Ramsam nu Nyageurkeun Rupa-rupa Kasakit
Urang Bandung atawa nu sok biasa tatamba ka pengobatan tradisional mah, moal aya nu bireuk deui ka H. Armo Santoso, ahli pengobatan nu geus kasohor jeung loba pasenna. Kiwari racikannana geus didaptarkeun ka Menkum & Ham RI. Geus dihak patenkeun. Sing saha bae nu niron kana ramuanna nu mujarab ieu, bakal keuna sangsi hukuman pidana jeung dengda milyaran rupia, ceuk H. Armo Santoso.
***
Pikeun ngadaptarkeun racikan air sehat awet muda (Ramsam), sangkan teu aya nu nurutan atawa niron, H. Armo Santoso kudu ngadagoan salila kurang leuwih tilu taun. Kakara dina bulan April katompernakeun, hak paten Ramsan teh kaluar. Tangtu bae pikeun H. Armo Santoso mah, kaluarna hak paten racikan buatanna teh, ngarasa reueus kacida. Sabab, mangrupa salah sahiji torobosan dina widang pengobatan tradisional. Lantaran ngan saukur nginum racikan air sehat awet muda, sagala rupa kasakit nu nyaliara dina awak urang bisa cageur.
"Alhamdulillah, Ramsam, Air Sam sareng kapsam parantos dihak patenkeun, di Menkum & Ham RI," ceuk H. Armo Santoso ka MANGLE basa ngobrol di tempat praktekna anyar-anyar ieu.
Ku ayana Ramsam, Air Sam jeung Kapsam nu dihak patenkeun, pasen-pasen nu tatamba ulah ngarasa ham-ham deui. Sabab Ramsam, Air Sam jeung Kapsam buatan H. Armo Santoso teh geus diuji kalawan gemet ku pihak-pihak nu boga wewenang, utamana hasiat jeung mangpaatna pikeun ngubaran rupa-rupa kasakit nu nyaliara dina awak urang, boh kasakit hampang, boh kasakit nu beurat, saperti kasakit stroke, diabetis, jantung, kangker, darah tinggi, hepatitis B, hidrosepalus, asma, gagal ginjal jeung rea-rea deui.
Nurutkeun H. Armo Santoso mah, racikan sehat awet muda (Ramsam) buatanna teh aya kana dalapan rupana, air sehat awet muda (Air Sam) jeung Kapsam aya dua rupa. Ramsam nomer surat idinna IDM 000135140 jeung Air Sam sarta Kapsam nomer IDM 00135139, Surat idinna keur lima puluh tauneun.
"Lamun Ramsam ieu aya nu wani niru, bakal aya sangsina, boh hukuman badan, boh didengda," ceuk H. Armo Santoso.
Samemeh didaptarkeun ka Menteri Hukum & Ham RI, Ramsam, Air Sam jeung Kapsam teh geus diuji heula di Labotarium Dinas Kesehatan Propinsi Jawa Barat. Malah moal lila deui oge bakal diproduksi gede-gedean. Bahan-bahan nu aya dina racikanna oge, bakal disebutkeun dina bungkusna.
"Ayeuna teh nuju ngararancang wadahna, supados henteu enggal reksak," ceuk H. Armo Santoso ka MANGLE.
Lamun Ramsam ngan saukur diwadahan kana botol plastik wungkul, loba tukang paket nu teu daekeun mawa. Komo lamun dikirimkeun ka luar Jawa mah, sieun ruksak di jalan. Nu matak, ayeuna teh H. Armo geus ngimpleng rek nyieun wadah tina kaleng. Kawas kaleng inuman nu aya di toko-toko.
"Insya Allah, kapayuna mah, racikan kenging abdi ge hoyong tiasa diwadahan kana kaleng, supados langkung praktis sareng moal reksak," .
Bisa Asup Kana Sela-Sela Awak
Naon rusiahna, pangna Ramsam bisa nyageurkeun rupa-rupa kasakit? Padahal Ramsam teh, dijieuna sarua tina cai, ngan ditambahan ku racikan herbal wungkul. Ceuk H. Armo Santoso mah, memang Ramsam teh sarua dijieunna mah tina cai, ngan lain cai samanea. Tapi cai nu geus meunang nyaring deui, nu geus bebas virus, bakteri jeung kumanna. Ramsam buatan H. Armo, bisa nyehatkeun awak, nyageurkeun rupa-rupa kasakit, boh kasakit nu hampang boh kasakit nu beurat saperti stroke, darang tinggi, diabetis, asma, hepatitis B, hidrosepalus, demam berdarah, gagal ginjal, kangker, kagumantungan narkoba jeung sajabana.
"Malah mah Ramsam oge tiasa nambihan stamina kanggo kaom pria," ceuk H. Armo bari mesem.
Ramsam ieu teh, ceuk H. Armo mah, sarua jeung oksigen murni nu bisa maehan racun dina jero awak. Ramsam, mangrupa nutrisi nu bisa asup kana sela-sela sel awak, nepi ka bisa nimbulkeun peremajaan sel tubuh. Bisa ngaganti sel-sel heubeul nu teu perelu. Ieu kahebatanna Ramsam buatan H. Armo Santoso teh. Beda pisan jeung ubar tradisional sejenna. Nu matak Ramsam teh, sakuduna didaptarkeun, make hak patenkeun. Sabab, ieu teh mangrupa hiji torobosan di dunya pengobatan tradisional mah. Lantaran ku Ramsam, sagala kasakit nu nyaliara dina awak urang bisa cageur.
Plu Babi Bisa Cageur?
Basa genjleung plu burung di kota Bandung. H. Armo santoso mah, geus siap-siap nyieun ubarna. Malah loba pasen nu ngukut manuk jeung sasatoan sejenna, ngahaja loba nu menta ubarna.
"Alhamdulillah, sasatoan nu geus diinuman Ramsam teh, sehat teu katerap plu burung," H. Armo Santoso ngajentrekeun.
Dumasar kana pangalaman ngubaran. Sabab plu babi ge, sarua ari bibit kasakitna mah asalna tina virus. Sedengkeun keur maehan virus, kuman atawa bakteri mah, H. Armo Santoso geus nyieun piubareunnana. Nyaeta Ramsam tea nu hasiat jeung mangpaatna bisa dibuktikeun.
"Insya Allah, plu babi ge di abdi parantos sayogi piubareunnana. Mudah-mudahan tiasa damang," pokna deui.
Gede Cocobana
Samemeh bisa ngubaran kawas ayeuna, memang panjang lalakonna, ceuk H. Armo santoso mah. Kulawargana kungsi meunang cocoba nu beurat pisan. Genep urang kulawargana ngarandapan gering parna nu hese diubarannana ku cara medis jeung tradisional.
"Nu paling abot mah, kasawat pun bojo, saur ahli medis mah, teu aya piubareunnana. Rumah sakit mung masihan bongbolongan mangrupi terapi jasmani sareng rawat jalan wungkul, nu hasilna damangna teh mung sapuluh persen," ceuk H. Armo medarkeun pangalaman hirupna.
Kusabab kulawargana hayang sehat, H. Armo Santoso unggal peuting solat tahajud, neneda ka Gusti Nu Maha Suci, sangkan dipaparin pikeun piubareun kulawargana. Ku pantengna sumujud ka Gusti Nu Maha Suci, doana teh dikabulkeun. Kulawargana jadi sehat deui.
"Harita teh sim kuring ngadamel cai Sam tea, kenging ngaracik ku sorangan," pokna teh.
Nurutkeun H. Armo Santoso mah, ngadegna Balai Pengobatan Sehat Awet Muda teh, mangrupa wasiat ti almarhum pamajikannana, sangkan bisa mantuan masarakat nu butuh pitulungna, utamana mah dina ngubaran nu gering nu hese dicageurkeun ku cara medis jeung tradisional sejenna.
"Ngubaran rupa-rupa kasakit ieu teh, ngagunakeun rupa-rupa bahan tina herbal nu diharepkeun bisa jadi alternatip pengobatan nu leuwih aman, nu taya epek sampingna," pokna deui.
Balai Pengobatan Tradisional/alternatip Sehat Awet Muda (BP SAM) teh, ngadeg ping 27 Oktober 2003, ayeuna geus boga cabang di Jl. Atlas Raya No. 4 Antapani Bandung. Ari Pusatna di Jl. Karang Tineung Indah II/22 Telepon (022) 91271971 HP.081322057878. (wanem)