Sajak-sajak Tika Yuanita
Catetan Platonis
Carita nu kakara di pedar
Kiwari rangsak jadi bangkarak
Rewuan rinyuh nyaliara dina dada
Ngagorogotan hate nu tatu pinuh ku katresna
Teuing dimana panutan nu dianti
Simpay kaasih kiwari ngan saukur jadi kecap arkais dina hiji catetan
Teuing kumaha meupeuskeun ka simpe
Ukur kapireu nu marengan lengkah
Lengkah nu kandeg ku supata
Bandung, 5 April 2009
Malati Nu Kakara Ligar
Jungjunan, geuning seungit malati teh ukur sarenghapan
Itu geura, kembang ligar sapatamanan
Jamparing nu ngabelesat nengtog ngarengatkeun jagat
Harepan geus ngajirim jadi lamunan nu di ukir dina batu tulis
Kesetan biola geuning bet nurihan ieu dada
Teuing naon nu kudu dicaritakeun
Teuing naon nu kudu dibalakakeun
Dina uteuk pasolengkrah ngaran anjeun
Kuring teuleum dina kamurkaan ieu hate
Hate nu ngukir ngaran Salira
Sabaraha rewu adegan solat nu diruntuhkeun alatan Anjeun
Sabaraha rewu do'a nu dipapatkeun pikeun menta kasatiaan
Tapi seungitna malati kiwari tilem dina raga nu geus palastra
Bandung, 5 April 2009
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heulaMan Suparman ngomentaran:
Duh, sae pisan eta sajak.