Ladang Kuli di Luar Nagri Dipake Kawin Salaki
Asa rek bagja. Bisa balik kalayan salamet. Dua taun digawe di Saudi Arabia, tinekanan bisa mulang deui ka sarakan. Angkanan, geus di lembur mah rek reureuh, rek ngawarung, moal indit deui ka luar nagri, hayang ngurus budak jeung salaki. Tapi, di lembur disampakeun maru. Salaki kawin deui, waragad sapopoena beunang kuring ngababuan di nagri deungeun.
***
Teu apal salaki kawin deui. Kolot di lembur, kitu deui dulur jeung baraya taya nu ngabejaan. Matak, balik teh haget naker. Asa sagok-gokeun panggih jeung barudak, tepung jeung salaki, ngariung deui jeung kulawarga.
Indit kuli jadi Tenaga Kerja Wanita (TKW) teh sawatara taun ka tukang, waktu si Cikal keur kelas opat SD. Ayeuna geus kelas tujuh (kelas 1 SMP). Kurang leuwih opat taun, ampleng-amplengan ngababuan, purah ngasuh anak dunungan. Kabeneran nu dikulian teh bageur. Pancen kuring ukur ngasuh, nalingakeun budak dunungan.
Mimiti mah memang teu betah. Indit soteh maksakeun maneh. Lain teu percaya kana kamampuhan salaki ngabayuan rumah tangga. Tapi, da kitu buktina. Pangasilan salaki kula-kuli sakasampeurna mah, jauh tangeh kana picukupeun. Malah ketang, mimidengna mah salaki teh, tara ka mana-mana, ukur ngaligeuh.
Dina kaayaan kitu, kuring wakca ka salaki. Cekeng teh, rek kuli, jadi TKW kawas batur. Enya, urang Cilawu, Garut Jawa Barat mah, loba nu kuli ka Arab teh. Nu ti heula-heula ge, nu junun jeung kaparengan ku milikna, teu burung bisa ngiriman duit ka lembur, dipateakeun ku salakina dipake meulian tanah jeung ngomean imah. Atuh waktu manehna balik teh kari neruskeun, kari ngamangpaatkeun hasil kuli ti luar nagri tea. Cindekna, boga bekel keur di lembur, boga bekel keur nyakolakeun budak. Tah, kahayang mah kawas kitu, hayang cara batur bisa ngabayuan rumah tangga.
Ngudag Harepan
Inget keneh, harita teh, kuring miang dituturkeun ku reumbayna cimata budak. Tapi, dalah dikumaha. Beurat-beurat ge kapaksa luluasan ninggalkeun kulawarga. Kuring kapaksa ninggalkeun budak satilu-tilu, mangka nu pangleutikna mah kakara lima taun. Budak teh, dititipkeun di ema, indung kuring.
Lain teu apal, loba TKW nu ahirna kuciwa, boh lantaran pagawean teu cocog jeung kahayang, boh ahirna dipangnyandungkeun ku salaki. Tapi, harita, pikiran-pikiran goreng kawas kitu teh satekah polah dijauhan. Kuring percaya ka salaki, piraku manehna teu nyaah ka kulawarga!
Kontrak digawe dua tauneun heula. Teu meunang waka balik dina jangka sakitu mah. Upama maksakeun balik, kudu ongkos sorangan. Hartina, pimanaeun bisa mulang, bari jeung beubeunangan. Meureun dipake ongkos balik mah beak duit beunang kuli teh beak di jalan.
Najan hate teu weleh tibelat ka barudak, sok mapalerkeun sorangan. Sabisa-bisa ngabeberah maneh. Minangka ubar sono, sakapeung nyuratan atawa nelepon ka barudak di lembur.
Kuring satekah polah ngabetah-betah maneh. Satekah polah deuih nengtremkeun hate, henteu mikiran nu lain-lain, najan remen kabejakeun salaki-salaki nu ditinggalkeun pamajikanana kuli jauhna loba nu boga pamajikan deui.
Kuring banget percaya ka salaki. Nu jadi angkeuhan kitu teh barudak. Piraku salaki teu nyaaheun ka barudak. Da, umumna, rumah tangga baruntak teh nu jadi korban mah barudak!
Sangeus sawatara bulan, kakara kuring ngiriman duit ka lembur. Bisa kitu soteh lantaran ngahaja nyengker kahayang. Asal dahar jeung boga pake ti dunungan we, tara hayang nanaon deui. Ku cara kitu, kuring bisa mayeng ngirim duit ka lembur. Rata-rata dua bulan sakali, bisa ngirim duit teh. Jumlahna, tara anger, sakapeung tilu juta malah kungsi nepi ka lima juta rupia. Ceuk pikir, keur kaperluan barudak mah cukup, malah bakal nyesa, bisa ditabungkeun keur kapereluan sejen.
Ganti bulan, tepung taun. Ahirna, cacap dua taun. Hartina bisa balik heula ka lembur. Atoh bisa nepi ka waktuna balik teh. Bakal tepung deui jeung barudak, jeung salaki, jeung kulawarga.
Balik ti Arab, lengoh, da duit mah samemehna ge geus dikirimkeun ka lembur. Ukur mawa duit keur kapereluan di jalan. Tiket pasawat dibayar ku dunungan. Leuh, bungah harita, bakal bisa deui tepung jeung barudak.
Memeh mulang, dunungan papadon, mun rek digawe deui, kari nelepon, duit keur tiket bakal dikirim. Ukur nyebutkeun 'Insya Alloh', kumaha parengna. Najan enya teu ripuh ku pagawean, da teu betah, inget wae ka lembur. Malah, aya pikir, moal balik deui ka dunungan.
Nepi ka lembur teh pasosore. Kolot bungaheun naker. Kitu deui barudak. Ngan, ka mana ari salaki? Naha teu sonoeun kitu? Kuring nanyakeun kaayaan salaki, sieun kumaha onam. Reugreug hate teh, salaki sehat. Ngan, cenah, keur di lembur kolotna, di wewengkon salawu keneh.
"Naha teu apaleun abdi bade uih?" cekeng teh.
"Apaleun," ceuk indung bari ngalieus.
Teu tatanya. Kuring gagancangan ka cai, terus solat asar.
Sanggeus rengse, indung ngadeukeutan. Ngelelemu. cenah, sing sabar we, da meureun mana kitu ge geus titis-tulis bagja diri.
"Manehna boga deui pamajikan," pokna.
Kuring ngagebeg. Ter ngageter. Hate ngaleketey. Asa leuleus satulang sandi. Emh, jauh-jauh kuring kuli, horeng salaki mah senang-senang jeung awewe sejen. Duit kuring beunang kuli dipake kawin salaki.
Hate tugenah. Lain lantaran salaki kawin deui, tapi lantaran beunang kuli teh teu aya tapakna. Ukur mahi keur ngabayuan barudak. Padahal, ceuk itungan, mun dipake kabutuhan sapopoe mah, nyesa keneh, bisa dibeulikeun kana tanah atawa ngomean imah.
Dibobodo Salaki
Kahayang mah harita keneh pipisahan. Tapi, loba nu mukpruk, cenah, cing inget ka barudak! Kuring nurut. Matak, waktu salaki menta dihampura, sarta jangji rek nyerahkeun nu ngora, kuring atoh. Malah jangji moal deui-deui nyieun polah kawas tiheula.
Ukur bubulanan, teu leuwih ti tilu bulan di lembur teh, kuring nelepon dunungan. Nyebutkeun rek balik deui ka Arab. Teu kungsi lila, dunungan mere duit keur meuli tiket. Kuring ngabiur, indit deui kuli. Mawa harepan kawas basa mimiti miang tea. Hayang boga bekel jaga. Hayang ngomean imah, hayang boga sawah. Mun geus kitu hayang wawarungan.
Sakapeung kuring cangcaya ka salaki, sieun kawas tiheula. Tapi, sangkaan kitu teh satekah polah dijauhan. Kuring maksakeun maneh, percaya ka salaki.
Duit ladang kuli, dikirim-kirimkeun deui ka lembur. Sangkan leuwih mangpaat, kuring merdih dulur-dulur mangjeujeuhkeun duit hasil kuli. Di antarana, keur ngomean imah. Sawareh keur meuli lahan. Kitu oge upama kapereluan budak geus kacumponan.
Can panceg dua taun, kuring meunang balik ka lembur. Dunungan mere kalaluasaan. Cenah, mun rek balik heula moal burung diidinan sarta diongkosan. Kuring atoh, terus we sasadiaan rek mulang ka lembur. Dunungan nyarita, mun boga karep digawe deui, gancang we nelepon cara tiheula. Ngan, da geus cape teuing. Hayang reuereuh di lembur, teu boga karep kuli deui di nagri batur.
Balik ka lembur, langsung muru imah kolot. Indung bapa jeng dulur-dulur kacida bungaheunana. Ngan, kabungah teh teu lila, da salah saurang duur, langsung ngabejaan, cenah, salaki kuring boga deui pamajikan. Beu, asa ku tega!
Ningali kalakuan manehna kawas kitu, dulur-dulur kacida arambekeunana. Kahayangna mah nyiksa, cenah. Tapi, rasa deui inget ka barudak, teu hade upama ngalajur napsu. Ahirna mah, masrahkeun putusan kumaha kuring.
Sanggeus kuring balik deui ka Arab, ceuk lanceuk, salaki arang aya di imah. Barudak mimindengna di ema. Ditinggalkeun pamajikan, salaki kawas nu bebas, mindeng aber-aberan, ngaguyer jeung randa tatangga lembur nu rada anggang nepi ka prukna dikawin. Najan susulumputan, ahirna kanyahoan.
Leng kuring mikir. Ahirna mah jinek, mending pipisahan. Untungna imah nu diomean teh atas nama kuring, lain atas nama salaki. Kitu deui tanah jeung kebon. Kuring hirup jeung barudak. Kajeun, ngurus kulawarga ku sorangan. Kuring rek wawarungan, keur bekel ngabayuan barudak. (Dicaritakeun ku Tt. ka Mangle)
***
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heulaWiero Djampang ngomentaran:
bagea dulur sadaya..salam pangwanoh..ieu carios diluhur...leres seueur buktosna..sanes si ayi ti Garut wungkul..kirang langkung 70 persen kondisi keluarga TKW..kajantenan sapertos kieu,,,,Baktos Abdi salahsawios TKI..di KSA (saudi Arabia).riefan syahrany ngomentaran:
emhh, mana kitu oge nasib nuteu beunang dipungkir kadar teu beunang disinglar papasten gusti yang widi,damanusa mah nganukur tarekah jeung usaha,kantun urang sabar nyanghareupanana di pake ngarasula oge malah tambah cilaka ,muga kulawarga teteh sing aya dina kabagjaan..