Degdegan
"Pantesan, Mang...."
"Pantesan naon, Lo?"
"Baheula..., teu baheula teuing sih, aya pamaen bal...."
"Urang Indonesia?"
"Lain. Urang Walanda ieu mah."
"Oh. Menir...."
"Enya."
"Kumaha cenah?"
"Maenna mah alus. Maklum, pamaen kelas dunia atuh. Ngan mun nagarana atawa kleubna maen ka luar sok mindeng teu dibawa."
"Goreng mental meureun, Lo. Ukur jago maen di kandang atawa di nagarana sorangan?"
"Lain masalah mental maen di lapangan, Mang, tapi mental di perjalanan. Eta pamaen teh tara daekkeun tumpak kapal udara. Malah di sebutna oge Si Not Plying mun teu salah mah."
"Oh..., nyaho Mamang ge ka Si eta mah. Si Denish Bergkam tea? Pamaen Arsenal nu kungsi merumput Juventus?"
"Tah enya, Si eta Mang."
"Heueuh, mun dipikir saliwat mah memang pikaseurieun aya manusa jaman kiwari nu hirup di nagara modern bet cadu tumpak kapal udara, kawas urang pilemburan bae. Tapi lamun disawang leuwih jauh, ku urang bakal kaharti. Urang sarerea oge tangtu bakal degdegan lamun tumpak kapal udara mah...."
"Har?"
"Tumpak beus onaman mah, Lo, sakalieun mogok atawa mesinna ruksak teh bisa eureun di sisi jalan. Ari kapal udara, naha bisa eureun dina mega?"
"Kawas dina dongeng bae eureun dina awan. Nu puguh mah ragrag we ka handap, Mang."
"Heueuh. Kangaranan ragrag tina kapal udara tea arang langka anu kapuluk."
"Enya, Mang."
"Komo di urang mah, asa mindeng pisan aya kapal udara anu ragrag atawa cilaka. Da eta atuh, cenah di urang mah rea kapal anu geus henteu layak terbang dipaksakeun ngapung ngakut panumpang."
"Enya. Mang. Nepi ka perusahaan penerbangan di urang kungsi keuna ku larangan terbang di Eropa."
"Lain larangan atuh Lo, tapi dilarang!"
"Aeh, enya. Punten Mang, teu gaduh maksud cawokah!"
"Dihampura pisan Lo. Mamang ge maklum Alo mah sok hampuraeun."
"He he he..."
"Nu pang ahirna Lo, kapal nu ngakut anggota Paskhas AU, nu ragrag di bandara Husen Sastranegara, kapan kabehanana tiwas."
"Alatan human error atawa lain nya?"
"Duka atuh. Ngan memang di urang mah rea kapal udara anu umurna geus kawilang kolot."
"Kapal keor tea meureun nya, Mang?"
"He he he...."
*
"Masarakat teh kari degdeganana ayeuna mah, Lo."
"Masarakat nu tumpak kapal udara, Mang?"
"His, lain! Ieu mah masarakat nu marilih wakilna dina pemilu ayeuna, Lo."
"Geuning?"
"Inggis pilihanana nyalahan. Inggis para caleg teh ukur obral jangji wungkul. Dina tempona geus jeneng tuluy poho. Sulaya. Nu disebut wakil ra'yat teh antukna jadi wakil diri pribadi. Nu diutamakeun lain mikiran karaharjaan ra'yat, tapi kauntungan pribadi jeung kelompokna sorangan, kawas nu enggeus-enggeus."
"Bener, Mang. Ra'yat teh pantes mun ngarasa degdegan sabada beres pemilu. Kapan polah caleg jeung partey dina kampanyeu oge estuning rea nu jauh pisan tina pujieun. Dina kampanyeu oge geus rea nu terang-terangan teu taat kana aturan, komo lamun geus jeneng."
"Heueuh. Beuki degdegan bae jajantung rahayat teh, Lo."
***
Mang Lintrik