Bingung ku Petong
Ku Ena Rs
Mulang gawe, kasampak Si Ade, budak kuring nu bungsu, keur ceurik lolongseran.
"Lain dirandeh atuh, Mah!" cek kuring.
"Dirandeh mah dirandeh. Ngan teu hade!" tembal pamajikan bari semu ambek.
"Hayang naon dih?" biasa pan ari budak mah lamun boga kahayang can katedunan teh sok ceurik.
"Hayang petong...."
"Petong, naon ari petong teh?" kuring jadi bingung.
"Puguh abdi ge teu apal naon ari petong. Sasat sagala ditawarkeun, tapi angger godeg. Petong we nyebut teh!" cek pamajikan sarua bingungna.
Ku kuring budak teh dipangku. Dirandeh. Budak kerek umur tilu taun, hese meureun ngajentrekeun kahayang teh. Kabisana ukur kitu. Teuing naon anu dimaksud petong ku manehna teh.
Dirandeh ku kuring ge teu hade. Susuganan, leos dibawa ka warung. Rek dijajanan. Di warung sagala ditawarkeun. Sagala dituduhkeun. Tapi weleh taya nu kapake. Diasongan ciki, godeg. Diasongan roti godeg. Diasongan mie, godeg. Diasongan sosis, godeg. Nyebutna teh hayang petong we petong. Teu bisaeun ngajelaskeun....
Balik deui ka imah kuring ge jadi rada keuheul ka budak. Ceurikna teu eureun-eureun bari terus ngaeh hayang petong. Henteu ari disentak mah da kuring mah tara suntak-sentak ari ka budak teh....
"Tadi ulin ka mana budak?" cek kuring ka pamajikan.
"Ukur ulin ka ninina," tembal pamajikan.
Leos dibawa ka ninina. Sugan tadi di ninina dibere nahaon. Tapi ceuk nini oge cenah ukur dibere cau, teu dibere nanaon. Ninina oge jadi bingungeun, naon ari petong. Ditadah-tuduh di imah ninina bisi aya kahayang nu aya di dinya, tapi tetela euweuh nu disebut petong teh!
Balik deui ka imah, budak masih keneh ceurik. Antukna mah diantep we da rumasa geus taak. Ieu lain petong, itu lain petong. Engke ge repeh ku karep geus capeeun ceurik mah.
Sabot kitu, torojol aya Mang Wihandi. Manehna teh tadi katempo keur ngala peuteuy landeuheun imah. Kaciri tina buruan imah ge, buah peuteuyna teh mani meuhpeuy.
"Sakalieun ngasaan, Jang!" cek Mang Wihandi bari mikeun peuteuy sapuluh papan.
"Nuhun, Mang," cek kuring.
Mang Wahidi ngaleos deui. Kuring nyampeurkeun budak bari ngajingjing peuteuy. Heureuy maksud mah, kuring ngasongkeun peuteuy ka budak, "Hoyong peuteuy teu?"
Na atuh budak teh unggeuk. Ceurikna jadi repeh. Horeng nu dimaksud petong ku manehna teh peuteuy. Meureun nempo Mang Wahidi keur ngala peuteuy, manehna hayangeun. Ari rek nuduhkeun meureun teu wani. Dasar budak...
Satuluyna mah budak teh ngalimed ngadahar peuteuy. Ari kuring jeung pamajikan saleuseurian. Heueuh, horeng petong teh peuteuy!
***
Sidamulya, Bj. Gedang , Rancah 46387
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heulasulaeman ngomentaran:
hahahahaesutisna ngomentaran:
sugan teh hayang papatong...PETONG=PEUTEUY xixixixixixi...Kimunk ngomentaran:
Sugan teh hayang pestol .......ki semar ngomentaran:
haaar, geuning budak teh kabeukina sarua jeung aki nyaa,,,Wiero Djampang ngomentaran:
aya teuleumaneun dina carios di luhur,pamendak sim kuring nyaeta ayana bentenna pemahaman antawis generasi ka generasi,dina saupami generasi anu tos dewasa kirang wijaksana maca eusi maksad kaum muda...seueur kajantenan pabentar paham malah dugi ka janten kaawonan...padahal sababna hal anu henteu sapira...(saukur benten nga;lapadkeun petong (versi anak muda) sareng maksad saleresna mah peuteuy....sanaos singket ieu carios munel oge ku falsafah....salam ka kang Ena RS oge ka sadaya dulur di lembur...Eni Kunaenih ngomentaran:
haar geuning murangkalih seneng ka petong,bau atuh bahamna.....hehehe.cevs ngomentaran:
bodor tah komentar th kang Dase ! ! hahaha....dase sukarna ngomentaran:
dase sukarna ngomentaran:
dase sukarna ngomentaran:
Saena tuang putra teu nyuhunkeun "motoy". Da sanaos ku saderek dipangmeserkeun motor oge moal repeh. Paling-paling kaburusutan dina calana.