Sat, 19-05-2012
Katumbiri

Ngalanglang Mangsa ka Tukang

Pintonkeun di FB

Nitenan Patilasan Karuhun

Tatar Sunda beunghar tempat-tempat jeung wawangunan nu boga ajen sajarah. Kituna teh, sumebar di saban tempat,  di sakuliah tatar Jawa Barat. Ngan, kumaha tarekah pamarentah ngamumule jeung miara tempat-tempat kawas kitu?

Ka mana wae ngalengkah, loba tempat nu payus disabaan. Patilasan karuhun, benda-benda cagar budaya, jeung sajabana payus dipiwanoh ku genereasi sapandeurieunana. Ngan, tangtu, nu penting mah lain ukur dipiwanoh, tapi aya tarekah ngamumule jeung miarana, sangkan patilasan-patilasan jeung wawangunan nu boga ajen sajarah tetep dipiwanoh balarea.

Kumaha carana sangkan eta wawangunan titinggal karuhun atawa tempat-tempat nu boga ajen sajarah terus natrat dipiwanoh masarakat? Balai Pengelolaan Kepurbakalaa, Sejarah dan Nilai Tradisional (BP. KSNT) Dinas Pariwisata dan Kebudaaan (Disparbud) Jawa Barat, boga tarekah jinek. Kitu teh, saperti nu kasaksen, Senen-Salasa,  tanggal 20-21 April 2009 ieu Balai nu diluluguan ku Wawan Ridwan, SE., MM., ngayakeun kagaitan Ekspedisi ka Situs-situs Cagar Budaya di Jawa Barat, saperti ka Bandung, Subang, Purwakarta, jeung karawang.

Ngalap Mangpaat

Upama eta balai ngayakeun kagiatan kitu, tangtu aya maksud jeung udagan. Tah, naon tea? Nurutkeun Wawan Ridwan, maksud kagiatan nu diayakeun ti tanggal 20 jeung 21 April 2009 teh, taya lian sangkan para pamilon wanoh kana barang-barang atawa tempat-tempat cagar budaya. Tangtu deuih, udagan ka dituna mah sangkan nu didongdon teh leuwih dipiwanoh ku masarakat umumna. Lian ti kitu, para pamilon oge dipiharep wanoh kana tarekah pihak-pihak dina ngalaksanakeun pancenna, saperti nu tumali jeung urusan miara atawa ngamumule situs jeung cagara budaya tea. "Saterasna, masihan kasempetan ka pamilon kanggo ngalap mangpaatna kalayan dibarung ku resep," ceuk Wawan Ridwan, Kepala Balai Pengelolaan Kepurbakalaan dan Nilai tradisional, Jawa Barat .

Sajeroning kitu  Dra. Romlah Ka.Sie Pemeliharaan BPKSNT Jabar nu oge ketua palaksana  netelakeun, pamilon ekpedisi, boga kasempetan ngalanglang saban tempat, saperti Bandung, Subang, Purwakarta, jeung karawang. Di Bandung, pamilon ngajugjug ka tempat-tempat nu ngandung ajen sajarah,  di antarana, Galeri Kita nu aya di Jl. Martadinata 209 Bandung, Gedong Sate, jeung Lintasan wewengkon jeung wangunan-wangunan di Kota Bandung nu diadegkeun dina mangsa munggaran kamekaran kota nyaeta Jalan LLRE Martadunata, Jalan Aceh, Jalan Merdeka-Wastkencana (Balaikota Bandung), Jalan Diponegoro (Kologdam, Kampus ITB, museum Geologi, Museum Pos dan Giro, sarta  wewengkon UPI Bandung  jeung sajabana. Saterusna pamilon ngadongdon ka kawasan Subang lolongok ka Perkebunan Ciater, Museum Kalijati (museum/imah sajarah, sakola, lapangan udara, jeung sejenna).  Di Purwakarta, hususna para pamilon nyaba tur nyaksiaan para pangrajin barang-barang keramik. Kumaha ari ka Karawang? Tah, di dieu ge loba jugjugeun jeung sungsieun. Pamilon nyaba ka tempat-tempat saperti Pacandian Batujaya, Makam Syeh Quro, jeung sajabana.

Kagiatan kawas kitu, ceuk Dra. Romlah kalintang pereluna. Matak, teu aneh upama acara ekpedisi meunang pangbagea ti balarea. Buktina. Pamilonna ge ti rupa-rupa golongan, saperti akademisi (dosen jeung mahasiswa), guru, praktisi, wartawan jeung potografi nu dumuk di Bandung jeung sabudeureunana. "Mudah-mudahan ku kagiatan ieu para pamilon kenging pangaweruh nu mangpaat kanggo kamekaran budaya di urang," pokna.

***

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula