Jadi Keluarga Asuh Perwira Siswa Sesko TNI, AD, Sesko AU, Sespim POLRI Mancanegara
"Pangdeudeul nu pinuh kaasih sarta kanyaah nu tanpa wates wangen ti aranjeun ka para perwira Angkatan Darat Republik Korea salila aya di Indonesia, mangrupa salah sahiji bagian anu bakal jadi panineungan nu hamo bisa dipopohokeun salilana ku para perwira Korea. Hiji hal anu ngadobrak wates ayana perbedaan budaya sarta basa.
Anjeun geus nyieun hiji tuladan, kumaha carana jalma-jalma anu beda bangsa jeung nagara bisa silih belaan, silih asih silih asah silih asuh. Kuring oge yakin yen anjeun geus neundeun hiji pondasi anu pageuh pikeun nohagaan tali mimitran antara dua nagara, Indonesia-Korea.
***
Naon anu dipilampah ku aranjeun dina beungkeutan Keluarga Asuh Perwira Mancanagara, anu ngadeudeul tur mikanyaah para perwira pinilih ti sakuliah dunya anu milu pendidikan di Indonesia, pangabakti aranjeun bakal mere sumbangan kana ngawujudna karepeh-rapihan dunya." kitu kurang leuwih surat pribadi nu dikirimkeun ku Jendral Kim, Pan Kyu, Kepala Staf Angkatan Darat Republik Korea, dina Bulan Oktober 2002 ka pun lanceuk, bapana barudak, Daryat Sudarya, waktu anjeunna harita kaselir jadi Ketua Harian Keluarga Asuh Perwira Siswa Mancanagara.
Pa Daryat teu nyangka tina ngalakukeun kagiatan nu karasana biasa, kumaha bae ilaharna sikep kulawarga, antara kolot jeung anakna, atawa antara lanceuk jeung adi. Dina waktu-waktu nu salse sok sok silih anjangan atawa jalan-jalan, asa taya anehna. Ngajenan jeung ngaku ka semah ti jauhna asa kagero geusan leuwih midulur leuwih deukeut migeugeut sangkan baretaheun, heug ieu mah di lembur urangna teh ngadon tolabul elmu. Kapan cenah pribumi mah kudu hade ka semah, wajar pisan lamun jadi indung bapa keur maranehna sapanjang tolabul elmu di Bandung. Tapi tetela anu dianggap biasa teh, ku batur mah diajenan luhur nepi ka disebutkeun milu andil kana ngawujudna karepeh-rapihan dunya sagala rupa.
Perwira Siswa Mancanegara
Unggal taun kurang leuwih aya tilu puluhan perwira-perwira pilihan ti Asia, Afrika, Australia, Eropa jeung Amerika milu pendidikan di Sesko TNI jeung Sesko AD nu aya di Bandung, Sespimpol jeung Sesko AU di Lembang sarta Sesko AL di Jakarta. Maranehna, aya nu mawa kulawargana, aya anu nu henteu mawa. Maratuhna aya nu di Mess anu disayagikeun ku Sesko, aya oge anu ngontrak di luar Sesko ngabaur jeung masarakat biasa.
Anu mawa kulawarga, anak-anakna sok disakolakeun, aya nu di International School, aya oge nu milih SD nu deukeut ka imahna, saperti perwira ti Malaysia Mayor Raja Mohar bin Raja Bahari, anakna sakola di SD Pagerwangi Lembang, da atuh sohor eta mah budak teh, lamun nanyakeun ngaran Mukri anak Raja Mohar ti Malaysia, geus moal aya nu bireuk deui salembur eta mah. Kabeh wanoh ka Mukri.
Ari Keluarga Asuh Perwira Siswa Mancanagara SeskoTNI, SeskoAD,SeskoAU jeung Sespimpolri teh mangrupa beungkeutan kulawarga TNI, Polri jeung masarakat sipil biasa, anu sacara sukarela sadia pikeun ngaping para perwira mancanagara jeung kulawargana salila maranehna tolabul elmu di Indonesia. Dituyun diaping dibingbing pikeun ngawanohkeun kana kaayaan sosial budaya masarakat Indonesia umumna, masarakat Jawa Barat hususna. Dipharepkeun sangkan para perwira mancanagara jeung kulawargana bisa wanoh kana kaayaan sosial budaya Bangsa Indonesia anu sabenerna nu saterusna bisa mere katerangan anu saimbang dina waktu maranehna geus mulang ka nagarana masing-masing. Ulah tepi ka nyerep beja-beja nu negatip bae nu diwartakeun dina media masa mancanagara. Ulah tepi ka kajadian salah informas. Beungkeutan Keluarga Asuh Perwira Siswa Mancanagara ngadeg tanggal 6 Juni taun1983 ku alpukahna Bapa Kolonel (Inf.)TNI-AD, Otje Djungdjunan alm., nalika anjeunna jeneng Walikota Bandung, dirojong ku Komandan Seskoau harita,Bapa Kolonel (Penerbang) TNI-AU Luli Wardiman alm. sareng Wakil Komandan Seskoau, Bapa Kolonel (Penerbang) TNI-AU Momo Diran alm. Harita anjeunna nitenan kaayaan para perwira siswa mancanagara nu keur pendidikan di Sesko-sesko di Bandung, loba anu ngarasa tibelat ka lemah caina, sakumaha nu kaalaman ku Pa Otje Djundjunan, Pa DSiran waktu tolabul elmu di Kualalumpur Malaysia, ngarasa cuang-cieung taya geusan pakumaha. Lebah dinyana mah teu ngabibisani, da kulawarga Pa Daryat ge kungsi diboyong ka India waktu Bapana barudak pendidikan di nagarana Ray Kapoor. Ari geus inget ka lembur teh, mun kurang-kurangna kuat iman mah matak bolay kana tugas, komo deui ieu para perwira teh lolobana mah ngarora keneh. Nya Pa Otje sareng Ibu Popong ngumpulkeun sababaraha kulawarga pikeun jadi kulawarga asuh. Tetela pada ngarojong, alpukah meunang pangajen anu hade luyu jeung budaya urang, pangpangna Sunda anu teu weleh hade ka semah. Para Komandan Sesko bingah manah, ngarojong jeung ngajurung laku ka nu kagungan alpukah. Pok-pek-breng weh ngadegkeun beungkeutan Keluarga Asuh Perwira Siswa Mancanagara SeskoTNI, SeskoAD,SeskoAU,SeskoAL jeung Sespimpolri. Ngan kulantaran SeskoAl mah ayana di Jakarta, ti taun 2002, diurusna ku Bapa Suryatna Subrata nu harita masih di Jakarta. Organisasina diwangun ku Koordinator anu tugasna mere pengarahan sarta nangtukeun jadwal kagiatan jeung ngayakeun kordinasi kagiatan ka Sesko-Sesko jeung Sespimpol. Pangurus Harian anu tugasna ngalaksanakan rencana kagiatan, para anggota tugasna ngayakeun kagiatan jeung kulawarga perwira siswa anu aya diasuhna.
Basa Pa Daryat sababaraha waktu nu geus kaliwat ngobrol sareng Ceu Popong, kaungkabkeun naon saenyana kasang tukang ngadegna Kulawarga Asuh Pasis Mancanagara teh, di antarana :
Hayang ngawanohkeun karakter Bangsa Indonesia nu sabenarna, nu mibanda sipat someah hade ka semah, darehdeh wsarta akuan. Hal ieu kadieunakeun beuki karasa pentingna dina raraga mere kasaimbangan kana beja-beja ngeunaan Indonesia nu negatip bae n u dimuat dina mass media luar nagri
Hayang ngawanohkeun ragam budaya Nusantara, boh widang seni budaya, boh katedaan jeung adat istiadat. Hayang ngebrehkeun yen Bangsa Indonesia merdeka teh hasil tina perjuangan rayat jeung TNI. Hayang ngawanohkeun ragam wisata Indonesia, budaya, kaendahan alam jeung obyek wisata katut seni na . Nu dipiharep para perwira teh mun geus baralik deui ka nagarana teh bisa jadi tukang promosi wisata Indonesia. Ngeusian amanah nu kaunggel dina UUD 45, nyaeta milu miara katengtreman dunya, sabab nu kaalaman tug nepi ka kiwari, tatali batin antara Kulawarga Asuh jeung para perwira mancanagara teh terus nganteng teu pegat, sanajan geus kahalangan ku waktu jeung anggangna antara nagara-nagara di mancanagara jeunhg Indonesia. Mun pareng aya perwira mancanagara anu datang ka Indonesia, maranehna sok ngahajakeun nyimpang, nepungan kulawarga asuhna, sumawonna mun ti Kulawarga Asuh aya nu ka luar nagri, heug kabeneran aya dulur/anak asuhna, tinggal telepon heula, biasana di ditu teh sok dipapagkeun tur dianteur ka mana bae kahayang urang.
Ku ayana Kulawarga Asuh di Bandung, para perwira mancanagara teh teu cuang-cieung teuing, nu dipiharep sangkan maranehna ngarasa senang jeung betah ngumbara di Indonesia, sarta ahirna bisa ngarengsekeun tugasna saluyu jeung nu dipiharep ku nagarana. Aya kulawarga nu milu ngasuh jeung mantuan mun pareng aya karerepet, hal ieu teh gede pangaruhna kana katengtreman diajar salila maranehna ngalakonan tugas diajar di Sesko, sarta sacara henteu langsung jadi ngahampangkeun atawa mantuan turta jadi bekel ludeung sapanjang mancen tugas pendidikan di Sesko.
Anggota Keluarga Asuh datang ti rupa-rupa kalangan, aya pejabat jeung mantan pejabat militer atawa sipil, pengusaha, dokter, pengacara, guru, dosen jeung nu sejenna deui. Nu penting mah aya kasadiaan pikeun ngaping jeung resep gaul.
Koordinator Keluarga Asuh nu ayeuna : Bapa Letjen (Purn.) Suryatna Subrata, Ibu Popong Otje Djungdjunan, Bapa Dedem Ruhlia, jeung Bapa Djoni Aluwi SH., tugasna dibagilirkeun sakali sewang, kiwari nu kapapancenan jadi kordinator nyaeta Bapa Djoni Aluwi SH. Ari Ketua Harian dibagilirkeun di antara anggota, kiwari nu kapapancenan tugas teh nyaeta Ibu Ida Farida Djoni Aluwi.
Kagiatan Keluarga Asuh
Dina ngalaksanakeun kagiatanana Keluarga Asuh dibantu ku Komandan Korps Siswa ti Sesko-Sesko, waktuna teu sagawayah da kudu disaluyukeun jeung jadwal sakola para siswa mancanagara, biasana kagiatan babarengan diayakeun sabulan sakali. Resep mun geus karumpul teh, sakabeh perwira siswa jeung kulawargana teh mangrupa gambaran komunitas leutik bangsa-bangsa sadunya, nu kulitna hideung ti nagara-nagara Afrika kayaning Madagaskar, Burkina Faso, Tanzania, Nigeria jeung nu sejenna deui, kulit koneng jeung sawo mateng ti Asia kayaning ti India, Pakistan, Malaysia, Brunei, Singapura, Vietnam, Laos, Philipina, Korea, Thailand, Saudi Arabia jeung sejenna, kulit bodas ti Amerika, Australia, Jerman. Pagalo jadi hiji.
Kagiatan bulanan babarengan biasana ngadongdon obyek wisata nu aya di Tatar Bandung, atawa ngadongdon tempat-tempat anu ngandung sajarah di antarana Gedong Merdeka, Musieum, Gedong Sate , Saung Angklung Udjo jeung kasenian daerah lianna, oge ngadongdon obyek wisata di luar Bandung bari sakalian natamu ka kabupaten-kabupaten, terus olahraga bareng di Sesko AU Lembang jeung rupa-rupa deui kagiatan. Matak nineung ari ngayakeun silaturahmi ka kabupaten-kabupaten, pada ngaku pada midulur. Jenengan Ceu Popong, Pa Dedem Ruhlia, Pa Suryatna Subrata, Pa Djoni Aluwi, jeung pamorna Sesko-Sesko nu leubeut ku jendral-jendral, beuki narik rasa kapanasaran anu hayang tepung lawung jeung urang mancanagara, ari ditarima di kabupaten teh mani sok dihormat-hormat pisan.
Sesko AU mah ari ngayakeun Kuliah Kerja teh sok ka tempat nu rada anggang, kayaning ka NTB, Makasar, Medan jeung ka tempat nu sejenna deui, biasana Keluarga Asuh oge sok dibere jatah nyarengan, atoh bae nu aya da teu unggal jalma atuh bisa tumpak Hercules, pesawat udara paranti ngangkut pasukan tea, sanajan nu sok mindeng numpak kapal udara oge, ari kana Hercules mah, langka kaalaman.
Kagiatan-kagiatan, diwaragadan rereongan. Ari pasilitas mah dibantuan ti Sesko, ngan lamun aya kakurangan biasana ditutup ku koordinator, pangpangna Bapa Djoni Aluwi SH, nu gede pisan katineungna kana lancarna kagiatan Keluarga Asuh. Sajeroning kitu, kagiatan pribadi anggota jeung asuhanana mah diserenkeun ka jinisna sewang-sewangan, biasana mah sok silih anjangan sakumaha jeung kadang kulawarga, kancda mitra katut sobat-sobat, silih asaan masakan, mun pareng aya ondangan sok ngahaja dibawa ambeh apal kana adat istiadat upacara di Pasundan, diajak balanja ka Pasarbaru, diajak ningali pintonan kasenian di STSI Buah Batu, ngadongdon obyek wisata sabudereun Bandung nu tacan kadongdon, jeung sajabana, estuning hal anu biasa bae pikeun urang mah. Kacida raresepeunana eta teh, asa bener5-bener diaku. Kadangkala saperti nu kajadian jeung Ryu Wan Soo perwira ti Korea tea, menta bantuan pangneangankeun supir, tur kabeneran meureun supirna teh kapake pisan, beu nganuhunkeunana oge mani bebeakan.
Hubungan Kakulawargaan
Ku campur gaul jeung para perwira mancanagara teh, beuki apal kana adat kabiasaan masing-masing bangsa, aya nu someah kawas urang Pasundan, aya nu tukuh kana disiplin, da eta bae lamun rek ngajak jalan-jalan atawa rek nganjang ka manehna kudu nyieun perjangjian heula dua minggu samemehna, tapi lolobana mah, utamana urang Asia, meh taya bedana jeung urang, iraha bae dianjangan teu weleh ditarima dihormat-hormat, mun perelu mah kajeun acara maranehna dibolaykeun atawa ditunda heula. Ngakuna kawas ka kolot sorangan we, jiga ka dulur pet ku hinis, henteu tumarumpang, nyebutna ge mamah jeung bapa, pon kitu anak-anakna oge njebut grandpa jeung grandma (nini jeung aki). Ari urang Pakistan (kebeneran sabaraha kali boga anak asuh teh urang Pakistan), nyebut aki teh Nana-bu, ari nyebut nini Nani-ma.
Lulus ti Sesko, pangpangna ti SeskoTNI, biasana langsung jeneng, aya nu jadi Atase militer di Indonesia, oge di nagara-nagara lianna, oge di nagarana masing-masing. Kanyahoan teh basa aya acara di Sesko-sesko pareng diondang, pareng papanggih jeung maranehna tetela aya anu jadi atase militer. Ngakuna tetep henteu robah, sanajan lamun dina acara resmi sok make pakean upacara resmi, tetep bae silih rangkul teu kahalangan ku pakean saragam.
Sabada maranehna tamat pendidikan terus marulang ka nagarana masing-masing, silaturahmi teu pegat, malah leuwih raket deui. Hubungan jeung maranehna tetep lumangsung ku jalan susuratan atawa make E-mail atawa make SMS, silih tepikeun beja nu kalaaman ku kulawarga asuh jeung perwira siswa asuhanana.
Aya nu ngabejaan yen meunang promosi dina jabatanana, imeut beja-beja ditepikeun tepi ka istrina ngalahirkeun oge kabeh ditepikeun. Ngondang mah pikeun datang ka nagarana meh saban usik, cenah hayang kaanjangan bari nyacapkeun kasono da kiwari geus jareneng.
Kaalaman basa Pa Djoni Aluwi sarimbit Umroh, di Madinah Kepala Polisina teh lulusan Sespimpolri nu diasuh pisan ku Pa Djoni, atuh dihormat-hormatna ge alahbatan ka pejabat nagara bae salila di Madinah teh.
Hiji mangsa mah, sababaraha urang keluarga Asuh diluluguan ku Bapa Djoni sareng Ibu Ida Farida Djoni ngadon nganjang ka Brunei Darussalam, atuh di Bandara Bandar Sri Begawan keneh geus dipapag ku para kolonel alumni Sesko, turun tina kapal teh geus ngajarega ngawilujengkeun bari dibarengan paroman anu marahmay tandaning atoh, bari masih keneh make seragam eta teh. Meureun ceuk para panumpang sejen teh, ieu nu daratang teh pasti para jendral jeung kulawargana, da nu mapagna oge para kolonel. Berekah lima poe di Brunei teh pada marebutkeun, pada ngangkir pikeun dituangkeun, aya aturan sapoe barang tuang teh nepi ka lima kali da unggal alumni hayang kaanjangan bari salawasna disayagikeun tuang. Eta we, mulang ti Brunei teh rata-rata timbangan awak naek lima kilogram bari rebo ku oleh-oleh . Cape awak teh da unggal poe acara ti isuk nepi ka peuting .
Kitu deui basa nedunan ondangan ti salah saurang alumni di Malaysia, sababaraha kulawarga asuh tumpak Air Asia, eta mah da kru pesawatna oge lulusan Sesko AU, anak-anak asuh keneh, atuh laluasa korsi geus dibukingkeun, bisa ngasaan di cockfit sagala. Atuh di Malaysia kacida diistimewakeunana, di ondangan oge disatatakeun jeung Kepala Stap Angkatan Udara Diraja Malaysia, anu sarua lulusan Sesko AU.
Para perwirana mah di dieu malah sosobatan. Ceu Popong basa ka Beijing, dina hiji acara kumpulan para lansia, ngaraos kaget aya nu nembang lagu Halo-halo Bandung, basa ditanyakeun, cenah diajar ku anakna nu kungsi sakola di Sesko di Bandung. Basa di Kamboja aya krisis politik, aya salah saurang perwirana nu embungeun mulang ka Kamboja, lantaran nu keur kawasa harita lawan politikna, tapi dijamin ku baturna nu biluk ka nu keur kawasa, "Teu kudu sieun pan aya kuring nu rek ngabelaan anjeun" meureun kitu basana teh.
Pangdam III Siliwangi nu ayeuna oge, Bapa Mayjen Suroyo Gino, waktos anjeunna janten Dan Korsis di SeskoAD, kitu deui Bapak Marsekal TNI Subandrio nu kiwari jadi Kepala Staf Angkatan Udara, ti waktos anjeunna Wadan SeskoAu keneh, kungsi sagulung-sagalang reujeung Keluarga Asuh. Nu matak basa tipayun Bapa Subandrio ditunjuk janten KSAU ku Presiden SBY, keluarga asuh mah kapan husus diondang ka bumi dinesna di Jakarta pikeun silaturahmi sareng sukuran, bari dianteur ku beus ti Seskoau Lembang nyemprunjg ka Jakarta, wilujenjhg Bapa...wilujeng!.
Diungkabkeun ku Ibu sareng Bapa Daryat Sudarya ka MANGLE
Bahan: Wawancara sareng Ceu Popong, Pa Djoni Aluwi, Ibu Farida Djoni Aluwi
Catetan-catetan Kulawarga Asuh.