Lain Hole In One
"Matak ulah samanea nya, Mang?"
"Ih puguh we. Nanaon oge kudu tarapti, ulah sagawayah, atawa ulah samanea sangkan hasilna hade jeung bener. Kadituna ulah matak jadi kagorengan....
"Kaasup dina golep nya, Mang?"
"Teuing atuh."
"Har, na make teuing?"
"Da eta mah olah raga borjuis atuh. Kapan Alo ge nyaho, Mamang mah jelema proletar."
"Oh, Mamang mah teu wawuh kana olah raga nu mahal?"
"Enya. Mun nanyakeun mael bal atawa gatrik ku Mamang pasti dijawab panjang lebar."
"Da memang cenah golep mah lain olah raga samanea."
"Tuh geuning...."
"Nu boga kalangenanna oge lain jalma samanea deuih. Mun teu pajabat minimal pangusaha. Da ari jalma biasa mah moal kabiayaan."
"Ceuk Mamang oge...."
"Ku lantaran nu maraenna gegeden wungkul, nu maen golep mah kesanna teh ogoan jeung kudu diladenan bae ku batur."
"Maksudna?"
"Heueuh gawena teh ukur ngahembatkeun stik atawa tongkat kana bal golep sangkan asup kana liang. Geus kitu tongkatna diasongkeun ka batur, sina dipangmawakeun ku batur. Ti tempat mimiti ngahembatkeun stik ka tempat ragragna bal ngageleser naek mobil. Dituturkeun ku nu purah ngaladenanana...."
"Ari semet nu kitu mah Mamang oge apal, Lo."
"Apal kumaha?"
"Lamun bal anu dihembatkeun ku stik langsung asup kana liang ngaranna hol in wan. Tah nu purah ngaladedenanana disebut kedi."
"Da geus kaasup pangaweruh umum atuh nu kitu mah, Mang."
"Enya."
"Ayeuna mah cenah anu jaradi kedi di lapangan golep teh rereana mah awewe."
"Tangtuna oge awewe geulis nya, Lo?"
"Gareulis ceuk ngarora keneh, Mang. Maklum, kanggo ngaladenan gegeden jeung pangusaha."
"Ngaladenan?"
"Maksudna teh ngaladenan mangwakeun tongkat golep."
"Oh...."
"Ningali dina televisi Mang, matak runtag jalma nu teu kuat iman ningali kedi golep mah. Keur gareulis teh bahenol deuih, Mang."
"Matak runtag iman jeung mawa balai deuih, Lo."
"Kadituna nu jadi udagan di lapangan golep teh lain hol in wan, Mang. Tapi hol in he he he....
"Naha kalah seuri omes?"
"Hih, mani kudu dijentrekeun bae Mamang mah!"
"Heuheuy!"
"Kapan ayeuna kajadian, tina marebutkeun kedi bahenol nepi ka ditungtungan ku rajapati."
"Enya. Nu ngalibatkeun ketua KPK tea?"
"Enya, ceuk berita-berita tina media massa mah."
"Mun tea mah bener kitu, kacida pisan matak prihatinna. Pajabat nagara kabaud kasus hukum alatan perkara 'nu lain hol in wan', Lo."
"Lain nu munggaran, aya pajabat anu tibeubeut alatan awewe bahenol, Mang."
"Model Yahya Zaini anu kabaud kasus vidio mesum jeung Maria Eva nya, Lo.?
"Enya."
"Matak maen golep teh kudu bener-bener ngudag hol in wan, Lo. Ulah nu lain-lain!"
*
"Tukang beberes antukna dibeberes, Mang."
"Bener, Lo. Baheula, Mulyana nu purah ngabeberes koruptor antukna ditahan alatan korupsi."
"Ayeuna mah Antasasri Azhar, Mang."
"Enya. Ieu mah leuwih parna, lantaran kabaud kasus rajapati."
"Kakarak tersangka kitu ge, Mang."
"Cenah salian ti alatan awewe, aya sangkaan kasusna teh raket patalina jeung pasualan politik. Tina posisina minangka ketua KPK nu purah nyerek koruptor."
"Boh alatan awewe boh alatan politik oge sarua matak prihatinna, Lo."
"Bener, Mang."
***
Mang Lintrik