Sat, 19-05-2012
Impik-implik

Imlek Di Dayeuh Bandung

Pintonkeun di FB

Jaman Krisis Angpau Ipis
Dina Taun Munding Kudu Getol Digawe jeung Tahan Banting

ImpikTaun Baru Imlek 2560 (551+2009= 2560) anu dipieling ku 3 juta umat Khonghucu di Indonesia nyanghareupan Krisis Global jeung Taun Kerbau Api anu matak miris, sabab dina kapercayaan China eta pertanda urang kudu leuwih getol digawe jiga Munding lamun hayang hirup waluya mah. Tapi sajeroning "jaman krisis angpau ipis", Taun Baru umat Khonghucu ieu tetep dilaksanakeun di unggal Kelenteng jeung direuah-reuah di unggal Mall, puseur pertokoan jeung di kompleks paimahan elit Padalarang. Dina kasempetan ieu Mangle ge milu noong kagiatan ibadah umat Khonghucu di Kelenteng (Li tang) Yayasan Vihara Satya Budhi Samudra Bhakti Jalan Kelenteng Bandung.
***

Harita teh poe Senen pabeubeurang tanggal 26 Januari 2009 barengan jeung Taun Baru Imlek anu ka-2560. Teu ku hanteu langit Bandung jadi reueuk. Ti jauhna hawar-hawar kadenge soara takbir tina unggal speker masigit patembalan matak kelar matak waas nambah 'ngawas-ngawas" ka Mangle anu keur mangprung nuju tungtung Jalan Saritem tebeh Kulon (beu, palias! he...he... ). Sihoreng kakara inget harita teh aya Samagaha (Gerhana Cincin) tea. Mani asa dek Lebaran nguping takbir teh, eh tapi bener ketang sarua ieu ge lebaran ngan Lebaran umat Khonghucu, Imlek tea.

Keur anteng kitu, selengseng teh seungit Hio mani meleber ngadupak irung. Lakadalah geus deukeut yeuh, "Muhun leres eta mengkol wae ka palih Katuhu bade ka Kelenteng mah. "Cek tukang warung di parapatan someah naker. Bener we, barang leok mengkol ti jauhna ge geus kajeueung wawangunan Kelenteng ngajegir, lelewana pinuh wibawa. Lelembutan ge langsung nganjang ka pajamanan kaisar-kaisar China Kuna rebuan taun ka tukang sakumaha anu ka gambarkeun dina film Last Emperor atawa Gengis Khan. Wawangunan anu cetna didominasi ku kelir beureum teh hateupna pinuh ku ukiran Naga jeung tembokna pinuh ku gambar riwayat para Dewa umat Khonghucu. Haseup Hio beuki mulek jalma-jalma cilingcingcat bari acong-acongan nyembah para karuhun jeung para dewa. Tapi sok sanajan aku keur ngalaksanakeun "ritual sembahyang" teh marake pakean ka ayeunakeun jeung loba baramaen anu sayaga muru Angpau, tapi keukeuh lelembutan teh kagiring ka Nagri Lalangse Awi, teu asa di Bandung, eling-eling soteh sanggeus ngawawancara anu tas "aribadah", cacaritana teh geuning marake basa Sunda, lalemes naker. Komo Ko Iyok mah meni someah jeung darehdeh, ngakuna ge dulur ka Mangle teh da nepi ka kiwari ge sok mayeng ngalanggan cenah ge. Teu ditanya ge Iyok mani haget nuduh-nuduhkeun para Dewa sesembahan saperti Dewi Kwan im (Ema Kwan Im) anu cek katerangan ieu karyawan netep Kelenteng Vihara Satya Budhi Samudra-Bhakti, Ema Kwan Im mah lain dewa sadewa-dewana cenah ge tapi dewa suci.

Aya deui anu disebut Dewa Cay Sen Ye (Dewa Duit) di dieu umat Khonghucu menekung ngaraga meneng menta dilancarkeun usaha atawa 'perekonomianana'. Dewa Duit ieu sarohangan tapi beda etalase jeung Patung Pamo (Dewa Jodo) tah anu ieu mah cek Iyok bisa dipake menta jodo pikeun anu jomlo, masih dina rohangan anu sarua di handapna aya Fu Sen (Dewa Macan) pikeun panyalindungan (tolak bala). Iyok ge nuduhkeun di rohangan tengah aya Dewa Kwan Kong, Dewa anu ngalambangkeun sikep ksatria, tuhu satia, teuneung-ludeung, wijaksana tur taat kana agama, anu bisa nedunan sagala pasualan kaasup bisa nyageurkeun anu gering, asal 'sembahyangna' bari mekel cai kana botol. Jadi cek Iyok dina keur 'lebaran imlek' saperti kiwari, kelenteng pada ngajugjugan ka anu niat ibadah jeung 'neneda'. Ngan omat cenah tatacara ibadah Khonghucu mah ulah disaruakeun jeung nyembah Lata Uja di jaman Jahiliyah anu dijieunna tina roti sabada disembah bisa didahar tamba lapar, da para dewa mah ngan saukur cukang lantaran, "Da anu dipuja sareng anu nagtoskeun mah anging Tuhan Yang Maha Esa. " Cek Iyok bari nuduhkeun tempat muja King Thikong (sesebutan Anu Maha Tunggal umat Khonghucu) anu aya di buruan kelenteng. Kailik di eta patempatan haseup hio meletek taya reureuhna, jeung pada ngajugjugan ku anu 'sembahyang'.

Jaman Krisis Angpau ge Ipis
Langit Bandung masih samagaha. Soara Takbir beuki ngageder pasapuk jeung soara pupujian umat Budha di Vihara Kuloneun Kelenteng. Keur kitu buriak teh jalma kolot- budak lalaki-awewe muru hiji lalaki anu keur ngiwir-ngiwir duit di tempat parkir. "Om abdi om teu acan kabagean Angpau. . "Cenah mani reang, leungeunna roronjang ngarebut duit tina leungeun Si Engkoh anu pakupis babagi duit receh rebuan. Bada babagi Angpau Si Engkoh anu ngaranna Budi teh boga harepan dina taun anyar ieu kulawarga jeung bangsa Indonesia sarehat, usahana sukses jeung taya deui bencana cenah ge bari ngabejaann dina tanggal 9 Februari tabuh 9 peuting di Pasar Suryakancana Bogor bakal aya acara ritual Imlek anu tohaga.

Meunang sabaraha Angpau teh Jang? "Wah abdi mah ti enjing teu kabagean saperak-perak acan Kang, "Eta we atuh ka abdikeun. " Pokna bari nunjuk kana duit sarebu dina saku rangsel anu jiga rambang, is keur parkir ieu mah Jang euweuh deui. Sanra cenah budak teh ngaranna ngahaja ieu siswa SD teh muru angpau imlek di Kelenteng keur jajan. Imlek di jaman krisis memang ipis Angpau, kanyataan ieu ge karasaeun ku Sobirin tukang dagang jepit palastik urang Tasik, Enang tukang roko urang Lewo, jeung Sutisna anu puluhan taun dagang rujak di buruan Kelenteng. Sutisna mah najan tukang dagang, remen kabagean Angpau amplop beureun anu eusina merekis, kuat ka dijajarkeun cenah baramaen jeung anu muru Angpau teh baheula mah, kabeh rata kabagi 30 rebu perak ewang, "Ayeuna mah nuju krisis global nya Pa. " Pokna bari mesekan buah. Ipisna Angpau ge karasaeun ku Titi 'pamuru' Angpau urang Sukajadi anu ti isuk jedur nepi ka sore jeder ngan meunag duit 20 rebu perak, "Ah lumayan we Pa kanggo jajan budak. " Cenah ge bari ngais budak laju ngaleos dituturkeun ku cikalna.
Tapi sok sanajan perekonomian dunya keur ngalaman krisis, Rudi salah saurang umat Khonghucu urang Bandung miharep dina taun anyar kulawarga jeung nagarana gemah ripah repeh rapih. Komo Lina mah cenah dina nyanghareupan Pemilu 2009 teh hayang boga Presiden anu leuwih mihak ka rahayatna, kitu deui Vita Siswa SMA anu cita-citana hayang jadi wartawan dina jaman krisis jeung taun Kerbau Api ieu, harepanna basajan kulawargana jeung masarakat Indonesia runtut-raut jeung sehat wal afiat. Kitu deui kulawarga Joshua anu ka Kelentengna dijajap ku bojo jeung para putrana anu ngagem agala lian, muharep bangsa jeung nagarana sehat pinuh ku toleransi jeung silaturahmi.

Sajarah Imlek
Sejarah pananggalan Imlek, panaratasna Huang Di (Kaisar Koneng) anu nyakrawati ngabahudenda 2698-2598 SM(Samemeh Masehi), Raja Agung anu dinggap Nabi jeung sok disarebut Bapa Elmu Pangaweruh, lantaran loba nyiptakeun karya-karya anyar anu muka paradaban dunya. Sistem panaggalan Huang Di diteruskeun ku paraji Dinasti Xia (2205-2197 SM) Kaisarna Da Yu anudianggap salah saurang Nabi dina agama Khonghucu, ngan satutasna diganti ku Dinasi Shang (1766-1122 SM) diganti ku sistem pananggalan Shang saterusna diganti ku sistem panggalan Dinasi Zhou(112-475 SM). Sabada Dinasti Zhou runtag, lumangsung jaman perang salila 254 taun. Rengse eta nya NGADEG Dinasti Qin (221-207 SM) Kaisarna Qin Shi Huang, sistem panaggalan ge robah deui. Jadi di daratan Tiongkok mangsa harita geus lumangsung 4 rupa sistem panaggalan ti mimiti jaman Dinasti Xia nepi ka Dinasti Qin.

Tah ari "Nabi Khonghucu"(Nabi, nurutkeun kapercayaan umat Khonghucu) hirup dina taun 551-479 SM, Khonghucu kumelendang dina mangsa Dinasti Zhou (1122-475 SM). Dina mangsa harita, Khonghucu boga pamadegan sangkan pamarentah kudu make pananggalan Dinasti Xia sabab nilik kana pangupa jiwa masarakat harita anu agraris(patani), ari pananggalan Dinasti Xia kacida cocokna pikeun panuyun patani sabab awal taun anyarna dina awal musim semi. Ngan hanjakal "nasehat bijak" Khonghucu teh teu dipalire ku pamarentah mangsa harita nepi ka turun Sabda Suci XV:11 anu unggelna, "Parake pananggalan Dinasti Xia". Tah eta sabda teh laju disosialisasikeun ku para muridna.

Sabada Dinasti Qin runtag, nya ngadeg Dinasi Han (206 SM-220 M), ku Kaisar Han Wu Di (140-86 SM) pancegna 104 SM, Sistem panaggalan Xia teh diresmikeun salaku panaggalan Nagara nepi ka kiwari. Pikeun ngahormat "Nabi Khonghucu", katangtuan pangitungan taun mimitina, diitung ti taun kalahiran "Nabi Khonghucu, nya ti harita Agama Khonghucu ditetepkeun jadi agama Negara (state religion).

Hal eta sakarupa jeung katerangan Wiewiellen, aslina mah cenah Imlek atawa Sin Tjia teh perayaan Patani di China anu aya pakaitna jeung pesta di 'musim semi'. Biasana acarana lumangsung mimiti tanggal 30 bulan ka-12 nepi ka tanggal 15 di awal bulan. Acarana ngawengku "Sembahyang Imlek", "Sembahyang Ka Nu Maha Nyiptakeun", jeung "Perayaan Cap Go Meh". Anu tujuanana taya lian pikeun sukuran jeung ngadoa sangkan dina taun anu bakal datang ceuyah ku rejeki sangkan bisa ngahormat karuhun jeung boga sarana pikeun silaturahmi jeung dulur katut tatangga. Tah kulantaran perayaan Imlek asalna tina kabudayaan patani, sakabeh susuguhna ge mangrupa kadaharan. Idealna, dina unggal "Sembahyang Imlek" minimal kudu aya susuguh 12 rupa kadaharan jeung 12 rupa kueh anu ngawakilan 12 lambang shio kapercayaan China. Tah ka-12 susuguh teh dipernahkeun dina meja"sembahyang" anu di hareupna digantungan kaen husus anu biasana digambaran naga warna beureum. Laju anu boga imah teh ngadoa ngangkir karuhun kana susuguh. Di China, kadaharan wajibna mangrupa Emih Panjang Umur (siu mi) jeung arak. Di Indonesia ge sarua kadaharan anu wajib disuguhkeun teh anu ngandung harti "kamakmuran", "Panjang Umur", "kasalametan" atawa "Kabagjaan" anu dipikaresep ku karuhun. Kueh susuguh ge biasana rasana teh leuwih amis ti nu biasa dijieun, ieu teh jadi perlambang harepan jadi mamanis di taun anu bakal datang. Lian ti eta aya deui susuguh teh mangrupa Kue Lapis perlambang "rejeki anu manglapis-lapis". Kue Mangkok jeung Kue Karanjang (Dodol China) ge mangrupa kadaharan wajib dina mangsa Imlek. Biasana Kue karanjang teh ditumpukeun anu di tungtungna diteundeunan Kue Mangkok warna beureum, perlmabang kahirupan anu manis nanjung manggunung-gunung kawas mekarna Kueh Mangkok.
Lian ti eta aya oge kadaharan anu teu meunang disuguhkeun saperti Bubur, sabab bubur mah cenah perlambang kamiskinan. Dina peutingan taun anyar uat Khonghucu sok curak-curak di imah atawa di restoran rengse eta baregadang di imahna sewang-sewangan, panto kudu di buka salegana sangkan rejeki laluasa arasup ka imahna, tah dina mangsa eta disadiakeun kadaharan enteng has imlek saperti kuaci, suuk jeung esbonbon(permen). Dina derna Imlek ge, kudu disadiakeun kadaharan saperti lapis legit, kueh nastar, kueh semprit, kue mawar, jeung manisan cangkaleng, sangkan pikiran bersih kudu aya ager anu mangrupa bentang perlambang hirup anu caang. Tujuh poe sabada Imlek. Persembahyangan ka Nu Murbeng Alam, menta waluya di taun anyar. Lima belas poe satutasna Imlek, Perayaan Cap Go Meh. Masarakat katurunan Cina Semarang Jawa Tengah mah sok nyadiakeun Lontong Cap Go Meh anu mangrupa lonong, opor hayam, lodeh terong, pindang endog, sate abing jeung sambel docang. Ari di Batawi mah lontong, sayur godog, endog pindang jeung bubuk kadele. Dina poean Imlek oge direuah-reuah ku rupa-rupa hiburan saperti pagelaran atraksi barongsai jeung kembang gedang. *** (ASEP GP)

Katgam:
1. Li tang/Kelenteng tempat ibadah umat Khonghucu (Potret: Asep GP)
2. Tempat Muja King Thikong (Tuhan Yang Maha Esa) (Potret: Asep GP)
3. Miharep Waluya di taun anyar (Potret: Asep GP)
4. Babagi Angpau (Potret: Asep GP) 

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula