Sat, 19-05-2012
Carita Pondok

Kanyaah Anton

Pintonkeun di FB

Ku Lenny Djanurlia

Anton neuteup anteb, liuh.

"Hatur nuhun, Yang,... katampi pisan," ramona ngagulusur dina embun-embunan.

Kuring anteb neuteup liuhna kanyaah, kaasih, dina heherang panon Anton.

Enya, eta teh kanyaah nu saestuna, meulit kana hate, ngaguguyah kana rasa, anteng, liuh, jeung tingtrim.

"Kedahna, urang kieu teh tilu puluh taun kapengker...."

Hate ngagebeg, naha...? Naha Anton nyarita kitu? Apaleun kitu manehna kana rusiah anu mangtaun-taun disidem?

"Akang hoyong gaduh putra ti Yayang,"
"Yayang tiasa keneh? Wios babarna mah disesar, we...."

Kuring ngabalieur, teu wasa nempo Anton sakitu jigrahna, istuning katembong sono nakeran ka kuring. Sarua kuring oge, sarua sono, sarua nyongsrong. Teu nyangka bisa papahareup, silih budalkeun kasono. Kuring masih teu percaya, kuring asa dina pangimpian.

"...kalah ngabalieur? Akang mah di dieu, hayoh, mayun ka dieu," Awak dibalikkeun, karasa tonggong diusapan pinuh ku kadeudeuh, cipanon murubut.
"Hei, ku naon? Naha nangis? Akang lepat, Yang?"

Inghak kalah beuki narikan.

...Kang, lepat urang kikieuan teh, tapi mugia naon anu dipilampah ku urang dihapunten ku Maha Kawasa. Dosa gede ieu teh,... hate ngingetan, betus mah henteu.

"Yang, hayoh nyarios... Ku naon? Aya nu karaos?" Anton ngusapan sirah, ramona pinuh ku kasono, kaasih anu mangtaun-taun nyumput dina lelembutan.

Ieu teh ngimpi, Kang? Ngimpen patepang sareng Akang, silih simbeuh kanyaah, silih ayunkeun kahayang? Karasa kanyaah anu lila dipisono teh mapay kana rasa, kana hate, mapay kana sagala-galana.

Poe geus ngolotan, waktuna kuring kudu balik, barudak geus nungguan di imah.

"Urang uih we yu?"

Kuring ngajakan balik, beuki lila babarengan, beuki hese pikeun mungkas. Kuring boga kawajiban, ngurus barudak satilu-tilu, enya oge geus galede tapi butuh keneh conto alus ti hiji indung. Piraku dina mangsa geus umuran kieu kalakuan kawas budak ololeho anu teu nyaho agama jeung darigama? Sok sanajan hate mindingan, bumela,... bae lah, da dasarna tina kanyaah, tina cinta, enya kitu cinta? Pan cinta mah ayana dina kamus budak ngora? Boa-boa ieu mah nafsu. Pedah kuring duaan keur nincak kana puber kadua. Enya sigana ieu mah nafsu. Nafsu teh sobat dalit jeung iblis anu ngawujud dina kanyaah nu jijieunan. Tapi Anton teu jijieunan. Karasa kanyaahna, leubeut ku kaasih, nyaksrak kana sakabeh rasa anu aya dina raga jeung jiwa kuring.

"Minggon payun Akang ka Bandung deui, engke mah ajak barudak, sadayana,"
"Moal kalebet heula?"
"Teu kedah, Akang langsung, nya? Bilih kabujeng macet di tol, Akang mios heula..."

Tepi ka ngiles mobilna kuring nangtung satukangeun pager, teu hayang miceun sakiceup oge, kasempetan patepung jeung manehna, popotongan, beubeulaan hate jaman SMA.

Boa-boa ieu teh tepung anu panungtungan. Cara baheula, asih nu sedeng mangkak ngarandakah, manehna ngiles, taya raratan, ukur binih dina rahim nu nyangkaruk, tanda asih ti manehna.

Anton teu apaleun, kajadian harita teh aya tapak dina kahirupan kuring. Kaluar SMA bari jeung kakandungan, neangan gawe, ukur payu jadi sales, tepi ka panggih jeung lalaki anu akhirna jadi salaki. Anton teu apaleun, kumaha peurihna kahirupan, diperes tanaga ku salaki, dijadikeun ladang, ditandonkeun ka sasaha.

Anton teu apal.

Anton nyahona kuring hianat, cidra kana jangji asih mangsa rumaja. Anton nganggap kuring setan. Anton teu hayang panggih jeung kuring, teu hayang wawuh deui jeung kuring, eta cenah nu diwakcakeun ka babaturan nu lian.

Geus beak kasabaran, kuring milih jalan pepegatan. Ngala rejeki sorangan, sahuap dibagi opat jeung barudak. Rek beubeunangan rek henteu, hate tumamprak kana kadar.

Panggih deui jeung Anton karek saminggu, kuring jaga stand, Anton teh konglomerat ayeuna mah, pangusaha bankir.

Sakali panggih ge moal poho, sanajan mangtaun-taun teu panggih, perbawa hate nu masket, poho dinanaon, nu penting kasono kabudalkeun.

Poe Jumaah pasosore, Anton geus ngurunyung.

"Hayu, Akang tos booking ajak barudak sadayana...."
"Si Cikal tacan mulih, Kang,"
"Urang antosan atuh."
"Nyandak acuk renang, Kang?"
"Wah, nyindiran eta mah, Yayang oge terang ti kapungkur Akang mah teu tiasa ngojay...."

Inget baheula, unggal aya pelajaran renang, ukur mayar karcis, make baju renang, ancrub mah henteu, sieun ku cai, kawas ucing....

Pernah sakali mah manehna disuntrungkeun ka kolam renang ku babaturan. Akibatna fatal, ti harita tara deui-deui, jigana traumana tepi ka ayeuna, tacan cageur.

Duaan ngabarakatak, ngeunah bisa seuri, ngaleupaskeun sagala kasumpeg. Leupas, bebas, babarengan jeung manehna salawasna aya dina kabagjaan. Anton anu pinuh ku sumanget hirup. Anton anu nepakeun ka kuring pikeun ngajalanan hirup pinuh ku kagumbiraan.

Ngobrol salila-lila bari nungguan Si Cikal mulang, ngaguar panineungan, aya ku bagja ngalalakon jaman harita, ditema ku silih budalkeun kasono.

Jam sapuluh Si Cikal kakara datang, munjungan, neuteup seukeut ka semah nu anyar panggih. Duanana silih teuteup, kawas nu keur ngukur jajaten, peresis dua hayam adu anu keur silih jugjugan. Anton kawas keur ngaca, sakembaran jeung Si Cikal, Anton.

"Ton, nepangkeun, rerencangan Mimih waktos SMA," kuring ngagareuwahkeun dua lalaki pangeusi hate anu keur aya dina dimensi waktu anu teu kaukur ku pikiran kuring.

Hate tagiwur, mireungeuh reaksi Anton, Si Cikal. Kuring nempo jelas beungeut nu pinuh ku pananya, nganaha-naha, hate indung terus rasa, Anton butuh jawaban!

Duanana melong ka kuring, ngudag jawaban.

Kuring ngaleos, ninggalkeun dua lalaki anu masing-masing keur nengetan dirina sewang-sewangan. Jelas kagambar Anton, Si Cikal, nambleg gambaran Anton baheula, jaman SMA. Cara neuteup, cara ngomong, cara leumpang, teu dipiceun sasieur.

"Abdi kapengker heula, Om, permios," Si Cikal asup ka kamar.

HP ngirining.

"Aku butuh jawaban," eta sora Anton, nu keur nungguan di ruang tamu.

Daek teu daek kuring cengkat, nyampeurkeun.

Panon nu liuh teh neuteup seukeut, kawas panon hakim nu rek ngaragragkeun vonis.

Tah ieu Anton kuring, Anton anu tegas, wibawa, teu sieun, teu galideur ku naon wae anu rek tumiba. Beda jauh jeung kuring, beda, kuring anu sagala sieun, sieun ditinggalkeun, sieun disisieuh, sieun nyanghareupan poe kahareup.

"Yang, Si Cikal teh bibit ti Akang? Ulah mungkir," Anton ngadakwa.

Kuring teu lemek.

Euweuh gunana ngajawab oge.

Ayeuna geus teu penting, sakabeh kapeurih geus ditambul ku sorangan.

"Waler, Yang..., eta teh hasil hubungan urang waktos acara perpisahan?" Anton ngudag pananya.
"Terang teu? Ngarusiahkeun identitas jeung asal-usul katurunan teh mangrupa hiji kajahatan?"

Hate malaweung, sakapeung eunteup ka jaman katukang, manehna kungsi tolab elmu di Fakultas Hukum, tangtu, wawasanna ngeunaan hukum aya dina memory pikiranana.

Peuting beuki simpe. Acara sukan-sukan batal.

Ayeuna kuring nyanghareupan persidangan. Sidang kajujuran anu bakal mawa balukar gede kana kahirupan kuring.

Lamun ngaku, kuring yakin Anton, Si Cikal bakal dibawa ku bapana, bapa teges. Eta hartina kuring bakal kaleungitan dua Anton sakaligus, dina sawaktu.

Teu. Kuring teu rido.

Lamun kuring mungkir, naha manehna bakal mundur? Anton jelema pinter, boga pangaruh, moal aya nu bisa mungpang lamun manehna geus aya ketak.

Enya kitu nyamunikeun asal-usul budak teh hiji kajahatan? Pan eta teh anak kuring, kuring nu ngandung, kuring nu nandonkeun nyawa, ngaborojolkeun, kuring nu ngasuh, kuring nu ngayuga. Si Cikal jelas-jelas saripati jeung getih kuring, nyusu ka kuring, dibayuan ku kuring ti mimiti jadi mudhgoh, gubrag ka dunya, nepi ka ayeuna nolab elmu, sakabeh ladang kesang jeung do'a kuring anu manteng terus miharep karidoan Ilahi, euweuh andil ti manehna.

"Bade ngantos Akang ngagugat perkara? Akang bade ngajukeun tes DNA pikeun Si Cikal, upami Yayang teu kersa wakca,"

Hate motah, pinuh ku kabingbang.

Teuteup Anton anu liuh, ayeuna pinuh ku pananya.

Lila teu nyoara, hate galecok dina simpena peuting.

"Hapunten Akang, Yang. Akang terang Yayang perlu waktu pikeun ngajelaskeun ieu sadaya, ayeuna istirahat heula, Akang permios, wilujeng bobo, Yang," celengok tarang diambung.

Aya keneh karasa kanyaahna. Leubeut, tapi kuring teu meunang eleh ku kaayaan ieu. Anton ukur lalaki anu datang ti mangsa katukang. Anton ukur fatamorgana, anton taya di alam nyata. Manehna boga kahirupan sorangan, karier nu sukses, rumah tangga anu bagja, jeung sagala rupa anu dipikahayang ku manusa aya dina cekelan manehna. Jauh tangeh jeung kuring, hiji indung anu kudu bobolokot kesang pikeun neangan rejeki ti poe ka poe. Hiji indung anu ukur bisa namplokkeun kanyaah ka barudak, bari teu wasa nyukupan kaperluan maranehna. Hampura Mimih, anaking!

Enya, Kang. Si Cikal teh tandamata ti Akang. Bukti kanyaah Akang, anu marengan hirup kuring nepi ka kiwari. Sabaraha kali kuring kungsi aya dina wates antara hirup jeung paeh. Sababaraha kali nece dina taraje anu tembus ka alam barzah. Tapi unggal kuring pateuh, Si Cikal datang nulungan. Si Cikal nungtun kuring, ngagedekeun hate.

Ayeuna kuring teu butuh nanaon, teu butuh dunya, teu butuh.

Ku nempo panonpoe unggal isuk, nyeuseup hawa subuh, neuteup ibun anu ngagarajag dina tangkal kameumeut, wijayakusumah, ayeuna geus jadi hadiah panggede-gedena ti Nu Maha Suci. Mapag poe isuk pinuh ku kasadrahan. Iklas narima naon anu bakal tumiba kana diri, naon rencana Alloh anu bakal karandapan ku kuring ka hareup.

"Wilujeng kantun, panutan."

Haturan Akang di pondok gede

***

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

dase sukarna ngomentaran:

Tujuh puluh.