Villa Buitenzorg Van Imhoff
Bogor Dayeuh Tanpa Urusan
Minggu pengker pedaran parantos dugi ka medar lalampahan Van Riebeeck nu mendakan arca nu henteu sirahan jeung dua arca laleutik. Samemehna mendakan jalan mudun ka Cisadane tepi ka ahirna aya jalan anu dihapit nu tetela tepi ka ayeuna disebutna Empang. Jendral kumpeni nu ngalakukeun tilu rintakan ekspedisi maluruh dayeuh Pakuan teh weleh teu papanggih jeung jelema saurang-urang acan, teu nenjo kalangkang-kalangkangna acan di patilasan dayeuh Pakuan teh. Nya ari di Cikeas, Citeureup, Kedunghalang jeung Parung Angsaqna mah aya jelema ceuk Van Riebeeck teh. Aya nu ngulampreng di sisi Ciliwung antara Kedung Badak tepi ka Muara Beres.
***
Letnan Tanujiwa dina taun 1680-an matuhna di Kampung Baru Cipinang (Jatinagara) Ngadadak diparentah kudu milu ekspedisi Scipio ka hulu Cisadane. Pasukan kuli-kuli (werktroep) anak huahna Tanujiwa dibagi jadi sababaraha kolompok laleutik pancenna muka pihumaeun. Taun 1687 Tanujiwa diparentah ku Camphuijs pikeun muka leuweung Pajajaran, nya ahirna hasil turta bisa ngadegkeun lembur Parung Angsana nu ahirna disebut Kampung Baru, ayeuna mah jadi Tanah Baru. Tempat ieu pisan anu ahirna jadi cikal bakal lahirna Kabupaten Bogor. Ku kituna, jadi aya dua ngaran Kampung Baru, anu kahiji Kampung Baru nu diadegkeun ku Tanujiwa, nyaeta Kampung Bharu Cipinang (Jatinagara), hiji deui Kampung Baru anu ayeuna jadi Tanah Baru di Bogor. Tanujiwa anu geus bebetah di Kampung Baru Cipinang, pindah ka Kampung Baru Parung Angsana.
Kampung-kampung anu diadegkeun ku Tanujiwa jeung pasukanna aya 8 nyaeta, Parakan Panjang, Parung Kujang, Panaragan, Bantar Jati, Sempur, Baranang Siang, Parung Banteng jeung Cimahpar. Kampung Baru (Parung Angsana) pamatuhan Tanujiwa jadi sarupaning puseur pamarentahan keur kampung-kampung nu diadegkeun ku Tanujiwa.
Dokumen 7 Nopember 1701 nyebutkeun yen Tanujiwa jadi Kapala Kampung Baru jeung kampung-kampung sejenna nu perenahna deukeut hulu Ciliwung. Ku kituna, Tanujiwa ditunjuk jadi pamingpin kaum "koloni" di eta tempat. Dumasar kana hal eta, De Haan mimiti ngadaptar Bupati-Bupati Kampung Baru (Bitenzorg) ti mimiti Tanujiwa (1689-1705) sanajan sacara resmi digabungkeunana distrik-distrik Kabupaten Kampung Baru kakara kajadian taun 1745.
Taun 1745 teh salapan kampung digabungkeun kana hiji pamarentahan nu dipingpin ku Kapala Kampung Baru nu dibere gelar Demang. Eta kampung anu salapan teh, Cisarua, Pondok Gede, Ciawi, Ciomas, Cijeruk, Sidangbarang, Balubur, Darmaga jeung Kampung Baru. Gabungan 9 kampung ieu saterusna disebut "Regentschap Kampung Baru" nu saterusna dirobah jadi "Regentschap Buitenzorg.'
Gustaaf Willem Baron .Van Imhoff jadi Gupernur Jendral VOC taun 1741-1750, jeung bangsa Walanda anu sejenna nu tugas di pusat pamarentahan (Batavia), geus henteu betah deui hirup di lingkungan kantor jeung pamatuhanana di Batavia kota maritim nu panas. Mangsa harita kaayaan di benteng Batavia geus kacida sibukna, hawa geus kacida gorengna, panas nyongkab, kitu deui hawa ti Ciliwung teu matak pikabetaheun deui. Para pangagung Walanda nu biasa hirup di nagara anu tiris teh marudah loba nu teu kuateun ganti hawa ti Walanda ka Batawi.
Gustaav Willem Baron van Imhoff
Maranehna butuheun tempat keur ngaso jeung paniisan. Nya diteangan tempat anu genah tumaninah, tiiseun jauh tina karamean, kota pagunungan anu lingkunganana hejo lembok, leuweungna rembet ku kakayon, pamandanganana endah asri. Timbanganana, sacara geografis tempatna teu pati jauh ti Batavia, supaya hubungan jeung puseur pamarentahan tetep lancar. Kudu mangrupa daerah antara supaya bisa oge dipake tempat keur ngaso atawa keur tempat panglelejar manah lamun pareng Gupernur Jendral inspeksi saba daerah. Timbangan kaduana, potensi anu dipibanda ku daerahna, lian ti tanahna subur, curcor cai pancuranana herang ngagenclang, balongna ngajajar laukna patinggudibeg, kebon palawija nu subur paselang jeung pasawahan, kebon bubuahan misah deui gugumplukan. Paimahan rayat bareresih bresik tur beresih.
Hawana seger sehat, perenahna di lamping Gunung Gede jeung Gunung Salak.
Anu luhurna 265 meter tina beungeut laut. Eta patempatan dianggap kacida merenah tumaninahna keur tempat ngaso jeung paniisan. Tempat anu kitu pisan anu diangen-angen ku para pangagung Walanda teh.
Nurutkeun Gustaf Willem Baron van Imhoff pangna milih tempat sarupa kitu teh, kailhaman ku model anu keur kacida dipikaresepna di nagarana jeung memang keur kacida dipikaresepna ku bangsana.. Hususna pisan idena datang tina wangkongan jeung Frederik de Groote Raja Prusia dina taun 1740. Harita Sang Raja ngadamel tempat anu endah jeung asri dilengkepan ku patamanan di Postdamm, di dieu Sang raja sok ngadon leleson ngareureuhkeun manah tina rupa-rupa pancen kanagaraan, nyepi niis tina karamean duniawi nu matak cape hate. Raja anu kagungan bakat seni sarta kasengsrem ku sastra Perancis jeung ngaraos kataji ku para senimanna, maparin ngaran "Sans-Souci" ka tempat pangasoannana. Dicutat tina basa Perancis anu hartina "Tanpa Urusan".
Van Imhoff ahirna ngadegkeun gedong palalangon di tempat anu geus meunang milihna, ti mangsa ka mangsa ti Gupernur Jendral nu hiji ka nu sejenna kamekaran terus lumangsung, disebutna Villa Buitenzorg, villa tanpa urusan. Disebutna oge villa pangreureuhan tempat nyirnakeun pikir, tempat ngabebaskeun sagala rupa bangbaluh lahir batin, morosotkeun karudet hate jeung kacape. Gedongna geus sababaraha kali direnovasi dirobah dilegaan tepi ka jenglenganana jiga ayeuna. ngajengleng agreng ti tengah-tengah lahan anu upluk-plak lega, nu mashur Istana Bogor tea. Sering dipake gempungan internasional, sumawonna nasional mah, Informal Meeting oge sok di istana Bogor anu sepi jeung jauh ka ditu ka dieu.
Jaman Daendels, 1808-1811 sabada direnovasi, eta villa dijadikeun karaton para Gupernur Jendral. Samemehna Van Imhoff mindahkeun heula karaton ti Batavia ka Rijswijk (Weltreveden). Ku kituna kakawasaan Hindia Walanda puseurna henteu di Buitenzorg. Nya di dieu sabagian gede waktu Gupernur Jendral dibeakeun, di dieu oge gempungan-gempungan jeung Dewan Hindia Walanda dilangsungkeun.
Taun 1888, gedong Algemeene Secretari (Sekretariat Umum) dipindahkeun ti Batavia ka Buitenzorg.
Saterusna kumaha asal-usulna ahirna bet Buitenzorg jadi Bogor? Ti iraha Kampung Baru jadi Bogor? Tepi ka kiwari teu aya jawaban anu pasti.
Tapi ari pamendak mah rea, di antarana anu nyebutkeun yen Bogor teh tina kecap Buitenzoeg, tapi diucapkeun ku urang Sunda mah jadi tisoledat letah, jadi weh Bogor. Pamanggih sejen nyebutkeun, Bogor teh tina kecap Bachar atawa Baqar hartina Sapi, sabab di Kebon Raya aya arca sapi. Aya deui anu boga pamanggih, Bogor teh cenah tina kecap Bokor, alesanna kurang jelas. Pamanggih anu mimiti dicokot tina tisoiledat letahna urang Sunda, anu nyebut Batavia oge kapan Batawi. Tapi ceuk anu panatik mah, dikira-kira teuing tapi teu nyata nu nyebut Bogor tina Butenzorg mah.
Pamanggih anu kadua nurutkeun Saleh Danasasmita, dumasar kana kanyataan kapangaruhan ku budaya Arab di daerah Pekojaan. Urang Sunda dalit jeung basa arab tina ajaran Ahama Islam. Tapi tacan kungsi aya kecap BA tina basa Arab anu diucapkeunana tisoledat ku urang Sunda jadi BO. Ditingal tina panjangna waktu, lemah. Sabab samemeh Kebon Raya aya oge, Bogor mah geus aya. Ari arca sapi, eta teh baheula kapendak ti balong kuno anu ku Dr.Frederik dipindahkeun ka Kebon Raya pertengahan abad ka 19.
Tunggul Kawung
Pamendak anu nyebutkeun yen Bogor teh tina kecap Bokor nurutkeun Saleh Danasasmita mah kecap Bokor dina basa Sunda cukup kajamin kaasliannana.
Bisa bae kajadian robahna sora "K" jadi "G" tanpa nimbulkeun parobahan, hartina bisa bae kajadian dina basa Sunda. Contona Kumasep jadi Gumasep, angkeuhan jadi anggeuhan jeung sajabana. Tapi nurutkeun kanyataan, teu aya urang Sunda anu ngahartikeun Bogor jadi Bokor. Bokor mah Bokor we.
Pamanggih sejenna deui kapendak dina Pantun Bogor nu judulna "Ngadegna Dayeuh Pajajaran" nu diturunkeun ku Pa Cilong. Dina pedaran lalakonna disebutkeun yen Bogor teh hartina tunggul kawung. Kaayaan anu sarua bisa kapendak dina ngaran Tunggilis nu perenahna sisi jalan antara Cileungsi jeung Jonggol. Kecap Tunggilis hartina nunggul pinang, nyorangan nunggelis, jadi weh tunggilis.
Saenyana, masih ceuk Kang Saleh, di Jawa Barat loba tempat anu ngaranna Bogor. Di Sumedang jeung Garut nurutkeun Prof.Veth dina bukuna "Java" aya lembur anu ngaranna Bogor. Ku kituna ayana kecap Bogor nu tetela nyebar teh, kacida sulitna upama dikaitkeun jeung ngaran Buitenzorg. Kitu deui disebut Bokor atawa Baghar. Teu keuna. Sabab teu umum, da di Jawa Tengah jeung Bali ge aya Bogor.
Variasi kecap Bogor lian ti tunggul kawung nurutkeun Pa Cilong, di Bekasi mah anu disebut Bogor teh daging tangkal kawung nu biasa dijieun sagu, di Priangan mah disebutna teh aci kawung. Dina Basa Jawa, Bogor hartina tangkal kawung, Tangkal kawung nu sok disadap lahangna, disebutna dibogor, hartina nya disadap tea. Dina basa Jawa Kuno kecap Pabogoran hartina Kebon Kawung. Dina Basa Sunda umum nurutkeun Coolsma, kecap Bogor hartina tangkal kawung anu geus beak disadap. Atawa tangkal anu geus teu daunan jeung euweuh cabangan. Jadi sarua jeung kecap Pugur atawa Pogor, tapi dina Basa Sunda mogoran jeung muguran beda hartina. Muguran mah tangkal anu daunna garing maruragan (kalakayna). Ari mogoran mah ngendongan awewe nu hartina kurang susila. Pamendak anu sipatna diuar-uar, Bogor dihartikeunana pamogoran, bisa dianggap pangangguran teuing.
Kacindekannana, kecap Bogor teh upama nengetan kabeh kekecapanana mah tetela memang aya tumalina jeung tangkal kawung, bisa jadi tangkal kawung anu sagemblengna saperti anu dicaritakeun ku Colsma jeung nu kaunggel dina Basa Jawa Kuno. Bisa jadi oge bener tunggul kawungg saperti anu dicaritakeun ku urang Bogor.
Dokumen pangkahotna nu nyabit-nyabit kecap Bogor dicatet 7 April 1752. Dicaritakeun yen Ngabei Raksacandra, Kepala Kampung Bogor matuhna di Tanah Baru keneh. Heuleut dua taun, kakara Bupati Demang Wiranata ngajukeun permohonan ka Gupernur Jendral Jacob Mossel supaya diidinan nyieun imah di Sukahati deukeut Buitenzorg. Engkena, kulantaran hareupeun bumi bupati teh aya balong gede (Empang), ahirna Sukahati dirobah jadi Empang.
(Hanca)
***
Katgam: Nurutkeun Suhamir jeung MA Salmun, karaton Pakuan Pajajaran teh nu ayeuna jadi Istana Bogor. Sabab deukeut ka Leuwi Sipatahunan. Gambar, ruang Garuda Istana Bogor.