Sat, 19-05-2012
Carkrim

Babaung Ajag (11)

Pintonkeun di FB

Ku Dede Syafrudin

Ibur sakampung Lebakhaur, pajar Ceu Dedeh jadi ririwa. Malah beja teh nyebar ka luar kampung nepi ka meuntas ka desa tatangga. Beja pabeja-beja. Nu ngaranna pabeja-beja tea, tuluy pada nambahan pada ngabungbuan. Tina sajeungkal jadi sadeupa. Tina sadeupa jadi dua deupa, jeung saterusna.

Antukna sumebar carita yen anu maot bunuh diri di Kampung Lebakhaur dina kaayaan keur kakandungan, sawatara waktu nu anyar kaliwat, kiwari jadi kunti. Malah aya nu nyebutkeun jadi sundel bolong. Puguh bae kaayaan di Kampung Lebakhaur jadi beuki tiiseun. Jarang nu pirajeunan wani kaluar imah ti peuting. Di pos ronda ge arang langka katembong aya jelema. Malah ka hareupeun imah Ceu Dedeh mah ti bada asar keneh ge  geus taya nu ludeung ngulampreng.

Sora ajag nu remen kapireng babaung wanci tengah peuting, wuwuh nambahan geueuman kaayaan di Kampung Lebak haur. Ngan ahengna, taya kabejakeun aya ingon-ingon atawa sasatoan lianna anu paeh dikerekeb ajag....

Di unggal riungan, di unggal obrolan, taya nu bosen ngobrolkeun jenatna Ceu Dedeh nu jadi ririwa. Pon kitu deui di masjid, saberesna wirid bada solat berjamaah asar teh sok tuluy nyelap obrolan ngeunaan Ceu Dedeh.

"Geus teu bisa diantep isu nu majar jenatna Nyi Dedeh jadi ririwa teh, nya Ustad?" ceuk Pa Kandar, sabada beres solat berjamaah asar.
"Enya, karunya ku almarhumah, kudu ngalaman fitnah kubur," tembal Ustad Didin.
"Maksadna?" Bah Juar kerung.
"Ari jalma anu geus maot taya kateranganana bisa balik deui ka alam dunya. Nu sok nembongan atawa ngaririwaan, eta mah kalakuan bangsa jin. Jin kapir. Ngahaja rek mitnah jalma anu geus ninggalkeun alam dunya. Nya nu kitu nu disebut fitnah kubur teh," Ustad Didin ngaje ntrekeun.
"Abdi ge mun teu ningal langsung mah moal percaya jenatna Nyi Dedeh jadi ririwa," Bah Juar nyarita deui.
"Enya. Karunya temenan, kudu kumaha atuh, Ustad?" Pa Kandar neuteup Ustad Didin.
"Taya deui jalan iwal ti kudu disampurnakeun deui. Ditetepkeun arwahna, sangkan henteu kaancikan fitnah setan," tembal Ustad Didin.
"Bade iraha atuh urang netepkeun arwah Nyi Dedeh teh?" ceuk Bah Juar.
"Ayeuna teh kemis nya?" Ustad Didin nanyana bari laju laju ngutek-ngutekkeun ramona, dibarung ku kunyam-kunyem, kawas budak leutik keur diajar ngitung.

Pa Kandar jeung Bah Juar meh bareng unggeuk.

"Nya waktu nu hade ceuk itungan mah ayeuna," sanggeus aya kana sawatara lilana kunyam-kunyem bari ngutek-ngutekkeun ramona, kakara Ustad Didin teh nyarita deui.
"Ayeuna pisan?" Bah Juar kerung.
"Enya. Hayu urang ka astana," tembal Ustad Didin.
"Na bade naon ka astana?" ayeuna mah Pa Kandar anu kerung teh.
"Urang ka kuburan Nyi Dedeh. Urang netepkeun arwahna tea!"
"Euleuh, kapan ayeuna mah tos maju ka burit?" Bah Juar beuki kerung.
"Komo diengkekeun mah burit manten! Hayu ah, kade poho mawa cai kana botol, tuh botolna luhureun panto," ceuk Ustad Didin, bari laju ngalengkahkeun sukuna.
"Moal aya...?" Bah Juar angger keneh rumegog.
"Nya ari padung-padung bae mah aya," Ustad Didin keom, tuluy ngagidig muru ka astana anu aya di tonggoheun Kampung Lebakhaur.

Najan asa-asa, sanggeus ngeusian botol ku cai ti kulah gigireun masjid, Bah Juar jeung Pa Kandar nuturkeun Ustad Didin. Leumpangna badis buntut, henteu daek jauh ti bujur Ustad Didin....

Bubuhan rada anggang ti pilemburan, kaayaan di astana wuwuh kacida pisan tiiseunanana. Keur mah harita poe geus mimiti tunggang gunung, katurug-turug astana teh dilingkung ku tangkal awi. Sora tongeret denger, pabaur jeung seah daun awi katebak angin.

Beuki deukeut ka lawang astana, Bah Juar jeung Pa Kandar leumpangna beuki nyedek ka Ustad Didin.

"Hih, ku naon ieu teh, lempang ge mani nyedek-nyedek teuing kieu, nepi ka kuring hese ngalengkah?" Ustad Didin kukulutus.

Bah Juar jeung Pa Kandar teu nembalan.

"Itu geura, kalah montel kana cangkeng!" Ustad Didin ngepeskeun leungeun Bah Juar anu meulit kana cangkengna.
"Ngadadak muringkak bulu punduk tu da," ceuk Bah Juar.
"Hih, kawas lain kolot. Babacaan anggur mah, ngadu'a sabisa-bisa!" Ustad Didin angger kukulutus.

Biwir Bah Juar jeung Pa Kandar katembong kunyam-kunyem, babacaan....

Cungungung kapireng sada nu babaung, ti jauhna. Ustad Didin ngarandeg, pon kitu deui Bah Juar jeung Pa Kandar. Leungeun Bah Juar tipepereket nyekel sarung Ustad Didin.

"Audubikalitamattillahi tamati min sarimakholak...," Ustad Didin ngagerentes.
"Sada nu babaung, Tad...!" Pa Kandar sorana semu nu ngaharewos.
"Enya..., hayu gancangan leumpangna, ngarah tereh nepi, ngarah tereh beres!" ceuk Ustad Didin.
"Cik ieu tong nyeyekel bae sarung kuring atuh Bah, bisi morosot keh!" pokna deui, bari ngepeskeun leungeun Bah Juar tina sarungna.

Bah Juar geuwat ngaleupaskeun leungeunna tina sarung Ustad Didin. Geus kitu mah bring nu tiluan teh leumpang deui, muru ka kuburan Ceu Dedeh....

"Kumaha mun aya riri...," sora Bah Juar meh teu kadenge.
"Lah naha make sieun ku ririwa kawas lain jalma beriman bae. Kapan urang teh jelema, leuwih mulya ti bangsa jin jeung setan. Jeungna deuih salila urang muntang ka Nu Murbeng Alam mah tangtu moal aya anu ngaganggu jeung ngagunasika urang," ceuk Ustad Didin.
"Enya, ngarti kuring ge. Tapi angger ieu bulu punduk mah tingpuriding bae," Bah Juar nyaritana bari ngusapan pundukna.
"Keun bae, da wajar ari kangaranan manusa mah boga kasieun. Asal ulah nepi ka ngateugan maksud urang we. Kapan urang teh boga maksud anu hade, rek netepkeun arwah Nyi Dedeh sangkan ulah katerap ku fitnah kubur. Kangaranan maksud hadetangtu satekah polah bakal dihalangan ku setan anu teu sukaeun manusa milampah kahadean. Carana rupa-rupa pisan, di antarana marentahkeun bangsa jin sangkan ngaririwaan...," Ustad Didin nembalan panjang le bar.
"Amin...," gerentes Bah Juar.
"Lain amin, da teu keur ngadu'a! Cukup ku diregepkeun we caritaan kuring nu bieu mah," Ustad Didin nempas Bah Juar.
"Oh, enya...," ceuk Bah Juar.
"Anggur mah geura babacaan deui kadinyah!"
"Maca Ayat Kursi, Tad?" ceuk Bah Juar.
"Maca naon we, nu penting mah neda panangtayungan ka Alloh Azza Wa Zalla," Ustad Didin nembalan deui.

Teu kanyahoan mimitina, ujug-ujug bae gelebug aya angin puyuh dina jajalaneun Ustad Didin saparakanca. Kalakay jeung dangdaunan garing sejenna muih katebak angin. Sora dangdauanan tina dapuran awi beuki seah....

(hanca)

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula