Katumbiri Edisi 2220
Kandaga Wisata Saba Desa
Dina raraga ngajaga tur ngamumule seni-seni tradisi Sunda sangkan tetep manjang lana dijayana teu kagerus ku waktu, teu laas ku jaman, perelu ngayakeun rupa-rupa tarekah. Nya diantarana, ngagedurkeun apresiasi seni minangka tongtonan nu jadi tungtungtunan. Demi mangpaatna, seni-seni tadisi Sunda ti bihari nepi ka kiwari tetep ajeg bari jeung leuwih katara jeung karasa, pon kitu deui leuwih wanoh jeung dipiwanoh ku balarea. Tumali jeung hal eta, Subid Kesenian & Perfileman Disparbud Jabar ngayakeun rupaning program sarta ngayakeun gawe babarengan jeung sababaraha pihak, diantarana jeung RRI Bandung, Yayasan Pusat Kebudayaan (YPK), Gedong Kesenian Rumentang Siang , sarta Disparbud Kota/Kabupaten di Jawa Barat.
Program nu dilaksanakeun jeung RRI Bandung hususna, nyaeta ngamalirkeun opat wangun kagiatan di antarana Kandaga Wisata Saba Desa,Reguler, Petingan, jeung Kolosal. Kitu deui jeung YPK nu unggal poe Saptu peuting minggu ka dua ngagelar wayang golek.
Poe Ahad, sawatara waktu ka tukang, RRI Bandung dina raraga ngamalirkeun program kandaga wisata saba desa kalawan 'off air' ngagelar pinton seni di Pangauban Lembur Seni Narawita, Cicalengka Kab. Bandung pingpinan Drs. H. Idin Baidilah, MM.
Seni nu diidangkeun diantarana Penca Silat, Reog, Calung jeung Tari Klasik.
***
(As)
Narekahan Seni Tradisi Sangkan Teu Gancang Musnah
Seni tradisi teh sni nu mampuh nyorang rupa-rupa jaman. Ayana di bihari parat nepi ka kiwari, ngaliwatan lolongkrang waktu nu kacida lilana. Seni tradisi naratas ti mangsa ka mangsa turun ti generasi ka generasi sapandeurieunana. Kitu diantara jejer carita nu ditepikeun ku Enoch Atmadibrata, budayawan Sunda sawatara waktu ka tukang di Taman Budaya, Jalan Dago Pakar Bandung dina acara mekelan 21 Sarjana Seni nu mancen tugas di Dinas Pariwisata dan Kebudayaan (Disparbud) Jawa Barat.
Enoch netelakeun, seni teh loba rupana, boh nu tumali jeung kahirupan, tatanen, oge kahirupan. Saperti nu tumali jeung upacara-upacara adat, eta kaasup nu tumali jeung kahirupan. Ari nu tumali jeung tatanen, saperti kasenian-kasenian: Ngaseuk (angklung), Helaran/pesta panen (Karinding, Rengkong, Taleot, Calung, Tarawangsa, Ngarempug Nutu, Gondang, Nyawer Nyi Sri, Angklung Buncis, Dogdog Lojor, Bedang) nu biasa kasaksen dina waktu panenan.
Lian ti eta aya deui seni tontonan. Nu kieu mah, ceuk Enoch, kacida loba. Hirupna ieu kasenian tumali jeung ayana pangbagea ti masarakat nu 'ngalalajoan' eta kasenian.
Nilik kana kahirupan seni tradisi, ceuk Enoch, bisa kasaksen, sawareh mah geus loba nu musnah. Ku lantaran kitu, upaya-upaya ngajaga tur ngamumule seni tradisi kacida pereluna, sangkan eta kasenian teu gancang-gancang musnah.
Seni tradisi memang kudu pada ngabageakeun. Hirup-huripna bakal gumantung ka masarakat nu ngadeudeul eta seni.
Kiwari, memang lain bihari. Seni-seni tradisi loba nu geus kapopohokeun. Nu kasaksen, hiburan-hiburan di palemburan ge geus arang nu nembangkeun seni tradisi. Kasenian-kasenian saperti Pop, Dangdut, jeung sajabana leuwih mindeng kasaksen batan pintonan-pintonan kasenian tradisional.
Kumaha tarekahna sangkan seni tradisi tetep lana diayana? Ceuk Gugum Gumbira, kasenian Sunda butuh tarekah daria ngajaga tur ngariksana. "Kudu kreatif," pokna. Maksudna, seni nu nyampak, teu salawasna diantep saayana tapi misti aya robahan-robahan luyu jeung pamerdih jaman. "Ngan tangtu dina robahan ge ulah nepi ka ninggalkeun akarna," ceuk ieu seniman Ibing Jaipongan teh.
***
(nay)