Ulah Nyeungseurikeun
Ku Sutedja Sumadipura
Basa bojona maot, Pa Ahmad geus jangji dina hatena moal boga deui bojo. Moal aya awewe nu bisa nandingan Si Jenat, basana. Tapi mungguhing jelema, sok keuna ku owah gingsir. Pa Ahmad nu tadina geus ikrar teh bet ngaletak ciduh sorangan. Manehna ngarasa teu genah lamun lila teuing ngaduda. Dina hatena jorojoy hayang deui boga bojo. Asa teu ngareunah teu boga bojo teh, cenah. Manehna hayang deui boga deui nu ngawulaan. Sanajan boga rencang nu ngawulaan dahar jeung leueutna, tapi da henteu cukup ku kitu. Aya hal-hal anu kudu disanghareupan babarengan jeung bojo. Dina aya masalah kulawarga nu rada hese dipecahkeun ku sorangan, kapan sok ku duaan jeung bojo. Bakal karasa ni'matna lamun masalah sarupa kitu bisa kaungkulan dina waktu nu teu sabaraha lilana. Ku ayana luang jeung pangalaman masing-masing. Sajaba ti eta, beda karasana dikawulaan ku bojo mah. Di imah, babakuna bada asar ka ditu, combrek-tiiseun. Otoh, rencang nu ngurus sagala-galana kaperluan Pa Ahmad, sore mah balik manehna teh. Ayana di imah Pa Ahmad beunang disebutkeun henteu lila. Kira-kira pukul dalapan datangna teh. Bada asar balik ka imahna, sanggeus sagala pagawean rengse. Pancenna saban poe teh beberes di imah, masak, nyeuseuh-ngistrika, jeung nyayagikeun keur dahar-leueutna Pa Ahmad.
Sok sanajan butuh pibojoeun, Pa Ahmad henteu gereges gedebug. Lain pipilih teuing nyiar nu leuwih, tapi bisi salah milih. Mun salah, tangtuna oge rugi ku dua-ku tilu. Aya sababaraha sarat nu kudu kacumponan dina dirina. Pondokna, calon teh kudu istri nu sajati. Nu ulah mencog teuing ti anu dipiharep. Eta oge lain euweuh awewe anu kawasna wae daekeun mun dipihukum ku Pa Ahmad. Oge sok aya nu hular-haler mun pareng papanggih jeung Pa Ahmad. Ngan Pa Ahmadna tara nembongkeun semu. Tangtuna hese jeung makan waktu lamun sabagian gede dina hal-hal nu tangtu sarua jeung nu aya dina diri Si Jenat.
***
Minangka pangbeberah, mun acarana kawilang hade, Pa Ahmad sok nyetel televisi. Bisa diitung ku ramo acara dipikaresepna, di antarana wae berita pemilu, acara olahraga. Resep pisan mun aya siaran maen bal, badminton, atawa tinju. Lian ti eta, acara nu dipandu ku wartawan senior, Karni Ilyas. Lebar mun teu ditongton, lantaran munel, tangtuna bakal nambahan kanyaho jeung ngalegaan wawasan. Nu matak geregeteun lantaran loba pikakeuheuleun jeung pikalucueunana, nyaeta acara "Negeri Impian" tara kaliwat. Rea pulunganeunana. Kritik-kritikna mindeng rada peureus. Tapi kituna teh tara kaluar tina adeg-adeg tatakrama katimuran. Maca koran sabab isuk da puguh ngalanggan. Nya kitu deui maca majalah Sunda Mangle jeung Cupumanik mani sok pogot. Nulis, boh carita pondok boh artikel kirimkeuneun ka media citak, masih keneh dipaju. Eta teh dina basa Sunda atawa Indonesia. Kana tulas-tulis geus resep ti beh ditu keneh. Tulisan nu munggaran dimuat dina koran Indonesia Raya nu diasuh ku Mochtar Lubis. Ku nulis, asa teu karasa nyerelekna waktu. Nyaho-nyaho geus jam sakitu, atawa geus peuting pisan.
Aya deui nu matak nyenangkeun hate Pa Ahmad, nyaeta neang incu. Incuna teh lima, ngan nu tilu mah jarauh. Anakna nu cikal ngumbara di Jakarta. Nu panengah, di Bogor ngumbarana teh. Incu nu mindeng diteang taya lian ti Eka jeung Odi, ti anakna nu bungsu, Hadi. Eka, cikalna, umurna kakara opat taun. Geus sakola di TK Al-Hidayah. Sedengkeun adina, nu umurna sataun, keur meujeuhna capetang. Ucapan naon wae sok diturutan. Nyebut aki, can bisaeun. Nu bisa teh nyebut a'i. Pa Ahmad ngarasa pohara bagjana basa Odi nyebut a'i. Eta teh kecap munggaran nu diucapkeun ku Odi, husus keur Pa Ahmad, akina nu sok mindeng tepung.
Elatna saminggu sakali mah Pa Ahmad kudu wae neang incuna. Pedah imahna jeung imah Hadi teu pati jauh. Anggangna moal leuwih ti tilu ratus meter. Duanana oge budak teh sehat-morontod. Bubuhan diurus ku ninina, mitoha Hadi. Tapis pisan Ma Amah mah ngurus budak teh. Sagalana katalingakeun. Daharna, pakena, jeung kasehatanana, tara leupas tina panalingaanana. Rencang mah henteu diandelkeun ngurus budak. Pancenna ngabantu-bantu Ma Amah. Beberesih di imah jeung di buruan, balanja pasakeun ka pasar, mantuan di dapur, jeung sapapadana.
Hadi jeung bojona, Eti, ari lain poe Saptu jeung Minggu mah tara aya di imah. Duanana oge arindit ngajar saban poe oge. Balikna, mun teu pabeubeurang nya pasosore. Hadi ngajarna teh di salah sahiji paguron luhur, sedengkeun Eti, di SMA swasta. Kabiruyungan ku milik, boh Hadi boh Eti ditempatkeun di Kota Bandung. Ku kituna, arindit sakola henteu karurusuh teuing.
Nu sapopoena aya di imah, nyaeta Ma Amah, rencang, jeung barudak nu dua. Mun aya Pa Ahmad, nu ngaku teh Ma Amah. Barang jol oge, nu ngabageakeun teh Ma Amah, binarung budi nu bear-marahmay. Gek sor deui, aya lalawuh nya jeung lalawuhna. Dina teu ayana, citeh-citeh wae mah geus pasti disodorkeun ka Pa Ahmad.
Kaasup jelema rapekan Ma Amah mah. Langka pisan eusi keler nepi ka ambring. Mun geus kaciri aya nu celong, sok buru-buru dieusian. Nyieun sarupaning kadaharan pangaresepna ti keur ngora keneh. Masak mah geus puguh, nyieun rupa-rupa pasakan manehna bisa. Kana ngaput jalan, babakuna ngaput pakean awewe. Sababaraha taun kungsi manehna digawe di pausahaan konpeksi di Garut.
Mun kabeneran Ma Amah keur ngamandian budak, tuluy ngaganti pakeanana, Pa Ahmad sok anteng lalajo. Cangcingceng naker lamun nyiapkeun kaperluan sakola incuna. Lila-lila Pa Ahmad kataji ku ucap, lampah-paripolah Ma Amah. Beunang disebutkeun taya kapetolanana. Tina budi-basana, anu henteu dijieun-jieun, nyaah-deudeuh ka sasaha oge. Ka anak jeung ka minantu sarua wae nyaah jeung deudeuhna teh. Ka batur teu jauh ti kitu, handap asor bari teu mopohokeun tata sopan santun. Eta sababna, nu sejen teh ngarajenan. Dipahing pisan manehna mah nyieun pucuk ti girang. Jeung batur salilana hayang akur, teu hade lamun asa aing uyah kidul pedah anak minantu kaasup jelema haregaaneun.
Jorojoy Pa Ahmad hayang buru-buru boga gantina Si Jenat. Eta kahayang beuki dieu beuki ngagedur. Manehna geus nangtukeun pilihan sok sanajan jinisna, oge anak jeung minantu can nyahoeun. Manehna acan betus ka sasaha oge. Masih keneh disidem dina hatena. Dina hjii waktu pasti dibuka, manehna seja blakblakan. Atuh aya kasaluyuan ti jinisna jeung anak katut minantuna, meureun eta paniatan bisa kauntun tipung katambang beas. Dina henteuna, dalah dikumaha, mana kitu ge meureun lain milik, lain jodo. "Asa piraku manehna teu daekeun, anak-minantu teu nyaluyuan," cek gerentes hatena.
Mun pareng nean incu, geus sapokpokeun manehna rek wakca balaka. Tapi can dipareng keneh wae, sok aya wae halanganana teh. Aya budak ceurik tea, aya semah tea, atawa papatah ka rencang samemeh indit ka pasar.
Pareng dina hiji waktu, di imah salse kacida. Nu aya ngan Ma Amah jeung Odi, incuna nu leutik. Rencang keur jajap Eka ka sakola. Ma Amah geus biasa mun aya semah, nu jauh atawa nu deukeut, tara teu kasodoran cai. Basa Pa Ahmad oge nya kitu, barang gek diuk oge, Ma Amah gura-giru nyokot cai. Sok diteundeun dina meja, hareupeun Pa Ahmad. Ti dinya, gek diuk dina korsi pahareup-hareup jeung korsi nu didiukan ku Pa Ahmad. Sanajan kasempetan geus aya di hareupeun, tapi Pa Ahmad can pok keneh wae nepikeun nu dikemu dina hatena. Asa-asa rek pok teh, sok sieun melengkung beukas nyalahan. Sok sieun nu diharepkeun papalingpang jeung kanyataan. Kumaha lamun tea mah teu puruneun dipihukum, jadi bojona nu anyar. Kapan era, tah, tangtuna oge bakal era saumur-umur. Era ku dirina, era ku minantu jeung anak. Tapi lamun teu ayeuna iraha deui? Manehna tumanya dina hatena. Ah, rek lahlahan wae, kumaha behna, hayang buru-buru nyaho bule-hideungna. Piraku rek kumeok memeh dipacok mah. Asa euweuh deui awewe nu kapeunteun, nu bakal satia saumur-umur. Rupa teu menta manehna teh, moal era mun ngiringkeun. Loba kabisa, teu salah mun disebut istri binangkit teh. Geus kagok asong, pasti bakal jadi bangbaluh mun terus dikemu, teu dikedalkeun. Ayeuna bener-bener rineh, bisa nyarita "empat mata". Bodo lamun ieu kasempetan teu dipake. Kitu cek gerentes hatena.
"Akang teh aya pisanggem saeutik. Nanging mugi Ayi ulah bendu, atanapi ngagumujengkeun Akang." Ngadenge nu bieu dikedalkeun ku Pa Ahmad, Ma Amah teu mere reaksi naon-naon. Cenah meuruen, naon nu rek dikedalkeun satuluyna, kacirina mana penting-penting teuing? Simpe sakeudeung. Sanggeus kumpul deui pangacian, Pa Ahmad nuluykeun omonganana. Ret ka luar, sieun aya jelema nu datang, tayohna.
"Kieu ieu teh saleresna mah. Sadikantun ku euceuna, akang hirup teh asa teu kantenan. Karaos geuningan teu gaduh nu ngawulaan teh. Di rorompok akang asa cuang-cieung, sakapeung taya batur nu tiasa diajak ngobrol. Dina hla-hal penting nu aya patula-patalina sareng rumah tangga, saran bojo tangtos diperlukeun pisan. Tah, saparantos ditimbang-timbang, taya deui istri nu kaerong tiasa hirup sasarengan, iwal ti..." Pa Ahmad nyaritana teu kebat. Ma Amah neuteup deui beungeut Pa Ahmad. Manehna hayang geura nyaho saha-sahana. Jeung enyana, lalaki di imah sorangan dina waktu nu sakitu lilana, goreng kasebutna. Kudu wae aya nu maturan, aya nu ngawulaan sagala-galana. Jempe sababaraha jongjongan. Karasa ku Pa Ahmad yen rek nuluykeun deui omongan teh asa beurat biwir. Tapi geus kagok asong, rek iraha deui lamun teu ayeuna, cek gerentes hatena. Memeh nyarita, Pa Ahmad neuteup beungeut Pa Ahmad sakedapan.
"Upami keresaeun mah, sareng aya milik akang, nu pitiasaeun nyarengan akang salajengna dina raraga kumelendang di alam dunya, nyaeta Ayi." Pa Ahmad melong beungeut Ma Amah rada lila. Kawas nu hayang nenjo paromanna sanggeus ngadenge nu dikedalkeun bieu. Ma Amah kalah ka tungkul, kawas nu teu wani neuteup beungeut Pa Ahmad. Hatena tumanya, "Henteu ngimpi mah aing teh?" Ngimpi pantes, teu gugur teu angin Pa Ahmad ujug-ujug ngomong kitu. Memang aya sangkaan mah ti beh ditu keneh oge. Siga-siga aya nu rek dikedalkeun. Mun pareng keur migawe hiji pagawean nu merlukeun waktu rada lila, Pa Ahmad sok mencrong anteb naker. Mindeng Ma Amah sok era sorangan. Pa Ahmad jeung Ma Amah kalah pahuleng-huleng.
"Akang longsong ayeuna mah, tos teu gaduh bangbaluh. Akang moal bade ngabebereg, nanging akang hoyong nampi kacindekan ti Ayi. Mun tos aya kacindekan, tangtosna nu matak ngabungahkeun, nembe akang nyanggem ka barudak."
***
Sarua jeung basa nyarita ka Ma Amah nepikeun paniatanana pikeun boga deui indung, basa paamprok jonghok jeung anak-minantuna. Biwir teh asa aya nu ngonci rek balaka ka maranehna teh. Tapi da geus kagok, geus moal bisa mundur deui. Ma Amah sayagi pikeun marengan Pa Ahmad satuluyna asal sakabeh anak jeung minantuna nyaluyuan.
Nu pangheulana ditepungan, nyaeta Hedi jeung minantuna, Eti. Kumaha cek anakn nu dua ieu.
"Sanggeus aya kana opat taunna ema hidep mulang kalanggengan, bapa ngarasa asa cuang-cieung. Bener ari batur tea mah loba, di mana-mana aya, tapi ari taya bojo mah asa kurang aya hartina. Dina hirup rumah tangga, pohara diperlukeunana bojo anu sahate. Anu sareundeuk saigel, sabata sarimbagan, saketek sapihanean. Tegesna anu iklas bumela, sarua jeung ema hidep bareto. Da meureun geus takdirna, ema hidep kudu balik miheulaan bapa. Ngan bapa, asa moal mampuh lamun saumur-umur kudu gulak-giluk sorangan di imah.
Asa era ku diri sorangan, jiga pisan euweuh awewe nu daekeun. Nu bakal bela ka bapa, iraha wae jeung di mana wae. Hadi jeung Eti ngan ukur bisa papelong-pelong. Saurang oge taya nu wani ngamimitian nyarita. Maranehna bingung, naon nu kudu ditepikeun ka bapana. Simpe sababaraha jongjongan.
"Sanggeus bapa milih saha-sahana nu sapuk jeung hate bapa, oge sanggeus istihoroh, bet aya nu nembongan hiji istri anu cek bapa mo burung bisa ngaganti indung hidep. Anu bisa jadi marengan bapa dina kaayaan suka jeung duka. Hadi ret ka bapana, ret ka bojona, kawas nu hayang buru-buru nyaho saha piindungeun teh.
"Bapa geus nanya jinisna, sayagi henteuna mun salilana marengan bapa. Kabeneran eta istri mere harepan. Sayagi wae lamun sakabeh anak bapa jeung minantu tangtuna oge, mere kasempetan ka jinisna pikeun babakti. Pikeun jadi indung sakabeh anak-minantu bapa, oge jadi nini incu-incu bapa.
"Saha nu ku bapa kapilih kangge nyarengan bapa salalamina?" Hadi teu sabar, hayang buru-buru nyaho saha-sahana.
"Ulah reuwas, ulah ngananaha ka bapa. Meureun cek hidep duaan, naha teu aya istri nu sanes?"
"Istri nu ku bapa kapilih, anu cek bapa istri sajati, taya lian ti indung hidep." Hadi jeung Eti papelong-pelong pikeun nu ka sabaraha kalina.
"Indung hidep, besan bapa, nyaeta Ma Amah. Nu sapopoena sagulung-sagalang, nu ngurus itu-ieuna di imah, kaasup ngurus barudak, incu bapa." Jempe sakeudeung.
"Abdi moal ngananaha, moal nyeungseurikeun, mung abdi hoyong seuri. Saumur nyunyuhun hulu, asa nembe aya hiji pameget nu mikapalay besanna ku anjeun. Hoyong seuri dumeh bapa milari piistrieun mun kulubak-kulibek di dieu. Henteu angkat ka nu nenggang, piraku teu mendak. Tapi da ayeuna mah parantos, bapa tos nangtoskeun pilihan. Ambu, mitoha abdi, indung abdi keneh. Bapa, mitoha pun bojo, nya bapana. Bapa sareng ambu, indung-bapa abdi duaan. Mung bae aya pameredih ti abdi sareng pun bojo supados bapa sasauran oge ka dulur-dulur abdi nu mangkuk di tempat sanes. Abdi yakin, sadayana oge bakal nyaluyuan kapalay bapa," Hadi ngagedean hate bapana. Eti ngan ukur ngabandungan obrolan bapa jeung anak. Eti sapamadegan jeung salakina. Nya kitu pisan naon nu aya dina hatena.
"Nuhun hidep geus ngidinan bapa pikeun ngawangun rumah tangga jeung Ambu. Isuk-pageto tangtu bapa rek nepungan dulur hidep nu aya di Jakarta jeung di Bogor. Mudah-mudahan taya kitu reujeung kieu dina waktuna engke."
***
Tilu poe ti harita, Pa Ahmad indit ka Bogor jeung ka Jakarta. Nu maksudna, rek nepungan anakna nu dua deui dijugjug ti heula, Bogor, anakna nu panengah. Ti dinya, kakara rek ka Jakata.
Di Bogor ngan meunang dua peuting. Inditna ti Bogor ka Jakarta, estu gura-giru pisan. Manehna hayang buru-buru papanggih jeung anak-incuna. Hayang gancang-gancang meunang kaputusan. Naha satuju saperti adi-adina atawa henteu? Ah, piraku sugan, asa teungteuinganan lamun nepi ka teu satuju teh. Manehna geus eleh sora, hiji lawan dua. Nu dua tangtuna oge nu meunang. Kitu cek itunganana.
Basa pamaksudanana ditepikeun ka Rani, anakna nu di Bogor, rada oge rengkeng. Manehna teu gancang nyaluyuan maksud bapana.
"Abdi teu kaabotan upami Bapa nikah deui. Nanging iraha saena, sareng kedah ka saha? Raraosan abdi, ema pupusna teu acan lami. Lima taun oge kirang. Basa ema pupus teh, Odi nembe dilahirkeun. Ayeuna manehna majeng lima taun. Atuh, ke heulanan, sataun dua taun deui mah. Nu dipambrih, Bapa mendak istri nu teu tebih teuing ti ema dina sagala rupina. Abdi asa kirang panuju upami nu kapilih ku Bapa teh Ma Amah. Ma Amah teh kapan mertuana Kang Hadi, besan Bapa. Sanes hartosna anjeunna teu pantes jadi istri bapa, atanapi tetebiheun kana nu disebat istri sajati. Abdi terang pisan ka anjeunna, margi abdi kenal ti beh ditu keneh. Jadi, sanes sakatiga abdi terang ka anjeunna. Saeutik-ageungna terang jiwana, nyaahna ka putra sareng mantu, oge ka putu-putuna. Sajaba ti eta, anjeunna teh salah sawios istri binangkit. Kenging disebatkeun taya kapetolanana, anjeunna istri nu motekar naker. Nanging saayeunaeun hate abdi teu acan merean," Rani nepikeun eusi hatena.
"Bapa lain teu ngarti kana naon nu bieu ditepikeun ku hidep. Ngan wae, bapa asa teu ngareunah lamun lila teuing lelengohan. Hayang wae bapa teh aya nu ngurus, anu nalingakeun bapa dina sagala rupana. Bapa lain teu narimakeun kanyaah hidep kabeh sangkan bapa cicing di salah sahiji anak bapa. Ngan ari kudu saendeng-endeng mah asa moal betah. Pikeun nambahan pangabetah, pangpangna di imah sorangan, taya deui iwal ti kudu boga deui bojo. Nu ku bapa kaerong pibisaeun ngawulaan bapa iraha jeung di mana wae, ngan Ma Amah. Ku bapa geus ditimbang-timbang, geus dipikir dibulak-balik. Hate bapa cop ngan ka dinya, ka Ma Amah. Simpe sakeudeung.
"Tadi oge susuganan, sugan anak-minantu nyaluyuan. Upama tea mah teu satuju, nya dalah dikumaha. Ngan nu tangtu, bapa teu boga geusan pakumaha," cek Pa Ahmad bangun nu putus pangharepan. Jempe sababaraha jongjongan.
"Nya, atuh upami bapa tetep palay nikah ka anjeunna, abdi sareng Kang Barnas teu kaabotan. Mung wae Bapa kedah usaha satekah polah sangkan awet. Upami henteu, bakal seueur emutaneun sadayana."
"Insya Allah. Mugia Gusti Nu Mahasuci ngaijabah pamaksudan bapa jeung Ma Amah dina enggoning ngawangun hiji rumah tangga."
"Amin!" tembal Rani jeung salakina meh bareng.
Pa Ahmad ngarasa, inditna ka Jakarta hampang kacida. Hampang dumeh bangbaluh nu pohara beuratna geus leupas. Naon nu dipikahariwang meh henteu ngukuntit dirina geus nukangeun. Sok sanajan kitu, ari kasieun mah aya keneh. Sieun Otong, anakna nu cikal teu panuju mun nu dipilih teh Ma Amah. Mangkaning Otong mah dina sagala rupa sok apik, tara rusuh teu puguh. Kudu wae ditimbang-timbang untung-rugina. Komo deui ieu, sasatna keur saumur hirup. Pa Ahmad geus teken kontrak yen moal kawin pikeun nu katilu kalina. Tegesna, geus gilig ngawin Ma Amah lain keur saulineun. Kawin kadua kali alatan indungna barudak dipundut ku Nu Kawasa.
Bet jauh tina sangkaan. Disangka bakal satuju, bet henteu. Otong teu satuju sama sakali lamun bapana kawin ka Ma Amah. Sok sanajan bapana mere alesan anu asup akal, tapi tetep Otong henteu satuju. Nu ditepikeun ka bapana naon pangna manehna henteu sapuk, didadasaran ku rupa-rupa hal. Dina nepikeunana henteu daria sakumaha nu dipikahayang ku bapana, sadrah yen manehna lain teu nyaah ka kolot. Pangna kitu oge bakat ku nyaah supaya di ahir henteu kaduhung. Oge lain ngewa ka Ma Amah, gegedena nyaah ka anjeunna. Bohong-bohong bakal jadi omong jelama upama tea mah Ma Amah jadi bojo bapana. Bakal aya sangkaan yen kasalahan nyokona di Ma Amah. Di antarana wae, tuduhan yen Ma Amah awewe nu teu boga kaera, daek dikawin ku besan.
"Abdi mah nguping kasauran Bapa bieu, asa ngupin lulucon. Siga nu heureuy, sapertos nu henteu daria. Geura wae emut ku Bapa. Ma Amah teh besan Bapa, teras jadi istri Bapa. Abdi sadulur-dulur tangtosna kedah nyebat ema, sanes bibi sapertos nu atos-atos. Pasti kana ngarumasna, iwal ti Hadi. Hadi tos biasa nyebut ema ka anjeunna," cek Otong ditungtungan ku ngaheheh. Yati henteu nambahan saeutik oge. Manehna ngaheueuhan omongan Otong, salakina. Manehna oge teu keudeu milu seuri.
"Kana kitu, nya wayahna wae hidep sakabeh kudu bisa nyaluyuan maneh," tembal Pa Ahmad bari imut. Pa Ahmad masih keneh boga harepan. Awal-ahir sakabeh anakna bakal nyaluyuan kahayangna.
Heuleut dua minggu ti harita, Otong ngahaja nepungan bapana. Manehna nepikeun pamadeganana.
"Abdi saadi-adi tos badanten. Hasilna, sadayana teu kaabotan upami Bapa nikah deui. Nanging panuhun, sanes ka istri sakumaha nu dipikapalay ku Bapa. Abdi sadulur-dulu gaduh kayakinan, upami Bapa nikah ka Ma Amah, bakal seueur barebedanana. Nu sanes, langsung atawa henteu, moal lepat bakal ngananaha ka Bapa sareng ka Ma Amah. Naha kawas teu aya deui istri atanapi pameget sanes. Di urang, sakaterang abdi, teu acan aya hiji pameget nu nikah ka besan. Ku margi teu acan ilahar tea, bet jadi seueur kasieun. Sieun kitu, sieun kieu. Nu ahirna bakal ngarugelkeun Ma Amah, oge Bapa saputra-putu," omong Otong tandes naker. Ret ka bapana, luk tungkul sakedapan. Pa Ahmad teu ngomong sakemek-kemek acan. Satuluyna, ngahuleng rada lila. Kituna teh dumeh ngarti kana naon nu diucapkeun ku anakna bieu, duka memang hanjelu. Hanjelu dumeh kahayangna teu kalaksanakeun.
***
Sok sanajan geus kaidinan ku anak-anakna pikeun ganti bojo, tapi Pa Ahmad milih nyorangan. Di imahna angger gulak-giluk sorangan. Keur pangbeberah, sanajan langka, nya lalajo televisi. Maca jeung nulis teu ditinggalkeun. Lain wae nulis carpon atawa artikel, tapi oge buku-bukuna nu can lila medal, buku kumpulan carita barudak, dina basa Sunda. Pa Ahmad boga tekad pikeun miara basa jeung budaya Sunda.
Rencangna masih keneh Otoh. Ngalongok incu kameumeut kaitung langka. Kahiji dumeh incuna geus galede. Kaduana, sieun aya mamalana mun mindeng papanggih jeung Ma Amah. Ayeuna mah Hadi jeung bojona nu mindeng nepungan bapana. Nu merhatikeun sagala kabutuhan Pa Ahmad, Yani. Geten pisan Yani mah ka mitoha teh. Ka Bogor jeung ka Jakarta jadi rada remen. Ku kitu teh Pa Ahmad henteu nguluwut. Tilu poe atawa saminggu aya di Bogor. Sejen waktu di Jakarta. Ku mindengna sumaba ka jauhna, anakna nu dua nu ngumbara di tempat sjen pohara bungaheunana. Henteu asa dianakterekeun. Kanyaahna ka kolot leuwih ti nu enggeus-enggeus.
Di imah asa leuwih betah Pa Ahmad teh. Ngarasa teu betahna, ngahaeub ka magrib, mun ngadenge tonggeret ti kebon Pa Sura. Eta kateubetah lila-lila mah sirna. Sabalikna, ngarasa leungiteun mun tonggeret can disada.***
Bumi Siliwangi, 8-4-2009