Sat, 19-05-2012
Katurug Katutuh

Salaki Di-PHK, Beuteung Bureuyeung

Pintonkeun di FB

Gara-gara kuring digawe di panti pijet, beuteung bet ngadadak beukah, ngarekahan. Kuring kakandungan, padahal salaki teh hapa, moal bisa boga turunan. Duh, meureun, rusiah kuring digawe di panti pijet teh, bakal katohyan. Bakal kanyahoan ku salaki. Boa-boa lamun geus nyahoeun teh, kuring bakal diserahkeun.

Rumasa, kanyaah jeung belana estu geus karasa. Hate senang nataku. Salila ngawangun rumah tangga aya kana dua puluh taun teh, kuring jeung salaki can ngarasa papaseaan, pabentar paham atawa pagetreng. Alhamdulillah rumah tangga teh, bagja pisan. Tatangga oge loba nu ngarasa sirik ningali kuring jeung salaki layeut geugeut teh. Maranehna ge, hayangeun nurutan kuring, cenah. Naon rusiahna? Ah, teu aya rusiah nanaon. Nu penting mah, kudu bisa silih ajenan, silih simbeuh ku kanyaah jeung kudu bisa nutupan kakurangan sewang-sewangan. Ulah silih bolekerkeun ka umum.

Piwejang KH. Sofyan Yahya MA ku kuring teh sok diregepkeun. Pokna teh, hirup rumah tangga teh lir urang meuli gelas atawa piring. Meuli teh, lain weuteuhna wungkul, tapi meuli jeung peupeusna. Lamun piring meunang meuli peupeus, ulah sedih, ulah ambek, sabab geus dibeuli ku urang. Kitu deui meureun, lamun urang geus kawin. Geus ngawangun rumah tangga, urang kudu bisa narimakeun kakurangan jeung kaleuwihanana. Sabab manusa nu hirup di alam dunya mah, moal langgeng salawasna. Isuk atawa pageto, pasti bakal dipundut ku Nu Maha Kawasa. Di dieu, urang kudu bisa narimakeun kana nasib jeung takdir ti Gusti.

Kekecapan KH. Sofyan Yahya teh, ku kuring dijadikeun papagon hirup, ngarah kuring jeung salaki bisa tengtrem ayem dina rumah tangga. Kuring rek narima salaki sagemblengna, boh keur senangna, boh keur susahna. Rek ditarima lahir batin. Moal rek aral subaha.

Ngan nyaeta, hirup rumah tangga teh, najan runtut raut, sauyunan, tetep bae aya kakuranganana. Sabab, salila dua puluh taun rumah tangga, can diparengkeun bae boga anak. Padahal boh salaki boh kuring, hayang pisan boga anak teh. Malah rupa-rupa tarekah, geus dilakonan, boh tatamba ka dokter boh tatamba ka pengobatan alternatip. Tapi tetep, hasilna mah nihil. Lantaran sanggeus dipariksa, salaki teh hapa, moal bisa boga anak, moal boga turunan, cenah.

"Keun bae teu boga budak oge, taya salahna lamun urang ngukut budak dulur," ceuk salaki mepende hate kuring, ngarah henteu peunggas harepan.
"Mangga teh teuing, abdi mah ngiringan bae," pokna teh.

Ngukut anak dulur ge, sarua bae jeung anak sorangan. Antukna salaki jeung kuring, satuju pikeun ngurus anak dulur. Sabab, ngurus anak dulur mah, sarua jeung anak sorangan. Nu penting di imah ulah tiiseun. Ku ayana Ririn, anak dulur nu kakara umur lima bulan di imah, salaki ge jadi getol tambah digawena. Tambah sumanget.

Ku ayana anak dulur di imah, rarasaan teh, rejeki unggal poe mirilik bae. Rejeki lain tina gajih ti kantor, tapi ti luaran. Kuring ge bisa bibilintik. Bisa meulian parabot rumah tangga, meuli perhiasan jeung sawareh deui sok disimpen ditabungkeun. Keur pikahareupeun. Sabab, ngaranna pagawe swasta, tara lana salilana. Beda jeung pagawe nagri, bisa meunang  pangsiunan. Pagawe swasta mah, lamun teu bisa neundeun, bakal ngegel curuk.

Ray poe ray poe teh, teu karasa. Budak geus tamat SMA. Salaki kuring ge, ku pausahaanana di-PHK, lantaran geus kolot teuing. Diganti ku barudak ngora, nu masih keneh cangker, gede tanagana jeung gede sumangetna. Salaki ku pausahaan teh dibere  pasangon, tapi teu bisa keur hirup sataunan. Boa, keur waragad hirup genep bulaneun ge moal picukupeun. Untungna teh, kuring boga sisimpenan, lamun bareto teu nyimpen duit di bank jeung meuli perhiasan mah, bisa-bisa hirup teh bakal kalaparan.

Sanggeus di-PHK di pausahaanana, salaki ge bur ber ka ditu ka dieu, neangan gawe deui. Tapi teu aya lowongan, lantaran geus kolot. Geus meujeuhna reureuh, pangsiunan di imah. Bingung weh.
 
Digawe di Panti Pijet

Lantaran salaki geus teu bisa neangan gawe deui, ahirna mah, nyerenkeun ka kuring, sangkan bisa neangan gawe. Peupeuriheun bareto, manehna sorangan nu digawe, atuh ayeuna mah, gantian. Kuring nu kudu digawe teh. Keur ngawaragadan kuliah budak.

Digawe mah, kana naon bae, nu penting bisa jadi duit, pokna teh. Sedengkeun kuring apan teu boga kaahlian nanaon, sakola ge teu tamat SMA-SMA acan. Rek bisa ditarima gawe kumaha?

"Ulah waka peunggas harepan, nu penting mah urang usaha heula, sugan bae aya jalanna," ceuk salaki.
"Mangga," tembal teh. Hate mah tetep bingung.

Kudu digawe kana naon? Umur ge pan geus leuwih ti opat puluh. Geus lain budak rumaja deui, geus teu produktip. Kuring kudu digawe kana naon? Nu penting mah bisa ngala duit pikeun nyakolakeun budak, ceuk salaki mah. Piraku we budak kudu kandeg di tengah jalan, lebar pisan.

Ber ka ditu, ber ka dieu neangan gawe. Ka pabrik mah, teu ditarima, lantaran umur geus kolot teuing. Aya lowongan gawe teh, di panti pijet. Pijet tradisional. Sabab tukang pijetna ge lolobana geus karolot. Umurna lolobana kapala opat. Naha salaki bakal ngidinan kitu, lamun kuring digawe di panti pijet tradisional? Jadi tukang pijet, tukang urut. Nu daratang teh, lain bae lalaki, tapi aya oge kaom wanoja.

Samemeh digawe di panti pijet tradisional teh, kuring menta idin jeung bongbolongan heula ti salaki. Sabab, lamun salaki teu ngidinan, kuring ge moal daek digawe. Leuwih hade cicing di imah. Tapi kusabab salaki ngidinan, antukna kuring digawe di panti pijet. Aya kana dua mingguna, dilatih heula kana ngurut. Geus maher, kakara dipraktekkeun. Mijet pasen-pasen nu daratang ka panti pijet tradisional.

Hese Neangan Duit

Pasen-pasen nu daratang ka panti pijet tradisional, lolobana mah lalaki. Awewe mah bisa diitung ku ramo. Aya nu hayang bener-bener dipijet, lantaran nyereri awak, aya oge nu hayang hiburan wungkul. Malum lalaki nu loba duit tea, sok araraneh kahayangna teh. Matak ngeres.

Mimiti mijet teh, bingung campur jeung era paradah. Mijet sajam oge, lilana teh asa tilu jam bae. Bari jeung luut leet kesang sagala. Matak cape pisan. Keur mijetan ge, asa teu paruruguh. Asa kabur pangacian. Bayangkeun bae, pasen nu dipijet, lolobana mah lalaki. Lain muhrim. Dina kaayaan satengah buligir. Malah lolobana mah, nu ngahajakeun buligir. Dipijetna teh dina dipan leutik, dipindingan ku lawon bodas satangtung. Lamun keur mijet, suku bakal katingali. Ngarah babari ngontrolna, cenah. Tapi pikeun jalma nu cunihin mah, tetep bae bisa rineh. Bisa maling-maling. Sabab, jalma mah rea akalna. Malah sanggeus beres dipijet, langsung ngadeukeutan sagala. Hayang diembohan. Duka teuing hayang naon deui? Ngan kuringna we, teu malire. Geus beres mijet, kuring langsung ka luar, nyokot elap jeung cai haneut kuku. Pasen teh tuluy dielapan, siga ngelapan budak orok, digulang gaper.

Tina mijet sajam teh, kuring meunang persenna sapuluh rebu ti pausahaan. Lamun sapoe meunang tilu pasen, beubeunangan teh tilu puluh rebu. Tapi lolobana mah, dina sapoena ngan saukur meunang dua pasen.

Ngan anehna, sobat kuring mah, dina sakali mijet teh, bisa meunang duit nepi ka saratus rebuna. Cenah mah, meunang persenan ti pasenna. Sabab, ngandelkeun ti pausahaan mah, ngan saeutik. Duka teuing kumaha carana. Rumasa kakara pisan digawe, jadi can kakeupeul elmuna. Sabab, nu karasa ku kuring ayeuna mah, unggal pasen nu tas dipijetan ku kuring teh, tara pisan mere peresenan pisan. Malah sok rada kukulutus sagala. Duka teuing ku naon. Malah lamun manehna datang deui teh, tara daek dipijetan ku kuring deui.
 
Sihoreng 

Ngarasa kabita ku sobat kuring puguh, hayang nyaho elmuna, nepi ka pasen bisa bro-broan merean duit. Sabab, nu karasa ku kuring mah, pasen teh medit pisan. Tara mere persenan. Mere teh, ngan saukur keur waragad mijet wungkul. Tara leuwih. Sobat kuring mah, panghasilanana dina sakali mijet pasen teh, bisa meunang duit lima puluh nepi ka saratus rebuna.

Kuring ge teu cicingeun, sabab hayang bisa meunang duit gede tea, keur waragad budak sakola jeung kaperluan sapopoe. Sanggeus diguliksek, sobat teh antukna betus. Sihoreng, simanahoreng dibere duit gede teh, lantaran bisa nyugemakeun kahayang pasenna. Teu cara kuring, remen nolak kana kahayang pasen. Nu antukna, pasen jadi pundung. Apan, pasen teh raja, kudu sagala digugu kana kahayangna, ngarah urang dibere persenan, ceuk sobat kuring mah.

Lila-lila kuring ge jadi boga pangalaman kana mijet teh. Lain bae nyaho kana cara mijetna, tapi nyaho oge kana cara-carana nyugemakeun pasen. Koncina mah ngan hiji, kudu bisa nyugemakeun kahayangna. Sabab, lamun urang teu bisa nyugemakeun kana kahayangna, bakal dijauhan ku pasen. Pasen moal daekeun dipijet deui. Lantaran ngarasa kapok. Sabab, pasen nu daratang ka panti pijet teh, lain ngan saukur hayang dipijet, tapi hayang hiburan. Hayang ngumbar napsu birahina.

Gara-gara kuring digawe di panti pijet, beuteung nu tadina kempes, ngadadak jadi ngabeukahan. Kuring kakandungan, duka teuing ku saha jalmana. Sabab lalaki teh loba pisan. Salaki nu di imah bingungeun, sabab kuring bet ngandeg kakolotnakeun. Padahal salaki mah hapa, moal bisa boga turunan deui. Salaki ge ngarasa curiga, tapi kawasna disidem.

Katohyan

Pasen nu hayang dipijet teh, lain bae datang ka panti pijet, tapi aya oge nu ngahaja nelepon, nitah datang ka imah atawa ka hotel. Hayang dipijet di imahna atawa di hotel. Geus biasa, cenah. Loba tamu nu hayang dipijet di imahna atawa di hotel. Kapaksa urang kudu jemput bola, kudu daek, ngarah persenna leuwih gede. Harita ge, aya pasen nu hayang dipijet ku kuring, ngan teu bisa datang ka panti, tapi nitah kuring datang ka hotel.

Tadina mah, kuring ge nolak. Haroream rek indit-inditan ka hotel teh. Goreng kasebutna. Kumaha engke lamun papanggih jeung nu wawuh? Wah, bakal era jeung wirang. Tapi dipikir dibulak-balik, dibeuweung diutahkeun, antukna mah kapaksa, sabab nungguan datang ka panti pijet mah, iraha rek datangna. Komo ayeuna, panti pijet teh keur sepi pisan. Lamun kuring teu datang ka hotel, boa moal meunang pasen hiji-hiji acan.

Horeng, pasenna teh, lain pasen anyar, tapi geus jadi langganan. Manehna ngahaja hayang dipijet di luar, ngarah rineh. Ngarah bisa nyalse, cenah. Kuring ge teu bisa nolak deui. Kapaksa mijet di hotel.

Dasar nasib keur sue. Basa kuring kaluar bareng jeung manehna ti hotel teh, bet ngadadak  kapanggih pisan ku salaki. Duka teuing tas timana salaki teh, kuring ge teu nyaho. Nyaho-nyaho aya di hareupeun. Kuring teu bisa kukumaha deui. Harita keneh, dititah balik ka imah. Dicarekan laklak dasar. Kuring cicing, teu bisa nembalan, lantaran rumasa salah. Rumasa geus milampah nirca. Saminggu ti harita, kuring diserahkeun, bari beuteung bubureuyeungan. Bet ku sue-sue pisan nasib teh.
(Sakumaha nu dicaritakeun ku Ibu Rus ka Wanem/02)

***

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula