Sat, 19-05-2012
Impik-implik

Samba Sunda Nu Motekar tina Tradisi

Pintonkeun di FB

Dina hiji waktu, di hiji palataran umum, di Negara Jerman, sakumna nu lalajo pidangan musik dina luhur panggung nu kawilang lega, teu wudu milu usik ngoyag-ngoyagkeun awakna. Beuki lila beuki reureundahan lir nu keuna ku sihir tina eta musik. Sawarehna bangun anu awor tur asup kana hambalan ekstase. Bari peureum teh, awakna mah angger milu usik kana wirahma musik nu memang matak genah diengklakan. Ana musik nutugkeun pidangan, nu kari ukur sora gumuruh keprok tangka ayeuh-ayeuhan. Sawarehna aya nu meredih make basa itu, "Sakali deui! Sakali deui!"

***

Eta teh kajadian di nagara Jerman sawatara taun katukang, basa grup musik etnik Samba Sunda nu diluluguan ku seniman Ismet Ruhimat ngalanglang Eropa. Padahal lagu nu dipidangkeunana estuning lagu Sunda kayaning "Hariring Peuting", "Bubuy Bulan", atawa "Es Lilin". Tapi nu ngaapresiasi bangun nu mikalandep pisan, jeung siga nu enya-enya ngarti kana eusi rumpakana.

"Sanes kitu, da kapan ari musik mah basa universal. Pangna urang deungeun sapertos nu ngaraksuk kana eusi musik teh, dumeh racikan musik nu ku sim kuring digarap masihan omber supados tiasa dipini'mat ku urang ditu (Eropa, red)," kitu ceuk Ismet basa hiji mangsa ngawangkong jeung Mangle satutasna midang dina acara Golempang di Bandung TV.

Miangna grup Samba Sunda ngalanglang Eropa harita, minangka nu kasakitu kalina makalangan dina pagelaran di nagri deungeun. Beh ditu-ditu mah, kapan meh saban taun, Grup Samba Sunda mayeng milu makalangan dina Festival Tongtong di nagri Walanda nu biasa diayakeun saban musim panas. Di dinya, ieu grup nu diwangun ku seniman alumni STSI Bandung teh pagilinggisik atawa bareng midang jeung musisi kahot saalam dunya. Ku mindeng milu makalangan dina even model kitu, ngaran Samba Sunda teu wudu dipikawanoh meh ku para musisi atawa pecinta seni ti lima benua.

"Alhamdulillah, dugi ka ayeuna sok sering bae komunikasi atawa korespondensi sareng musisi bangsa deungeun kanggo sili iberan ngeunaan informasi musik dunya mutahir atanapi nu panganyarna," ceuk Ismet deui.

Utamana di luar negri, grup musik Samba Sunda estu geus pada mikawanoh. Warna musik katut gaya pidanganana geus pada mikalandep. Kaharti, saban magelaran di luar negri, eta grup nu ngadeg dina awal taun 90-an teh teu wudu pada ngabageakeun. Mun pareng aya jadwal manggung di luar teu wudu pada nganti-nganti deuih.

Atuh ngaran Samba Sunda pikeun masarakat kota Bandung geus hamo bireuk deui. Saban aya acara nu diayakeun ku pamarentah dina skala badag, Samba Sunda teu weleh dihiras pikeun midang.

Miang tina Tradisi 

Ku lantaran para senimanna kaluaran sakola seni tea, atuh lebah ngagugulukeun seni tradisi teh geus kawilang pasehat deui. Lagu-lagu klasik boh pelog boh salendrona egus katalar deui luareun mastaka. Da puguh dina keur mangsa kuliah ge, eta materi geus mangrupa materi mumuluk saban isuk. Kaharti upama karakter musik tradisina teu weleh kapireng kandel keneh teh.

Memeh ngabungkeuleuk grup Samba Sunda, Ismet Ruhimat saparakanca kayaning Atay, Asep Aung, Efik Zulfikar, Dinda jeung sawatara seniman sejenna kungsi ngagarap lagu-lagu barat katut lagu-lagu nusantara nu dipirig ku gamelan degung. Tina eta kreasina teh, bet nguniang lagu Crazy, Willingly, My Heart Will Go On, atawa lagu Jawa, Bali, Sumatra, Irian, dipirigna nya ku gamelan degung.

Atuh karasa aheng?

Kantenan bae. Tiasa dicicipta kumaha jadina lagu Crazy nu kungsi dipopulerkeun ku Julio Iglasias, dipirig ku gamelan degung. Ari nu ngalaguna taya lian ti sora suling nu ditiup ku Asep Aung. Bet breh bae, Julio Iglesias keur ngahaleuang di tengah sawah kalawan dikasangan ku pemandangan pagunungan nu semu paul.

Ari nu matak pangling teh, eta bae ku konsepna. Da sidik kapan senimanna geus hatam deui tur pageuh dina tradisi, ana kudu ngarawelan lagu-lagu banda deungeun make pakakas tardisi teh bangun nu henteu kumareumbing teuing. Geus bisa dipastikeun, lebah mirig lagu deungeun teh, geus teu kudu deui nincak pola lagu catrik, kulu-kulu, banjaran, sinyur, bungur, atawa belenderan. Henteu. Ieu mah mirig dina pola mandiri, dapon tumbuk jeung lagu nu dipirigna tea. Ku kitu teh, horeng bias nembongkeun yen pakakas nu mibanda nada pentatonis (da-mi-na-ti-la-da) horeng bisa mirig lalaguan diatonis (do-re-mi-fa-so-la-si-do). Pikeun hipotesis tea mah, pakakas dina nada pentatonic teh estuning bisa mirig lagu dina nada-nada diatonis.

Engeuh kana hal eta, Ismet mitembeyan ngadumaniskeun pakakas pentatonis dina gamelan degung jeung pakakas diatonis dina pakakas band. Nya ti dinya, dina musik garapan Ismet teh katangen aya saron, kendang, goong, suling, gitar, bass, drum, conga, flute, biola, jeung pakakas deungeun sejenna. Ari lalaguan nu digarapna nyindekel kana lagu-lagu tradisi. Numatak kaharti, dina garapan Samba Sunda kaayeunakeun sok mindeng kapireng aya lagu-lagu pop Sundaan kayaning "Hariring Peuting", "Panon Hideung", "Bubuy Bulan", "Bulan Sapasi" atawa lalaguan mutahir nu keur sumedeng dipikalandep ku masarakat kayaning "Ulah Ceurik", "Pangandaran", "Kabogoh Jauh" jeung sajabana ti eta. Atawa mun perlu ngala lagu-lagu buhun nu diolah deui dina wanda kaayeunakeun kayaning "Jaleuleu", "Ceurik Rahwana", atawa lalaguan nu diala tina palataran tembang sunda cianjuran.

Hiji hal nu penting dicatet dina awak Samba Sunda, sok sanajan dina warna Samba Sunda leuwih kentel kana warna kolaborasi jeung eksplorasi, lebah kudu midangkeun lalaguan tradisi murni boh dina wanda degung, kiliningan, atawa jaipongan, katangen pisan tapis jeung parigelna. Para senimanna tara ieuh katangen ngawagu, sumawona matak jadi kateug onaman. Ieu mah estuning lancar-lancar bae, da puguh leuwina di dinya. Ana kudu kokojayan teuteuleuman teh tara ieuh kawas hayam panyambungan.

Hal eta katangen pisan basa grup Samba Sunda dipentes mirig para sinden nu tandang dina Pasanggiri dan Festival Sinden Piala Titim Fatimah nu diayakeun di Subang taun 2004, sawatara sinden nu dipirigna kabiruyungan nyangking kajuaraan, di antarana Nunung Nurmalasari, Rika Rafika, Mae Nurhayati, atawa Lilis Jinawi. Ceuk tadi ge, lebah mirig tabuhan tradisi tur klasik teh da geus puguh manukna deui.

Sakali deui, nu pasti dina garapan kola.

Warna tradisi nu natrat nembrak dina garapan Samba Sunda lain bae tina kualitas komposisi musik kolaborasi tea, tapi oge dumeh faktor nu ngahariringna. Di awal-awal ngadeg mah, Samba Sunda sok masangkeun Tetiyani Mugiono sina jadi juru kawihna. Eta juru kawih adi ti Nunung Nurmalasari teh kungsi makalangan babarengan jeung Samba Sunda dina sakitu lilana, boh manggung di Indonesia boh menggung di nagara deungeun. Ari beh dieuna, nu sok diangkir ngahaleuang teh nyaeta Rita Tila. Boh Tetiyani boh Rita duanana ge jurukawih petingan nu potensial tur gumiwang dina mangsa ka hareunakeun. Kapan Rita mah kungsi jadi Juara Umum dina Pasanggiri Sinden Piala Titim Fatimah anu munggaran, dilaksanakeun di Subang taun 2002.

Utamana pikeun Rita Tila, ieu teh mangrupa juru kawih nu kacida potensialna. Talentana estu pohara gedena. Ieu sinden urang Sukabumi teh, diajak ngahaleuang kiliningan hayu, jaipongan hayu, degung hayu, kacapian hayu, pop sundaan komo, tembang cianjuran oge okey pisan. Minangka catetan, dina taun 2001, Rita Tila teh juara pasanggiri tembang cianjuran nu diayakeun ku PINDAD rukun gawe jeung Daya Mahasiswa Sunda (Damas).  

Bangunna, Samba Sunda mah baris ngarenggenekkeun maneh dina warna kolaborasi, nu ngadumaniskeun musik tradisi jeung jeung musik barat. Ari nu disanggana mah nya lagu-lagu tradisi bae, boh nu diala tina gamelan degung atawa gamelan salendro.

Batara Samba

Kungsi ditalek naon pangna eta grup diaranan Samba Sunda. Naha dumeh aya warna-warna Brazilian? Ceuk lulugu ieu grup, Ismet Ruhimat, bisa bae masarakat boga interpretasi ka lebah dinya. Da teu arang deuih Ismet ge ngagarap lalaguan nu aya warna Latin. Tapi ceuk ieu dosen STSI nu nyusun tesis perkara kepesindenan Titim Fatimah teh, saenyana ngaran Samba Sunda diala tina ngaran pawayangan.

"Dina lalakon Ramayana aya tokoh wijaksana tur hade budi, namina Batara Samba. Ku ngala jenengan eta teh, sugan jeung sugan atuh ieu musik garapan abdi teh tiasa masihan lampu kahirupan ka balarea. Sahenteuna atuh mere kani'matan ngalangkungan musik," ceuk Ismet deui.

Iwal nu pasti, variabel 'Samba' dina eta ngaran grup musik teh teu wudu mawa barokah pareng dibawa ngalanglang ka nagri deungeun. Manakomo basa ngalanglang ka Amerika mah, variabel 'Samba' teh teu sirikna jadi eye catching pikeun sing saha bae. Sageuy teu kitu onaman mah, kapan di dinya aya kecap nu geus kacida nyayang tur ngaraksuk dina dada-dada urang Latin, musik Samba!

Kiwari, grup Samba Sunda geus namcebkeun adeg-adeg dina garapan musik kolaborasi. Demi nu diadumaniskeunana taya lian ti musik tradisi Sunda jeung pakakas barat. Eta dua entitas nu kacida paanggangna teh, ana diracik ku seniman anu motekar tur kreatif mah teu wudu matak ngahudang ni'mat anui pohara. Atuh dina palataran musik, racikan musik Samba Sunda ge teu wudu mere karakter anu mandiri, nu yakin pisan bisa dibedakeun jeung garapan kolaborasi musik ti mana bae. Tur matak nenggang deuih. Nenggang ku dumeh nyongcolang. Kitu! (dian hendra)

***

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula