Males Pati
Ku: Louis L'Amour
Ema ngajurung kuring indit ka kota neangan titaheun nu bisa ngurus sapi nu geus waktuna digiring jeung dikumpulkeun. Saterusna dijual. Ema geus pasti nyangka kuring bakal nitah Johnny Loftus atawa Ed Shifrin. Tapi kuring mah teu resep ka duanana oge.
Johnny sok palatat-peletet wae ka Ema teh jeung sok nyebut-nyebut "randa", ari Ed teuing ka ngeludna. Ayeuna mah nitah nu sejen wae, jalma anyar pinanggih! Manehna leuwih leutik manan Johnny Loftus kitu deui mun dibandingkeun jeung Ed Shifrin, apanan Ed Shifrin jalma kedul. Atuh mun ditempo tina umur jigana leuwih kolot manan duanana, manehna mah kana opat puluhan. Awakna perekel cangker kawasna mah mindeng saba ranca jeung pagunungan, beurat awakna aya kana tujuhpuluh limaan. Asa kakarek katempo ka daerah dieu. Beungeutna ngadaun seureuh. Panonna hideung teuteupanana seukeut..
Keur diuk di palataran gudang. Rangselna kaciri lepet euweuh eusian. Kawasna mah jalma teu resep make. Waktu kuring asup ka kota tumpak kuda dawuk pamere Bapa, saacan Bapa maot aya nu nembak di tengah jalan. Kungsi Bapa ngajak kuring ka tempat palelangan kuda terus nitah milih, kuring bingung kudu milih nu mana antara nu gambir jeung nu belang bodas hideung.
"Jang, kuda gambir jeung belang bodas mah katingal alusna wungkul, padahal mah hengker. Dibawa ka gunung kalahka merod. Ogoan deuih! Mun urang milih kuda atawa babaturan apanan urang milih anu bener sarta satia. Urang perlu kuda anu sadia mawa urang ka mana wae, kuat jeung bebela deuih ka urang, milih jelema atawa kuda, pilih anu kuat, satia oge bela ka urang. Geus, cokot anu dawuk, moal nyalahan!"
Kuring milih si dawuk, bener Bapa teu nyalahan, geus aya kana tilu taunan bareng jeung kuring, estu pikanyaaheun pisan!
Waktu nempo manehna keur diuk gigireun gudang, teuing kunaon kereteg kuring, bet milih manehna, lat wae poho ka Johnny atawa ka Ed! Ku kuring disampeurkeun teur ditanya:
"Pa, keur milari padamelan?" manehna ngalieuk ka kuring, panonna ngulincer neuteup kuring ka luhur ka handap, umur kuring ampir opatwelas taun tapi geus aya kana tilu taunna kuring jadi kapala rumah tangga, kawasna teu jadi masalah keur manehna naha kuring geus sawawa atawa tacan da terus ngomong
"Saayeunaeun mah enya kuring butuh, na boga pagawean naon kitu?"
"Ema jeung kuring ngingu puluhan sapi, tuh hareupeun pasir, kawasna ayeuna geus bacacar di mana-mana malahan jigana aya nu jero jungkrang sagala. Tah pagawean anjeun ngagiringkeun jeung ngumpulkeun sapi-sapi tea terus rek dijual, nya aya kana sabulan atawa leuwih kakara bisa beres. Ku kuring digajih tilupuluh dolar sabulan, dahar jeung pamondokan disayagikeun, tong hariwang Ema pinter popolah, geus kasohor di daerah ieu mah, euweuh duana!" ceuk kuring agul.
Manehna neuteup kuring mani teleb pok nanya: "Anjeun biasa nere pagawean ka jalma anyar pinanggih?"
"Nya henteu atuh, Pa, biasana kuring nitahan Johnny Loftus jeung Ed Shifrin, atawa saha we nu sok tingkulinting di kota, tapi waktu kuring ningal anjeun, kereteg kuring cop ka anjeun,"
"Naha atuh bet milih kuring?" cek manehna.
Nya ku kuring didongengkeun caritaan Bapa kuring waktu meuli kuda si dawuk tea, manehna imut, asa kakarek nempo manehna imut, panonna cahayaan beungeutna gumbira, pokna nyarita:
"Bapa anjeun perceka pisan, Jang, kuring kacida reueusna digawe keur anjeun!" Terus kuring jeung manehna ka istal rek nyokot kuda keur manehna, Ed Shifrin katingali di hareupeun saloon, kawasna ningalieun kuring keur leumpang bareng gorowok ngageroan kuring:
"Tom, ayeuna geus waktuna ngumpulkeun sapi-sapi di ranch. Na kuring teu dibejaan!" cenah. Kasebelan teh ngajago pisan nganggap kuring bolon keneh ngadikte kudu ngagawekeun manehna.
"Kuring geus meunang pagawe, Ed!"
Ed Shifrin nyirintil ti saloon: "Teu bisa anjeun nitah jelema kitu wae. Cooper teu resepeun ka jalma anyar pinanggih ngadeukeutan sapi-sapi inguanana!" cenah bari terus mendelik ngomong ka batur kuring: "Hey, andar-andar, anjeun geura nyingkah, kuring anu bakal ngagiring jeung ngumpulkeun sapi mah!"
Batur kuring teu geruh, antare ngomong: "Si Ujang nu nitah kuring tadi, kuring kakara nyingkah indit lamun si Ujang nitah kuring indit!"
Ed Shifrin embung eleh pok nyarita: "Anjeun kakarek datang ka dieu, bisi teu nyaho ieu teh daerah werit, Cooper moal mere omber pisan ka andar-andar nu geus wawanian ngadeukeutan sapi-sapi inguanana!"
"Ah, engke oge bakal biasa!" cek batur kuring bari terus kuring duaan gagancangan ka jalan, kuring mimiti mikir, hariwang kanu enggeus-enggeus, salilana kuring jeung Ema nyingkahan riributan, pok kuring ngomong ka batur kuring!
"Cooper teh di dieu mah ranch panggedena, atuh teu aneh lamun maranehanana ngarasa ieu aing!"
"Saha kitu anu ngajalankeun ranch anjeun?" cek manehna.
"Nya, kuring lah! Ema jeung kuring. Ngan Ema mercayakeun ka kuring, cenah ge budak lalaki nu geus teu boga
Bapa kudu diajar bisa hirup sorangan."
Nepikeun ka sababaraha puluh meter mah manehna ngabetem we, tapi teu kungsi lila pok ngomong: "Bagja anjeun aya di lingkungan anu perceka, jang!"
Taylor, kokolot istal mawa kuda daragem dipasrahkeun ka kuring, terus wae dipasangan sadel ku batur kuring, kuring mah nyerangkeun bari diuk dina kuda resep moyan, bau hawa istal, kuda jeung kulit kaambeu dina haneutna panon poe isuk-isuk.
Taylor nyampeurkeun terus nyekelan sadel kuda kuring, pok ngomong lalaunan:
"Ti mana jang, meunang pagawe anyar?"
"Ti palataran gudang, manehna butuh pagawean, kuring keur neangan pagawe!" Taylor, jelema nu teu resep riributan, nyobat pisan jeung Bapa kuring, nyarita deui:
"Kabeneran meunang pagawe nu alus, ayeuna mah tinggal prung jongjon digawe!"
Babaturan kuring sanggeus nyadelan kuda daragem, keclak dipancal ayeuna mah siga koboy nu sok ngangon sapi pedah eta make rompi, tapi tetep bae beda jeung koboy-koboy sejenna.
Kuring bareng tumpak kuda geus ampir tepi ka tungtung jalan, waktu sherif mucunghul ti saloon dituturkeun ku Ed Shifrin laleumpang ka jalan megat kuring:
"Tom!" cenah teureugeus saperti biasana "indung anjeun pasti moal panujueun geus ninitah jalma anyar pinanggih!"
"Ema geus masrahkeun kumaha kuring rek nitah saha wae oge! Kuring geus percaya ka ieu jalma, piraku ku kuring kudu dipecat bari jeung teu puguh alesanana!"
Sherif Ben Russel, barangansan geus tengah tuwuh, panonna biru bolotot, baragagah beregegeh, kuring yakin manehna usung-esangna Cooper, pok ngomong deui:
"Jang, eta jalma kakarek kaluar ti pangberokan, teu hade deudeukeutan jeung jalma kitu!"
"Teu jadi soal keur kuring mah! Manehna geus jadi pagawe kuring atuh lamun digawena teu bener, pasti dipecat ku kuring!"
Batur kuring anu ti tadi cicing wae, pok ngomong: "Sherif, geus lah tong pipilueun, najan katempona budak keneh, cek kuring mah geus koloteun pisan tapi kacida perluna bantuan kuring. Ceuk tinimbangan kuring kudu diguliksek ku naon urang dieu teu mikarep jalma anyar pinanggih?"
Sherif Ben Russel kaciri ambek, nyentak ka batur kuring: "Anjeun kudu asup deui ka pangbuian!"
Batur kuring teu geruh, manehna malik neuteup seukeut ka sherif, pok nyarita anca:
"Sherif anjeun teu wawuh ka kuring, sarta anjeun teu nyaho ku naon kuring dibui, anjeun ngan ukur nyaho tina pakean kuring, pakean kaluaran bui! Saacan urang riributan leuwih hade anjeun tepungan sarta bejakeun ka Pike Cooper supaya datang nyanghareupan kuring!"
Sarerea oge teu nyangka sarta euweuh nu nyahoeun Cooper anu sakitu dipikaserabna meunang julukan "Pike", kaciri pisan sherif murengked sarta kacida kagetna ngadenge kekecapan kitu, pok nyarita leuleuy: "Di mana anjeun wawuh jeung Cooper?"
"Pokona bejakeun ka manehna, pasti nyahoeun!" cek batur kuring tandes
sanggeus negarkeun kuda kurang leuwih tujuh kilometeran ti kota, sanggeus ngaliwatan ranca, kuring nuduhkeun: Tah tanah urang teh mimitina ti dieu terus parat nepikeun ka tukangeun jumplukan pasir, sapi-sapi urang bacacar di dinya rerana aya di lengkob pasir atawa sawareh deui di jero jungkrang."
"Kacirina mah jukutna alus naker mani ngemploh." Cek manehna
"Enya, tanahna kabeh susuratanana beres, Bapa meulian ti para patani anu geus balaleunghar, jadi tanah di daerah ieu rata-rata tanah tegalan jukut, tapi aya dua luwuk anu aya sirah caian atuh sapi-sapi urang mah tara kakurangan cai, kacida lalintuhna!"
Ema norojol kaluar waktu kuring datang ka pakarangan imah, masih keneh nganggo celemek, kaget ningali batur kuring lain Ed atawa Johnny. Batur kuring turun tina sadelna bari nyuplak topina ngahormat ka Ema, Ed jeung Johnny mah irahaeun kikituan pok nyarita ka Ema sopan:
"Putra Ibu miwarangan sim kuring digawe sareng mondok di dieu Bu, namung upami Ibu teu ngawidian mah sawios sim kuring mondok di kota wae, tangtos Ibu uninga sim kuring nembe kaluar ti pangbuian!"
Ema melengek neuteup sakeudeung ka batur kuring, pek nyarios "Apanan Tom geus percaya ka anjeun, atuh sakuduna kuring oge percaya deuih!"
"Hatur nuhun atuh Bu." Manehna kaciri asa-asa "sim kuring Riley, Bu!"
"Dahareun geus sayagi, tah aya cihaneut keur sibanyo" saur Ema. Kuring jeung Riley sibanyo dina baskom, bari ngosokan leungeun ku anduk Riley ngaharewos: "Mun nyarita ti tadi, indung anjeun kacida geulisna!"
"Asa teu perlu kuring ngomong kitu!" cek kuring teugeug.
Riley melong kuring siga anu hanjakal: "Enya bener estu lain urusan kuring!" tapi teu kungsi lila pok ngomong deui "Kuring mah kaget wae!" cenah.
"Ema dina yuswa genepwelas jalan geus nikah ka Bapa!" cek kuring.
Dahar teh karasa kacida nimatna, tapi teu bari jeung ngawangkong bubuhan kakarek dahar jeung jalma anyar pinanggih, kitu deui asa karagok rek nanya soal pangberokan. Kitu we ngobrolkeun hujan nu acan cur wae, terus ngobrolkeun cai keur kaperluan ranch. Waktu geus rengse dahar, Riley pok ngomong "Punten sim kuring bade ngaroko!" cenah Ema jeung kuring asa kaget, kakaraeun aya jalma menta idin rek ngaroko, Bapa oge tara kitu deui nu sejen nu sok daratang ka imah pelenyun-pelenyun wae arudud teu basa teu carita, Ema kalawan darehdeh ngawaler "Sok-sok...!"
"Kumaha hasilna inguan sapi teh, sae?" cenah cek Riley.
"Nya eta atuh dina dua tilu ayeuna mah goreng patut, ceuk Ed jeung Johnny mah cenah rea kerud di pasir teh!"
"Padahal mah tegalan jukut sae seueur cai deuih di lengkob, kedahna mah mundel!" cek Riley mairan deui bari indit ka elos tempat sarena.
Bari merenan urut dahar Ema nyarios: "Kumaha nepikeun ka nitah manehna Tom?" ku kuring didongengkeun papagah Bapa soal milih kuda si dawuk jeung milih pagawe. Ema imut pek nyarios: "Bener Tom, singer maneh, kawasna mah jelema jujur deuih! Bener kakarek kaluar bui tapi budi parangina teu siga meueus-meueus acan!"
Ema kacida hariwangeunana waktu ku kuring didongengkeun ribut jeung Ed Shifrin, sarta Sherif Russel, komo sanggeus dicaritakeun Riley ngajurungan Russel supaya Cooper nepungan Riley. Ari Cooper tea apanan rea pisan usung-esangna...
Sataun satutasna Bapa maot, maranehanana rea anu ngalamar Ema, tapi Ema tagen teu tiasa digoda atanapi dibibita ku harta, Ema uningaeun, sadayana ukur reka perdaya Cooper.
Isuk-isuk keneh pisan waktu kuring keur disapatu kadenge sora anu keur nampolan kai pisuluheun ku kampak, kuring muka reregan katempo Riley dina tumpukan kai, katempo siga nu geus biasa pisan ngagunakeun kampak.
Anu matak anehna kakaraeun aya koboy tarampil pisan ngagunakeun kampak, biasana oge koboy mah apan kabisana teh tumpak kuda jeung ngurus sapi!
Indit ka lengkob teh kesit pisan sajam leuwih gancang tinu biasa mun kuring indit jeung Ed sarta Johnny, atuh pabeubeurang teh geus hasil ngumpulkeun tujuhpuluh sapi rereana sapi anu ngarora keneh. Kumaha wae oge kuring geus boga pagawe nu bisa diandelkeun pisan,manehna tumpak kuda anu Bapa, kaciri ahli pisan tumpak kuda sarta tapis ngalungkeun laso ngeuradan sapi.
Poe katiluna kuring digawe teh popohoan pisan, Riley subuh-subuh geus hudang terus digawe nepi ka sore,atuh kuring oge bossna embung eleh, digawe jeung manehna asa digawe jeung Bapa, silihbantu silih tulungan, kuring asa kakarek ningali jelema anu calakan pisan naliti kaayaan sakurilingna. Sababaraha kali katempo aya di luhur pasir terus nempoan jajalaneun ningali ka jauhna Kuring mirun scuneu nyeun kopi jeung murak bekel meunang nyieun Ema pok Riley nanya:
"Ceuk anjeun, Bapa maot aya nu nembak, kumaha kajadianana?"
"Kuring jeung Ema henteu nyaksian. Bapa indit ka ranch Cooper nguruskeun jual meuli sapi, balikna Bapa ka kota meuli baju keur Ema sarta meuli kaperluan sapopoe sabulaneun. Bapa keur ngasup-ngasupkeun barang kana roda waktu datang jalma anyar pinanggih ngajak riributan, jol-jol beledag wae Bapa ditembak.......
"Naha Bapa teu mawa pestol?" cek Riley.
"Puguh wae mawa pestol tapi Bapa mah tara nembak jalma, paling oge dipake nembak rampog, sato galak atawa kuda nu keur sakarat kacilakaan." cek kuring.
"Anjeun ngadenge saha ngaranna nu nembak Bapa teh?"
"Atuh puguh we, cenah ngaranna Cad Miller!" Pasosore waktu kuring keur mareuman seuneu, ti rungkun deukeut pasir ting kurunyung Ed Shifrin jeung Johnny Loftus, pangheulana Riley anu nganyahoankeun teh tapi henteu geruh kalahka terus ngawas-ngawas pasir siga nu ngarep-ngarep bakal aya nu ngurunyung deui. Pangpangna tangkal kal jeung gugunungan batu anu diimeutan pisan teh bisi aya nu nyumput bari ngecengkeun bedil. Duanana marake pestol, tapi kuring asa henteu nempo Riley make pestol manehna make jaket kulit anu nutupan beubeurna, tapi kawasna mah aya diselipkeun dina beubeurna.
"Masih aya keneh di dieu?" sora Ed Shifrin siga nu ngajak riributan "Sugan teh geus lila indit ti dieu!"
"Kuring betah di dieu!" Riley ngajawab rineh pisan "Daerah nu asri pangeusina harade hate. Memang reana sapi mencog tina itungan, tapi kacida lalintuhna.
"Naon maksud anjeun,ngomong reana sapi mencog tina itungan?
"Atuda kuring sarerea oge barisa ngitung sabaraha asalna... tapi engkelah sanggeus beres dikumpulkeun bakal kanyahoan aya naon!" cek Riley. Shifrin ngalieuk ka Johnny: "Kumaha tah budak rek dikumahakeun?" Johnny ngabalieur, pok nyarita: "Lah pira ge budak jadi teuing pikiran!"
Omongan maranehanana teu jadi pikiran keur kuring, tapi kawasna Riley mah imeut pisan pok nyarita: "Lamun kuring jadi anjeun, kuring ngarasa pasti Cooper mah kahayangna kitu, budak kaasup sarerea...
"Naon maksud anjeun...!"
"Nya moal hasil atuh, asa euweuh pisan lolongkrang anu hade pikeun ngalancarkeun rencana anjeun, apanan si Tom teu make pestol, anjeun sama sakali teu ngarti kana kahayang Cooper!"
"Ah kawas anjeun ngarti wae!" Johnny nyangangang.
"Nya puguh we ngarti pisan, Sherif Russel geus nepikeun talatah kuring keur Pike?"
"Saha Pike, teh!?" Shifrin nanya siga nu curiga.
"Nya Pike Cooper atuh! Kitu lah sarerea nyebut manehna, bareto. Pasti manehna moal nyaritakeun kunaon manehna ngibrit ti Pike County Missouri Estuning lain dongeng!" cek Riley kalawan rineh pisan.
Ngadenge jeung nempo Riley nyarita kalawan tatag sarta rineh, duanana tingraringeuh, maranehanana jadi hamham jeung risi.
"Meungpeung aranjeun ayeuna kalibet" ceuk Riley "tanyakeun ka Cooper kunaon bet ngibrit ti Missouri?!" Duanana tinghariul, bingung kudu kumaha saterusna sabab cek eronganana Cooper geus kakokop ku Riley, Johnny geus katingal elekesekeng, manehna maling-maling nempo kuring, nempo kitu ku kuring terus diperong, manehna ngeluk teu wanieun nempo deui..
"Hayoh geura tanyakeum ka Cooper jeung sakalian bejakeun engke deui mah ulah nitah barudak bolon kituh ari rek ngaraponan kuring mah!" cek Riley
"Naon maksudna?" cek Shifrin baragagah-beregegeh nempokeun awakna anu andihi, disangkana Riley bakal gimir, tapi barang ningali Riley teu riuk-riuk, Ed murungkut.
"Maksudna aranjeun geura nyingkah ti dieu ayeuna keneh, ulah eureun saacan tepi ka tempat Pike Cooper, sakalian bejakeun lamun hayang geura beres, datang sorangan sanghareupan kuring!"
Maranehna, Ed jeung Johnny, teu ngartieun kunaon bet kitu jadina, satadina mah maranehna geus nguntup pisan, pira oge nyanghareupan budak jeung andar-andar. Maranehna rek ngajak riributan, tapi ayeuna saurang oge di antara maranehna taya nu wani ngamimitian waktu ningali Riley rineh pisan, teger taya kasieun, maranchna ngarasa yakin Riley teh teu sabrongbrong...
"Pasti Cooper datang!" Johnny ngajawab bari siga nu ngambek, Cooper memang hayang ku dampal leungeunna sorangan, cenah merenan anjeun.! Rasakeun we ... !"
Maranehanana ting laleos indit bari tarungkul diawaskeun ku Riley, sanggeus teu katempo deui, pok Riley ngomong: "Meungpeung sore keneh urang kudu buru-buru balik ka ranch, Tom, bisi kapiheulaan ku Cooper!"
"Wah, moal datang, irahaeun Cooper daek indit-inditan ari lain keur senang-senang mah cek kuring Manehna bakal datang." cek Riley "pasti nitahan nu sejen heula, Cad Miller Atuh si eta mah anu maehan Bapa." cek kuring bari melong beungeut Riley
Sadatangna ka imah bari ngariung cai enteh, pek Ema nyarios: "Riley, kuring sarerea bungah ngabandungan sagala rupa kajadian poe ieu, lamun tea mah nepikeun kudu ka pangadilan, kuring bakal reueus pisan jadi pokrol anjeun!"
"Hatur nuhun, tapi sim kuring yakin moal dugikeun ka pangadilan. Kusabab masih keneh sore, panon poe tacan surup, Riley mah dokdak mageuhan selot panto pager anu geus lalocotan, siga anu teu resep cicing katempona Riley mah. Waktu dahar sarerea teu pati rea ngomong, tapi Riley bari mencrong ka Ema, pok nyarita
"Hatur nuhun pisan Bu, sim kuring oge kalintang reueusna jadi padamel lbu Ema, tungkul teu nyarios nanaon tapi katingali pameunteuna euceuy...
Isukna Ema sanggeus dangdos ngajakan sarerea sarapan di kota, pok nyarios
"Tom, Bapa papagah, urang kudu tetep pangger pageuh dina pamadegan urang lamun yakin yen urang tch aya dina bebeneranjeung tetep percaya kana kakuatan urang"
Nepi ka kota teh jalma geus rame lalar liwat, rea nu keur baralanja di toko atawa sakadar jalan-jalan..
Kuring ngasupkeun roda ka tempat Taylor, manehna nyampeurkeun bari ngaharewos ?Bejakeun ka batur anjeun, Cad Miller aya di kota, kituh!"
Kawasna wae kakupingeun ku Ema da anjeunna murilit bari nyarios: "Siga kumaha mangkelukna, pa Taylor?"
Taylor hareugeueun, siga anu gugup jeung sieun, sarta ngarasa heran kunaon Ema hayang uninga, tapi Ema teu getapan pok deui nyarios: "Kuring percaya pisan anjeun sobat dalit almarhum salaki kuring!"
"Puguh bae atuh Bu, kuring teh sobat dalit almarhum, kitu deui lbu oge atuh sobat kuring!" cek Taylor.
"Tah, bener pisan, sok atuh bejakeun ka kuring!" teu talangke Taylor ngaharewos ka Ema...
Poe karasa haneut wanci rumangsang kuring sarerea ka hotel bari nungguan kuring moyan, Ema angkat ka toko ngagaleuh raksukan, katempona raksukan keur angkat.
Korsi-korsi keur dahar teh ditempatkeun di teras hotel, kuring milih di juru deukeut gang teu kungsi lila kadenge Riley nyarita ti tukangeun kuring jero gang:
?Tong ngalieuk Tom., Cooper geus datang tacan??
?Acan, tapi Cad Miller aya di kota!"
?Tom!" cenah "engke ge bakal nyaho, kuring dibui teh kusabab kuring nembak jalma anu maehan lanceuk kuring, saacanna kuring teh deputy marshal Amerika Serikat ?supaya nyaho we Tom!"
Jalan geus teu pati rame ku nu ngobrol, roda katingali lalar liwat, katingali kebul mulek di jalan, Sajorelat katingali Ema aya di peuntaseun jalan waktu kuring nelek-nelek nuju naon Ema, anak buah Cooper katingali mengkol di tungtung jalan, maranehanana tarumpak kuda ari Cooper mah tumpak bendi anyar nu ngagurilap keneh.
Di hareupeun hotel bendi eureun, Cooper katingali geus umuran, turun tina bendi diiring-iring ku anak buahna bari tingcakakak sareuri bungah.
Cooper ngalengakah leumpang bari ngodok pesak nyabut surutu ngegel tungtungna panonna ngagiler mencrong kuring Jang, ka mana pagawe anjeun teh, cenah hayang panggih jeung dewek?"
"Ach pasti geus ngibrit ti kota titadi oge!" Andy Cooper ngagorowok, "atawa geus aya nu mawa!"
Cooper ngegel surutuna terus ngahurungkeun korek api, kuring ngadenge kedepruk sora sapatu gigireun kuring, sora sapatu Riley, Cooper hookeun korek apina murag teu kungsi nyeunggeut surutuna, ngajengjen nangtung molohok nempo Riley:
"Lark!" cenah sorana ngageter panonna buncelik waktu nyebutkeun ngaranna. Sugan teh lain anjeun!?"
"Jadi anjeun inget keneh waktu kuring ngusir anjeun ti Missouri!?"
Cooper teu lesot-lesot mencrong Riley anu cikeneh ku manehna disebut Lark, teu malire naon-naon deui, kuring ningali Cooper, asa kakarek kuring ningali jalma sakitu badagna, tapi cameot siga nu sieun pisan.
"Apanan kuring geus ngawanti-wanti, sakali deui anjeun ngaganggu kuring, moal asa-asa diperenan!"
"Aduh, ulah, entong Lark, kuring geus kurenan boga budak lalaki dua, boga ranch anu keur alus hasilna!"
Tah ieu budak oge geus jadi budak yatim!? ceuk Riley bari nunjuk kuring Ulah, ulah, entong Lark sing karunya ka kuring!" Cooper sasambat.
Bapana Tom geus maot tilu opat taun nu kaliwat, ceuk itungan kuring anjeun geus malingan sapi-sapi anunna dua taun samemehna aya kana limaratus huluna!?
Cooper teu lesot-lesot mencrong Riley, gadona noroktok, kadua anakna caricing hareugeueun teu percaya ningali bapana cameot siga ucing kabulusan.
"Tulis kwitansi penjualan limaratus sapi, ku kuring diteken atas nama indung Tom, tuluy jieun cek jumlahna tujuhrebu dollar, saterusna bareng jeung kuring ka bank peuntaseun jalan urang duitkeun!"
"Mangga, mangga!" ceuk Cooper.
"Ayeuna jieun pangakuan yen anjeun geus nitah Cad Miller supaya maehan Bapana Tom!"
"Aduh, teu sanggem ari perkawis eta mah, teu sanggem...?
"Pike!" cek Riley kalayan sabar," anjeun bisa wae ngatur pangadilan, tapi anjeun nyaho pisan anjeun moal bisa ngelehkeun kuring. Ayeuna kuring teu make pestol, naha kuring kudu nyokot pestol heula dina sadel kuda, terus duel jeung anjeun?"
Cooper geus siga jelema gering, katempo siga budak anu kanyahoan geus ngabohong ceuk panitenan kuring mah Cooper geus nyahoeun pisan saha Riley teh anu sabenerna nepikeun ka manehna teu walakaya, siga bueuk meunang ngababuk. Soal Riley teu mawa pestol, ah eta mah ngegos wungkul, sarerea oge nyarahoeun, pasti Riley nyorenkeun pestol dina beubeurna katutupan ku jasna.
"Mangga, mangga atuh!" cek Cooper sorana ngageter laun ampir teu kadenge.
"Pa...!" Andy Cooper ngageubig-geubig leungeun Bapana "Nanaonan ari Bapa.?
"Cicing maraneh, barudak barodo, cicing ceuk aing oge!"
"Cad Miller ayeuna aya dikota, tepungan sarta bawa ka dieu...!? ceuk Riley.
"Teu perlu, ayeuna geus aya di dieu!? Ema ngagorowok ti tukangeun jalma anu ngaliud terus nyingray mere jalan ka Ema anu nodongkeun bedil dobel barrel ngagiring Cad Miller. Ema memang kagungan bedil dobel barrel, malahan kantos nembak macan anu asup ka pakarangan imah jadi ayeuna nodong Cad Miller lain hal anu luar biasa kanggo Ema mah atuh Cad Miller kacida mirisna mireungeuh anu dipake nodong tonggongna teh bedil dobel barrel, nyahoeun pisan kumaha akibatna anu dibedil ku dobel barrel.
Sherif Ben Russel kacida keuheuleunana, tapi teu bisa kukumaha deui iwal ti ngagiringkeun babandan dibawa ka pangberokan. Ningali bapana geus nguncung kadua anak Cooper oge milu nguncung teu walakaya, atuh ayeuna sakabeh pangeusi kota malahan sawilayah eta mah geus nganyahoankeun saha sabenerna Cooper teh, ti harita ka hareup geus moal aya nu ngajenan deui, geus potol siga manehna bareto waktu ngibrit ti Missouri.
Sanggeus aya di imah deui kuring nanya ka Riley "Kunaon Cooper nyebut anjeun Lark!?"
"Memang ngaran kuring Larkin Riley?
"Anjeun bener teu mawa pestol, tadi teh?"
"Urang memang kudu ngabiasakeun hirup tanpa pestol jeung barina oge nyanghareupan jalma leutik burih mah teu kudu mawa pestol!" cek manehna bari ngilinting roko, pok ngomong deui" Cooper nyahoeun pisan kuring tadi lain heureuy.
"Tapi anjeun oge pan jalma pangbuian!?"
Manehna diuk dina bangbarung bari nempoan dampal leungeuna, nyarita deui halon:
"Eta mah bareto, sapuluh limalas taun ka tukang, anu dilakukeun ku kuring estuning kudu dilakukeun bari jeung taya pilihan sejen. Aya aturan-aturan anu bisa dilarapkeun kana kajadian-kajadian anu kungsi disanghareupan ku kuring bareto, kawasna bae ku kuring kudu dijadikeun eunteung kahirupan!" cenah bari melong ka jauhna...
Ema norojol tina panto...
"Larkin... Tom... hayu, dahareun geus sayagi!!"
Kuring jeung Riley cengkat pok manehna nyarita Tom, hadena mah isuk urang kudu ngahanca lengkob nu beulah kidul!"
Muhun, Pa cek kuring, Ema molototan....
JUDUL ASLI: "GET OUT OF TOWN"
Disundakeun ku: Dodo.K,
Catetan carpon Males Pati
1. Larkin Riley: Jago tembak manten anu kacida gangasna, ayeuna mah geus babalik pikir, Cooper nyahoeun naker kagangasan Lark.
2. Pike: Lauk walungan anu kacida dipikaceuceubna kusabab mawa racun (ngaracunan) lauk salmon, kaayeunakeun numutkeun internet nuju dibasmi.
3. Sherif/Marshal: Sherif pulisi lokal diangkat sareng digajih ku penduduk satempat, matakna seueur sherif jadi usung-esang Marshal, pulisi nagara.
3. Bedil dobel barrel: bedil anu kucubungna dua atuh eusi pelorna dua ana dibekaskeun dua pelor sakaligus ngabeledag.
4. Laso: tali atanapi tambang khusus anu salawasna dibawa dina sadel kuda paragi ngeurad sapi/kuda.