Bisa Nambaan Sabada Remen Solat Berjamaah
Tadina mah unggal malem Kemis remen solat berjamaah sakulawarga teh, lain hayang dunya barana, tapi hayang ngadeukeutkeun diri ka Gusti Nu Maha Suci. Hayang ditarima ku Manten-Na. Tapi sabada sataun ngalakonan solat berjamaah, hate, akal jeung pikiranana jadi muka. Amih Iyun jeung budakna nu bungsu, ngadadak bisa ningali sabangsaning lelembut, jin nu sok dititah jail kaniaya ka manusa. Jorojoy hatena hayang ngubaran. Nepi ka antukna kajojo ka mana-mana.
Lalakon hirup manusa di alam dunya, geus ditangtukeun ku Gusti Nu Maha Suci. Teu bisa diulah-ulah atawa disingkahan. Aya jalma hirupna sangsara, aya oge nu lubak-libuk harta. Tapi harta ieu teh, can tangtu bisa langgeng. Boa isuk atawa pageto, jalma nu sangsara teh bisa ngadadak beunghar. Sabalikna, pikeun jalma beunghar, bisa bae ngadadak jadi jalma sangsara. Carana mah rupa-rupa, imahna kahuruan atawa imahna aya nu ngarampog, jeung sajabana. Soal hirup, eta mah rusiah Gusti. Urang mah ngan saukur darma ihtiar.
Cara nu kaalaman ku Amih Iyun sakulawarga, urang Kampung Sindang Sari RT 1 RW 10 Desa Pananjung Kacamatan Soreang Kabupaten Bandung. Geus jadi kabiasaan, unggal malem Kemis sakulawarga teh sok ngayakeun solat berjamaah di imahna. Ti mimiti solat magrib, diteruskeun solat Isa. Geus kitu, tengah peutingna, hudang deui, pikeun solat tahajud, solat tobat jeung solat hajat. Dituluykeun ngawirid nepi ka solat Subuh.
"Maksad ngayakeun solat berjamaah ieu teh, sanes hoyong janten paranormal atawa hoyong lubak libuk harta, tapi hoyong nyaketkeun diri sakujur ka Gusti Nu Maha Suci, ka nu kagunganana. Utamina mah hoyong mersihkeun diri, " ceuk Amih Iyun ka MANGLE basa ngobrol nyalse di imahna anyar-anyar ieu.
Ceuk Amih Iyun deui, solat berjamaah sakulawarga ieu teh, geus dilakonan ti saprak salakina jumeneng keneh. Ayeuna, sanggeus salakina maot, tetep diteruskeun ku Amih Iyun sakulawarga. Ari tujuanana mah, hayang ngudag aherat, hayang ngadeukeutkeun dirina ka Gusti. Hayang mersihkeun diri, sangkan isuk jaganing pageto umur dipundut ku nu Maha Kawasa teh, bersih, teu mawa rereged deui.
Tapi nyaeta, kahirupan manusa mah, Gusti Alloh nu ngatur. Nu tadina ngan saukur hayang ngadeukeutkeun diri ka Gusti, geuning sanggeus leket ibadah mah, aya hidayah-Na. Amih Iyun dibere kamampuh, bisa ningali sabangsaning lelembut. Manehna bisa ngobrol jeung jin. Indra kagenepna teh jadi seukeut.
"Nu dipasihan katiasa ningali sabangsaning lelembut teh, sanes abdi wungkul, tapi oge pun anak nu bungsu," pokna deui.
Najan bisa ningali sabangsaning lelembut oge, boh Amih Iyun boh Yati anakna, teu betus ka batur, teu betus katatangga, teu ngacirikeun boga pangabisa. Kahirupan sapopoena teu beda jeung tatangga sejena. Biasa-biasa bae.
Ngubaran Tatangga
Basa ngadenge beja Pa Aep, tatanggana, sakulawarga diganggu ku sabangsa jin, Amih Iyun sakulawarga bet ngadadak hayang nulungan. Sugan jeung sugan, ku remenna ibadah ka Gusti. Bisa ngubaran tatanggana nu butuheun pitulungna. Kulawarga Pa Aep teh, geringna ngadadak. Lantaran aya nu jail, diganggu ku sabangsaning lelembut. Kulawarga Pa Aep ge kungsi tatambakeun ka dokter, tapi kasakitna teu daek cageur bae. Antukna, Pa Aep datang ka imahna Amih Iyun.
"Alhamdulillah, saparantosna disareatan ku abdi teh, Pa Aep sakulawarga damang sabihara-bihari deui," ceuk Amih Iyun.
Tisaprak ngubaran Pa Aep sakulawarga, tatangga sejenna rabul daratang ka imahna. Menta diubaran. Aya nu hayang buru-buru meunang jodo, hayang imahna payu. Aya oge nu imahna cakueum bae, taya cahyaan. Padahal, ceuk Amih Iyun mah, manehna teh teu bisa nanaon. Duka teuing ku naon, loba jalma nu daratang ka imahna.
"Abdi mah rumaos teu tiasa nanaon, sanes paranormal. Tapi kumargi seueur nu palay disareatan ku abdi, nya satiasa-tiasa disareatan. Kumargi nu ngadamangkeun mah mung Gusti," pokna teh.
Nu daratang tatamba lain bae urang Soreang, tapi aya oge urang Ciwidey, Sayati, urang Buahbatu Bandung boh ti daerah sejenna. Najan imahna nyingkur, sisi gunung, jauh ka kota, tapi loba nu ngajugjug. Salah sahiji pasen di antarana teh H. Armo nu geus aya kana opat bulanna gering. Manehna teh kaserang pilek jeung sesek napas. Umbelna teh bodas, cepel pisan. Teu beda jeung lem bae.
"Abdi ge kantos diopname di rumah sakit aya kana dua sasihna, tapi teu cageur keneh bae," ceuk H. Armo basa ditepungan di imahna.
Lantaran diubaran ku cara medis teu daek cageur, H Armo antukna boga kayakinan, yen kasakit nu nyaliara dina awakna teh, lain ubaraneun medis, tapi kudu diubaran ku cara non medis. Kasakitna teh, kawas jieunan manusa, aya nu marabunan. Tapi kudu ka saha ngubaranana?
Kabeneran nu jadi asistenna teh wawuh jeung Amih Iyun, urang Soreang Kabupaten Bandung. Di kampungna teh kasohor, ahli kana ngubaran jalma nu keuna ku parabun. Harita keneh H Armo langsung datang ka Kampung Sindang Sari, Soreang Kabupaten Bandung. Sugan jeung sugan ngajodo, kasakitna bisa cageur. Sabab, tadina ge sehat, nya ayeuna ge kudu sehat deui.
"Saparantosna disareatan ku Amih Iyun mah, kasakit teh ngadadak leungit, bisa langsung cageur harita keneh," ceuk Pa H. Armo.
Ceuk Amih Iyun oge, kasakit nu nyaliara dina awak H. Armo teh, jieunan manusa jalma jail, hayang nyilakakeun H. Armo. Tapi untungna, H. Armo kuat keneh, bisa katulungan. Lamun pisikna teu kuat mah, boa moal bisa katulungan deui. Hanjakal teh, teu bisa nuduhkeun jalma nu jailna. Teu bisa ngabales deui. Nu penting mah, ceuk Amih Iyun, kasakit H. Armo bisa cageur deui.
"Rumaos abdi mah teu tiasa nanaon. Teu kantos guguru, teu aya turunan kana ngubaran. Abdi mah mung tiasa nyareatana wungkul, kitu ge satiasa-tiasa bae," pokna handap asor.
Bisa Nempo Jin
Sabada remen miluan solat berjamaah teh, Amih Iyun jeung Yati anakna, bisa nempo jin jeung bangsa lelembut sejenna. Malah bisa ngobrol sagala, ceuk Amih Iyun mah. Ningali lelembut teh, lamun diperlukeun wungkul, lain keur kaulinan. Lamun aya jalma nu gering alatan diparabunan atawa diganggu ku sabangsaning lelembut, Amih Iyun langsung ngadoa sabisa-bisa. Tah, sanggeus ngadoa kitu teh, pikiranana jadi kabuka. Indra kagenepna tambah seukeut. Sagala rupaning lelembut, antukna narembongan. Malah bisa diajak ngobrol sagala. Bisa nanyakeun saha jalma nu nitahna. Bisa ngusir jin, sangkan ulah ngaganggu ka manusa. Nu matak lamun aya jalma diganggu ku sabangsaning lelembut, Amih Iyun jeung Yati anakna, bisa ngabantuan.
"Amih mah mung tiasa nyareatan wungkul, nu tiasa ngadamangkeun mung Gusti Allah nu Maha Suci," ceuk Amih Iyun.
Daun Kucubung
Nurutkeun Amih Iyun mah, sabangsa lelembut teh, aya di mana-mana. Bisa dititah ku jalma nu rek niat jail ka manusa. Rupana beda-beda. Aya nu asalna ti karaton, make siger. Aya oge jin kawas galandangan, bubulucunan. Resepna teh cicing dina tangkal kucubung jeung tangkal caringin.
Pikeun ngubaran jalma nu diganggu ku jin atawa sabangsaning lelembut teh, ku doa jeung bisa oge make mediana cai herang meunang ngadoaan. Insya Allah, pokna sakumaha rokahana oge jin nu ngaganggu manusa teh, bakal balik deui ka asalna. Bakal mulang deui, cenah.*** (Wanem/02)