Ha.. ha.. ha.. (Edisi 2206)
Opak
"Baruk di Amerika ge aya opak nya, euy?"
"Opak naon? Opak sampeu?"
"Lain. Opak Whitney..."
"Oprah atuh eta mah. Lain opak..."
Ena Rs.
Sidamulya, Bj. Gedang, Rch.
Krisis Global
Jaman krisis global kieu, sagala rupa jadi nurutan. Samodel tiris, pan diplesetkeun jadi tiris global. Linggis, disebut linggis global. Inggris, disebut inggris global. Iblis, disebut iblis global. Pokona mah nu mirip-mirip kecap "krisis", ayeuna mah ditapelan ku kecap "global".
Ena Rs.
Sidamulya, Bj. Gedang, Rch.
Renjul
Aya hiji pesawat terbang keur ngapung. Hiji waktu pesawat teh karasa ajrug-ajrugan. Panumpangna tingjarerit. Kapten kapal buru-buru mere katerangan, "Tenang, tenang. Tadi teh pesawat ngalangkungan mega nu rarenjul..."
Ena Rs.
Sidamulya, Bj. Gedang, Rch.
Pembantu
Ceu Romlah: "Ari sakadar jadi pambantu mah teu kudu luhur-luhur teuing sakola. Tuh, budak Bu Haji ge cumah! Ngan jadi pambantu. Mending jiga uing we pira nyeuseuh mah!"
Juhari: "Asal engab ngomong teh, Ceu! Anak Bu Haji mah lain pembantu samanea, Pembantu Rektor deuleu! Ayeuna keur sakola di Amerika!"
Ceu Romlah: "Nanahaon pembantu kudu sakola jauh-jauh?"
Juhari: "Geus ah lieur ngomong jeung SDTT mah!"
Ceu Romlah: "Naon SDTT?"
Juhari: "Sakola Dasar ge Teu Tamat!"
Pu Marpuah
Gerlong Girang - Gg. Cempaka
Bandung
Sarebu
Si Mimud muka toko potokopi anyar. Kacida bungahna basa aya nu motokopi.
Si Midun: "Sabaraha lembar, Jang?"
Budak: "Sarebu!"
Si Mimid pohara bungahna meunang langganan munggaran. Basa geus beres, song budak ngasongkeun duit sarebu perak. Si Midun reuwas, lep bae kapiuhan. Sabab manehna geus ngopi sarebu lembar...
Pu Marpuah
Gerlong Girang - Gg. Cempaka
Bandung
Gara-gara Barakatak
Cucu: "Ampir meh rata di unggal imah nu langganan Mangle"
Cumi: "Heueuh naon nu rata teh?"
Cucu: "Eta teu beurang teu peuting, jelema teh ting barakatak sorangan jiga nu kurang saeundan"
Cumi: "Heueuh atuda gara-garana mah aya kolom barakatak"
Ayo Yahya Heryanto
Rancah 46387 Ciamis
Muka Toko
Adun: "Na, hirup teh apes-apes teuing"
Adin: "Apes kumaha?"
Adun: "Geus mah teu boga duit sagoweng-goweng acan, roko ge teu gableg deuih"
Adin: "Gampang soal duit jeung roko mah"
Adun: "Gampang kumaha?"
Adin: "Tinggal muka toko. Naon hesena?"
Adun: "Ti mana modalna kudu muka toko?"
Adin: "Lain muka toko nu hartina ngawarung, tapi muka toko soteh asup ka toko batur tengah peuting. Terus nyokot duit jeung rokona. Geus kitu mah tinggalkeun weh. Beres lin?"
Adun: "Atuh eta mah babadog ngaranna. Ih, bararaid teuing!"
Adin: "Ah, kuma sia bae lah. Cenah hayang duit jeung roko"
Ayo Yahya Heryanto
Rancah 46387 Ciamis
Gas Langka
"Geus langka deui gas teh, di warung Isah ledis, di warung Dasti kosong, di warung Mang Dim kitu deui" Si Otong ngomong sorangan bari mamawa gas elpisi 3 kg bari dut deui dut deui hitut hareupeun Mang Ruslan.
"Tah, hitut maneh weh, Tong wadahan. Sarua gas-gas keneh, lumayan keur masak!" ceuk Mang Ruslan bari nutup irung.
Si Otong balaham belehem eraeun bari ngaleos.
Ajeng Kania
Guru SDN Taruna Karya 04
Cibiru Bandung 40615
Agus
Agus: "Des, Mamah Desi ngababarkeun sasih Desember, nya?"
Desi: "Leres. Pami Kang Agus pasti sasih Agustus, nya?"
Agus: "Abi mah sasih April."
Desi: "Geuning namina Agus?"
Agus: "Saur Mamah mah singetan ti Anak Guru SD."
Desi: ???
Ajeng Kania
Guru SDN Taruna Karya 04
Cibiru Bandung 40615
Vokal A
Mang Jaka: "Coba bisa henteu nyieun kalimah 1000 make vokal A kabeh!"
Jang Kandar: "Mang Jaka mawa Jang Kadar ka Tanah Abang - Jakarta kana bajay kayas jaba mahal. Barang datang ka pasar Tanah Abang. Mang Jaka ngadadak sawan babarakatakan ha...ha...ha... 1000x"
Mang Jaka: "Geus... geus... uing eleh!"
Ajeng Kania
Guru SDN Taruna Karya 04
Cibiru Bandung 40615
Untung Keneh
Udi: "Keur naon Nini ngarakrak cemped imah?"
Nini Utih: "Keur nyeuhil, nya keur suluh atuh!"
Udi: "Geus teu usum, ayeuna mah nyangu teh make minyak tanah atawa gas, Nini."
Nini Utih: "Ngomong naon sia? Ngareken jelema gelo bae sia mah Udi. Gableg minyak tanah jeung gas mah aing ge moal ngarakrak cemped imah deuleu!"
Udi: "Untung kaperegona ku uing, mun kaparego ku wartawan terus dikanatipikeun matak ngera-ngera para pejabat. Aeh, baroga keneh kaera kitu?"
Fendy Sy. Citrawarga - Bandung
Kabinangkitan Urang Cihui
Ede: "Enyaan binangkit urang Cihui mah. Bingung teh meunang gas keur nyangu der we papatungan nyieun gas."
Edo: "Papatungan kumaha pan cenah gasna suwung?"
Ede: "Naronggeng ngaluarkeun gas tina bujurna sewang-sewangan terus ditampung na seeng."
Edo: "Bisa nyanggu nyah?"
Ede: "Boro-boro, kalah tingjarungkel mabok."
Fendy Sy. Citrawarga - Bandung
Lebaran
Ngajaran ngadon lebaran di kota Mekkah. Pisaminggueun deui ka hari raya, kuring meuli pakean nu alus tur mahal. Niat teh dalam rangka pupujieun. Poenan lebaran, hanas sagala dipake... na geuning urang Arabna mah hare-hare! Sugan kuring lebaran di pusat islam teh leuwih ti di lembur sorangan, ari pek... bet ambon sorangan!
Tahas FB - Bandung
Goreng Sangka
Taun salapan-salapan kuring indit umroh. Di kota Mekkah, mun pareng panggih jeung urang Bosnia, pasti manehna namprak menta duit, ma'lum nu ngarungsi.
Hiji waktu di jero Masjidil Harom, aya saurang ibu urang Bosnia nu ngadeukeutan kuring. Panyangka, pasti menta duit. Geuning lain rek baramaen, tapi nanyakeun beulah mana Sofa-Marwan? Manehna niat rek sa'i. Ku kuring dituduhkeun. Na atuh ari bagean kuring rek sa'i, da poho deui Sofa-Marwan teh. Neangan tempat sa'I, nepi ka tujuh kali kuring ngurilingan Masjidil Harom! Kapanggih soteh pareng dituduhkeun ku Si Ibu Bosnia nu pareng panggih deui!
Tahas FB - Bandung
Pangni'matna
Bur-ber ka luar nagri. Aya nu nanya: "Nagara mana nu pangni'matna?" jawab kuring "Tetep nu pangni'matna mah nagri Indonesia, si jero enggon bari ngeukeupan indung si kucrit... hehehe."
Tahas FB - Bandung
Pirus
Di tanah suci, kuring ngaborong batu ali pirus... buatan Sukabumi katut gamis buatan Tasikmalaya. Tadina mah rek meuli pacul Majalengka... hanjakal euweuh!
Tahas FB - Bandung
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heulaKang Asep ngomentaran:
sae landong baeuddEni Kunaenih ngomentaran:
lucuuuu ........ pisan ,hehehehe , nuhun ach ka pengarangna.susan nur aqidah ngomentaran:
hahahahahaha...aduh teu bisa balem deuiasepgarut ngomentaran:
asa di bandung ieu teh, padahal kuring keur di selangor malaysiaSuwanda ngomentaran:
Aya sababaraha tujuan jalma indit ka Tanah Suci dina usum Haji teh. Cenah kahiji: ibadah. Kadua: dagang. Katilu: naekkeun gengsi (supaya dihormat). Mangga pilih ku aranjeun, anu kahiji, kadua atanapi katilu. Teu langkung.