Usaha Rahayat Hese Menyat Balukar Kasilih Pangusaha Jugala
Cece Suryana, SH., MM
Tanah subur samistina jadi cukang lantaran karaharjaan. Sabab, keur nyumponan pangabutuh pangan, bisa ngamangpaatkeun lahan sabudeureunana. Tapi, nu kasaksen, sabalikna. Nu miskin loba keneh kacida. Tarekah ngungkulan kamiskinan mindeng kateug satengahing jalan. Naon sababna? Naha enya mahabuna kamiskinan teh balukar ekonomi rahayat leutik dimomorekeun, kasilih pangusaha nu gede modal? Kumaha ngungkulanana? Cece Suryana, S.H. MM., Dosen Hukum Bisnis nembrakkeun pamanggihna.
***
Ngabandungan kamiskinan nu hese diungkulan, memang matak tugenah. Komo deui keur nu weruh kana sual ekonomi, kawas Cece Suryana, SH. MM., Konsultan Bank Perkerditan Rakyat BPR nu oge dosen Hukum Bisnis di Sekolah Tinggi Ilmu Ekonomi (STIE) Pasundan. Ceuk pamanggihna, kaayaan kahirupan masarakat kawasa kitu, teu payus jeung kaayaan lingkungan alam sabudeureunana. "Matak ngahelas, margi kamiskinan teh teu samistina mahabu di urang nu lahanna subur, sagala rupi kabutuhan nyampak di alam sabudeureunana" pokna muka wangkongan. Ngobrol teh di Kantorna di Jalan Terusan Buahbatu 288 B, Bandung, sawatara waktu ka tukang. Kanyataan kitu, ceuk tilikan ieu teurah Kasomalang Subang Jawa Barat teh, misti gancang-gancang diungkulan. "Tangtos kedah ditilik panyababna sareng dipilari cara ngungkulanana," pokna.
Cece Suryana percaya, lahan Nusantara nu subur, bisa jadi cukang lantaran karaharjaan. Kitu oge upama dikokolakeun kalayan daria. Tangtu, cenah, teu ngan wungkul semet ngolah lahan, tapi deuih kudu bener-bener mampuh mateahkeun kagiatan ekonomi sangkan nu usaha ngararasakeun mangpaatna.
Lahan subur, remen teu nembongkeun mangpaat dina dangka panjang. Satutas hasil tatanen diala ku patani, misalna, heug dijual ka pasar, kauntunganana mah mindeng teu nyumponan jeung hasil gawe salila ngolah lahan. "Patani sareng padagang ukur kabagean riripuhna," ceuk ieu teureuh Subang nu lahir taun 1971 teh.
Ukur Aturan
Karaharjaan, memang udagan balarea. Atuh sabalikna, kasangsaraan, lain kahayang. Sarerea butuh nyumponan pangan, sandang, jeung papan. Kabutuhan dasar saperti kitu, lain nu pamohalan gampang kacumponan. Kitu teh, asal tarekah nyumponan pangabutuh ditataharkeun kalayan daria. Tapi, dina ngalaksanakeun karep ngaronjatkeun ajen hirup teh teu babari. Najan usaha satekah polah mindeng teu kurup jeung harepan. Sababna, usaha teh teu cukup ku ngandelkeun kamampuhan jeung karancagean sorangan, tapi butuh pangrojong anu jinek. "Di urang katingal, pangusaha jugala langkung laluasa dina ngajalankeun usahana," pokna.
Nilik kana lahan usaha, keur masarakat leutik mah, ukur bisa ngusap dada. Tempat dagang, saperti pasar-pasar tradisional, nu ka tukang-tukang jadi tempat muterna 'roda ekonomi', kiwari mah kawas nu rumanggieung. Hirup teu jeung huripna. Mun tea mah, masih keneh 'rame' ku lantaran bakating ku butuh, lantaran taya pilihan. "Kaayaan pasar tradisional, misalna, kawas nu teu diperhatikeun," ceuk ieu Dosen Hukum Bisnis di Sekolah Tinggi Ilmu Ekonomi (STIE) Pasundan Bandung teh.
Pamarentah boh puseur boh daerah, sawadina ngajaga tur ngariksa sagala rupa potensi usaha nu bisa ngaraharjakeun masarakat. Saterusna, ngamangpaatkeun eta potensi keur kapentingan balarea. Tempat usaha ulah gampang-gampang kalindih jeung kasilih ku tempat sejen. Memang, ceuk Cece, pasar angger keneh pasar. "Tapi, pasar tiiseun balukar masarakat leuwih resep balanja di mal-mal," ceuk ieu Pangacara teh.
Saha wae, ceuk ieu lulusan Magister Manajemen STIE Pasundan Bandung, taya halangan keur ngalaksanakeun usahana. Rek pangusaha leutik, rek pangusaha jugala. Ngan upama diantep sakama-kama, taya aturan jinek, bisa ngalantarankeun aya pihak-pihak nu dirugikeun. Hartina, misti aya aturan jinek nu ngatur kagiatan usaha sewang-sewangan.
Naha enya taya aturan jinek nu bisa ngajaga sangkan kagiatan ekonomi rayat leutik teu kaelehkeun ku kapentingan-kapentingan nu boga duit jeung kakawasaan? Sual aturan, memang jinek. Kitu ceuk Cece Suryana, SH. M.M., Tapi, cenah, nu leuwih penting mah larapna eta aturan! "Hartosna, di lebah dieu mah peryogi pamingpin nu leres-leres mihak kana kapentingan balarea," pokna.
Nilik kana aturan, memang tembres. Sual nyumponan pangabutuh, sual kakayaan nagara, geus jinek rengkolna dina undang-undang. Kitu deui, nu misti ngokolakeun sumber daya alam, jinek dina Undang-Undang Dasar 1945. Hartina, kari prak ngalaksanakeunana! Kitu ceuk ieu Konsultan Hukum Universitas Pendidikan (UPI) Bandung teh.
Ngan, naha aturan teh geus dilaksanakeun? Kari ngabandungan larapna dina kahirupan sapopoe. "Kasemptan usaha, kedah nyampak kanggo sakumna golongan masarakat," ceuk Cece Suryana, SH.MM.
Jlug-jlegna mal di saban tempat nepi ka kampung-kampung, memang aya pihak nu untung, tapi lolobana mah nu rugi. Nu daragang, teu bisa samemena ngajual daganganana lantaran kurangna nu barangbeuli. Tapi, pangaruh goreng sejenna, cara usaha nu saklek, taya adu tawar, ceuk Cece Suryana mah, ngaleungitkeun demokrasi perdagangan. "Adu tawar, ulah ngan ditingal hayang mirahna, tapi oge kedah ditilik, ku cara kitu, aya komunikasi antara nu balanja sareng nu ngical," pokna.
Kagiatan ekonomi, misti silih ajenan, silih rojong sangkan masing-masing silih untungkeun. Pangusaha leutik, pangusaha badag, kudu silih untungkeun. Cara-cara usaha saperti kitu, ceuk ieu konsultan bisnis jeung hukum teh, nyampak dina palsafah hirup bangsa, Pancasila. "Ekonomi ge kudu napak kana Pancasila,"pokna.
Larapna aturan nu jinek, memang butuh SDM nu ngokolakeunana. Jinekna, butuh pihak-pihak nu bener-bener ngarti jeung engeuh kana urusan ekonomi. Lain wungkul boga karep jeung patekadan, tapi kudu mampuh ngalarapkeun aturan sangkan bener-bener mangpaat keur balarea.
Dina implengan ieu konsultan hukum jeung binis teh, nu jadi pamingpin, misti nu bener-bener boga kanyaah ka balarea. Hartina, dina nyieun jeung ngalarapkeun aturan kudu ngaragap hate si leutik. "Ulah ngan ukur mentingkeun kontribusi pangusaha kana kas pamarentah," pokna.
Upaya ngungkulan kamiskinan, ceuk ieu Konsultan Hukum Universitas Pendidikan Indonesia (UPI) Bandung teh, memang teu cukup ngandelkeun pamarentah wungku. Hartina, sakumna pihak ge kudu boga tarekah anu jinek. "Daek teu daek, urang kedah tetep motekar, nyiptakeun lolongkrang-lolongkrang usaha," pokna. Ngan, tangtu ceuk Cece, pihak pamarentah ge kudu mere lolongkrang kana majuna karancagean masarakat.
Dina mangsa otonomi daerah kawas kiwari, masing-masing pamingpin kudu engeuh kana potensi anu nyampak. Dina upaya ngamajukeun daerahna ulah gehgeran tuturut munding ka nu sejen. Tapi, kawijakanana, kudu bener-bener neueul kana potensi nu sadia sabudeureunana. "Upama di nu sejen jlug-jleg usaha konglomerat, atuh teu kudu diturutan sabab can tangtu cocog jeung kaayan masarakat sabudeureunana," pokna.
Dina mahabuna modal jugala, Cece percaya, Usaha Kecil & Menengah (UKM) boga kakuatan dina ngajalankeun usahana. Ngan, nu penting teh mekarkeunana! Maksud ieu Dosen Hukum Bisnis, nu boga karep usaha misti ngarasa meunang pangrojong keur mekarkeun usahana, kaasup babari nginjeum duit keur ngamodalan usahana. "Tapi, pangusaha leutik ge kedah jujur, upami dipaparin modal usaha, kedah leres-leres dipake modal kanggo mekarkeun usahana," pokna daria naker.
Diajar Usaha
Upama Cece Suryana pasehat naker dina nyaritakeun sual ekonomi, memang di dinya icikibungna. Satutas namatkeun sakola SMA, saterusna milih kuliah di Fakultas Hukum Universitas Pasundan (Unpas) Bandung. Ngan, dina lalampahan saterusna, bet kagembang ku usaha. Malah, ahirna, ieu urang Kasomalang Subang teh neruskeun kuliah S-2, ngulik elmu ngeunaan minijmen. Geus kitu, tuluy ngajar di STIE Pasundan Bandung.
Adumanis pangaweruh elmu hukum jeung minijmen, ngalantarankeun dirina kataji ku hukum bisnis. Ku kituna, ngajarna ge teu jauh ti dinya, sual hukum bisnis tea. "Majengna usaha, komo deui nu tumali sareng investor butuh kajelasan aturan," pokna. Nu boga modal kudu ngarasa tingtrim lantaran aturan-aturanana jinek, teu matak ngarugikeun pangusaha.
Apal kana sual bisnis, palias elmu ajug. Keur Pa Dosen mah, piraku ukur ngagugulung tiori. Upama ka mahasiswa nyaritakeun hukum bisnis, nyaritakeun carana bisnis, keur dirina mah teu cukup ukur lalambe. Upama dirina mapatahan mahasiswa ekonomi kudu motekar, Cece mah bari prakna nyontoan. Enya, apan dirina teh jadi pangusaha, jadi distributor barang-barang kaperluan sapopoe saperti minyak goreng, gula, kopi, jeung sajabana. Usahana ge lain ukur tamba kesel, da puguh dikokolakeun daria. "Alhamdulillah, aya kamajengan," pokna. Jadi distributor barang-barang kaperluan sapopoe, teu hese, komo ajen barangna onjoy kalayan haregana leuwih murah, piraku teu payu. "Sapertos kopi rasa sayang, pajeng di mana-mana," pokna semu promosi.
Ngajalankeun usaha, memang lain wungkul sadirieun. Cece Suryana remen ngabandungan, loba nu boga karep usaha kateug lantaran teu boga modal. Ku lantaran kitu, dirina ngajakan pihak sejen babarengan ngajalankeun usaha. Nu nu icikibung di pausahanana, lolobana alumni STIE Pasundan Bandung nu dina sual ekonomi mah geus 'manukna'.
Cece hirup dina dua dunya, akademisi jeung bisnis. Adumanis dua widang kawas kitu, keur dirina mah loba untungna. Icikibung di dunya kampus, kudu weruh kana kamekaran dunya luar, hususna nu tumali jeung mata kuliah nu diajarkeunana. Atuh, tina remen 'baceo' di hareupeun mahasiswa, piraku ukur lalambe atawa 'elmu ajug'. Ceuk pikir Cece, bisnis ge misti napak kana tiori sangkan guluyurna kamekaran usaha bisa tetep napak dina aturan nu sabenerna. Cece, memang, boga karep jeung kahayang. Majuna usaha, lain wungkul keur sadirieun, tapi deuih keur nu lian. Ku cara kitu, nu ngaligeuh ge jadi ngurangan. "Sareng nu utami mah, mugi janten panyundut sumanget, sangkan langkung seueur deui nu gaduh karep ancrub kana widang usaha," pokna mungkas obrolan.
***
(Ensa/Nay)