskeun kana Jahanam dina kaayaan hina.

Di sagigireun eta, Alloh SWT jeung Rosul-Na ngajelaskeun yen aya waktu-waktu jeung tempat-tempat nu utama keur ngadu'a. Sakur nu ngadu'a dina waktu jeung dina tempat nu geus ditangtukeun pasti tinekanan (dikabulkeun atawa diijabah ku Alloh SWT). Keur nu aya di lembur contona bae; nalika keur puasa. Wanci janari atawa duapertilu peuting ka isuknakeun. Malem jeung poe Jumaah. Di masjid atawa mushola, jste. Keur nu aya di tanah suci upamana bae; di Multazam, di Hijir Ismail (nu pernahna di Masjid Harom) jeung di Raudhoh (nu perenahna di Masjid Nabawi).

Ngan sawaktu-waktu sok aya nu helok, naha dina emprona teu sakur du'a dikabulkeun sakumaha pamenta? Ngadu'a mah kieu, ari jol teh kitu. Salian ti eta teu mustahil aya sawarehna dulur-dulur urang nu ngarasa du'ana can kungsi dikabulkeun. Naon sababna?

Dumasar kana pidawuh Nabi Muhammad SAW mun du'a henteu atawa tacan dikabulkeun ku Alloh SWT, sababna aya sababaraha kamungkinan. Kahiji, bisa jadi nu dipenta ku urang teh merelukeun proses panjang nu disebut ihtiar. Upamana bae, keur nu hayang nambahan elmu pangaweruh tangtu teu cukup ku maca "Robii Zidnii Ilman Warzuqni Fahman". Lantaran keur ngawasa elmu pangaweruh teh ngabutuhkeun tarekah jeung waktu nu tangtu. Conto sejenna, keur nu ngaharepkeun dipaparin rejeki nu halal jeung loba, nya tong ukur ngandelkeun Solat Dhuha (najan) bari ngadu'a: "Nun Gusti. Saupamina rejeki abdi teh ayana di langit mugia dilungsurkeun. Saupamina rejeki abdi teh ayana di lebet taneuh mugia dikaluarkeun. Saupamina rejeki abdi teh ayana di tempat nu tebih mugia dicaketkeun... Jste". Palebah dieu, ngadu'a teh kudu dibarengan ku usaha manusa. Alloh SWT nandeskeun: Innalloha laa yugoyyiru maa bi kaomin, hatta yugoyyiru maa bi anfusihim. Nu hartosna : "Saenyana Alloh moal ngarobah kaayaan hiji kaom satungtung maranehna henteu ngarobah kaayaan dirina sewang-sewangan" (QS Ar-Ra'du [13]: 11).

Kadua, palangsiang Du'a teu dikabulkeun teh lantaran Alloh SWT surti mun kabeh pamenta manusa dikabulkeun tangtu bakal cilaka. Dina hal ieu Alloh SWT nyaaheun pisan ka manusa teh. Upamana kieu, jalma nu ngadu'a hayang beunghar teh rea jumlahna. Aya nu dikabulkeun, aya oge nu henteu. Alusna mah nu teu kabeneran jadi jalma beunghar teh syukuran ka Alloh SWT. Sabab, ditetelakeun dina Al-Quran, Qorun nu beunghar kabina-bina (mangsa harita) di dunyana teu bagja teu sing. Anapon di aheratna dipastikeun jadi jalma nu cilaka ku hartana. Katilu, boa-boa du'a teu dikabulkeun sotenan ngarah urang bisa ngaronjatkeun kualitas kasabaran dina narimakeun naon rupa nu dikaruniakeun ku Alloh SWT ka urang. Sikep sabar dina harti anu jembar, estuning kudu ditembongkeun ku mangrupa tarekah nu daria dibarung ku strategi nu luyu jeung situasina. Kaopat, teu mustahil du'a teu dikabulkeun teh lantaran du'ana sorangan salah atawa teu merenah. Mun ceuk basa gaulna mah teu nyambung. Dijentrekeun ku Alloh SWT ngadu'a teh aya tatakramana.

Aya etikana. Dina QS Al-A'raf [7]: 55-56, didawuhkeun : Ud'uu robbakum tadorru'an wahufyatan, innahuu laa yuhibbul muhtadiin. Walaa tufsiduu fil ardi ba'da islaahihaa wad'uuhu haofan watoma'an, innaloha qoriibun minal muhsiniin. Hartosna : "Pek geura ngadaru'a ka Pangeran maraneh kalawan handap asor jeung lalaunan. Saestuna Alloh teu micinta ka jalma-jalma nu ngaliwatan wates wangen. Jeung maraneh ulah nimbulkeun karuksakan di ieu bumi sanggeus beres, jeung pek geura ngadaru'a ka Anjeunna kalawan sieun sarta manteng hayangna, karana saestuna rohmat Alloh teh deukeut ka jalma-jalma nu ngalampahkeun kahadean". Sakurang-kurangna aya opat perkara nu patali jeung tatakrama atawa etika ngadu'a atawa etika ngadu'a ka Alloh SWT nu ditetelakeun dina ayat-ayat bieu teh. Kahiji, kudu handap asor ulah 'ujub jeung takabur. Kadua, kudu lalaunan (sorana) ulah tarik teuing. Katilu, kudu sieun teu dikabulkeun. Kaopat, kudu manteng hayangna jeung yakin ku Alloh SWT baris dikabulkeun. Palebah dieu mun aya du'a urang nu can diijabah ku Alloh, nya alusna mah urang kudu introspeksi diri (muhasabatun nafsi), sabab teu munggulan aya peta nu salah nalika urang keur ngadu'a.

Salahsahiji ciri onjoyna manusa dibandingkeun jeung ciptaan (mahluk) Alloh SWT nu lianna nya eta dipaparin akal. Mun akal manusa diasah sakumaha mistina tanwande manehna baris mibanda tilu kacerdasan nu kaayaanana siling ngalengkepan. Kacerdasan intelektual (IQ = intellectual quotient), kacerdasan spiritual (SQ = spiritual quotient) jeung kacerdasan emosional (EQ = emotional quotient). Ku alatan kitu payus pisan mun Alloh SWT ngayugakeun manusa salaku kholifah-Na di ieu bumi. Wa id qoola robbuka lil malaaikati innii jaa'ilun fil ardi kholiifah, qooluu ataj'alu fiiha wayufsidu fiihaa wayasfiqud dimaa a wanahnu nusabbihu bihamdika wanuqoddisulaka, qoola innii 'a lamu maa laa ta'lamuun. Hartosna : "Jeung nalika Pangeran maneh ngadawuh ka para malaikat : "Saestuna Kami rek ngayugakeun hiji kholifah di bumi". Para malaikat ngawalon : "Naha geuning Gusti bade ngersakeun ngayugakeun mahluk anu baris nimbulkeun karuksakan di bumi, sareng anu bakal ngocorkeun getih, padahal abdi sadaya salamina ngamahasucikeun ku muji sareng ngamulyakeun Gusti?" Alloh ngadawuh : "Saestuna Kami uninga kana saniskara anu henteu dipikanyaho ku maraneh". (QS Al-Baqoroh [2]: 30).

Sakumaha pada ma'lum, para ulama widang teologi Islam teu petot-petot madungdengkeun pasualan kakawasaan Alloh SWT jeung kabebasan manusa. Di antara pasualan nu dimaksud nya eta: (1) Naha hirup jeung kahirupan manusa sagemblengna gumantung kana kakawasaan mutlak Alloh SWT? (2) Naha manusa dibere lolongkrang atawa kasempetan keur ngatur hirup jeung kahirupan maranehna sorangan? Ceuk golongan Jabariyah, pagawean manusa teu murni ngarupakeun hasil pagawean dirina sorangan, tapi "dipaksa" ku kakawasaan Alloh SWT. Kaayaan manusa teu beda jeung wayang. Gumantung sapinuhna ka dalang. Kacindekan ieu teh didasarkeun kana pidawuh Alloh SWT dina QS Ash-Shoffat [37]: 96 nu kieu unina : Wallohu holakolakum wamaa ta'maluun. Padahal Alloh geus ngayugakeun arandika jeung saniskara anu ku arandika dipigawe?". Kitu deui dina QS. Al-Anfal [8]: 17. Cohagna, ceuk golongan ieu mah ngadu'a jeung ihtiar ge taya gunana. Sabalikna nurutkeun golongan Qodariah, manusa dibere kabebasan jeung kakuatan keur nangtukeun perjalanan hirupna. Kacindekan ieu teh didasarkeun kana QS. Fushshilat [41]: 40, QS Ar-Ra'du [13]:11, jste. Sompralna, ceuk golongan ieu mah ihtiar atawa kasab manusa dipercaya bisa nangtukeun hasil pamaksudan maranehna.

Salian ti dua golongan kasebut, aya oge golongan "tengah" nu sipatna moderat. Ceuk paham ieu, Alloh SWT jeung manusa ngabogaan andil sewang-sewangan dina nangtukeun hasil du'a jeung ihtiar manusa. Walloohu 'alam.

***

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula