Kartika Affandi: Lukisanna Dipikaresep ku Urang Asing Pameran keur Narima Kiritik Sehat
Beuki dieu beuki loba wanoja Indonesia anu maher ngalukis, katingal tina seringna aya pameran boh tunggal boh babarengan hasil karya pelukis wanoja Indonesia. Bandung oge boga pelukis wanoja anu nyongcolang saperti Aelina, pelukis permata anu nyaritana seseringna gambaran kajadian-kajadian internasional, kaasup Perang Teluk jeung sajabana. Terus Heiji putra Pa Kendo sareng Bu Emi, terus Tetet Tjahyati putrana Kang Popo Iskandar, terus sarjana-sarjana wedalan Seni Rupa ITB jeung petingan ti sanggar-sanggar seni rupa. Malah geus nembus rumah tangga. Loba Ibu-ibu rumah tangga anu milih seni rupa batan arisan.
***
Tina sakitu lobana pelukis, pangpangna taraf nasional, tepi ka kiwari Kartika Affandi masih jadi anu pangnyongcolangna. Saperkara kulantaran Kartika putrana pelukis Affandi anu mashur. Papanggih jeung Ceu Kartika, kitu kanca mitra nyarebutna, waktu Kang Ajip Rosidi ngabagikeun hadiah Rancage di Semarang. Dikenalkeun ku Kang Ajip Rosidi jeung Ceu Empat. Papanggih deui di Jakarta taun dalapan puluhan basa Ceu Kartika ngagelar pameran tunggal di Taman Ismail Marzuki. Harita jeung ibu-ibu ti DPR-RI. Tapi kulantaran dirubung-rubung bae boh ku para wartawan boh ku para pakar jeung pengunjung lianna, teu kaburu wawancara. Jangji basa di Semarang teh arek nepangan Ceu Kartika di Jogja bae. Seug didagoan, iraha atuh MANGLE arek nganjang, saurna. Ngawangkong ku basa Sunda anu conggah pisan. Tapi sanajan Kang Ajip jeung Ceu Empat sakulawarga geus ngadamel bumi di Pabelan, tacan tinekanan bae nganjang ka Jogja. Jangji we hantem arek.. arek... jung mah henteu, puguh isin ku Kang Ajip sareng Ceu Empat anu sakitu ngakuna. Asa beuki jauh ka Pabelan, kana kareta kumaha, kana beus kumaha, kana pesawat komo.... Jadi asa beuki heureut lengkah. Mun rek ka Pabelan mah nelepun we heula, saur Kang Ajip unggal tepang. Geus jangji jeung Neti Sumiati, Nana Dj.SK dulur ti Ciamis, arek ka Pabelan, duka iraha bringna.
Ras deui ka Ceu Kartika jangji arek ngawangkong, disebut wawancara mah dines teuing, iraha atuh? Nya meureun mun tinekanan ka Pabelan, tinekanan oge ka sanggarna Affandi, tepung jeung Ceu Kartika di Jogja. Jauh-jauh teuing jalan ka Jogja....
Ari kamari ieu, kurunyung Adinda Yutini mahasiswi UI, kawula ngora ti Gema Jabar anu resep tulas-tulis ka Bandung.
"Tah ieu seratan abdi ngeunaan Kartika Affandi wanoja Sunda anu hebat, anu tos ludeung norobos dunya internasional," pokna agul. Barang dibaca... Kartika Affandi, memang bener ngeunaan Kartika.
"Geus rada heubeul ditulisna mah, tapi kakara ayeuna kaburu ka Bandung!" ceuk Adinda teu loba miharep. Memang manehna henteu nulis biografi, tapi ngedalkeun kaagulanana boga pelukis wanoja Sunda anu manggung tur nanjung jadi pelukis kaliber jagat nu mashur. Karya-karya lukisna dipikaresep ku urang mancanagara, di unggal pameran oge anu meuli lukisanana teh lolobana urang asing.
Guruna Papih
Kartika diajar ngalukis ti keur budak keneh. Tapi neuleumanana anu enya-enya mah taun 1958.
"Saha guruna?"
"Papih!" pokna. Tapi diajar oge ti S. Sudjoyono kajeun ngan sataun. Taun lima puluhan awal Kartika ngalaman diajar ngalukis di India di Shantiniketan. Lian ti diajar ngalukis, Kartika oge diajar nyieun arca di Sakola Politehnik di London Inggris, taun 1952 peresisna mah. Karasana nyieun arca atawa patung leuwih beurat. Ku lantaran kitu geus weh milih ngalukis, ongkoh geus karasa netesna bakat bapa saur Ceu Kartika. Bakat ngalukis tetesan ti ramana, jauh leuwih kuat batan bakat mahat patung.
Kartika anu kabandungan nyunda, sapopoena mintonkeun hirup basajan saperti ramana. Baranganggo nyandak anu praktrisna, hampang dibawa gawe naon bae oge. Someah darehdeh hade ka semah, daya pikatna kusabab putra Affandi, milu nyedot pangunjung ka sanggarna.
Lamun ayeuna jadi pelukis nu mashur, Kartika sorangan teu weleh ngarasa heran. Masalahna pokna teh, keur leutik, masih di SD keneh, teu bisa ngagambar, malah sok ngarasa sirik ka babaturanana anu barisa ngagambar, jeung dipeunteun alus ku guruna. Paling luhur Kartika ngan meunang peunteun 6.
Kartika nanya ka Papih Affandi " Pih...ku naon peunteun ngagambar abdi awon?"
Papih ngawaler" Ngagambar mah taya watesna, geulis. Coba atuh ngagambarna sing rea, terus we ngagambar ulah bosen-bosen. Engke ge geura pasti meunang peunteun luhur jeung tereh maju!"
Pituah ramana digugu, Kartika jadi getol ngagambar tepi ka sapoe-sapoena bisa ngagambar 10 tepi ka 20. Kitu cara-cara Affandi ngaping Kartika.
Tetela henteu gaplah, Kartika anu terus berjuang ningkatkeun kamampuhna, ahirna karya-karyana meunang pangajen luhur malah disajajarkeun jeung karya-karya ramana.
Affandi ku anjeun kungsi nyarios yen karya Kartika leuwih detail upama dibandimngkeun jeung karya-karya anjeunna.
"Contona upama Kartika ngagambar panon, pasti ingeteun yen dina mata aya titik anu ngajorelat jiga kilat, mangrupa pantulan sinar," kitu nu ditulis dina katalog pameran tunggal lukisan karya Kartika di Jakarta.
Niron Lukisan Papih?
Loba anu nyebutkeun lukisan-lukisan karya Kartika memang ngaharib-harib karya Affandi. Naha Kartina ngahaja nurun ti ramana?
"Dina ngalukis kuring jeung bapa memang aya sasaruaan tehnis, nu disebut plototan tea. Dalah dikumaha. Tapi Kartika satekah polah metakeun upaya supaya ulah jadi Affandi kadua", kitu tekadna.
Memang diaku dina tehnik ngalukis ku plototan, Kartika nurutan ramana, sebut we jadi kalangkang Papih Affandi. Eta dilakonan demi kapentingan pribadi bisi dina hiji waktu dipentes kudu ngarestorasi lukisan Papih anu ruksak, pokna teh. Brukbrak pisan.
Kartika dina widang seni lukis sering dileler layang pangajen boh nasional boh internasional. Di antarana Gold Medal ti Accademico D'Italia, Salmoomaggiore Terne taun 1980, terus Honorary Degree of Master of Painting dina Seminar of Contemporary Modern Art. Salmomaggiore Terme. Kartika oge dileler Gold Medal (AUREA) International for Security & Peace (USA), terus nampi Statua Della Vittoria, Permio Mondiale della Culture Centro Studi a Ricerche delle Nazioni, Italy.
Kartika Sang pelukis kalebet wanoja anu teu betah cicing, karesepna kerja keras, poe-poena dieusian ku diajar terus diajar, teu bosen-bosen diajar. Sangkilang geus maher ngalukis turta hasil karyana dipeunteun hade, tapi sumangetna pikeun terus diajar teu pareum-pareum, anggur beuki ngagedur. Kartika oge kungsi diajar cukup lila di Ustria pikeun leuwih neuleuman seni lukis. Maranehanana mah (urang Ustria)nurutkeun Kartika, mimiti ngalukis teh ti jaman Romawi. Maranehanana geus baroga lukisan dinding, urang mah harita kakara ngorondang. Ti dinya mimiti kagugahna hate teh ceuk Kartika. Naon anu kudu ditingkatkeun, gancang dilakonan.
Konsep Kartika dina ngalukis, dumasar kana emosi lian ti pangaruh lingkungan sabudeureunana. Kaayaan lingkungan mah kapan sok robah-robah pokna deui, jadi konsep kasenian Kartika oge robah-robah saban waktu, gumantung kana kondisi emosina. Kitu nurutkeun Kartika anu karya lukisna geus aya kana ratus atawa rewuna.
Paparabotan ngalukis anu dipakena, cat minyak, cat air, akrilik jeung lithografi.
Pameran Lain Dagang Tapi Narima Kritik
Sangkilang geus jadi pelukis nu kamashur, Kartika Affandi ngakuna henteu pati produktip. Nurutkeun pangakuanna, kakara konsentrasi ngalukis taun 1970. Harita mah ngalaman ngagelar pameran tepi ka 20 kalina, boh pameran kolompok boh tunggal. Tina hasil ngajual lukisanna Kartika bisa ngawaragadan sakola putra-putrana. Memang lukisanna leuwih loba dibeuli ku urang asing.
"Urang Indonesia oge loba anu resep kana lukisan, tapi ari anu meuli mah saeutik," pokna jujur. Memang loba anu resep kana lukisan Kartika, unggal ngagelar pameran pangunjung minuhan rohang pameran.
Kartika pelukis anu tara leutik hate narima kiritikan ti saha bae. Pikeun Kartika, pangna ngagelar pameran oge supaya aya anu ngiritik kana hasil karyana. Pameran lain tempat keur dagang lukisan, tapi nu penting narima kiritik. Tapi tangtu bae lain kiritikan anu asal-asalan, nu diharepkeun teh kiritik ngawangun nu bisa ngajurung ludeung jeung ngagedurkeun sumanget.
Kartika anu wareg saba buana nyebutkeun yen saenyana pelukis Indonesia leuwih untung lamun dibandingkeun jeung pelukis Eropa.
Ceuk Kartika "Pek bandungan, pelukis urang, sebut we barudak anu kakara diajar ngalukis batik, geus bisa ngajual karyana ka wisatawan!"
Pelukis Eropa mah teu kitu nurutkeun Kartika, Pelukis Eropa mah langka anu bisa hirup tina lukisanna. Tapi lamun geus mashur mah mjemang sejen deui, sabab bisa ngajual lukisanna keur musieum. Pokona nurutkeun Kartika pelukis Indonbesia jauh leuwih untung batan pelukis Eropa. Bisa jadi eta teh ku lantaran pelukis Indonesia mah can loba.
Komo upama dibandingkeun jeung jumlah padumuk Indonesia anu jumlahna kurang leuwih 200 juta.
Ieu pelukis wanoja asal Sunda anu mashur teh rumah tanggana tetep tengtrem ayem. Putrana nu reana dalapan urang ti pelukis Sapto Hudoyo teh kabeh geus dewasa. Aya anu ngiritik oge, pokna Si Mami mah egois ngemutan bae karyana. Mun aya anu ngiritik kitu, Mami Kartika gancang menta dihampura ka Si anaking, atuh ger saleuseurian, di bumi teh gerah bae.
Geuningan etah mani dalapan kagungan putra teh? Boga anak dalapan memang teu gampang saur Ceu Kartika, lamun baheula geus aya KB mah, pasti miluan KB, hanjakal harita mah can aya KB, atuh terus we ngadirihdil. Jeungna deui boga anak loba teh kapan tadina ngagugu kana papatah "Loba anak loba rejeki" . Tapi ah...eta mah paham kuno Tapi ketah, eta paham kajeun kuno nyebutkeun oge yen "Loba anak, salaki beuki nyaaheun ka urang"
Kartika Affandi kacida miharepna supaya henteu aya lalaki anu resep nindes kaom wanoja, nu dipikahayangna pria jeung wanoja boga hak anu sarua.
Sabada pipisahan jeung Sapto Hudoyo anu geus maparin dalapan putra, Kartika nikah deui jeung pria asing, Korberl. Tanjakan ka carogena, ulah nyeleweng!
Dina kalungguhan indung pikeun Si anaking, Kartika tetep hayang namplokeun cinta ka para putrana anu dalapan. Kakara dina sela-sela kasibukanna sumanget deui ngalukis. Upama umur dipundut ku Gusti, hayang ninggalkeun lukisan saurna. Ceuk papatah oge kapan "Gajah paeh ninggtalkeun gading, maung paeh ninggalkeun belangna. Kartika maot... ninggalkeun karya lukisna.... saperti Papih Affandi. (HRS/Adinda)
***