Sat, 19-05-2012
Carkrim

Babaung Ajag (10)

Pintonkeun di FB

Ku Dede Syafrudin

"Bener ceuk sangkaan uing, Ceu Dedeh teh keur kakandungan. Saha atuh nya nu boga hadasna?" ceuk Enduy.
"Boa-boa Abah ge milu nebarkeun binih?" Hansip Oman ngareret ka Bah Juar.
"Hus! Sok gagabah nyarita teh! Abah mah teu kungsi antel-antel acan!" Bah Juar morongos.

Ger nu tiluan seuri deui, nyeungseurikeun peta Bah Juar.

"Mangkaning nu maot keur kakandungan mah cenah sok jadi kun...."
"Si, tong sok sompral ngomong teh!" Hansip Oman motong omongan Enduy.
"Buktina anakna Erte Jajang ningali nu gegeleberan dina suhunan imah Ceu Dedeh...," Enduy neruskeun omonganana.

Hansip Oman teu nembalan. Nu sejenna ogetaya nu nyarita. Jempe. Bangun nu milu mikiran omongan Enduy jeung Hasip Oman.

Angin nu ngagelebug nambahan tirisna peuting. Ti kajauhan kapireng sora seah tangkal awi nu katebak angin. Erwe Yoyo saparakanca ngabarulen awakna ku sarung. Tapi ari maen gaplehna mah henteu eureun, kalah laju beuki sumanget ngabantingkeun kartuna.

"Lain, ari ajag nu babaung peuting harita tea ka mana nya?" sora Bah Juar meupeuskeun kasimpean di antara maranehna.
"Enya. Taya kapireng deui babaung. Jeung ti harita nepi ka ayeuna getaya nu laporan ingon-ingonna paeh dikerekeb ku ajag," ceuk Erwe Yoyo.
"Boa-boa lain ajag saajag-ajagna. Boa-boa ajag silum...."
"Hih, teu beunang dibejaan ku sakali ieu mah budak teh. Dicarek tong sompral!" Hansip Oman ngageplakkeun lengeun katuhuna kana tonggong Enduy, nepi ka Enduy meh bae  tijongklok kana luhureun jajaran kartu.

Enduy ukur bisa ngusapan tonggongna nu karasa peureus, tapak dampal leungeun Hansip Oman. Dek dilawan da puguh lain lawan-lawaneun.

"Gapleh!" Enduy ngabantingkeun kartu, ditungtungan ku ngareret ka Hansip Oman.

Hansip Oman katangen jamedud.

"Ngahaja silaing mah digaplehkeun, nyaho kartu aing baradag...!" Hansip Oman kukulutus.
"Matakna tong sok sompral, komo guplak-geplak kana tonggong batur mah!" Enduy ngalelewe.

Cakakak Erwe Yoyo jeung Bah Juar tingcakakak, seuri bangun nu genah naker.

Bari terus kukulutus, Hansip Oman ngaberesan kartu nu ngabarak. Geus beres tuluy dikocok.... Karek ge Hansip Oman rek ngabagikeun kartu nu geus dikocok, bet hawar-hawar kapireng sora babaung....

"Kadenge, Erwe? Kadenge Oman...?" ceuk Bah Juar.
"Enya," Erwe Yoyo jeung Hansip Oman meh bareng nembalan.

Sora babaung teh beuki lila beuki kerep, jeung beuki tarik. Opat jalma nu aya di pos ronda silih reret.

"Asa..., asa ngadeukeutan...?" Hansip Oman ngomongna semu ngaharewos.
"Enya. Siga muru ka imah Mang Iding...," ceuk Enduy.
"Mangkaning imah Mang Iding teh kapan deukeut pisan imah Ceu Dedeh...," Hansip Oman ngaharewos deui.
"Keun bae deukeut imah Nyi Dedeh ge, hayu urang udag!" Erwe Yoyo turun ti pos.
"Bisi lain saajag-ajagna keh...," Hansip Oman murengked.
"Nya ajag mah angger we ajag!" Erwe Yoyo satengah lumpat ninggalkeun pos, dituturkeun ku Bah Juar jeung Jang Enduy. Atuh kapaksa Hansip Oman oge nuturkeun....
"Mangkaning uing teu mawa pakarang," bari lumpat teh Hansip Oman masih keneh sempet nyarita.
"Ku lelewodeh atuh, ngaronda make  teu mawa pakarang sagala! Neangan we saaya-aya nu bisa dipake  pakarang," Erwe Yoyo kukulutus.
"Nya ari kitu mah...," tembal Hansip Oman, bari laju nyabut pager awi di salah sahiji imah.
"Beu, pageuh geuning. Bantuan, Jang Enduy!" pokna deui.
"Hih, batur rusuh teh ieu mah kalahka sibuk ngaruksak pager batur!" najan bari murukusunu ge Enduy teh tuluy bae mantuan Hansip Oman.
"Buru euy, bisi kaburu kabur ajagna!" ceuk Erwe Yoyo, bari ngagidig ninggalkeun Hansip Oman jeung Enduy.
"Enya," tembal Hansip Oman.

Laju Hansip Oman jeung Enduy rurusuhan nyusul lengkah Erwe Yoyo jeung Bah Juar.

Kaayaan di buruan imah Mang Iding anu pagigir-gigir jeung imah Ceu Dedeh estuning kacida tiiseunana. Ukur sasatoan peuting bae anu reang teh, ditema ku sada koreak dina suhunan Mang Iding. Wuwuh matak keueung karasana. Komo lamun ngareret ka imah Ceu Dedeh anu lampuna parareum mah.

Erwe Yoyo saparakanca geus nepi ka hareupeun imah Mang Iding, kabeh geus ngalugas bedog jeung pakarangna sewang-sewangan. Hasip Oman mah ukur ngamang-ngamang awi bae da puguh manehna mah teu mawa pakarang. Unggal mata ngulincer nyidikkeun saban rungkun jeung tempat-tempat sejenna anu dicuriga dijadikeun panyumputan ajag.

"Euweuh geuning...?" Erwe Yoyo ngaharewos.
"Di kandang domba meureun...," ditembalan ku Bah Juar.

Kuliwed Erwe Yoyo jeung nu lianna ka tukangeun imah Mang Iding, ka tempat kandang domba. Geleber koreak na suhunan imah Mang Iding hiber, laju euntreup kana suhunan imah Ceu Dedeh.

"Aya nu ngalayang bodas, na suhunan imah...!" Hansip Oman noel tonggong Bah Juar.
"Koreak eta mah. Kawas lain urang kampung bae, teu nyaho koreak...!" Bah Juar kukulutus.
"Euweuh geuning di dieu oge," ceuk Erwe Yoyo, sanggeus nepi ka kandang domba Mang Iding.
"Enya. Dombana getarenang geuning, teu kadenge beberelean manggih kasieun," ceuk Enduy.
"Ari Idingna ka mana nya?" Bah Juar laha-loho kana panto jeung jandela imah Mang Iding.
"Keur sare, tah kadenge kerekna, mani handaruan," tembal Enduy.
"Beu, kacida Si Iding mah, sare teh nepi ka teu kadenge sora ajag babaung deukeut imahna ge," Bah Juar gogodeg.
"Enya. Sakitu ti heula oge  nepi ceurik balilihan kapan dombana dikerekeb ku ajag teh," Erwe Yoyo ngembohan.
"Heueuh. Jeung deuih asa genah kacida, ari urang dibelaan kukurusukan ka nu bala jeung ka nu poek neangan ajag da bisi ngerekeb domba, ari nu boga dombana kalah raos-raos kerek. Padahal antep we sakalian, sina dikerekeb deui ku ajag domba Mang Iding mah," Enduy ge milu kukulutus.
"Itu...! Itu...!" ujug-ujug bae Hansip Oman nyarita, satengah ngagoak, bangun anu manggih kareuwas.
"Mana?" nu tiluan meh bareng nyoara, bari ngalieuk ka Hansip Oman.
"Itu..., itu...," bari undur-unduran, Hansip Oman nunjuk ka lebah imah Ceu Dedeh.

Paneuteup nu tiluan geuwat nuturkeun panunjuk curuk Hansip Oman.... Di lawang panto imah Ceu Dedeh, remeng-remeng katembong aya nu ngajanteng make pakean sarwa bodas. Buukna ririaban katebak angin....

"Ju..., ju...," Hansip Oman arapap-eureupeup, bari angger nunjuk ka lebah panto imah Ceu Dedeh.
"Lailahailalloh...," Erwe Yoyo ngarenjag, molotot mata simeuteun.
"Audubillahiminasaitonirrojim.... Allohula ilaha ilahuwalkoiyum...," Bah Juar geuwat mapatkeun Ayat Kursi.

Les nu ngajanteng hareupeun imah Ceu Dedeh teh ngiles. Cungungung sada nu babaung, dibarengan ku sada koreak.

Jalma nu opatan silih reret. Teuing saha nu miheulaan, opatanana lalumpatan satengah notog-notogkeun maneh, ninggalkeun eta tempat.*(hanca)

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula