Di Imah Dinyenyeri, Jadi TKW Bet Disiksa
Keur ngora dinyenyeri ku salaki, nepi ka luas indit jadi TKW ka Arab Saudi. Geus jadi TKW kalah ka remen disiksa ku dunungan. Teu kuat nandangan panyiksa, antukna kabur ka tempat penampungan. Meunang jodo ka supir urang Cirebon, nepi ka boga anak hiji.
Lantaran visa dijabel ku dununganana, basa aya razia teh dicerek, tuluy dikerem di kantor pulisi bareng jeung budak katut salakina. Di dinya dituduh jadi TKW illegal.
Matak sedih puguh, budak maot di kantor pulisi, di nagri deungeun. Dikuburkeunana teh duka teuing di mana. Deudeuh teuing anaking, nasib teh bet ku sue-sue pisan.
Kuring teh boga anak tujuh. Nu genep urang mah jalu, nu saurang deui awewe. Ceuk batur mah, anak kuring nu awewe teh geulis. Kulitna koneng umyang. Pangawakanana jangkung leutik. Ti keur rumaja keneh, loba nu hayangeun. Ngan budakna we, cenah can beger. Duka teuing bener henteuna mah, sabab sapopoe ge kuring mah cicing di Bandung, usaha. Ari barudak, cicing di lembur jeung indungna. Balik teh sok sabulan sakali.
Ceuk kolot baheula mah, lamun boga budak nunggal, saban bulan kudu dibayuan ku lanceuk jeung adi-adina. Duka teuing naon maksudna. Duka teuing keur nyareatan, sangkan budak awewe nu ngan hiji-hijina teh dipanjangkeun umurna, dimurahkeun rejekina. Hanjakalna, budak awewe teh, boh ku lanceukna boh ku adina, tara dibere nanaon. Boro-boro mere duit keur dulur, keur hirup soranganeun ge teu cukup. Karunya bae nu aya, sabab hirupna susah.
Pikeun kuring mah teu nanaon, najan teu dibere ku lanceuk atawa ku adina oge, kuring masih keneh sanggup ngabayuanana. Sanggup nyakolakeun budak keneh. Nu penting mah, budak sehat, teu ririwit. Soal rejeki, jodo jeung pati mah, aya dina panangan Gusti Nu Maha Kawasa.
Rumasa unggal poe teh langka papanggih jeung barudak. Kuring kapan dagang di kota Bandung. Sedengkeun barudak cicing jeung indungna di lembur, di daerah Cikijing Kabupaten Majalengka.
Nasib budak awewe teh, beda jeung budak lalaki. Ti rumaja keneh, geus diadu-adu ka Si Caca, urang Madiun. Manehna teh boga pabrik kurupuk. Si Caca teh bogoheun pisan ka anak kuring. Lamun budak kawin jeung Si Caca, hirupna teh moal susah-susah pisan. Padahal harita teh, budak mah geus boga kabogoh ka Si Wira urang Tasikmalaya. Bobogohan teh maling-maling ti kolot. Teu nyaho indung bapa puguh ge.
Kahayang kolot mah, pangna ngadu-ngadu atawa mangmilihkeun pisalakieun teh, supaya budak bisa macakal sorangan, ulah gumantung bae ka kolot. Sedengkeun lamun kawin ka Si Wira, hirupna bakal sangsara, sabab Si Wira mah teu bogaeun gawe. Tapi ku indungna dipaksa dititah kawin ka Si Caca. Nepi ka kawinna teh teu lana.
Sanggeus pepegatan jeung Si Caca, budak teh kawin deui ka tukang peuteuy, tatanggana. Nepi ka boga budak dua. Hirup rumah tangga jeung tukang peuteuy rada lila, nepi ka boga budak dua. Teu ku hanteu, salakina maot, basa dioperasi usus buntu di rumah sakit.
Teu kungsi sataun ti harita, budak kawin deui jeung tukang rongsokan, nepi ka boga budak dua deui. Lantaran hirupna susah jeung susah bae, ahirna budak nekad rek indit digawe ka Arab Saudi jadi TKW.
Indit jadi TKW ka Arab teh, lain sakali bae, tapi geus aya kana tilu kalina. Geus dijieun jalan ka cai. Katilu kalina indit mah, balikna teh ngan kari ngaran. Sabab budak maot basa ditahan ku pulisi Arab. Layonna cenah dikuburkeun di Arab, teu bisa dibawa balik ka lembur, teu boga duit keur waragadna.
Deudeuh teuing...!
Menta Parurugi
Basa kawin ka Si Caca teh, parawan jeung bujang. Diadu-adu ku indungna. Ngarah budak bisa macakal. Kapan si Caca mah boga pabrik kurupuk. Lantaran kawinna kapaksa jeung dipaksa, budak teh teu ridoeun. Beungeut nyangharep ati mungkir. Teu ridoeun.
Rumah tanggana pakucrut bae. Unggal poe remen pasea. Salakina remen dicakaran, nepi ka ahirna titirah ka lemburna. Di lemburna ge, tetep bae remen pasea, malah make jeung menta diserahkeun sagala. Lantaran geus teu ridoeun deui dipihukum, ahirna ku salakina teh diserahkeun. Sanggeus budak diserahkeun, dulur-dulurna menta parurugi. Duit bawa seserahan jeung barang-barang sejenna, menta digantian deui. Dipulangkeun deui.
Aya kana lima kalina mah rundingan teh. Tetep ti pihak lalaki nu diwakilan ku dulur-dulurna menta parurugi. Duit jeung barang-barang pamere ti lalaki, kudu dipulangkeun deui kalawan gembleng, teu aya nu kacoceng.
Rek malikeun duit kumaha, duit pamere teh beak dipake hajat. Bororaah bisa mulangkeun, hutang urut hajat ge can lunas. Kari-kari ayeuna menta dipulangkeun deui, asa ku ngarareunah teuing. Bingung puguh, kuring mah ti pihak awewe ngan diwakilan ku sorangan, sedengkeun ti pihak lalaki, diwakilan ku dulur-dulur jeung tatangga deukeutna. Pasti kuring bakal eleh, kudu mulangkeun duit deui ka pihak lalaki. Tapi ke heulaanan, ari kudu mulangkeun duit deui mah, sabab duitna geus beak.
Dina riungan nu pamungkas mah, kuring nekad, ngomong pertengtang. Rek daek atawa moal, duit teh rek dipulangkeun satengahna. Teu nanaon, duit jeung barang-barang dibikeun kabehanana, asal kuring menta tanjakan.
"Tanjakan naon?" ceuk salah saurang wakil ti pihak lalaki.
"Dahareun nu geus didahar ku tamu ti pihak lalaki, kabehanana kudu diutahkeun deui. Ulah tuluy didahar," pok teh bari imut.
Kabeh nu aya dina jero riungan, euweuh nu nyoara deui. Saurang-saurang ngolesed, arindit ka luar tina riungan. Nu tadina ngomong heuras pisan, ayeuna mah teu bisa ngomong deui. Kawas nu eraeun. Indung bapana ge antukna mah indit kaluar tina riungan. Parurugi teh ku kuring digantian satengahna.
Basa diserahkeun ku si Caca teh, budak geus boga anak hiji. Budak ti si Caca. Tapi ceuk anak kuring mah, budak teh lain ti si Caca, tapi ti si Wira. Kabogohna. Basa rek dikawinkeun ka si Caca teh, ku Si Wira geus dipiheulaan manten.
Ditinggalkeun Maot
Sanggeus aya kana sataunna rarandaan, budak kawin jeung bandar peuteuy, tatanggana. Kawinna teu dipaksa cara ti heula, ieu mah estu pada bogoh, kahayang sorangan.
Rumah tangga jeung tukang peuteuy teh aya kana sapuluh taunna, malah nepi ka budak anak dua. Rumah tangga keur tengtrem ayem, dumadakan gogoda sok aya bae. Salakina gering, kudu dioperasi di rumah sakit di kota Bandung. Keur waragad operasi teh lain saeutik-saeutik, tapi aya kana jutaanana. Leuheung lamun matak cageur mah, ieu mah tuluy nepi ka hanteuna. Maot di rumah sakit, teu menyat deui.
Karunya puguh ka budak teh. Sapopoena teu boga gawe. Cicing di imah bae. Keur ngabayuan budak teh ku kuring sok dikiriman unggal bulan.
Ari jodo budak mah, memang deet. Babari pisan meunang jodo. Bubuhan budak teh geulis. Najan geus boga budak tilu ge, katingalina masih geulis, masih seger keneh.
Teu kungsi sataun ti tas maot salakina, budak meunang jodo deui ka tukang rongsokan.
Dinyenyeri ku Salaki
Boga salaki ka tukang rongsokan, panyana teh rek hirup senang. Kalah ka hirupna beuki ripuh. Hayang mere duit ka anakna nu dititipkeun ka kuring ge, sok remen dicarek ku salakina. Dibere duit ngan saukur lima ratus perak. Mahi kana naon? Lamun hayang boga duit, maneh kudu daek digawe sorangan," ceuk salakina kawas nu ambek.
Anak kuring datang ka imah bari ceurik ngagukguk. Lantaran teu bisa mere duit keur barudak nu dipihapekeun ka kuring. Padahal kuring mah tara menta duit keur barudak. Kuring ge masih sanggup ngabiayaan. Nu penting mah, manehna bisa rukun. Bisa senang.
"Pa, ku margi hirup teh susah jeung susah bae, abdi mah bade nekad, rek milarian damel ka Arab," ceuk anak kuring bari ramisak.
"Rek jadi TKW?"
"Sumuhun..!" pokna deui dareuda.
"Naha geus meunang idin kitu ti salaki?" ceuk kuring nanya ka budak.
"Najan teu diidinan oge, abdi mah bade luas bae. Bade pipisahan oge teu nanaon," tembalna teh.
Padahal kawin ka tukang rongsokan teh geus boga anak dua. Ari budak rek dikumahakeun kitu? Lantaran budak geus nekad, hayang ngarobah nasib. Kuring ge teu bisa nyarek. Kuring salaku nu jadi kolot, ngan saukur ngadoa ka Gusti Alloh Nu Maha Kawasa, sangkan budak salamet diperjalananana. Dimurahkeun rejekina jeung balikna bisa salamet deui.
Indit ka Arab jadi TKW teh, lain ngan saukur sakali, tapi aya kana tilu kalina. Balik ti Arab teh, bisa nyieun imah di lembur. Nyakolakeun barudak jeung mere duit ka kolot sagala.
Remen Disiksa
Basa budak miang ka Arab nu katilu kalina, manehna nyuratan ka kuring, yen dunungan nu ayeuna mah beda jeung nu baheula. Nu ayeuna mah dunungan teh galak pisan, cenah. Teu kaop salah saeutik, sok nyiksa, tara dibere dahar sapoe jeput. Manehna ge remen ngangluh, teu betah digawe di dunungan nu anyar mah. Kahayangna mah kabur, ngan hese pisan neangan kasempetanana.
Deudeuh teuing anaking. Hirup di nagara deungeun teh, lain senang, matak pikagumbiraeun kolot, tapi kalah ka pisangsaraeun. Nyana pisangsaraeun mah, leuwih hade balik deui bae ka lembur. Duit ladang digawe dua jirangan ge, da aya keneh, moal beak. Komo lamun digolangkeun mah. Dadagangan di lembur, meureun moal sangsara-sangsara pisan.
Surat budak ti Arab teh, unggal bulan meh murudul. Malah ayeuna mah ngadongengkeun, yen manehna teh geus kabur ti dununganana. Tuluy cicing di salah sahiji tempat penampungan TKW. Di tempat penampungan ieu, manehna geus hahadean jeung sopir treuk urang Cirebon. Lamun disaluyuan mah, rek kawin jeung sopir tea, ceuk dina surat mah.
Kuring salaku kolotna atoh bae nu aya. Ngarah manehna aya pikeun pakumaha, teu cuang-cieung sorangan. Komo mun geus jadi salaki-pamajikan mah, meureun duit teh ngumpulna bakal leuwih loba deui. Pikeun pibekelan jaga lamun balik ka lembur.
Ceuk budak teh, manehna geus kawin ka sopir urang Cirebon tea. Malah ayeuna keur keureuneuh, cenah. Keun we, kuring mah atoh nu aya. Najan jauh jeung anak, teu petot-petot ngadoa ka Nu Maha Kawasa, sangkan dipaparin kasalametan dunya sinareng aherat.
Ngan surat nu panganyarna mah, manehna teh ngabejakeun, ditangkep ku pulisi Arab waktu dirazia, lantaran teu boga visa. Sabab, visa manehna dijabel ku dununganana. Manehna dikerem di kantor pulisi jeung salakina. Basa dikerem teh, budak kakara umur lima bulan, cenah.
Kari Ngaran
Biasana mah surat ti Arab teh, unggal bulan ge sok datang bae. Budak remen nyuratan atawa nelepon ka kuring, ngabejakeun kaayaan manehnna di negeri deungeun. Harita mah, boh surat boh telepon, lebeng didago-dago teh teu jol datang bae. Duka teuing ku naon? Kuring ge teu nyaho. Boa kitu budak teh gering? Ah, lamun gering mah, atuh salakina nu nyuratan.
Enya bae, teu kungsi lila ti harita, surat ti Arab datang. Surat teh, lain ti budak, tapi ti salakina. Ngabejakeun yen budak maot di jero tahanan. Layonna geus dikurubkeun di Arab. Teu bisa dipulangkeun ka lembur, kusabab teu boga duit keur waragadna.
Langit nu tadina bengras, ngadadak aleum. Teu nyangka budak teh, bakal maot di negeri deungeun. Kahayang mah layonna teh dipulangkeun ka lembur, tapi kudu boga duit aya kana lima belas jutana. Ti mana boga duit sakitu mah.
Keun bae, nyai! Dikubur di Arab atawa di lembur ge sarua keneh. Sabab, sarua tanah Gusti Alloh. Nu penting mah, urang sing dicaangkeun di aherat. Ditarima imanna jeung islamna. Nyai teh, geuningan ayeuna mah geus boga gelar hajjah. Bagja temen. Bapa mah, boa bisa, boa moal kalaksanakeun hayang munggah haji teh.*** (sakumaha nu dicaritakeun ku Pa Oha ti Cikijing Majalengka ka Wanem/02)
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heulaFian Priatna ngomentaran:
Kedah janten perhatosan kanggo para pajabat terkait...