Kingkilaban Edisi 2221
RATNA SARUMPAET: Di Urang Ge Loba Karajaan
Beja ngeunaan geunjleung genjlongna kasus cinta segi tiga Ketua KPK non aktip jeung kedi Golf Rani nu menta korban jiwa salahsaurang Dirut pausahaan BUMN, saimbang jeung genjlongna beja ngeunaan indung anu berjuang sangkan anakna nu cenah ditikah ku putrra Raja Kelantan dipanggihkeun. Bejana rupa-rupa pisan, matak lieur keur anu teu payaan. Tapi kudu hormat kana perjuangan indung nu metakeun rupa-rupa upaya pikeun ngarebut deui anak kakasih anu bejana di karaton teh teu beda ti manuk anu dikurung dina kurung emas. Kabeh pihak dipentaan tulung, malah keur tipoporose hayang nepungan Ibu Ani SBY.
Ibu Desi katelahna muntang oge ka tokoh wanoja anu teu weleh bebela kas bangsana pangpangna kaum wanoja, Ratna Sarumpaet tea anu jaman Ordeu Baru mah kacida disatruna wanoja anu teuneung ludeung ngalawan kateu adilan.
Kumaha ceuk Ratna anu milu gemes kana talajak urang Kelantan kajeun kulawarga Raja. Di urang oge loba raja, tapi.... henteu aya anu kejem kawas kitu, ceuk Ratna. Insya Alloh arek nyoba milu berjuang geusan ngaleupaskeun Manohara tina kurung emas di karaton Kelantan. Manohara oge sihoreng masih rundayan Raja Luwu Sulawesi. Ratna nyalahkeun pihak kulawarga Raja Kelantan anu teu mere kasempetan ka hiji indung anu banget hayang panggih jeung anakna. Pamenta anu wajar saperti kitu, euweuh anu ngagugu, asa kacida teuing! Naha upama Si anak geus aya anu ngawin teh, hartina bebas ti kolotna, ngalongok ge entong? Ratna Sarumpaet nguatkeun pamenta Ibu Desi indung Manohara, pameredihna pangpangna pisan, menta idin nepungan anak, geus kacida sonona, Manohara dipihukum ku putra Raja Kelantan teh dina umur 17 taun, rumaja keneh pisan. (Aldi)
***
GANIWATI: Naon Sababna Dibere Dapil Indramayu?
Pa Uu Rukmana memang pinter, ceuk Ganiwati SH. ka MANGLE sabada pangumuman Para Caleg Golkar anu lolos jeung lulus, hartina kabagean korsi di legislatip. Ganiwati Caleg keur DPRD Jawa Barat. Sapanjang sosialisasi terus kampanyeu kabandungan berjuang sorangan make cara sorangan, dikonsep tepi ka ahirna kaharti ku naon Ketua Golkar Jabar mere Dapil Indramayu jeung Kabupaten Cirebon. Sanajan Gani geus ngarasa jadi urag Sunda, tapi Pa UU kacida ngartosna kumaha mistina merenahkeun Gani supaya unggul dina Pemilu Legislatip taun ieu, sabab Gani teh... budak pinter cenah. Kang Haji Uu mah tetep we nyebatna teh budak pinter ka Gani anu sapopoena jadi Pangacara turta salawasna sok hasil bae di pangadilan, kaasup waktu ngabela kasus Drs. Suyaman.
Tina mimitina teu nyaho nanaon jeung kudu kumaha carana, dina waktu sababaraha poe Gani jadi pinter kudu kumaha ngalakukeun sosialisasi sangkan rayat wawuh terus wanoh jeung kapincut ku Ganiwati. Aya untungna abdi Jawa pokna, teu aga-eugeu teuing ngayonan basa Cirebonan jeung Jawa Indramayu tepi ka ahirna Gani ditarima ku para ibu, rumaja jeung umumna rayat basisir kaler Jawa Barat. Malah aya seniman rancage anu ngasongkeun lagu husus keur Gani make basa Cirebonan, ku Gani ditarima, dihaleuangkeun saban riungan. Gani jadi popiler... dina prungna Nyontreng memang degdegan mah aya pokna, tapi tetela Gusti ngersakeun... Gani unggul.....
Sarua jeung Caleg sejenna, modal sagala rupana saakal-akal da loba dulur, ayeuna kudu tarima dulur jadi sering nganjang da bari... nagih, heuy deuh! (HRS)
***
SASINO BAND: Barudak Ngora Nu Teu Bauan
Personilna barudak keneh pisan. Kakara kelas hiji SMA. Tapi jam terbangna geus lumayan. Keur ukuran Subang mah geus asup band nu loba "penggemarna". Dikokojoan ku Ully (Vokal), Dani (lead gitar), Adit (rhythm), Anto (Bass), jeung Ntri (drum), SASINO malang mulintang di Subang.
Amprok teh basa keur manggung dina acara mieling poe basa Indung internasional di Subang, taun tukang. Ngarasa kataji, lantaran dina eta acara barudak SASINO teh mawakeun lalaguan Sunda, tapi diaransemen deui diluyukeun jeung musik band barudak ayeuna. Ngareunaheun pisan. Komo da sora vokalna nu gede jeung empuk, cocog bisa ngahaleuangkeun lalaguan Sunda. Naha memang SASINO teh band spesialis lagu Sunda?
"Ah henteu. SASINO mah lagu naon bae ge siap. Sunda mangga, rock mangga, pop kantenan mangga pisan," ceuk Ully dibarung ku imut.
Singhoreng SASINO mah memang diajangkeun keur home band. Teu aneh mun ngawasa ratusan lagu. Remen manggung di Subang, dibabawa ku Tiga Produktion pimpinan A Epir jeung Radio Zyanna FM.. Acara Yamaha, Suzuki, ulangtaun Bank, di rumah-rumah makan jeung cafe, promosi produk, nepi ka acara partey politik, remen midangkeun SASINO. Panggunganana teu weleh dideugdeug ku ABG, pangpangna barudak awewe. Pan kungsi basa Valentine kamari mah, jalan pujasera, pusatna Kota Subang, nepi ka macet, lantaran SASINO manggung sisi jalan.
Naha SASINO ukur bisa mawakeun lagu-lagu nu geus popular wungkul?
"Henteu sih. Lagu SASINO ge lumnayan tos seueur. Mung nu direkam mah nembe salapan lagu. Sering diputer di Radio Zyanna sareng NKS," ceuk Dani nu husus tukang nyieunan lagu keur SASINO.
Eh muhun, ari SASINO teh naon hartina nya?
Memeh ngajawab teh personil SASINO sareuri heula. "Basajan pisan. SASINO teh singgetan tina SAna-SIni NOngkrong..." ceuk Dani ditungtungan ku ngabarakatak.(NIK)
***