Sat, 19-05-2012
Munara Cahya

Darajat Jalma Sabar

Pintonkeun di FB

Ku RH. Tarmidzi

Tiap jalma pasti bakal meunang kabagjaan nu beda-beda. Kabagjaan oge henteu sarua tingkatanana jeung sabab musababna. Kalana bagja karana meunang rejeki nu teu sabaraha, kalana oge bagja meunang rejeki nu loba. Ngan nya kitu, henteu jadi jaminan meunang rejeki nu loba bakal ngabagjakeun dirina. Saperti kenging artos saratus rebu, pikeun jalmi nu gaduh sametan sajuta mah bagjana moal sami sareng kenging artos lima puluh rebu bari teu gaduh sametan naon-naon. Janten kabagjaan henteu diukur ku seueurna rejeki. Alloh masihan rejeki urang gumantung kana panampian sareng kaimananana. Dawuhan Alloh Swt : Allohu yabsuturrijqo limay yasaa u wayaqdiru wafarihuu bil haayatid dunyaa wamal hayaatud dunyaa fil aahiroti illaa mataa'un. Nu hartosna kirang langkung kieu : Alloh ngajembarkeun rejeki jeung ngaheureutkeunana pikeun sing saha anu dikersakeun ku Anjeunna. Maranehna senang ku kahirupan dunya padahal kahirupan dunya teh mun dibandingkeun jeung kahirupan aherat mah ngan ukur kasenangan anu teu sabaraha. Kitu geuning hakekat bagja teh. Aya deui bagja alatan meunang kabungah, saperti sehat, kenging jodo nu bageur, kenging kalungguhan, jeung sabangsana.

Sabalikna tina bagja teh nyaeta tunggara, cilaka musibah. Jalmi dina seuhseuahana pasti bakal ngalaman musibah. Henteu meunang kakeunaan musibah kubro (gede) pasti bakal kakeunaan musibah sugro (leutik). Jalma beunghar, kalana meunang musibah hartana dirampog, jalma nu taya banda kalana kegegeringan parna alatan teu mampuh meser obat. Nu pinter jeung nu bodo oge bakal sami kenging ujian. Jalmi pinter, kayaning pintenah, sirik, riya jeung sabangsana, eta oge musibah. Sapertos nu karandapan ku Ketua KPK di nagara urang. Asana kurang kumaha pinterna, tapi da musibah mah keunana henteu pandang bulu, geungin ayeuna nuju kenging musibah kudu asup ka tahanan pulisi.

Kitu deui jalmi nu teu uteukan alias jalma bodo oge sami, lian ti lolong ruhani  oge kalana meunang musibah kabobodo, katipu, hirupna hese menyat jeung sabangsana. Sadayana mahluk bakal tumiba sareng musibah. Geus jadi sunatullah pikeun manusa nu cicing dialam dunya ieu, bakal kakeunaan ku musibah. Maa asooba mimmusiibati illa biidnillah, musibah teh moal tumiba salian ti kalawan widi Alloh. (At-taghabun : 11).

Balukar Dosa

Sabab manusa moal bisa leupas tina musibah, meureunan urang oge kedah siap-siap jeung taki-taki. Ibarat nu gering kudu siap nginum obat atawa disuntik. Ku naon atuh obatna? Gusti nu Maha Kawasa geus maparinan pituduh, pikeun ngobatan musibah teh ku kaimanan. Sabalikna pikeun jalma nu henteu iman (musrik) mah, tos jelas eta teh sanes ujian tapi wawales alatan dosa nu geus dipigawe ku maranehna. Apapan saur pituduh Gusti Alloh oge, Fain tawallao fa'lam annama yuriidullohu ayyusiibahum biba'din dunuubihim, wainna katsiirom minannasi lafaasiquun. Eta dijentrekeun dina surat Al-Maidah ayat 49 nu hartosna : Upama maranehna ngabalieur (tina hak), masing nyaho yeh Alloh baris nibankeun musibah ka maranehna alatan tina dosa-dosana. Jeung saestuna kalolobaanana ti antara manusa teh parasek.

Tina dua sipat jalma, boh nu iman boh nu pasek dina nyanghareupan musibah, sok katingal beda-beda cara jeung amalanana. Jalma nu iman, sakumaha beuratna musibah, kayaning ditinggalkeun maot ku istrina, kadurukan bumina, atawa kaleled ombak tsunami, tetep tawakal ka Gusti, bari ngucapkeun Inna lillahi wa inna ilaihi rooji'uun, asalna ti Alloh bakal mulang deui ka Alloh Swt. Sabalikna pikeun jalma pasek mah, kalah rumahuh, pajar Gusti Alloh teh teu adil, teu nyaah ka mahlukna nu ahirna pegat pangharepan. Waidzaa adaqnannasa rohmatan farihuu bihaa waintusibhum saiatun, bimaa qoddamat aidihiim idzaa hum yaqnatuun. Jeung upama Kami maparin rohmat ka manusa, maraneh saruka bungah ku eta rohmat; jeung upama tumiba ka maranehna kagorengan alatan pagaweanana, ujug-ujug maranehna pegat pangharepan.  (QS. Ar-Rum : 36).

Sabar

Nu ngaranna manusa tadi oge moal cicing dina hiji kaayaan, aya kalana bagja aya kalana susah. Islam parantos nandeskeun yan pikeun nyanghareupan kaayaan nu kitu teh aya istilah sabar. Sabar teh mangrupa maqamat, nu ku manusa pasti bakal karempan jeung kudu dilaksanakeun pikeun sumujud ka Gusti Alloh Swt.

Sahl, salahsaurang ahli sufi,  nyarioskeun, sabar teh miharep kabagjaan ti Alloh, jeung sabar teh mangrupa perkara nu pangmulyana jeung nu pangutamana.

Abu Isma'il al-Harawy, pangarang kitab Manazil al-Sa'irin, nyarioskeun deui: "Sabar teh nahan dina nyanghareupan perkara nu mantak teu dipikahoyong, nahan letah tina ucapan sangkan henteu ngangluh, jeung sabar nu panglemahna nyaeta sabara karana Alloh (ieu sabarna jalma-jalma awam)."

Numutkeun Ijma' Ulama, sabar hukumna wajib. Iman teh dibagi dua, satengahna sabar satengahna deui sukur. Alloh Swt. nyebatkeun dina al-Qur'an aya tujuhpuluh tempat, jeung aya genepbelas bentuk al-Qur'an ngeunaan sabar.

  1. Parentah sabar, seperti dina dawuhan Alloh, Wasta'iinuu bissobri wash sholat, Jeung maraneh kudu menta pitulung ka Alloh ku jalan sabar jeung solat.
  2. Larangan pikeun ngalakukeun sabalikna, seperti pidawuh Alloh, Walaa tahinuu walaa tahjanuu. Jeung maraneh ulah deuk ngarasa hina jeung nalangsa. Dina ieu ayat, ditandeskeun yen teu walakaya, putus pangharepan teh nuduhkeun jauh tina kasabaran.
  3. Pujian ka jalma-jalma sabar. Dawuhan Alloh Swt nu hartosna kieu : jeung salabar dina mangsa kokoro nyoso, dina mangsa lara balangsak, jeung dina mangsa peperangan. Nya maranehna jalma-jalma anu balener, jeung nya maranehna jalma-jalma anu takwa.
  4. Marentah sabar karana Alloh mikacinta ka mahlukna. Wallohu yuhibbush shobiriin. Saestuna Alloh mikacinta jalma-jalma anu salabar. (QS. Ali Imran: 146)
  5. Alloh Swt. nyarengan jalma-jalma sabar. Wash shobruu, innalloha ma'ash shobiriin.
  6. Iber nu matak ngagumbirakeun, yen sikap sabar teh leuwih  hade ti nu ngalakukeunana. Pidawuh Alloh Swt. : Walain sobartum lahua khoerul lishshoobiriin. Hartosna : Tapi upama maraneh sabar, nya saestuna leuwih hade pikeun jalma-jalma anu salabar. (QS. An-Nahl: 126)
  7. Ganjaran nu leuwih mulya pikeun jalma sabar. Walanajjiannal ladziina sobaruu ajrohum biihsani maa kaanuu ya'maluun. Sarta Kami bakal maparinan ganjaran ka jalma-jalma anu salabar ku nu leuwih hade batan anu diamalkeun ku maranehna. (QS. an-Nahl: 96)
  8. Jalma sabar, ganjaranana tanpa wates. Dawuhan Alloh Swt: Saestuna mung jalma-jalma sabar nu dicukupkeun ganjaranan tanpa wates. (QS. Az-Zumar: 10)
  9. Salawasna dipasihan kabar nu matak ngagumbirakeun. Dawuhan Alloh Walanabluwannakum bisae'in minal haofi wal ju'I wanaqsim minal amwal wal anfusi wats tsamarooti, wabassiril mu'miniin. Nu hartosna : Jeung saestuna Kami baris nyoba maraneh ku sarwa saeutik kasieun, kalaparan, kakurangan banda, jiwa jeung bubuahan. Jeung prak bubungah ku maneh jalma-jalma anu salabar. (QS. al-Baqarah: 155)
  10. Dijamin salawasna bakal aya dipitulung Alloh Swt. Balaa intasbiruu watattaquu waya'tukum min faorihim haadaa yumdidkum robbukum bihomsati aalaafim minal malaa'ikati musawwifiin. Malah, lamun maraneh salabar jeung tarakwa mah, sanajan maranehna ngarurug maraneh harita keneh oge, Pangeran maraneh baris nulungan maraneh ku malaikat lima rewu anu bakal ngarurug.
  11. Jalma sabar dilebetkeun jalma-jalma nu mulya. Dawuhan Alloh deui : Jeung saestuna sing saha anu sabar turta jembar hampurana saestuna anu karitu teh ti antara perkara-perkara anu harade.
  12. Ganjaran amal soleh loyogna pikeun jalma-jalma sabar. Ganjaran Alloh leuwih hade pikeun jalma-jalma anu iman turta ngalampahkeun amal soleh, jeung eta ganjaran teh moal dipaparinkeun salian ti ka jalma-jalma anu salabar. (QS.al-Qashash: 80)
  13. Mung jalma sabar nu pinter meunang hikmah tina ayat-ayat Alloh. Pidawuh Alloh : "jeung saenyana Kami geus ngutus Musa kalawan mawa ayat-ayat Kami : "Pek geura kaluarkeun kaom maneh ti nu  paroek ka nu caang, jeung elingan maranehna kana poe-poe Alloh". Saestuna dina saniskara anu karitu teh kakandung ayat-ayat pikeun jalma-jalma anu salabar nya muji sukur mah. (QS. Ibrahim: 5)
  14. Mawa kauntungan alatan kasabaran. Dawuhan Alloh : Salamun 'alaikum binaa sobartum fani'ma 'uqbad daar. (QS. Ar-Ra'd: 24)
  15. Sabar ngaluhurkeun darajat kapamingpinan.
  16. Syaikhul Islam Ibnu Taimiyah ngajentrekeun, jalma sabar jeung luhur kayakinana, bakal digampangkeun dina mingpin agama.

Tina jentrean Al-Qur'an ngeunaan sabar, oge aya opat darajat pikeun jalma sabar. Diantarana :

  1. al-shabru 'ala al-ma'ashi, nyaeta sabar nyegah kama'siatan. Saperti pajabat nahan gogoda dunya.
  2. al-shabru 'ala al-tha'ati, nyaeta sabar dina katoatan. Saperti disiplin dina ngadegkeun solat lima waktu kalawan henteu ngamomorekeun waktu. Kitu deui istiqomah dina qiyamul-lail, saperti Tarawikh, Tahajjud, Tasbih jeung Witir.
  3. al-shabru 'ala al-ni'mati, nyaeta sabar nalika datang ni'mat. Nalika hiji jalma kakeunaan musibah tangtu bakal nahan napsu, tapi jalma nu meunang ni'mat, tiasa janten bakal lolong kana anugrah ni'mat ti Gusti Alloh.
  4. al-shabru 'ala al-mushibati, nyaeta sabar dina mayunan musibah atanapi ujian.


Ibnu Taimiyah nyarioskeun, "Sabar dina ngalaksanakeun katoatan leuwih hade tinimbang sabar dina nyingkahan kama'siatan. Ku kituna, hayu urang salaku manusa nu sarwa lemah, mudah-mudahan salawasna aya dina kasobaran, boh karana kenging ni'mat boh karana kenging musibah.

Amin

***

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula