Sat, 19-05-2012
Sajak

Mitembeyan Deui

Pintonkeun di FB

Ku: Iwan Setiawan

Peuting ieu kuring mitembeyan deui
geusan mapayan ugering carita
nu kungsi katulis atawa henteu pisan

Hayang deui nembrakkeun
rupaning sajak nu endah
pikeun ngawakilan peuting
nu beunghar ku sulintang
ngan geuning
asa teu timu
najan tibang kalangkang

Da kecap atuh loba teu kapirosea
ngolembar apay-apayan
pamuntangan lawas teuing leupas
tina implengan
diri bati hayang
pangabisa, duh ka mana boa!
da kecap teu deui peurahan

hayang mitembeyan
rumpak jami kucap-kecap
tapi mani hese ngucap

Tatar Kulon, Januari 2009

Sajak Taun Baruan

tangkal nu nyemprung lebah sepion
boa pananggalan nu racleng na kalamangsa
hiji-hiji katenjo belegedegna
aya nu dedeg atawa ngelekeceng
galo dina heuheuy jeung deudeuh lalampahan

tujuan, ah, naha enya pangharepan?
hanas kapan geus ngagupay ka bentang
da sugan kembang api anu pesta baris lana
horeng belesat jeung buricakna
ukur sakedapan, sakedapan
sabot ambekan nahan renghapan

tapi kapan hirup teh harepan, ceuk anjeun
enya sugan, mun harepanna hirup!
ah, mending angger neuteup bulan
hiji ge kapan tuhu nembongan

Baros, taun anyar 2009

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula