Lain Kuring nu Kamari
Ku Nur
Geus lawas teu nyieun carita. Lain teu hayang, tapi buntu, teu aya ideu. Imajinasi mati tea meureun ngaranna. Lain tanpa sabab. Peuheur teuing lalakon hirup nu kaalaman nepi ka hese nyaritakeunna dina wangun carita. Nu bisa, ukur diteureuy buleud ku sorangan. Kapaksa teu ngagehan batur. Lain pedah hawek, ngan karunya batur mah can karuhan kuateun. Ceuk Ilin onaman, sobat kuring nu ayeuna lain kuring nu kamari. Nyarita kitu sanggeus kuring nolak ajakana ulin ka basisir. Manehna nyaho inya saha ari kuring baheula, boro-boro diajakan, teu diajakan ge kangaranan kana ulin mah sok haripeut nyieun ideu sorangan. Pan babaturan sakantor nepi ka nyaho sababaraha rumah makan nu ngeunah pasakanana teh ku saha deui diwawuhkeuna ari lain ku kuring mah. Geus puguh ari sabangsaning tempat pangulinan mah, teu kaop aya nu anyar, kuring nu sok pangheulana apal.
Ana dipikir, aya benerna caritaan Ilin teh. Enya ari pisik mah angger nu kamari, ngan karasa ayeuna mah aya nu leungit tina diri kuring. Nyatana kaendahan rasa. Kaendahan rasa nu biasana mawa sumanget hirup nu ngagedur. Bener ceuk Ilin, kuring nu ayeuna lain kuring nu kamari. Geura we eta, ayeuna mah mun pareng neuteup panonpoe, angger siga panonpoe. Kitu deui mun peuting neuteup bulan atawa bentang nu baranang, angger jiga bulan, jiga bentang. Teu robah jadi ungkara basa nu endah atawa runtuyan puisi pinilih.
Kang Yan midua hate. Eta kanyataan, lain impian. Puluhan kali nyiwit leungeun, angger karasa nyeri, hartina kuring lain keur sare tibra atawa keur ngaprak dina impian riwan. Suku angger nincak lemah, ngan hate nu hiber jauh mangpengkeun rasa ka jomantara.
Teu disumput salindung, tapi bruk-brak. Teu singna ceurik. Cimata nu biasa juuh najan ukur manggih kasedih nu teu pira, harita mah ngadadak jararauh. Teuing mun geus beakeun mah, ku remen-remena pake nyeungceurikan nasib. Sabalikna, Kang Yan nu ngagukguk ceurik, nyaluuh kanyenyerian bari tamada menta pangampura sok bisi kaputusanana ngajaheutkeun hate kuring dibarung jangji moal deui-deui milampah salah malah boga tekad rek leuwih mikanyaah kulawarga. Teu cenah, teu niat nganyerikeun. Milih kawin deui soten alatan aya hiji hal nu ngudukeun, nu teu perlu jalma lian nyaho iwal kuring jeung dirina sorangan.
Awewe pilihan hatena, umurna jauh sahandapeun kuring. Deukeut-deukeut ka umur Si Cikal, ukur beda sababaraha taun. Saluhureun. Panggih teu ngahaja dina mobil. Budak tulunganeun. Geus cop jeung lelembutan, silih tukeuran nomer HP. Dua minggu ti harita pruk kawin. Rerencepan.
Ku kuring, Kang Yan diusap sirahna. Diteuteup socana. Runtuyan do'a ngamalir dina cangkem, jolna tina tungtung batin nu wening. Sawening ngaran kuring. Wilujeng, cekeng teh, sing runtut raut, sing panggih jeung kabagjaan, peupeuriheun sorangan teu bisa mere kabagjaan, sasat diri kebek ku ka kurang. Hate caang narawangan lir purnama tanggal opat welas. Teu, teu geuneuk teu maleukmeuk. Sakalina hate marudah, sok inget kana falsapah cinta. Yen ari cinta hakekatna mere, lain hayang dibere. Implikasina, cinta dibuktikeun ku ngantep jalma nu dipikacinta manggihan kabagjaan hirupna sarta milu mikacinta jalma nu dipikacinta ku manehna.
Beja pabeja-beja. Tungtungna ibur salelembur, ear sadesa, Kang Yan, tokoh masarakat, panutan ibu-ibu, nyandung. Teuing saha nu ngamimitian nepakeun beja. Da sorangan mah sidik teu kungsi cacarita ka sasaha. Tong boro ka batur atawa ka dulur, ka indung sorangan ge henteu. Lain teu niat rek nyarita, ngan ceuk pikir teh kelanan mun geus datang mangsana nu tepat bari sakalian nyusun heula kakuatan hate sangkan bener-bener pangger. Teu hayang katempo nguyung ku indung, karunya bisi jadi bangbaluh kalbuna. Da yakin, saha atuh jalmana nu hayang anakna didua hate.
Krung-kring nu nelepon. Kitu deui SMS. Rabul beurang peuting. Aya oge nu langsung datang ka imah, nanya tineung bener henteuna beja nu nerekab di masarakat sok bisi ukur isu. Ma'lum keur usum pisan isu alias gosip. Teu saeutik nu datang dibarung carinakdak. Rata-rata manghanjakalkeun ku kaputusan Kang Yan nu dianggapna terlalu dini. Mangkarunyakeun ka kuring, komo sanggeus nyarahoeun kuring keur kakandungan.
Bu Ika, sobat dalit di kantor, barang nyahoeun beja kitu ti batur, ceurik ngagukguk bari ngocoblak kamana karep. Leungeunna ngageubig-geubig taktak kuring. Teu beunang direrepeh.
"Teu suka teu rido aing mah didinya dinyenyeri ku salaki. Naha kalah cicing wae, naha lain ngalawan, protes?" pokna garihal.
Kuring teu sing hayang pipilueun ceurik, ukur melong nu ngacaprak. Protes? Protes ka saha? Ka Kang Yan atawa ka Pangeran? Mun protes ka Kang Yan, naha bisa ngarobah kaputusan? Naha bisa ngarobah kaayaan? Mun protes ka Pangeran hartina teu rido kana takdir, atawa ngagugat takdir kasebutna. Pan ieu teh sabagian tina takdir hirup kuring. Teu... teu hayang kaasup jalma nu mungpang kana takdir. Sieun teu kabagean ngangseu seungit sawarga-Na.
"Yeuh, manehna teh Ninis? Ninis sobat kuring? Atawa arca? Geuning kalah cicing, na teu nyeri hate, teu nalangsa?" nyaritana beuki sompral.
"Sok ka mana wae ari nyarita teh, nya angger atuh sayah mah Ninis, Ninis nu geulis. Bisi teu percaya pek teuteup sing anteb, angger geulis pan?" kuring ngaheureuyan. Manehna beuki tarik ngagukguk dibarung ngagebugan.
"Aing mah teu percaya mun didinya nyebut teu nyeri hate. Aing nyaho didinya teh hengker, tukang gering, tukang ceurik, pek caritakeun ku naon pang bisa kieu?"
"Bu, kudu kumaha deui atuh da masing ngajerit maratan langit atawa ceurik cimata getih ge da moal matak malikan deui lalakon. Sayah mah ihlas. Naon nu tumiba ka diri sayah minangka katangtuan Pangeran nu teu bisa dihalang-halang, na teu meunang kitu mun sayah ngaharepkeun sawarga nu dijangjikeun ku Mantena pikeun awewe nu ihlas didua hate.." cekeng leuleuy.
"Tong ngadalil siah, tong api-api teu nyeri hate. Aing yakin hate didinya rajet ngan disumputkeun, ngaku siah?"
"Terserah kumaha pandangan didinya. Nu jelas hate sayah ayeuna karasa leuwih tengtrem batan poe-poe kamari, sahanteuna sayah jadi teu sieun salaki tigebrus kana maksiat ari geus puguh aya nu halal mah"
"Teu kaharti ku aing mah caritaan model kitu mah. Nu puguh aing ayeuna geuleuh ka salaki didinya, sebel..." nyaritana dibarung tetenjrag.
Kuring saukur mesem. Nu ngagukguk bari ngacaprak, diantep.
Lain Bu Ika wungkul. Bu Usi, Bu Ratna, ngadon ceurik na telepon. Mangnyerikeun, mangnalangsakeun, basana. Kadituna, ngahujat Kang Yan bebeakan, majar taya rasrasan, teu berprikemanusiaan. Deui-deui kuring ukur mesem.
Di jalan pasampangan, di pasar, di masjid, jalma-jalma, sakur nu wawuh, marelongkeun. Tina sorot panonna ngalangkang rupa-rupa galura rasa. Aya nu mangkarunyakeun, mangnyerikeun, manghanjakalkeun, teu saeutik nu bangun ngajejeleh sari-sari mupuas. Aya deui nu neuteup teu ngiceup-ngiceup ti luhur parat nepi ka handap. Heraneun sigana kuring bisa keneh ngulampreng di tempat umum, pantesna meureun ngajoprak di rumah sakit alatan kagegeringan.
Rupa-rupa pisan sikep jalma-jalma teh, kangaranan hirup di dunya, aya nu resepeun aya nu sabalikna. Pikeun nu tadina resepeun minangka empati teh nya ku milu mangsedihkeun, mangnyerikeun. Ari pikeun nu ngewa mah asa mobok manggih gorowong, geusan aya jalan keur mupuas. Keur kuring, rek kumaha wae oge reaksi maranehna, taya pangaruhna.
Basa kanyahoan A Gym nikah deui, geunjleung sanagara. Ti mimiti kolot nepi ka budak satepak recok ngaromongkeun. A Gym pada ngahujat. Pada rea nu malik mikangewa, kadituna pada ninggalkeun. Sobat kuring pisan, Bu Nani, nepi ka eureun ngalanggan Koran MQ da ngewa ka nu mupuhuanana, nyatana A Gym. Sabalikna, Teh Ninih pada maruji, pada nyeungceurikan. Mun pareng nonghol na layer TV, ibu-ibu tingkaroceak. Baluaseun. Ari kuring harita, teu pipilueun nyarita. Ukur hate nu galecok, kebek ku rasa kagum. Kagum ka teh Ninih. Kana kaihlasanana, kana kapanggeranana. Kurang yakin, kacida beuratna beban nu ditanggung ku anjeunna. Beban mental.
Ayeuna, kuring ngalaman sorangan. Kapanggih jeung karasa. Enya, beurat... beurat pisan beban nu kudu ditanggung teh, lir ibarat manggul mangkintal-kintal beas. Ampir-ampiran ngecagkeun mun teu inget di katangtuan mah. Tapi sakumaha beuratna, sakumaha pait karasana, kuring ulah mopo di tengah jalan. Kuring kudu pangger dina kaihlasan sabab kuring yakin teu samata-mata Alloh nibankeun hiji syareat mun taya hikmahna. Enya, pan poligami teh mangrupa sabagean syareat Islam, aya rengkolna dina Qur'an. dimeunangkeun asal sanggup nedunan saratna. Tapi salila ieu masarakat, umumna kaom awewe geus nganggap tabu kana perkara ieu. Teu saeutik pan nu entrang-entrangan nolak ayat nu ngatur poligami sabab nganggap ngalecehkeun kaom wanoja, ngalanggar hak azasi manusa. Malah ku kaom kafir mah masalah poligami teh dipake alesan ngahujat islam. Majar agama taya rasrasan. Teu ngaragap hate kaom wanoja. Padahal saenyana dimeunangkeun poligami teh enas-enasna keur ngangkat harkat darajat kaom wanoja.
Tati, sobat mangsa keur SMA, basa tepung di imah dulurna, nyebut otak kuring geus ngagiclek. Geus teu waras. Da mun otakna jejeg keneh mah, cenah, teu mungkin teu riuk-riuk dicandung teh. Atawa dibere naon cenah ku salaki nepi ka bisa leah kitu. Nu matak hayang seuri manehna nepi ka ngomong kieu: "Dudukun ka mana siah salaki ente nepi ka boga parabun jetu model kitu?"
Kuring ukur nembal ku seuri.
Saurang deui, Ceu Heni, nyarita majar kuring kawas nu teu boga hate. Atawa hatena geus paeh, geus dikubur. Naha enya kuring teu boga hate? Naha enya teu nyeri didua hate? Buktina masih aya keneh sakeclak cimata nalika kuring sujud, mangadu ka Pangeran, ngedalkeun sakabeh rasa nu teu bisa dikedalkeun ka sasama manusa. Teu nyeri? Bohong... nonsens! Saha awewena nu teu nyeri didua hate. Saha awewena nu hayang dicandung. Sarerea ge, pasti salaki teh hayang ku sorangan. Nu sorangan. Kuring awewe, sarua jeung batur. Boga hate, boga rasa, boga rasa. Nyeri? Lain caritakeuneun. Tapi teu salawasna kanyeri bisa dibagi, diobral jeung dicaritakeun ka batur, sabab batur, sok komo babaturan, cacak dulur sorangan, can tangtu bisa ngubaran. Malah teu mustahil bakal nambahan masalah anyar.
Kuring boga Pangeran. Dzat nu moal ngantep hambana nyorangan. Zat nu ngabogaan ubar sagala kanyeri. Lahir binarung batin. Ukur ka Mantenna kuring wani ngabagi rasa, nembrakeun kanyeri, sabab anjeunna nu leuwih surti tur ukur anjeunna nu bisa ngubaran. Kuring teu hayang katungkulkeun ku perasaan tur maehan logika. Kuring sieun leungiteun karidoan Pangeran.
Kang Yan angger nu kuring. Salaki kuring. Kawajiban kuring bela satia ka inyana. Ayeuna, Kang Yan keur aya dina cocoba, dihujat masarakat, ditaringgalkeun, dipajahkeun ajengan leumpeuh yuni, teu bisa ngeker napsu. Kuring, salaku pamajikan nu geus welasan taun marengan, geus apal sipatna jeung karakterna, hade gorengna, tangtu teu narima. Kang Yan teu sagoreng nu dituduhkeun ku masarakat. Kuring apal Kang Yan teu salah, teu kaluar tina katangtuan sareat Islam. Anapon jalma-jalma nganggap salah, eta hak maranehanana. Sakitu meureun kadar kaelmuanana.
Dina kaayaan saperti kieu, kasatian salaku pamajikan keur diuji bebeakan. Saeutik gedena, ukur kuring nu bisa meper amarah masarakat sangkan teu kateterusan ngahujat kadituna mikangewa. Ari rugi mah henteu da hirup teu tergantung ka batur, ngan asa teu genah karasana dipikangewa ku batur mah. Asa boga musuh. Saeutik-eutikeun kuring ditungtut kudu bisa mere penjelasan ka maranehna yen kawina Kang Yan lain karana napsu, tapi didasaran paniatan nu hade.
Cape... lungse. Ngajawab rupa-rupa pananya ti batur. Ti ibu-ibu majilis ta'lim, ti kanca mitra Kang Yan, oge ti dulur-dulur. Sabisa-bisa ngajawab ku jawaban nu sakira kahontal ku akal masing-masing pananya. Sabab maranehna ngabogaan kasang-tukang nu beda, tangtuna dina widang kaelmuanana. Nu poksang mah dijawab poksang deui. Nu seurieus, dikaitkeun jeung agama, dijawabna make dalil. Qur'an jeung hadits.
Sawareh naranyakeun naon alesanana pangna Kang Yan kawin deui. Teu kaharti cenah. Ditilik, taya alesan syar'i. Kuring, salaku pamajikan, sehat jasmani rohani, bisa mere turunan jeung sanggup ngawulaan. Ceuk kuring, tong cape-cape mikiran alesanana. Moal kahontal ku akal, cukup ditarima ku iman. Kuring sorangan teu pati masoalkeun alesanana, nu jadi kayakinan, sagala nu tumiba mangrupakeun bagean tina takdir nu geus digariskeun ti louh mahpudna keneh. Meureun takdir kuring, kudu didua dina umur rumah tangga 15 tuan.
Panonpoe angger nu kamari. Meletek ti beh wetan, surup ti beh kulon. Kalan-kalan, mun datang mangsana, peuting-peuting bulan ge nembongan. Angger sakitu-kituna. Taya nu robah, iwal cara pandang kuring boh ka bulan boh ka panonpoe. Ayeuna mah, neuteup panonpoe angger panonpoe, neutep bulan angger jiga bulan, teu jadi ungkara basa nu endah atawa runtuyan puisi pinilih. Eta meureun nu nyababkeun sobat-sobat nyarebutkeun, kuring nu ayeuna lain kuring nu kamari, sabab kuring geus leungiteun kaendahan rasa. Cag! (Tungtung taun, 2008)
***